You are on page 1of 3

Dialog Peradaban

KI UDI·THURSDAY, OCTOBER 1, 2015

Haha, judul tulisan boleh mentereng, eusina mah nya kitu we lah, saukur ngalantur
tanpa bukur mung ukur catur, lur!.

Dialog peradaban ieu lain kajaden dina hiji seminar atawa loka karya, tapi mung dina
mobil satengah perjalanan ngambah desa Cikadu, Manonjaya, Tasikmalaya. Dialog
peradaban ieu ge lain tema anu darurat, mendesak untuk disyawalakeun, mung saukur
pagunem catur ngeusi waktu, hal anu mirip, dicaritakeun deui ku ngaing satengahing
nungguan ngunduh film Korea yang dilabeli sebagai film paling romantis abad ini.
Iseng we hayang nulis carita jalan-jalan di acara Idul Adha kamari.

Duka timana mimitina obrolan sapanjang jalan Garut-Tasik, bet dieusi ku nyaritakeun
kapeurih jaman baheula. Aya seutik bedana, nyaritakeun kapeurih kamari mah bari
babarakatakan hitut. Alhamdulillah, ceunah eta nunjukkeun, yen ayeuna anu boga
jejer carita geus teu ngalaman kapeurih deui. Matakan bisa ngagakgak ampe poho
diselang hitut.

Geuningan eh geuninan, carita murak idangan, dengan aksi sang Bunda tercinta,
almarhumah, membagi kulub endog jadi opat bagian bahkan carita kula mah jadi
dalapan, lain milik kuring sorangan. Batur kuring di perjalaanan eta ge, heuheu...
ngalaman oge.

Baheula mah idangan atawa berkat, pokokna mah wadahna khas tina pipiti alias
besek, ngarupikeun tanda utama yen aya tatangga ti sagedengeun urang keur syukuran
atawa hajatan. Kadaharan anu matuh salian ti sangu (biasana mah sangu bear jeung
heuras), aya endog kulub, goreng tahu jeung tempe, cabe bendot, lauk asin, jeung
sayur antara buncis, kentang jeung bihun. Oh, enya tambahana ayau kurupuk atawa
gorengan anu dipurulan asin teri atawa kacang kedelai tea geuningan. Ayeuna mah,
geus langka bahkan teu manggih deui anu boga hajat ngabagikeun idangan tina besek
tea. Tukang pipitina ge geus balangkrut sigana mah, atawa beralih fungsi jadi pipiti
leutik anu colorful eusina lain lauk asin atawa cabe bendot deui. Barudak ayeuna ge
can karuhan apal kana pipiti. Samemeh leungit tradisi ngintun atanapi nampi idangan
pipiti, pernah ngalaman heula ku “idangan atahan” disajikeunana make plastik. Ari
eusina anu inget keneh mah pasti aya sardens jeung mie bungkus.
Kabayang barudak ayeuna dibere endog dibeulah 8 atawa 4. hihi... moal kajadian,
pastina. Alesanna mah da geus jarang barudak ayeuna boga adi atawa lanceuk atawa
adi lanceuk jumlahna 3.

Tina endog, carita kapeurih beralih kana soal ngadahar daging. Dahar daging teh, ceuk
batur kuring, kacumponan lamun lain tina idangan, aya hayam piaraan anu muyung.
Heuheu... jadi aya rasa bungah oge baheula lamun hayam pun bapak muyung alamat
bakal dahar daging, panyelang tina makanan "ever green", tahu rejeung tempe. Hayam
boleh muyung tapi barudak ngadadak calenghar, kitu meuleun. Coba baheula kolot
urang dihadapkan pada 2 pilihan. Mending hayam nu muyung atawa barudak nu
muyung?

Kembang carita ngadahar daging, dumasar kana kanyataan yen dahar daging kaasup
anu langka, komo lamun anu didaharna daging domba, da sigana teh ngahaja sayah
mah ieu ramo urut dahar tara dikumbah. Seubeuh dahar, ngabecir kaburuan batur
hanya dan hanya untuk menempelkan ramo ini ke hidung babaturan. "Ambuan yeuh
aing geus dahar jeung daging!" kitu meureun lamun di oral keun mah. Pokokna mah,
lamun bisa... ampe 2 minggu mah moal dikumbah ku sabun. Pon kitu deui, anu pernah
boga kolot miara domba ge teu jauh jeung lalakon hayam. Dahar daging domba
piaraan nyak lamun dombana geuring, da lolobana mah ngukut domba lain keur
didahar tapi dijual. hihi, kecuali ngukut marmot jeung kelenci. Lagi..lagi berlaku
domba geuring, barudak sumringah nyaring.

Harita nimbrung tah babaturan awewe, nyaritana... duka soal kapeurih duka lulucuan.
Ceunah manehna baheula mah cukup ngarasa bangga meuli jeung make hazeline
snow kanggo panggeulis beungeut. Aya keneh kitu ayeuna hazelin snow cap gunung
merapi? diteruskeun ku lalakon ngagambar bentuk halis ku mehong tina bujur katel.
Hihi... kabayang tah wanoja baheula, rek bersolek ngerik heula bujur katel. Nya geus
we kuring ge nimbrung ku ngarasa kasep, baheula, pas bebas ku aturan kolot kudu
dicukur kalipso (dicukur anu botak tea, di sesakeun sahektar buuk di hareup). Lamun
teu salah mah bebas aturan dicukur kalipso teh pas asup sakola es em pe. Kakara tah
ngarasa geuning boga buuk teh galing gede. Panjang saeutik, buuk ngembang jeung
acak2an wae. Kusabab euweuh duit keur meuli tancho atawa brisk, nyak akhirna mah
terbiasa mengendap-ngendap nyolong "brisk" anu pun bapak. Lamun kabeneran
diasupkeun kana lomari, tak ada pilihan lagi, lisah jalantah urut ngagoreng mujaer pun
jadi. Nu penting rapih!

Lain deui carita palebah tutumpakkan ka sakola, atawa keur mangsana sakola.
Ternyata aya anu leuwih peurih ti lalakon kaula. Ngarasa peurih.. eh panas baheula
ngabayangkeun leumpang ti terminal Ciawitali , nyusur jalan Merdeka nepi kerkop,
asup ka Jalan Pramuka, antukna nepi ka Jalan Ahmad Yani, kadang sok belok via
Jalan Bank asup ngaliwatan jalan Pakuwon. Nepi ka sakola, kelas hiji es em pe
baheula sakola beurang, kapaksa ngucumplang heula di WC ngabersihan kesang.
Atuch paleubah diajar, alhamdulillah tiasa berbagi bau matahari ka babaturan
sabangku. Eh.. ternyata sok sanajan pangawakan awewe, eta geuning babaturan kaula
mah, ngalaman lempang ti Ciledug tungtung nepi ka Cipanas (bulak balik) melaan
renang, pelajaran olahraga praktek. Alasan na mah sarua. Jatah ongkos terbatas.
Bedana ari sayah mah lempang teh bari ulak ilik sugan aya babaturan anu mawa
motor, ari babaturan awewe akuh mah, justru menghindari ajakan, dengan taktik balik
pangpandeurina ku dalih ngantosan anu nngajemput.

Peurih...!!!

Zaman geus robah. Sapeurih2na hirup ayeuna zaman Jokowi eh...kiwari, nyak jauh lah
masih mending ayeuna. Ninggali barudak ayeuna mah pan salian duit jajan aya
tambahan duit lainna, duit ka salon, putsal, bensin jrrd.

Para pemirsa bilih aya anu ngenye... ah sakitu mah can sabaraha, nya sok ateuh
berbagi... mumpung pas waktosna keur zaman peurih yeuh.

Yah... inilah Dialog Peradaban itu.

Cag ahhh! jam 10 geuning.

You might also like