You are on page 1of 4

‫ِبْس ــــــــــــــــــِم ِهللا الَّر ْح َم ِن الَّر ِح ْي ِم‬

‫ َﻳ ﺎ َﺭ ُﺳﻮْﻝ َس اَل ْﻡ َﻋ َﻠْﻴَﻚ‬, ‫َﻳ ﺎ َﻧ ِﺒﻲ َس اَل ْﻡ َﻋ َﻠْﻴَﻚ‬


‫ َص َلَو اُت ْهللا َع َلْي َك‬، ‫َي ا َح ِبْيْب َس اَل ْم َع َلْي َك‬

Bijil bulan cahayana # sumirat kasadayana


Tileresan negri mekah # kalebet nagri madinah

Hei junjungan nu di utus # panutan anu diantos


Simabdi sadaya nampi # kana pang ngersana gusti

Duh gusti junjungan abdi # sayid Muhammad habibi


Pamugi salira nampi # kanu dosa diri abdi

Duh gusti junjungan abdi # sayid Muhammad habibi


Pamugi salira nampi # kanu hina diri abdi

Abdi umat akhir jaman # anu banget panasaran


Hoyong tepang ngadehejan # seja tumut serah badan

Bagja nu ningal paduka # hei nu mulya luluhurna


Talaga kautsar paduka # candakan abdi sadaya

Di yaumil akhir pamugi # abdi sing janten ngahiji


Sareng ibu rama abdi # ngiring abdi ka salawargi

Di yaumil akhir pamugi # abdi sing janten ngahiji


Sareng kaluwarga abdi # ngiring abdi ka salawargi

Di yaumil akhir pamugi # abdi sing janten ngahiji


Sareng ikhwan-ikhwan abdi # ngiring abdi ka salawargi
Di yaumil akhir pamugi # abdi sing janten ngahiji
Sareng karuhun na abdi # ngiring abdi ka salawargi

Di yaumil akhir pamugi # abdi sing janten ngahiji


Sareng nu cinta ka abdi # ngiring abdi ka salawargi

He sadaya jama’ah # mugi gusti nga ijabah


Tiasa angkat jiarah # ka mekkah sareng madinah

Urusan na di lancar keun # rizki na mugi jembar keun


Darajat na diluhur keun # dunya akherat bagja keun

Sareng utama niung keun # kaluarga na soleh keun


Tina awon di tebih keun # kana sae di caket keun

Yuswa na mugi panjang keun # hirup na mugi berkah keun


Maot na mugi sae keun # tina siksa di tebih keun

Ilmu na di manfaat keun # sinareng mugi seueur keun


Amal na mugi ikhlas keun # sareng mugi di kobul keun
‫ِبْس ــــــــــــــــــِم ِهللا الَّر ْح َم ِن الَّر ِح ْي ِم‬
‫َاْس ـتـَــــْغ ـِفُر هللاْ َر َّب الـْـــــْـَبَر ايَـا َاْس تـَـْغ ــِفُر هللاْ ِمَن الـْـَخ ـَط ايَــا‬

Hirup di dunya mung sakedap pisan


Mung ukur liren sakicep panon
Teu kenging ka goda teu kenging ka gembang
Akherat engke tempat urang mulang 2x
Akherat engke hirup sabenerna

Cing saha bae Allah di tujuna


Pasti dunia ngalayanan nana
Tapi lamun Allah lain tujuan nana
Pasti awak cape ngalayanan nana
Di perbudak dunya saumur hirup na

Kanyaah Allah nu mantak kabita


Sanajan urang seueur pisan dosa
Hanteu pegat-pegat limpahan rohmat na
Teu weleh di antos tobat ka anjeun na
Teu weleh di antos mulih ka anjeun na

Allah ngadangu Allah ningali


Tiyap ka lakuan sareng ucapan
Teu aya nu hilap sarupi oge
Allah moal hilap salalawasna
Allah moal hilap salalawasna

Sing saha bae amal tanpa ilmuna


Tinangtu Allah moal narima
Tapi lamun amal serta elmuna
Tinangtu Allah pasti narima
Tinangtu Allah pasti narima
Hai dulur-dulur enggal gera ngaji
Menuntut elmu ilmu agami
Supaya kenging ridona gusti
Urang banget butuh rido ilahi

Hai dulur-dulur enggal gera tobat


Sanajan dosa sapinuhna jagat
Erek rahaya atawa pangkat
Semoga Allah nampi kana tobat
Semoga Allah nampi kana tobat

Sing emut maot pasti magpagkeun


Sanajan urang seueur pisan dekeng
Moal bisa nolak sareng ngahalangan
Lamun ajal datang pegat urusan
Lamun ajal datang pegat urusan

Awak ngajepat dibungkus ku kafan


Pegat sagala nikmat jeung harapan
Ninggal keun ka sedih jeung kahanyakalan
Ngantos ka adilan nu di tangtukeun
Ngantos ka adilan nu di tangtukeun

You might also like