You are on page 1of 7

NASKAH DRAMA

Ali

Karya : Dian Brilyan Priyangga

Para pamaen :

1. Nanang Korenang
2. Bi Ili
3. Dr. Holil

Ayeuna keur geunjleungna Ali atawa batu akik, rek budak rek kolot, di desa jeung di kota, di
mana-mana. Di unggal pengkolan,di unggal parapatan, di tempat nu ariuh, nepi ka konter hape
ganti jadi konter ali, kaasup di Kebon Kalapa pinuh ku nu daragang ali. Kagegeloan ku ali nepi
ka gunung batu ditugaran, walungan dikorehan, guha batu dicokelan, tungtungna saeusi ieu
dunya beak dirogahala ku manusa. Jaman kiwari manusa balik deui ka jaman paleolitikum, bisa
jadi leuwih ka politik make batu akik/ali.

Babak 1

Adegan 1

Lampu caang

( Di imah pangrajin ali mang Nanang. Anu kiwari ngadadak jadi juragan batu ali “Nanang
Gemstone” na baner, sisi kenca katuhu. Nanang Asup reunceum ku rupa –rupa ali dina ramo
na)

Nanang

(Agul ku Ali dina sakabeh ramo na) kiwari, Ali keur mahabu nepi ka ibu-ibu di sakuliah tempat
teu di kampong teu di kota kabeh bisnis batu ali.

Tah ieu kuring ge usaha batu ali, saacan geunjleng na ali oge kuring mah geus boga lima ali,
pamere ti ma ili paraji ti Garut. Cenah mah ieu teh alus mawa milik ka nu mawa na, matak ieu
the jadi modal awal Nanang Gemstone teh, pancawaarna balebat payu kana dua juta.

(ngurilingan meja)
Tah geuning geus nepi ma ili the. Sampurasun, Ma?

Mama Ili

(Asup. Jagjag najan kolot) euh aya naon deui, Nang? Pasti batu?

Nanang

Muhun, Ma. Tuh nya bener, ali the mawa milik wae kenging ti Ma Ili mah.

Mama Ili

Kela, mawa naon ti Bandung the?

Nanang

(mawa babawaan) ieu ma ti Bandung, pami usaha abdi majeng ema oge diajeng-ajeng (seuri)

Mama Ili

Montong kikituan, geuleuh!

(mawa oleh-oleh ka luar, tuluy balik deui mawa kanjut kundang beureum aya isiman) yeuh ieu
aya sesa kamari, tapi ngaranna geuleuh sok tah (diteundeun luhureun meja)

Nanang

Sakanjut kundang, Ma? (nimang-nimang) mani beurat kieu, Ma. Kenging dibuka, Ma?

Mama Ili

Hempek!

Nanang

Alah Ma.. meuni aralus kieu ali tapi araneh ning, Ma. Tapi naha dingaranan geleuh ma?

Mama Ili

Maneh geus sabaraha taun wanoh ka ema? Siga nu teu apal wae yeuh,ari batu alus mah kudu
dibere ngaran goring. Kitu deui sabalikna, siga hirup Ema weh kumaha.

Nanang

(teu malire) ieu naon, Ma? Hideung meles siga aya minyakan?

Mama Ili

Tai kotok lantung!


Nanang

Ari ieu nu hejo totol-totol semu bodas?

Mama Ili

Tai manuk libanon!

Nanang

Tai manuk libanon? Hahaha

Ari ieu naon ma? Warna koneng semu beureum?

Mama Ili

(kaluar, balik deui mawa kurupuk jeung bonteng)

Oh eta, tai monyet dahar cabe (seuri) tah ai ieu nyaho naon, Nang? (nanyakeun nu di cekel)

Nanang

Jorang ah!

Mama Ili

Ah maneh mah, kanu kitu bae nyebut jorang. Ieu mah kadaharan ema lamun keur tengah poe.
Bonteng jeung kurupuk ngaranna lain jorang, tapi ngeunah genah tur tumaninah (seuri)

Nanang

Ari ieu ma?

Mama Ili

Tai careuh, bawa kabeh jung jual sing loba. Pan maneh mah jago dabrul, wawaas cing cekas!

Nanang

Ma, doakeun mugia ieu batu payu

Mama Ili

Payu! Pasti!

Nanang

Ema menta naon lamun ieu ali payu?


Mama Ili

Menta jagjag weh. Jung geura balik, bisi kapegat caah, jambatan geus ruksak, budak sakola wae
pupurantengan.

Nanang

Mun abi beunghar, eta jambatan diomean ku Nanang!


(bari indit sasalaman heula ka Ma Ili)

Lampu remeng-remeng

Adegan 2

(Nanang ngurilingan meja bari lampu nyaangan, ditempat nu mimiti)

Nanang

Haduh geuning asa cape kieu nya, tas ti Ma Ili. Teu karasa geus nepi deui ka imah, ieu deui
dibekelan kanjut kundang eusi na kabeh ali ti Ma Ili (nimang-nimang kanjut kundang) dipikir-
pikir Ma Ili the asa misterius, na timana ieu batu saloba kieu ngalana nya? Ah sabodo teuing lah
nu penting mah kuring bisa jadi jutawan ku ieu ngajualan ali nu keur mahabu tur bisa jadi
pajabat siga batur-batur. Yeuh ka maraneh nu sok ngahina kuring, tingalikeun ka hareup na si
Nanang Korenang bakal jadi pajabat. Ari geus jadi pajabat mah maraneh rek menta duit ge ku si
Nanang mah dibere. Hayang naon deui? Ali? Ulah ali mah. Kieu-kieu ge ieu ali mah alus mawa
milik, moal dibere ali mah.

Lampu moekkan

Adegan 3

(Meja di tengah imah Nanang ayeuna dituruban ku kaen make renda emas. Asup Nanang nu
geus jadi pajabat, wakil rahayat ti partey Kucubung. Pakeanna perlente jeung make kacamata
hideung)

Nanang

Naha bisa? Naha bisa? Hahahahaha

Puguh kuring oge reuwas. Usaha ali Nanang Gemstone nu mawa berkah, salah sahiji langganan
ketua umum partey Kucubung, nya eta Pa Bangbung! Modal na mah Ali ti Ma Ili .
(hape Nanang disada) Lamlekum! Ah bapa, kumaha, Pa? Batu Ali Ma Ili? Mangga, TML? Tai
Manuk Libanon? Mangga bapa, bade diusahakeun! Walaekumsalam (seuri) tuh geus mesen deui,
padahal geus beak. Kumaha cara na nya? Ah kudu ka Ma Ili deui ieu mah.

(ngurilingan meja)

Mama Ili

Aya naon deui,Nang?

Nanang

Tai Manuk Libanon, Ma

Eta geus aya nu mesen deui mah, ketua partey hayang deui Batu ali tai kotok Libanon!

Mama Ili

(seuri) nya ceuk ema ge, batu ali mahlah dibere nran alus, dingaranan nu geuleuh mah malah
dipikaresep! Hayang sagede naon? Peureup atawa kalapa?

Nanang

Emang aya kitu, Ma?

Mama Ili

Aya! Sagede gunung ge aya!

Nanang

Sagede gunung aya, Ma?

Mama Ili

Aya! Hayu milu!

(ngurilingan meja)

(lampu buricak burinong)

(asup mahluk-mahluk nu araneh, marawa batu ali sagarede boboko)

Nanang

Batu tai manuk libanon, meni garede kieu, Ma

Mama Ili
Tah mere, Jang. Sing soson-soson

Nanang

Eleuh batu ali sagede boboko, bahan keneh bisa jadi ratusan, rebuan, kuring jadi jutawan!
Hahahaha

Lampu Moekkan

Lampu Nyaangan

Adegan 4

Di rumah sakit jiwa, rupa-rupa manusa anu kaganggu jiwa na dirawat.

(asup dokter Holil)

Dr Holil

Beuki dieu beuki aneh manusa teh, loba manusa nu kaganggu jiwa na kaganggu ku kahirupan
jaman kiwari, kaasup Nanang Korenang anu depresi hayang jadi anggota DPR, padahal geus
boborot beak sawahna walurat teu boga sobat, nya kusabab geunjleungna batu ali maneh na jadi
ka babawa oge, kagegeloan ku batu ali! Nyata na si Nanang nawarkeun deui batu ali na, tuh
geura datang si Nanang the!

Nanang

Batu nu kotak mah sesah ngalana, Pa. aya khodaman!

(mawa batu reok nu biasa)

Dr Holil

Cik nempo, Nang!

Nanang

Mangga, Pa. sae nya?

Dr Holil
Hideung geuning? Batu naon ieu the?

Nanang

Batu kotak!

Dr Holil

Aya khodaman?

(asup Bi Ili, tukang sasapu di RSJ)

Nanang

Aya tah! (nunjuk ka bi Ili)

Dr. Holil

Ili? (ngageroan) Ili! Kadieu!

Bi Ili

Aya naon, Dok?

Dr Holil

Ceuk si Nanang, ieu batu the aya khodaman, khodaman!

Bi Ili

Dokter percanten? Pami dokter percanten, teu beda sareng si Nanang dokter the

(ngabarakatak, bari lumpat)

Dr Holil

Ili!!!!!!!!!

Nanang

Kumaha bade, Pa?

RENGSE

19-11-2018

(Sersan Sodik, Bandung)

You might also like