You are on page 1of 2

GUGURITAN

Guguritan nyaeta teh puisi atawa wangun sastra nu diwangun / dianggit make patokan pupuh.

Istilah Guguritan
1. Pada ( bait )
2. Padalisan (jajaran/baris)
3. Guru Wilangan ( jumlah enggang dina unggal padalisan )
4. Guru Lagu ( dangdingdungna sora vokal dina enggal panung tung )

1. Asmarandana

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-é/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna silihasih, silih
pikanyaah, naséhat, atawa mépélingan

Éling-éling mangka éling [8-i]


rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
napsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]

2. Balakbak

Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-é, 15-é, 19-é). Watekna pikaseurieun, banyol, atawa
lulucon.

Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]


Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyangéréng [19-é]

3. Durma

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna ngambek, paséa,
gelut, atawa perang.

Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]


geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]

4. Maskumambang
Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna prihatin, sasambat, atawa
nalangsa.

Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]


teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]

5. Mijil

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna susah, sedih, cilaka,
tiiseun, atawa jempling.

Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]


jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]

6. Pangkur

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna lumampah,
napsu, sadia rék perang.

Seja nyaba ngalalana [8-a]


ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
henteu puguh nu dijugjug [8-u]
balik paman sadaya [7-a]
nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
Lurah bégal ngawalonan [8-a]
Aing ngaran Jayapati [8-i]

You might also like