You are on page 1of 2

Laporan Maca Novel Sunda

A. Identitas Novel
Judul : Tri Rangtu Di Bumi
Pengarang : Yoseph Iskandar
Wedalan : Pusat Studi Sunda
Taun Meda l : (Citakan Ka-1) 1992 , (Citakan ka-2) 2011
Jumlah Kaca : 88 Kaca

B. Tingkesan Novel
1. Putusan sawala para pangagung Nagri Galuh jeung Nagri Sunda di
nagri Batulayang, kalawan distujuan ku Purohita ngara masing – masing.
Namung kadaton karasa kosong sabab Prabu Dewa Niskala mindeng
ngajentul nangkep tuur tuluy ambek – ambekan wae nepi ka prameswari
jeung selir – selir nyalalingkir. Tinggal Rahadiyan Baribin minantuna anu
maturan manehna. Prabu Dewa Niskala nananyaan tuluy ka minantuna
ngeunaan Nagri Galuh jeung Nagri Sunda namung Rahadiyan Baribin teu
nyaho nanaon. Nepi ka kanyahoan aya lalayang nu can nepi ka Prabu
Dewa Niskala, ngajieun manehna beuki amuk – amukan.
2.            Kadaton Sri Bima-Punta-Narayana-Madura-Suradipati, lima
kadaton nu aya di dayeuh pakuan, Prabu anom Jayadewata datang kaditu
rek nepungan mitohana. Namung basa keur ngobrol, Paman Lengser
datang tuluy ngabejaan yen aya 4 urang lalaki nu maksa haying nepungan
Prabu Anom Jayadewata. Opatan eta the adi – adina ti Nagri lian boga
niatan rek nepikeun pesan ti kolotna ngeunaag Nagri sunda.
3.            Prabu Anom Jayadewata mikiran ngeunaan Nagri Sunda di imah
pamajikana nu kadua Nyai Kentring Manik Mayang Sunda, namung sabab
ku anteng ngobrol, tuluy teu kahaja Nyai Kentring Manik Mayang Sunda
kasinggung ngeunaan hese wae boga anak, ari pamajikan Prabu Anom
Jayadewata nu kahiji nyaeta Nyai Subanglarang ayeuna teh  keur eusian
7 bulan.
4.            Geus sababaraha lila, ngarundingkeun sagala rupa akhirna
diutuskeun Tri Tangtu di Bumi, Sang Resi Batara Lengser, Sang Rama
Prabu Anom Jayadewata, jeung Sang Prabu Susuk Tunggal. 3 urang eta
boga peran anu beda – beda namung sarua pentingna.
5.            Saenggeus 9 bulan, Nyai Subanglarang ngalahirkeun orok lalaki nu
dibere ngaran Walangsungsang. Pas manehna 13 taun, manehna geus
dijadikeun calon pamingpin keur engke ngagantikeun pamingpin saacana
nu rek lengser.
6.            Didieu aya panyumaran nyaeta Dewa Niskala, ngaran aslina Hyang
Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana dimana manehna nyaeta rama na
Prabu Anom Jayadewata.

C. Simpalan Tina Novel anu Dipikaresep

“Geus sababaraha lila, ngarundingkeun sagala rupa akhirna


diutuskeun Tri Tangtu di Bumi, Sang Resi Batara Lengser, Sang
Rama Prabu Anom Jayadewata, jeung Sang Prabu Susuk
Tunggal.”

D. Sawangan / Komentar
Aya unsur agama nu dikaitkeun dina carita Tri Tangtu Di Bumi.
Sipat – sipat tokoh dina caritana oge lolobana anu bijaksana jadi sae
lamun diconto the. Tapi, Caritana rada bulat beulit, Nami – name tokoh
dina carita anu panjang jeung loba oge kadang – kadang ngalieurkeun.
Janten macana kudu bener – bener pisan ngaran teu patuker tiap
tokohna.

Nama: M.Alfi Syahri Ramadhan (20)


Kelas : XI Mipa 4

You might also like