You are on page 1of 2

Naskah upacara adat pelepasan kelas 6 SDN 4

Bojonggenteng taun ajaran 2017/2018


Prolog ……..Bewaraka balarea…Upacara adat pelepasan siswa siswi kelas vi SDNdn 4
Bojonggenteng taun ajaran 2017/2018 baris dikawitan ….Acara ieu tiasa lumangsung ku hasil
gawe bareng antawis dewan guru.komiteu sakola. Katut warga sakola saumumna…kalayan di
garap ku siswa siswi SDN 4 Bojonggenteng….diantawisna ;

Gendang dicepeng ku…………..Reihan Nur fadillah

Bonang dicepeng ku……….Indira Munaf

Saron kahiji dicepeng ku…………Siti fatimah

Saron kadua dicepeng ku……….Novi Oktavia

Kecrek dicepeng ku………………..Rafli

Di goongan ku……………………Rizki Gustiana

Sumangga urang sakseni ku sadayana….. pintonan ekslusif ti siswa siswi SDN 4


Bojonggenteng………sumangga. Kanggo wa lengser,para dayang,pamayung ,katut
ponggawa sadaya… geura tatan tatan samakta sapuratina…prung wiyaga urang
manggung…urang papag ku romanda ria…mangrupi upacara adat ala ki sunda…

Hapunten anu kasuhun..jembar hampura nu di teda…kula seuweu siwi sunda tii SDN 4
Bojonggenteng rek nyoba muka turub cupu,,sugan karasa karampa kaguar rasa sunda na rek
ngagelar upacara adat.

Di kaaaaawitan……………………..

Atraksi pamayung...................( pamayung majeng dugi ka payuneun panganten)

Aya sora…………kalayan nyebat jenengan gusti nu maha suci..pangeran nu murbeng


alam…seja naratas patilasan si cikal…genep taun kawilang lila lumampah ngababakan nyuprih
elmu di ieu sakola…kiwari wancina indit..ayeuna mangsana lugay…pikeun neruskeun
atikanana.kanu leuwih luhur…bral..dijurung ku restu ibu…dijajap pangdua bapa..jingjing ieu
prasasti..bawa ieu ijasaah…keur bekel hidep ngahontal cita cita….

Atraksi ponggawa…………….(gamelan jiro)

Atraksi para dayang………….(gamelan jiro)….


AYA SORA……… WA….WA LENGSER ,….MANGGA URANG KAWITAN WA……..

LENGSER MIDANG……………(GAMELAN JIRO LENGSER)………..LAJENG LENGSER BIANTARA…..

BIANTARA LENGSER……….”………OHO…….OHO…….OHO.HOHOHO…….ADUUH….PUGUH EUWEUH


PIBATUKEUN ….KAREK BATUK KUDU DI GENDANGN HEULA……SOK GEURA SAKALI
DEUI…….OHO,,,OHO,,,,OHO,,,OHOOOOOOO…….TUH NYA ..PANJANG
BATUKNA,,,,,ADUH…ADUH..’’.jeung deui ieu anak awewe…hayoh haying mimilu…lain ulin kaditu…aeh
aeh…jeung mani centil deuih…..keun we rek dibawa we ah………..hayu nyai…milu jeung
abah…lumayan tamba kaluman………….ke dagoan sakeudeung……abah rek sasanduk heula…….

BATUUR JENUK ,BALAREA……..NEPANGKEUN..MAMANG TEH LENGSER ANAKNA……ATAWA…ANAK


LENGSER….HE.HE.HE……..PUGUH BINGAH PISAN MAMANG THE CUUU….DINTEN IEU
KAPAPANCENAN KU PUPUHU IEU SAKOLA…KANGGO NGAJEJERAN IEU ACARA…..NYAETA ..PELEPASAN
SISWA SISWI KELAS GENEP…TAUN AJARAN 2017/2018….SAMEMEH JENGKAR..SAURNA HOYONG DI
JAJAP KU MANGRUPI UPACARA ADAT….KUMARGI KITU HAYU ATUH..URANG JURUNG
LAKUNA…URANG JAJAP MAKSUDNA…MUGIA TINEKANAN SAGALA PAMAKSADAN NANA NYA
CU…HE..HEHE…….OHO….OHO….OHOOOOO TUGEUNING…TEU KAOP
DIGENDANGAN…OHO…OHO……..MEUNGEUS..MEUNGGEUS,…SOK KATETERUSAN NYA…….KE..KE…
CUUUU….ITU GEUNING..WISUDAWAN WISUDAWATI…TOS NGANTOSAN….HAYU AH URANG
.NGEUREUYEUH…BISI KARESELEUN……(LENSER LIREN PAYUNEUN PANGANTEN/WISUDAWAN) LAJENG
NYARIOS……

LENGSER……”MANGANGA KASEP…GEULIS…DISARENGAN KU PUN MAMANG SAPARAKANCA…URANG


NGABUJENG KA TEMPAT.PANGISTRENAN……..(ROMBONGAN MAJENG NGABUJENG KA TEMPAT
PANGISTRENAN)…………

DILAJENGKEUN KANA ACARA……PENGALUNGAN MEDALI.(PROSESI WISUDA

KEDAL LISAN TI..PERWAKILAN SISWA

KEDAL LISAN TI ..PUPUHU SAKOLA…

PENCOPOTAN ATRIBUT SAKOLA SACARA SIMBOLIS…SAPERTOS,,,TOPI,DASI.JRD…….

CAG…

You might also like