You are on page 1of 2

Pamisa ayeuna abdi tos dugi di bumi korban anu ber inisial RE disangka dibunuh ku nu ber inisial AD

Mimitina palaku henteu ngagaduhan motof hoyong maehan,tapi nalikq anjeuna keur ngarampok
katimgali ku korban, kusabab palaku sieun di laporkeun ku korban palaku nusuk korban dina bagian
patuangeun kusabab getihna kaluar loba sareng telat datangna bantuan tungtungna korban maot

Ayeuna abdi sareung kaluwarga korban nyaeta suami korban

“Harapan bapa tina kajadian ieu bapa hoyong palaku dipasihan hukuman naon?”

“Abdi hoyong palaku dihukun sa adil-adilna.”

Kasus ieu tos dilaporkeun ka pihak kapolisian,palaku dihukum 15 taun penjara

Aruna arundaya ngalaporkeun

Balik deui kastudio

Warta ka 2

Ayeuna abdi tos dugi di tempat kajadian korban gantung diri ber inisial CE

Diperkirakeun dina dinten senen anjeuna nga gantungkeun diri subuh sateu acan kajadian
diperkirakeun murid ieu henteu angkat ka sakola tilu dinten katukamg,anjeuna oge tos ninggalkeun
surat dibangkuna kajadian ieu ngajieun guru sareung murid disakola janten rewas ayeuna abdi tos
sareng salah sahiji babaturan CE korban disakola

“Kronologis babaturan anjeun bunuh diri kumaha”?

“Abdi kirang terang sabab anjeuna teu dekeut jeung sasaha,jalmina tertutup pisan”

“Oh muhun atuh ai kitu hatur nuhun tos masihan kasaksian”

Kasus ieu masih keneh diselidiki ku kapolisian teu acan di tindak lanjuti kupihak nu berwajib

Fatihkhaerani ngalaporkeun

Balik deui ka studio

Warta ka 3

Pamiarsa, ayeuna abdi tos dugi di ruang kelas dimana AR, salah sahiji guru anu ngawulang di SMA
favorit di Bandung.

Disangka manèhna mangrupi tersangka kasus pelecehan seksual ka murid-muridna. Muridna ngaku,
AR tos ngalakukeun pelecehan sejak dua taun kamari. Kasus AR mimiti kaungkab ku sabab CI, salah
sahiji korban pelecehan, bèbèja ka kolotna tilu poè kamari.

Awalna palaku ngan saukur heureuy ka siswi awèwè anu geulis. Contona sapertos gombal. Lami-lami
palaku wanian ngalakukeun kajahatan seksual.
"Muhun da awalna mah ngan saukur gombal hungkul. Bageur da Si Bapana mah, saè ngawulangna
ogè. Siswana teu aya anu nyangka"

Kasus ieu tos dilaporkeun ka pihak kapolisian. Sanaos kitu, nepi ka ayeuna can aya tindak lanjut ti
pihak anu berwajib. Guru anu jadi tersangka ogè ngawulang keneh di sakola.

Mochammad Nadhif ngalaporkeun.

Balik deui ka studio.

You might also like