You are on page 1of 6

PENILAIAN HARIAN 3

PANGAWERUH NOVEL
A. Pilihan Ganda
1. Kecap novel asalna tina basa latin, novus anu hartina anyar. Ieu kecap robah jadi novellus,
terus robah deui jadi novel. Pangna dihartikeun anyar lantaran …
A. Wangun novel béh dieu lahirna lamun dibandingkeun jeung roman.
B. Wangun novel leuwih anyar lahirna tibatan dongeng.
C. Wangun novel béh dieu lamun dibandingkeun jeung sajak.
D. Wangun novel leuwih anyar lahirna tibatan fiksimini
2. 1) Carita anu sifatna panjang dina wangun lancaran.
1) Jalan caritana loba bagian-bagianana, kitu deui palakuna bisa disebut loba.
2) Mangsa anu kacaturna ogé lila.
3) Kajadian nu sifatna pamohalan boh dina palaku, jalan carita, tempat, jeung waktu
kajadian.
Nu kaasup kana ciri-ciri kaya sastra wangun novel nya éta ….
A. 1-2-3-4 B. 1-3-4 C. 1-2-3 D. 2-3-4
3. Novel nu pangheulana medal dina sastra Sunda nya éta ….
A. Hutang Nyeri Bayar Nyeri karangan Yuhana
B. Nyalindung ka Gelung karangan S.H. Kartapraja
C. Bengkung Bekas Nyalahan karangan OS. Barma jeung M. Ali Kartawinata
D. Baruang Ka Nu Ngarora karangan D.K. Ardiwinata
4. 1) Budak Teuneung karangan Samsudi
1) Budak Tawekal. Karangan Akub Sumarna
2) Guha Karang Legok Pari karangan Hidayat Soesanto
3) Gogoda ka Nu Ngarora karangan M.A. Salmun
Novel nu diancokeun pikeun bacaeun jalma dewasa (novel dewasa) nya éta ....
A. 1 B. 2 C. 3 D. 4
5. 1) Néangan Bapa 2) Napsu nu Matak Kaduhung
3) Imah nu Réa Kamarna 4) Payung butut
Buku Novel nu dikarang ku Min Resmana, nya éta ....
A. 1-2-3-4 B. 1-2-3 C. 1-3-4 D. 2-3-4
6. Néng Ebah geuring parna.Cenah geuring usus buntu, nepi ka dioperasina. Waktu
dioperasi, kurang darah. Pa Naib miwarang ka barudak pasantrén titah ngadonorkeun
getih kanggo Néng Ebah. Tapi barudak aya nu satuju aya nu henteu lantaran watek Pa
Naib téa. Diantarana nu satuju téh Suganda. Manéhna ngadonorkeun getih keur Néng
Ebah.
Nu kudu diconto ku karakter Suganda tina cuplikan novel di luhur, nya éta ....
A. Ngadonorkeu getihna keur Néng Ebah sok sanajan bapana kungsi ngahina manéhna
B. Lantaran Suganda bogoheun ka Néng Ebah, manéhna réla nyumbangkeun getihna
C. Nyumbang getih mangrupa cara sangkan Suganda bisa deukeut deui ka Néng Ebah
D. Suganda teu tegaeun nempo Néng Ebah gering parna, ngan ari nempo bapana mah ijid
pisan
7. Isukna Aép ditajir dilalajoan, sirahna dibotakan sabeulah. Sabada dibotakan Mamangna ti
lembur datang ka pasantrén, mamangna méré sumanget yén ku cara ditajir kudu leuwih
soson-soson kana ngajina, malahan mah kudu mapakan élmu senior-seniorna. Ieu hal téh
ngalantaran manéhna leuwih soson-soson ngapalkeun kitab. Malah jadi wani ménta
diwurukan langsung ka Mama Ajengan. Lantaran sering jeung pinter, Mama Ajengan
kataji pisan ku calakanana manéhna. Malah upama keur diwurukan ku Mama Ajengan di
bumina, Néng Imas sok katémbong nempokeun di balik rérégan.
Kaistiméwaan palaku utama dina téks novel diluhur nya éta ....
A. Hukuman jadi pamecut kana sumangetna diajar palaku utama

Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 1


B. Mamangna méré sumanget sangkan bisa mapakan senior-seniorna
C. Lantaran sumanget diajar manéhna wani ménta diwurukan langsung ka Mama
Ajengan
D. Lantaran pinter Néng Imas jadi sok ngintip dibalik reregan nempokeun palaku utama
8. Sabada lulus SMP, Aép nuluykeun ka pasantrén. Ku kolotna dijurungkeun pisan, lantaran
diandelkeun sina jadi ajengan pikeun nuluykeun tapak lacak akina, nu kiwari pasantrénna
geus méh ambruk. Indit ka pasantrén téh dianteurkeun ku bapana sarta dititipkeun ka
Mama Ajengan. Sabada pancakaki kanyahoan yén éta Mama Ajengan téh babaturan akina
Aép.
Tindakan pinuji palaku utama dina téks di luhur nya éta ....
A. Lantaran anak panggedéna manéhna boga tanggungjawab ka kulawargana
B. Palaku utama boga tékad hayang ngamajukeun pasantrén, ku kituna sabada SMP
manéhna nuluykeun pasantrén
C. Palaku utama jeung bapana indit masantrén ka babaturan akina
D. Pasantren akina méh ambruk lantaran teu aya generasi penerusna
9. Watek palaku utama tina téks di luhur, nya éta ....
A. Hayang kapuji C. Eraan
B. Tanggungjawab D. wanian
10. Basa Si Eméd keur kalaparan, papanggih jeung tukang bajigur nu kacida bageurna, Si
Eméd hirup jeung tukang bajigur nepika boga pagawéan manday beusi di béngkél.
Sanggeus boga bekel jeung hirup mapan, Si Eméd balik ka lembur nepungan indungna anu
geus lila teu papanggih.
Amanat tina cuplikan téks di luhur nya éta ....
A. Tong salempang mun urang hirup sangsara, lantaran bakal aya nu nulungan
B. Tukang bajigur jalma soléh lantaran geus nulungan palaku utama waktu keur sangsara
C. Hirup kudu ngahormat jeung nganuhunkeun ka nu geus boga jasa ka urang, utamana
mah ka indung
D. Urang kudu boga pagawéan saperti tukang bubur sangkan hirup henteu sangsara
11. Di hiji poé Siti Habibah panggih jeung Suganda, salasahiji anak kuwu. Siti Habibah jeung
Suganda pada pada bogoh, tur duanana boga niat rek kawin. Suganda nyobaan ngalamar.
Basa bapana Suganda ngalamar, ditolak ku Pa Naib, lantaran Suganda lain katurunan
ningrat, cenah mah teu pantes kawin jeung katurunan ningrat.
Di hiji poé, ka désa datang juru nulis kawadanaan, ngaranna R. Wiraatmaja. Sanggeus
sababaraha poé di désa, Wiraatmaja panggih jeung Siti Habibah. Wiraatmaja bogoheun
ka Siti Habibah tuluy dilamar. Pa Naib bungah kacida narima lamaran Wiraatmaja,
sabab Pa Naib tos ninggal tina ngaranna aya R-na, nu disangkana Radén aturunan
ningrat. Tapi pas dicaritakeun asal usul Wiraatmaja ari seug Wiraatmaja téh lain
katurunan ningrat, atuh ngadadak di tolak lamaranana téh.
Konflik utama tina novel di luhur, nya éta ....
A. Dua urang nu ngalamar Siti Habibah ditolak lantaran lain katurunan ningrat
B. Siti Habibah henteu jadi kawin ka palaku utama
C. Bapana Siti Habibah hayang minantuna nu beunghar sangkan budak teu sangsara
D. Siti Habibah dua kalinolak lamaran lalaki lantaran teu bogoheun
12. Jadi dukun soténan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem, pamajikanana, nu sasat jadi cukang
lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa
kadatangan sémah nu néangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yén Si Kabayan téh dukun
anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si
Kabayan tara daék ngaku jadi dukun, kajaba mun ditampilingan heula.
Kasangtukang Si Kabayan jadi dukun lantaran ....
A. Dikusrukeun ku pamajikanana lantaran kungsi ditampiling ku Si Kabayan
B. Didukung ku pamajikanana pikeun nambahan panghasilan Si Kabayan
C. Males kanyeri ka anak juragan nu gering ku cara pura-pura jadi dukun
D. Si Kabayan jalma mahiwal, lamun ménta tulung ka manehna kudu nampiling heula

Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 2


13. Di pasantren Aép sakobong jeung Padil. Jalma nu beunang dipisobat tur resep heureuy.
Hiji waktu basa indit rék meuli kitab pasanggrok jeung Néng Imas Patonah sarta Bi
Mu’ah nu tas balanja ti pasar. Aép jol-jol kataji ku Néng Imas. Nurutkeun Padil, Néng
Imas téh putra Mama Ajengan nu kakara datang tas masantrén, malah ngajina téh alus
pisan, ngan hanjakal waktu salametan datangna Néng Imas, Aép keur balik heula.
Latar tempat tina cukilan novel di luhur, nya éta ....
A. Pasantrén, di jalan C. Kobong, pasantrén, pasar
B. Pasar, lembur, tempat salametan D. Pasantrén, di jalan, imah Mama Ajengan
14. Emod teu nyebutkeun tas ti Legok Kiara ka indung Bapana, lantaran sieun geus wani-wani
ngarempag papatah indung-bapana. Bener anggapan masarakat sangetna éta kiara, Si
Sadun gering panas muriang. Tapi selang dua poé ti harita manéhna cageur deui. Sadun
nanyakeun timana éta ucing ka Emod, sarta ku Emod dicaritakeun yén anu ngorosak di
Legok Kiara téh anak ucing nu ayeuna dipiara nu ngaranna Si Buris.
Watek palaku utama dumasar kana culikan novel di luhur, nya éta ....
A. Nurut kana papatah indung-bapa C. Wanian
B. Nyaah D. Jalir jangji
15. Sabada lulus ujian kelas 6, bapa Kondi maot. Kondi nunggeulis sarta digawé di pabrik aci.
Hiji waktu manéhna diajak gawé ku Mang Mahmud jadi purah nungguan di kios béas di
pasar Ciroyom. Méméh indit, indungna datang sarta keukeuh imah titinggal bapa Kondi
kudu dijual keur nambahan modal bapa téréna. Tapi Kondi keukeuh teu mikeun lantaran
éta imah milik duaan jeung Kang Odong. Ahirna éta imah téh diséwakeun.
Kacindekan ngeunaan palaku utama dina novel di luhur, nya éta ....
A. Budak yatim piatu, daékan, nurut ka kolot
B. Budak nunggeulis, teu nurut ka indungna, nurut ka bapa téréna
C. Budak yatim, daékan, kukuh kana amanat bapana
D. Budak nunggeulis, sangsara, teu nurut ka kolot
16. Konflik utama dina novel Payung Butut karangan Moh. Ambri, nya éta ....
A. Budak andar-andar nu doraka ti indungna
B. Marebutkeun budak ajengan ku santri-santrina
C. Néangan nu jadi lanceuk sabada geus lila teu panggih lantaran dibui
D. Keukeuhna Pa Naib nu hayang ngawinkeun anakna ka teurah menak deui
17. Jejer carita novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman, nya éta ....
A. Budak andar-andar nu doraka ti indungna
B. Marebutkeun budak ajengan ku santri-santrina
C. Néangan nu jadi lanceuk sabada geus lila teu panggih lantaran dibui
D. Keukeuhna Pa Naib nu hayang ngawinkeun anakna ka teurah menak deui
18. Amanat nu ditepikeun ngaliwatan caita novel Nu Ngageugeuh Legok Kiara, nya éta ....
A. Nu dianggap sanget ku masarakat téh sabenerna mah henteu aya nanaon
B. Lamun urang ngingu ucing tinangtu ucing ogé bakal mulang tarima
C. Kakayon ulah dituaran lantaran jadi sumber cai dina mangsa tigerat
D. Lamun urang baha kana papatah kolot tinangtu bakal cilaka
19. Téma tina novel Béntang Pasantrén karangan Usep Romli, nya éta ....
A. agama B. Pakasaban C. Asmara D. Pahlawan
20. Nu jadi jejer carita dina novel Babalik Pikir karangan Samsudi, nya éta ....
A. Carita hiji budak nu bahula ka indungna, hirup sakaparan-paran, ditulungan ku tokoh
séjén, nu ahirna babalik pikir tur bisa nyenangkeun ka indungna.
B. Carita hiji santri anu marebutkeun anak ajengan nu sainganana para seniorna, dibantu
ku batur sakobongna ahirna bisa meunangkeun haté anak ajengan
C. Carita hiji budak nu neangan lanceukna lantaran di bui di Bandung, ku bantuan
juraganana ahirna bisa panggih
D. Carita hiji kulawarga nu sangsara, lantaran doa jeung usahana ahirna jadi jalma
mapan tur bisa nyenangkeun indungna
21. Ngaréngsékeun masalah dina carita novel Payung Butut karangan Moh.Ambri, kucara ....

Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 3


A. Sadarna hiji bapa pikeun mere restu ka nu jadi budakna nu rek rumah tangga dumasar
kana pilihan anakna
B. Sadar tur babalik pikirna palaku Pa Naib yen kabagjaan jalma mah lain ku teureuh
menak atawa ningrat ka ningrat
C. Papatah tukang bajigur yen kabagjaan anak mah gumantung kana rido jeung doa nu
jadi indung
D. Jangjina dua palaku sabada saling ngebrehkeun eusi hate geusan hirup babarengan
engke jaga sabada masantren tur ayeuna-ayeuna mah rek nyuprih elmu enya-enya
22. Cara ngaréngsékeun masalah dina carita novel Béntang Pasantrén karangan Usép Romli,
kucara ....
A. Sadarna hiji bapa pikeun méré réstu ka nu jadi budakna nu rék rumah tangga dumasar
kana pilihan anakna
B. Sadar tur babalik pikirna palaku Pa Naib yen kabagjaan jalma mah lain ku teureuh
menak atawa ningrat ka ningrat
C. Papatahna tukang bajigur ka palaku utama yén kabagjaan anak mah gumantung kana
rido jeung doa nu jadi indung
D. Jangjina dua palaku sabada saling ngébréhkeun eusi haté geusan hirup babarengan
engké jaga sabada masantrén tur ayeuna-ayeuna mah rék nyuprih élmu enya-enya
23. Basa nu digunakeun dina novel Nu Ngageugeuh Legok Kiara, nya éta ....
A. Basa Sunda loma, nu dipake dina kahirupan masarakat lembur
B. Basa Sunda hormat nu dipake dina lingkungan ningrat
C. Basa Sunda lemes nu dipake dina kahirupan sapopoe
D. Basa Sunda kasar nu dipake dilingkungan masarakat kasar
24. Konflik munggaran dina carita novel Nu Ngageugeuh Legok Kiara, nya éta ....
A. Kasasarna palaku utama ka Legok Kiara nu sanget waktu moro beurit
B. Nimuna ucing leuweung waktu moro beurit sarta dipiara ku palaku utama
C. Diaduna ucing palaku utama jeung anjing palaku antagonis
D. Hésé caina di lembur lantaran usum halodo nu panjang
25. Téma tina novel Nu Ngageugeuh Legok Kiara nya éta ....
A. Agama B. Pakasaban C. Asmara D. Lingkungan
26. Palaku utama dina novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman nya éta ....
A. Kondi B. Odong C. Mahmud D. Asép Dodoy
27. Nu jadi jejer carita dina novel Béntang Pasantrén karangan Usep Romli, nya éta ....
A. Carita hiji budak nu bahula ka indungna, hirup sakaparan-paran, ditulungan ku tokoh
séjén, nu ahirna babalik pikir tur bisa nyenangkeun ka indungna.
B. Carita hiji santri anu marebutkeun anak ajengan nu sainganana para seniorna, dibantu
ku batur sakobongna ahirna bisa meunangkeun haté anak ajengan
C. Carita hiji budak nu neangan lanceukna lantaran di bui di Bandung, ku bantuan
juraganana ahirna bisa panggih
D. Carita hiji kulawarga nu sangsara, lantaran doa jeung usahana ahirna jadi jalma
mapan tur bisa nyenangkeun indungna
28. Cara ngaréngsékeun masalah dina carita novel Patepung di Bandung karangan Taufik
Faturohman, kucara ....
A. Sadarna hiji bapa pikeun méré réstu ka nu jadi budakna nu rék rumah tangga dumasar
kana pilihan anakna
B. Sadar tur babalik pikirna palaku Pa Naib yen kabagjaan jalma mah lain ku teureuh
menak atawa ningrat ka ningrat
C. Kapanggihna lanceuk palaku utama nu geus hirup mapan tur geus boga gawe
D. Jangjina dua palaku sabada saling ngébréhkeun eusi haté geusan hirup babarengan
engké jaga sabada masantrén tur ayeuna-ayeuna mah rék nyuprih élmu enya-enya
29. Konflik munggaran dina carita novel Patepung di Bandung karangan Taufik Faturohman,
nya éta ....

Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 4


A. Pipisahan indung-bapana katambah dibuina lanceuk palaku utama lantaran ngabobol
imah batur
B. Bapana maot tur indungna kawin deui
C. Hirup katalangsara sabada ditinggal maot indung-bapana
D. Hésé caina di lembur lantaran usum halodo nu panjang
30. Di hiji lembur tungtung pasawahan aya wewengkon nu dianggap sanget ku masarakatna
sarta aya tangkal kiara anu kacida gedéna. Ngaran éta wewengkon téh Legok Kiara.
Sakabéh masarakat, boh kolot boh barudak, tara wani-wani ngadeukeutan éta
wewengkon, lantaran sanget. Katurug-turug pernah aya nu maot di wewengkon Legok
Kiara nu ngaranna Bah Wirya. Atuh beuki geueuman, malah mah kakoncara yén Bah
Wirya ngajurigan. Nu matak tara aya nu ngulampreng ka Legok Kiara
Ungkara novel di luhur kaasup kana bagéan ....
A. Eksposisi
B. Konflik munggaran
C. Klimak
D. Ngaréngsékeun masalah

B. Uraian
31. Sebutkeun judul jeung pangarang novel munggaran dina sastra Sunda !
Jawab :
........................................................................................................................................
32. Jéntrékeun ciri-ciri carita novel !
Jawab :
........................................................................................................................................
........................................................................................................................................
33. Jéntrékeun unsur intrinsik lamun urang nganalisis hiji carita novel !
Jawab :
........................................................................................................................................
........................................................................................................................................

Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 5


Basa jeung Sastra Sunda Kelas 9 Semester 1 6

You might also like