You are on page 1of 1

Wasta : Dea Sri Wulandari

Kelas : XII RPL A

MANFAAT MASKER WAJAH

Ngarawat kulit wajah mangrupa hal anu kudu di lakukeun ku urang sadayana, sahingga kulit
wajah urang séhat tur bersih. Di zaman ayeuna ngarawat kulit wajah téh teu ngan ukur istri
tapi pameget oge ayeuna mah ngarawat kulit wajah. Loba rupa atawa jenis produk perawatan
kulit wajah pikeun istri jeung pameget mulai ti pembersih wajah, toner, pelembab, serum jeung
sajabana. Aya oge masker anu seueur mangfaatna, masker boga manfaat masing-masing
tergantung kagunaanana nu mencerahkeun, aya nu ngangkat kotoran, Aya oge anu mere
kalembaban jeung sajabana. Masker biasana di anggo saatos ngabersihkeun wajah make
pembersih wajah. Masker téh aya nu kudu dibilas saatosna aya ogé anu teu kédah di bilas.
Sateuacan nganggo masker urang kudu apal heula jenis wajah urang kumaha normal,
berminyak, kering atawa kombinasi lamun tos apal urang bisa masker nyesuaikeun ka ayaan
kulit urang ameh teu nimbulkeun permasalahan anu lain. Lamun kulit urang jarawat an urang
bisa make masker khusus ngaleungitkeun jarawat, lamun kulit urang kusem urang bisa make
masker nyerahkeun wajah jeung sajabana.

Masker wajah teh loba manfaatna

1.Ngabersih keun pori-pori wajah

2.Ngahidrasi kulit wajah

3.Ngalembut keun kulit wajah

4.Ngacerah keun kulit wajah

Ku sabab kitu mulai ti ayeuna urang kudu rajin ngarawat kulit wajah sangkan kulit urang bisa
bersih tur séhat ,komo deui masker seueur mangpaatna jeung gampang di pilarian ana.ku
kituna hayu urang mulai ngarawat kulit wajah urang sadayana

You might also like