Ai Rahma

You might also like

You are on page 1of 1

Nama : Ai rahmawati

Kelas : XII RPL-A

KASENIAN WAYANG GOLÉK

Salah sahiji kasenianSunda anu populer di masarakat urang kiwari nyaéta wayang golék.Kmo sangges
bisa disiarkeun dina radio jeung télévisi.Wayang Golék beuki di pikaresep baé ku salaréa.Boh di kota boh
di lembur.Upama sakalieun aya nu hajat nanggap Wayang Golek, nu lalajo téh ilaharna sok tumplek ti
mana-meni.

Atuh tokoh dina pawayangan apam geus di pika apal pisan ku masarakat urang.Salasa hiji na aya Gatot
Kaca,Arjuna,Semar,Si Cepot,Jeung sajabana.Iyeu hiji bukti yén kasenian Wayang Golek teh geus raket
pisan jeung batin urang Sunda.

Wayang Golék teh hiji pagelaran anu mangrupa gabungan sababaraha unsur kasenian.Nyaeta seni
sastra(Lalakon),seni karawitan(Gamelan),seni swara(sindén),jeung seni gerak atawa tari (Gerak-gerak
wayang)anu jadi lulugu dina pagelaran Wayang Golek nyaeta dalang anu ngalakonken carita.

Carita wayang téh asalna mah ti India,asalna tina buku Mahabarata karangan wiyasa jeung Ramayana
karangan Walmiki,mimiti aya Wayang Golek sakitar taun 1584.

Sanajan asalna ti India,Wayang téh geus jadi banda budaya Sunda.kulantaran kitu,salaku urang Sunda
tangtu kudu tetep resep kana Wayang Golek.Sakurang-kurang na kudu wauh jeung mikaresep kasénian
Wayang Golek.

You might also like