You are on page 1of 2

Nama: Ghina Inayati

NIM: 195223027
Kelas: RPL 7

A. Para Frase
Sasakala Gunung Tampomas
Kacaritakeun, Gunung Gedé anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara
pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur
lebu anu hurung. Ieu gunung kawas-kawas arék bitu. Rahayat Kabupatén
Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun éta
Gunung Gedé bener-bener bitu?
Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan éta bupati téh pohara
towéksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan gé
anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras
ngémutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna.
Ku pangjurung kanyaah ka rahayat téa, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja
mujasmédi neda pituduh ti paradéwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa
mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna.
Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati
tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpén kasumpingan hiji aki-aki.
Éta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas téh, pok sasauran anca
pisan, “Putu Éyang anu kasép, Éyang geus terang kumaha kabingung hidep.
Éyang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna.
Éta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun
tina emas. Poma hidep ulah deuk ngorétkeun. Tah, sakitu baé ti Éyang.”
Sabada sasauran kitu, éta aki-aki téh les baé leungit tina impénan Kangjeng
Bupati. Satampina éta ilapat, énggal baé Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta
teras nyandak keris pusaka.
Énggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Gedé. Rurusuhan da
sieun bitu mantén. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati
angkat ka puncak gunung mah, teu tégaeun ngantep. Bring baé naluturkeun.
Sadugina ka puncak Gunung Gedé, Kangjeng Bupati teu talangké, ngan lung
baé éta keris téh dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun téh
ngan bati colohok, da éta keris téh éstu kageugeut pisan Kangjeng Bupati.
Barang éta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh
SundaBlog - blog basa Sunda sagala aya | 22 Dongeng & Sasakala Sunda
9

pikakeueungeun téh jempé. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa
naon-naon. Sabada leungit kagétna, timbul kabungah rahayat téh. Ger baé surak
bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun.
Sakabéh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh.
Éta maksud kasatiaan rahayat téh ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda,
bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah
lantaran bisa nyalametkeun rahayatna.
Tah, nya ti harita pisan éta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna
robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun
pareng poé peré mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna

B. Unsur Intrinsik
1. Tokoh: raja anu mi boga watek rela berkorban jeung rakyatna
2. Tema: lingkungan sosial di karajaan
3. Latar:
- Latar waktos: di jaman kerajaan
- Latar temapat: kerajaan sumedang larang
- Latar suasana: Mencekam
4. Galur: Carita maju
5. Sudut pandang: Jalma katilu
6. Amanat: kisah gunung tampomas nu menta petunjuk kanu maha kuasa.

C. Hal positip dina carita dongeng tampomas nyaeta miboga nilai karakter nu te kedah di
turut kana kapribadian para pemimpin. Sapartos marakna korupsi jeung te bisa ngayoman
masyarakat.

You might also like