You are on page 1of 1

Hujan ngepris ti subuh mula. Mun keur usum kieu téh sok horéam ngala suluh jeung ngarit.

Puguh baraseuh ku cihujan. Sok ngadon nangkeup tuur di saung bari neuteup pepedut nu kalékéd
peuray. Hawa tiis nyiwitan kulit, mubus kana tulang, cirekem jero sungsum, nambahan kaku
tuur, beurat ngaléngkah. Ah, alamat bantut laku kawas kieu mah. Ngajurung kana kedul. Pugag
meta. "Sakola saluhur-luhur ukur ngabulu taneuh, néang gawé ka kota atuh, Jang!" Nongtoréng
kénéh sora Ema. Teu ngabibisani, indung mah saking nyaah ngajujurung néangan gawé ka kota
cara batur. Ngarah anak makaya bari gandang, teu bobolokot jeung bau késang. "Muhun, Ma...!"
Némbal bari ngarérét map ijasah nu teuing ka sabaraha balén dibabawa ka unggal kantor, bari
jeung jawabanana sarua, 'Tidak Ada Lowongan'. "Bosen!" Gerentes téh. Teu wani ari pok mah.
Tetep indit nohonan pamenta indung, sok sanajan geus kabadé bakal sarua hasilna jeung tiheula.
"Kumaha hasil, Jang?" Ema nanya. Ukur némbal ku seuri maur. Soca Ema katingal beueus
sanajan pasemon marahmay. "Sing sabar, can milikna!" Bari ngusapan embun-embunan.
Unggeuk, laju ganti baju, ceg kana arit jeung bedog. Kajadian nu sarua tutuluyan.
Ari si Ema mah aya pantesna ngajujurung gawé ogé. Ngan éta pimitohaeun sok ulubiung. Kéder
mun geus ditanya iraha ngalamar. Iraha didamel? Cenah, mun keur apél malem minggu. Tara
némbalan, béakeun kecap. Ukur bisa ngeluk tungkul bari nyokélan tai kuku. Bébéné ogé sarua,
bangun nu bingung, pasemonna katara alum. Ramo léncopna muril-muril tungtung baju,
mihapékeun kabingung sigana.
Hiji mangsa mah, kedal boboléh. Ngarasa teu manggih jalan. "Néng, bilih aya nu sanès seja
mileuleuheungkeun salira mah, Akang ridho lillahita'ala," dareuda. Manéhna teu némbal ku
kecap, ukur panonna nu nganaha-naha. Laju cipanonna ngamalir. Nyakclakan niban kabaya.
"Hapunten, sanés laas duriat mung bakat ku nyaah ka salira." sora dumadak peura, aya nu nyelek
dina angen. "Akang sieun salira katalangsara!" negeskeun. Cipanonna mingkin murubut paselang
jeung inghak. Samarampa, kudu kumaha ngupahanana. Antukna amitan najan haté mah teu
werat. Rét kana méja, korsi, bupét jeung kembang érmawar nu salila ieu maturan nganyam asih
jeung tresna. Ka maranéhna kuring mihapékeun katineung nu boa moal kaludang deui.

(Hanca)

You might also like

  • Ahmad
    Ahmad
    Document1 page
    Ahmad
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document1 page
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • NGULISIK
    NGULISIK
    Document1 page
    NGULISIK
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Putus
    Putus
    Document1 page
    Putus
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin 2
    Fikmin 2
    Document1 page
    Fikmin 2
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • NGULISIK
    NGULISIK
    Document1 page
    NGULISIK
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikminyes
    Fikminyes
    Document1 page
    Fikminyes
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document2 pages
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin Bandera
    Fikmin Bandera
    Document1 page
    Fikmin Bandera
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Cing Cuang Ropéa Nyeratna
    Cing Cuang Ropéa Nyeratna
    Document1 page
    Cing Cuang Ropéa Nyeratna
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • RÉT
    RÉT
    Document1 page
    RÉT
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikminsunda
    Fikminsunda
    Document1 page
    Fikminsunda
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin 3
    Fikmin 3
    Document1 page
    Fikmin 3
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin 1
    Fikmin 1
    Document1 page
    Fikmin 1
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document1 page
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document1 page
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • RÉT
    RÉT
    Document1 page
    RÉT
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Tatabasa Sunda Kiwari
    Tatabasa Sunda Kiwari
    Document174 pages
    Tatabasa Sunda Kiwari
    Dzuan DeBangi
    No ratings yet
  • Fikmin 3
    Fikmin 3
    Document2 pages
    Fikmin 3
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document1 page
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin
    Fikmin
    Document1 page
    Fikmin
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmin 12
    Fikmin 12
    Document1 page
    Fikmin 12
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet
  • Fikmi 140
    Fikmi 140
    Document1 page
    Fikmi 140
    Rudi Al Fajri
    No ratings yet