You are on page 1of 4

Eling-eling umat

Eling-eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjama’ah shalat maghrib
Éstu kawajiban
Urang keur hirup di dunya
Kanggo pibekeleun
Urang jaga di akherat
Dua puluh tujuh
Ganjaran nu berjama’ah
Lamun sorangan
Hiji ge mun bener fatihah

Kakuping suara adzan


Kakuping suara adzan
Di masjid ti katebihan
Singhoréng téh ngawartosan
Ngajak sholat babarengan
Ulah sok sholat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa sémah
Hayu urang berjama’ah

Nabi urang sadayana


Gusti urang sadayana
Kanjeng nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab qurés nya bangsana
Ibuna siti aminah
Ramana sayid abdullah
Dibabarkeuna di mekah
Wengi senén dinten gajah
Rabi’ul awal sasihna
Tanggal kaduabelasna
April bulan maséhina
Tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tuana


Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambihna
Saeng sahiji punjulna

Siti aminah misaur


Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur
Di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran


Orok lir kénging nyepitan
Spca lir kénging nyipatan
Sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana


Diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna
Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna
Élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada kanjeng nabi


Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri
Dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur


Bulan rajab nu kacatur
Nurut kaol anu mashur
Kanjeng nabi téh disaur

Dipapag ku malaikat
Nyandak burok nu kasebat
Leumpangna téh cara kilat
Tungganganeun nabi angkat

Ti mekah ka bétal makdis


Teu nganggo lami antawis
Ku jalma heunteu katawis
Kersana gusti nu wacis

Ti bétal makdis terasna


Naék na tangga kencana
Mi’raj téa kasebatna
Ka langit nabi sumpingna
Tujuh langit sadayana
Jeung arasy nu pangluhurna
Disumpingan sadayana
Katut surga narakana

Kanjeng nabi ditimbalan


Ku gusti nu sifat rahman
Ajeuna kudu netepan
Salat muji ka pangéran

Kabéh jalma anu iman


Sami pada kawajiban
Salat nu lima giliran
Heunteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana


Dina agama tihangna
Jalma nu luput salatna
Nyata rubuh agamana

You might also like