You are on page 1of 66

Drama Sunda KONTES DANGDUT Ide Carita Nunung Nurjanah Skenario/Sutradara Erwin Tj Dipintonkeun kanggo Ujian Nasional Praktek

Mulok Karawitan 2009 SMP Negeri 4 Ciamis Garapan Kelas IX-C Diayakeun Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh. Acarana diiklankeun dina poster, surat kabar, jeung radio. Salahsahiji mojang hayang ngiluan ieu acara. Adegan 1 Di sakola. Nova : Aya naon, De? Meni bungah pisan? Maca naon eta teh? Pengumuman? Ade : Muhun. Ieu yeuh aya Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh. Nova bade ngiringan? Nova : Lahabdi mah teu aya bakat nyanyi. Sok we atuh Ade ngiringan. Kapanan citacita Ade hoyong janten penyanyi sanes? Ade : Leres pisan. Ti kapungkur Ade hoyong pisan ngiringan kontes dangdut. Ieu kasempetan Ade kanggo ngahontal cita-cita. Ayeuna abdi bade nyuhunkeun idzin ka kolot. Nova : Sok lah, didukung jeung didoakeun ku Nova. Cing meunangcing sukses. Lamun tos terkenal tong hilap ka abdi nya! Ade : Jihmaenya hilap ka babaturan. Moal atuh. Pokona mah mun abdi sukses Nova bakal ditraktir jajan baso sawaregna. Hayu ahbade uih heula. Asalamualaikum! Nova : Walaikumussalam. Hmmm...boga babaturan, sumangetna luar biasa. Hebat...hebat... Adegan 2 Di imahna Ade. Haji Wibi : Naon? Rek ngiluan kontes dangdut? Astaghfirullohalladziim. Teu...Bapa teu satuju! Hajah Novi : Kunaon Bapa teu satuju? Kapanan eta teh cita-cita anak urang ti leuleutik. Haji Wibi : Cik atuh ari boga cita-cita teh nu waras...nu bener. Kapanan loba keneh pagawean nu leuwih mulia, leuwih terhormat, jeung masa depanna jelas. Jadi dokter misalna, guru, insinyur, atawa pengacara. Ieu mah kalahkah hayang jadi penyanyi dangdut, anu ku masyarakat dicap murahan...kampungan. Era atuh. Kapanan Bapa jeung Ibu teh haji...tokoh masyarakat. Naha Ibu narima lamun budak urang engkena dianggap awewe baongmurahankampungan? Pokona mah Bapa teu satuju. Ade : Tapi Ade hoyong ngiringan, Pa Hajah Novi : Tos we, Pa, urang dukung kahayang budak urang!

Haji Wibi : Pokona Bapa teu satuju! Teu satuju! Titik! Ade : Sanajan Bapa teu ngidinan Ade tetep bade daftar...bade ngiringan. Haji Wibi : Ngalawan maneh ka kolot? Ade : Sanes ngalawan pa, tapi Haji Wibi : Lamun maneh teu nurut ka kolot, indit siah ti imah ieu. Aing teu sudi boga budak jadi penyanyi dangdut... Hajah Novi : Paulah nyarios kitu! Haji Wibi : Indit siah!!! (Ade indit kaluar imahna) Hajah Novi : Ade...Pa...Pa...budak urang rek indit kamana? Haji Wibi : Keun wae! Antepkeun! Matakna ulah sok diogo teuing boga budak teh! Jadina wani ngalawan ka kolot. Ade kaluar ti imahna, disaksian ku indungna, leumpang euweuh tujuan. Sajajalan ceurik balilihan. Adegan 3 Di pengkolan jalan lembur. Rival : Mabuk lagiahmabuk lagijudi lagiahjudi lagi Dikri : Heupheup! Nu baleg atuh nyanyi teh! Fals pisan maneh mah. Teu ngeunah kadengena. Rival : Eh..maneh ulah ngagangu kasenengan sayah atuh, kapanan urang teh keur ma bok! Dika : Heueuhmabok sih mabok, tapi ari nyanyi mah nu bener. Ieu mah musik ka kalersora ka kidul. Teu nyambung, Man...teu nyambung... Rival: Maneh ngahina ka sayah? Dika : Naha maneh mah bet emosi, pira oge diomongan sakitu. Kritik ini mahkritik, Man. Rival : Tapi kuring teu ngeunah ku omongan maneh. Ngahina kitu mah. Irwan : Geusgeus montong parasea! Kapananan urang teh frend lain? Peacepeace! (Nenjo Ade leumpang lebah pengkolah). Hey barudak, itu aya Si Ade. Urang heureuyan yu! Dikri : Lah silaing mah, teu kaop nenjo awewe. Irwan : Hai Ade, bade kamana? (Bari nyampeurkeun ka Ade). Ade : Kumaha urang we. Dikri : Wah...Ade makin cantik aja nich. Ameng yu jeung akang! Ade : Iiih...teu sudi teuing! Barau alkohol akang mah. Dika : Wah kabeneran yeuh, urang bawa we ka saung tengah sawah, urang gawean. (Ngaharewos ka batur-baturna). Rival : Digawean kumaha euy? Dika : Lah silaing mah, maenya teu ngarti. Kasempetan euy, meungpeung manehna keur indit ti imah. Irwan : Hayu atuh. Ngan sakali sewang nya! (Ngarawel leungeun Ade).

Ade : Iiih kurang ajar pisan. Lepaskeun siah! Tulungtulungtulung! (Kabeneran aya Kades Indra jeung Hansip Sandi). Kades Indra : Aya naon ieu teh? Ade : Tulungtulungan abdi pabade diperkosa. Kades Indra : Saha nu rek diperkosa teh? Ade : Abdi pa...abdi. Abdi bade diperkosa. Hansip Sandi : Saha nu rek merkosana? Manamana? dibabuk ku sayah. Ade : Ieu pa (Nunjuk ka pamuda). Hansip Sandi : Maraneh rek merkosa Si Ade?! Pamuda: Henteu, Pahenteu. Kita mah cuman heureuy pa. Swear! Kades Indra : Kurang ajar siah! Maraneh wani-wani nyieun masalah di wilayah sayah? Ngerakeun pisan siah. Hansip! Hansip Sandi : Siap Pa! Laksanakan! Kades Indra : Laksanakeun naon? Sayah can mere parentah. Hansip Sandi : Muhun...siap melaksanakan perintah, Pa. Kades Indra : Bawa ieu pamuda ka bale desa! Teangan kolot-kolotna! Ini mah termasuk tindakan kriminalperkosaan...perkosaan deuleu! Bahaya...bahaya! Hansip Sandi : Siap Pa! (Ngagiringkeun pamuda, dituturkeun ku Kades Indra). Pamuda : Ampunampunampun Pa! Moal sakali-kali deui. Kades Indra : Montong loba omong siah. Tah ieu akibat pangaruh minuman keras jeung narkoba teh. Leungit kasadaran akibat marabok. Omat penonton, ulah nurutan kalakuan barudak jiga kieu. Ingat! Jauhi minuman keras jeung narkoba! Waspadalah...waspadalah! Adegan 4 Di Bale Desa. Bu Diar : Mana budak urang teh. Kurang ajar siah. Mabok jeung mabok we pagawean teh. (Ngagebugan Si Rival ku sapu). Rival : Ampun, Ma...ampun! Bu Diar : Ngerakeun aing siah. Dasar budak kurang ajar. (Bari terus ngagebugan Si Rival). Kades Indra : Sabar, Bu...sabar! Janten kieu ieu teh... (Jol Bu Isna). Bu Isna : Mana Si Irwan? Cing kalakuan teh ulah jiga sato maneh teh. Maenya rek merkosa? (Ngajewer ceuli Si Irwan). Irwan : Ampun, Mah...ampun. Kades Indra : Tenang, Bu...tenang. kamana kolotna Si Dikri jeung Si Dika? Hansip sandi : Teu araya, Pa. Nuju di sawah. Hansip Indra : Keun we atuh. Jadi kieu Ibu-ibu. Cing boga budak teh perhatikeun. Warah cing

bener ameh teu baraong. Ieu teh akibat kurang perhatian ti kolot. Barudak jadi kacanduan ku minuman keras jeung narkoba. Bahaya nu kieu teh. Bisa ngaruksak moral generasi bangsa. Omat ulah sakali-kali deui maraneh nyieun masalah di lembur ieu! Rival : Muhun, Pa. Abdi kapok. Dikri : Moal sakali-kali deui, Pa. Dika : Tobat, Pa...tobat. Irwan : Swear, Pa...swear! Kades Indra : Heug atuh ari geus insyaf mah. Ku sayah dihampura. Jadi masalah ieu geus beres teu kudu ngalibatkeun polisi. Alus...alus ari maraneh geus tobat mah. Ke...ke...ari neng Ade ayeuna bade teras kamana? Ade : bade ngiringan kontes dangdut ka kota, Pa. Hansip Sandi : Wah...hebat atuh. Kita dukung. Kades Indra : Luar biasa! Bapa bangga warga urang sapertos Neng Ade boga potensi di bidang seni. Sok, ku Bapa didukung 100%. Bapa bakal ngerahkeun warga desa ka kota nyuporteran Neng Ade. Ade : hatur nuhun, Pa. Adegan 5 Di tempat Kontes Dangdut. Ade ngiluan Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh. Pesertana aya 75 urang. MC Nunung : Nah para hadirin, seteleh kita tampilkan 70 peserta, kita akan saksikan penampilan peserta dengan nomer undian 72 atas nama Nurul Arifyani. Selamat menyaksikan! Nurul : (Loba gaya, nyanyi teu nyambung, fals, ku panonton dibaledogan, disurakan teu raresepeun). MC Yuli : Penonton harap tenang! Acara kita lanjutkan kembali! Selanjutnya kita saksikan penampilan dari peserta nomer 73 atas nama Rinzy Primawanti Noor! Rinzy : (Geumpeur, teu nyanyi nyanyi, ku panonton disurakan). MC Nunung : Selanjutnya kita saksikan penampilan dari peserta nomer 74 atas nama Devi Shinta Cahyani! Devi : (Ceurik, teu daekeun nyanyi, ku indungna dicarekan dipaksa titah nyanyi). Bu Ita : Burukeun nyanyikan ku mamah geus dilatih di imah. Devi : Alim mahalimabdi mah teu tiasa nyanyi. Abdi mah hoyong janten dokter. Bu Ita : Dasar ngerakeun maneh mah. Peupeuriheun kuring mah ngiluan kontes eleh wae, atuh maneh ayeuna nyobaan. Hayu balik siah (ngajewer budakna, penonton nyurakan). MC Yuli : Selanjutnya akan kita saksikan penampilan terakhir dari Kontes Dangdut ini. Kita sambut,

peserta nomer undian 75 atas nama Ade ratna Sariningsih. Ade : Nyanyi, alus pisan, panonton heboh. MC Nunung : Berdasarkan keputusan Dewan Juri dan tidak bisa diganggu gugat, maka Juara Kontes Dangdut sa-Tatar Galuh Tahun 2009 ini yaitu peserta dengan nomer undian 75, yaitu saudari Ade. Tepuk tangan untuk sang juara! (Penonton tepuk tangan, nyaralaman ka Ade). Haji Wibi : Hampura Bapa Ade, Bapa rumasa salah, Bapa karek sadar yen jalan hirup maneh memang kudu jadi penyanyi dangdut. Ade : Hatur nuhun Pa, Bapa tos ngadukung kana cita-cita abdi. Insya Alloh abdi bakal jadi penyanyi anu professional, terhormat. Haji Wibi : Sok ayeuna mah didukung ku Bapa. Didoakeun cing sukses. TAMAT

TIMAH (Ticengklak Manah) Di hiji aya kaluarga anu unggal poe guntreng di imahna, yen kuhiji masalah nyaeta ku masalah teu ngarestuan hubungan budakna Adegan I (T. Jamu dagang heula terus merhatikeun obrolanna) Kakek Ipah pilihan bapak. Nenek Ipah tangga we. Kakek Ipah Adeagan II : bu, kumaha lamun anak urang teh kawin keun wae jeung budak : teu sawios-wios ibu mah terserah kanu jadi pamimpin rumah : nya atuh urang badami keun wae sareng si enok na..

(T. Jamu dagang heula terus merhatikeun obrolanna) Kakek Iim : ambu anak urang teh ges baranjak dewasa gening bisi kaburu kolot mening urang kawin keun weh. Nenek Iim Kakek Iim Adegan III Enok & iim : kang, akang serius teu ka eneng, : ah ambu mahsatuju-satuju wae bah : hayu atuh ayena urang obrol keun ka si iim na.

Mahmud & juned : na kunaon kitu neng, sanajan hujan dordar gelap jalan satapak, ku akang mah rek di jugjug. Enok & Iim : kang eneng teh ayena tos positip.

Mahmud & Juned : positip nanon atuh neng, lamun eneng positip ku akang di tambahan negative, kan jadi netral neng Enok & Iim Mahmud & Juned : euh..si akang mah, serius ieu teh akang, eneng teh positip hamil. : naon neng hamil. Alhamdulilah , hamil gening.

Enok & Iim : eh.naon ari si akang, kadon alhamdulilah., kan arurang teh can nikah atuh akang. Mahmud & Juned : nya atuh ari kitu mah urang jujur we ka si ambu, yen eneng teh tos hamil, tah ari tos kitu mah pasti di nikah keun kan. Enok & Iim Mahmud & Juned Enok & Iim Adegan IV Nenek : euleuh-euleuh ieu nu bobogohan meni karaosan, hayu balik siah, pan maneh th gs di jodoh keun ku ambu jeung si bpk teh, hayu balik. Adegan V Pa RT : keur nga per singkat waktu, bapak nikah keun enok bin rojatun ka mahmud bin adang, kumaha sah. : tapi masalah na aya hiji deui kang. : nya masalah naon atuh neng, sok nyarita ka akang. : kieu kang, neng teh ku si ambu sareng si bapa tos di jodoh keun.

Adegan VI Pa RT : keur nga per singkat waktu, bapak nikah keun ipah bin eman ka juned bin didin, kumaha sah. 20 Tahun kemudian Adegan VII Udin KABARET HEULA Ipah ngantosan ipah nya. Udin Ipah : eh.. akang ku tercinta, nuju naon atuh tidieu akang teh, : sanes neng tukang jamu, nya nya tuh neng. : ih meni so sweet si akang ku. : ipah..ipah..

Udin : ehhh karek apal ? tataraeun neng tiasa kaluar, ari si ambu sareng si abah kamana ? Ipah Udin Ipah : nuju ka pasar. : asyiiik, tiasa ngobrol-ngobrol lami tuh neng sareng akang. : na ngobrolkeun naon atuh akang ?

Udin : akang teh bosen neng, lamun arurang backstreet terus, mening urang brak-brak we lah neng ayeuna mah. Ipah : naon kang ?! pek weh ari akang hoyong di peuncit terus kulitna di jieun dorokdok tulangna di jieun souvenir, anu paling parah mah kang di kabiri terus di jieun gantungan konci, daek kang ? Udin : ahhh. Sawios bedo neng ari kitu mah, biarpun kita backstreet tapi cinta kita akan tetap abadi. KABARET HEULA Ujang : ehhhhh. Neng Ipah ku tercinta, si neng ni hilap we ka abdi teh neng, tiap wengi di telepon teu di angkat, di sms teu di bales, kang ujang teh meni gundah gulandah upami teu aya kabar ti neng teh.

Icih : ehhhhh. Akang Udin ku tercinta, tiap wengi icih teh inget terus ka akang, neng teh butuh sosok kang udin di sisieun neng, ayeuna mah tos hilap ka neng teh nya. KABARET HEULA Adegan VIII Enok & Iim : Eleuh-eleuh, ges di bejaan sabeberaha kali, tong ulin jeung budak eta, ieu mah ngadon ngahajakeun, arek jadi naon maneh mun bobogohan jeung budak eta, imah teu boga, motor teu boga, komo deui mobil, dahar sapoe ngan sakali, arek di bere dahar naon lamun engke maneh boga budak ? huut, segon, batu, atawa tai kotok ? budak eta teh miskin, urang oge miskin, matakna lamun neangan kabogoh anu tajir. Buru balik !!! Arek kamana ?!! Mahmud & Juned Enok & Iim Mahmud & Juned : rek nyarekan jelema anu wawanian ngahina budak kuring. : rek naon maneh kadieu. : rek menta hampura.

Enok & Iim : cuih ! hate urang masih nyeri ku kalakuan maneh 20 tahun katukang. Maneh janji sanajan hujan dordar gelap jalan satapak, ku maneh mah rek di jugjug. Tapi mana janji eta ? pokokna urang geus geleuh ningali bengeut maneh. Mahmud & Juned : kuring mohon ka anjeun, restui hubungan si Ipah jeung si Udin, ameh si Ipah jeung si Udin teu siga urang duaan bareto. Enok & Iim : cuih cuih cuih !!! urang teu sudi lamun kudu ngarestuan hubungan budak urang jeung budak maneh. Ayeuna maneh indit ti hareupeun urang. ( di susul ku pamajikan masing-masing) Adegan IX (Ibu-ibu ngarumpi) Ibu Kokom : iiiihhh,, urang mah boga tatangga teh meni unggal poe pisan dordar gelap di imahna. Ibu Komariah Ibu Kokom Ibu Komariah Ibu Kokom : hah !!! unggal poe dordar gelap ? : heeuh. : di imahna ? : heeuh.

Ibu Komariah ibu Kokom Ibu Komariah Ibu Kosidah Ibu Komariah Ibu Kosidah Ibu Komariah

: unggal poe eta teh dordar gelap di imah ? : muhun ibu Komariah, ari teu ngarti heeuh mah. : ohhh (ngahayal sabenerna) : eeehhhh sanes tatangga di teun ibu Kokom wae dordar gelap teh. : hah ! tatangga ibu Kosidah oge dordar gelap deuih di imahna ? : iiiihhh, leres pisan bu, setiap jam mereun. : alah-alah setiap jam eta teh ??? (ngahayal deui)

Ibu Kokom & Kosidah : naha ibu Komariah jeung make ngalamun ??? Ibu Komariah : ahhh kabayang weh lamun unggal poe dordar gelap di imah, jeung perasaan deuih di imah abdi mah cerah unggal wae poe oge. Ibu Kokom Ibu Komariah pinter. T. Jamu : heheh !!! meni pinter pisan ibu Komariah teh nya bu Kosidah. : iiii tong salah, unggal poe sarapan keju saya mah, matak jadi : Hei ibu-ibu nuju ngaarobrolkeun naon ieu teh meni asa rame.

Ibu Komariah : ieu keur ngarobrolkeun tatangga anu di imahna unggal poe dordar gelap. Kabayang nya bu ? Ibu Kokom (T. Jamu dagang) Adegan X (Ipah & Udin bobogohaqn bari susulumputan) Udin Kakak Angkat Udin ipah bobogohan ? Kakak Angkat : teh kadieu heula geura udin sareng ipah hoyong naros. : naros naon atuh udin, ipah ? : udin mah heran naha kolot arurang teh ngalarang udin sareng : addduuuuhhh,, beurat nyaritakeuna oge. : heeulah kumaha sia.

Udin : na beurat kunaon atuh teh ? sok weh nyarita ka udin, udin mah siap ngadangukeun caritana. Kakak Angkat : ahhh pokokna mah moal bisa di caritakeun din.

Ipah : sok atuh teh nyarita, supados arurang duaan teh teu backstreet wae, da ipah oge bosen backstreet wae teh. Kakak Angkat ambu. : pokokna mah lamun teteh nyarita, teteh bakal di peuncit ku si

Ipah : teteh bade kitu wae ka neng, pokokna lamun teteh teu nyarita neng rek kawin lari jeung kang udin. Kakak Angkat : iiiiss iiiss,, ulah kitu atuh neng, engke teteh deui anu di salahkeun ku si ambu. Hhhmmmm nya sok ayeuna teteh nyarita, tapi Ipah jeung udin kudu narimakeun anu di caritakeun ku teteh. Udin : iaaa lah shyok, udin mah pasti nerima konsekuensina lah.

Kakak Angkat : kieu din, pah. Sabenernamah anjeun duaan teh masih kaasup dulur, soalna bapa anjeun duaan teh baheulana di paksa kawin jeung indung maraneh. Udin & Ipah : akhh lieur.

Kakak Angkat : nya pokokna mah bapak Udin teh anu jadi bapa Ipah ayeuna, bapa Ipah teh anu jadi bapa Udin ayeuna, tah kitu ngarti ? Udin & Ipah Udin Adegan XI KABARET HEULA (bunuh diri & bidadari datang) (hantu Udin dan Ipah kembali bangkit) Hantu Udin : ipah lamun cinta urang duaan teu bisa di hijikeun di dunia, cinta urang bakal abadi di akherat. Hantu Ipah : muhun akang, ipah oge mikir sapertos kitu, cinta urang duaan bakal abadi di akherat. Pencipta : Apri, Bhakti, Deri, Rifki : jadi ? (ipah lumpat) : ipah, ipah.

Penyunting : Deri, Rifki CLUSTER Production 2 TEH END

Cangkilung 1 Di buruan imah Sutawangsa. Eta imah nu tembong aya lotengan teh mangrupa wangunan heubeul nu tembokna geus karadak jeung sawareh lukutan. Hareupeun imah Sutawangsa aya tihang bandera. Di eta tempat (nu perenahna di sisi kota) aya dua imah. Sarua imah heubeul, ngan nu hiji deui mah taya lotengan. Ieu imah dicicingan ku wanoja nu ngaranna Saonah. Peuting. Sukon, Barun, Dikun, Narto jeung Rukim keur baris. Komandan Barun keur ngatur barisan nu kacow terus. Sukon protes. Sukon : (Nyarita ka baturna) Ieu teh ngan baris jeung baris wae Memangna urang teh rek jaradi tentara? Barun : Sukon! Sukon : (rengkuh) Abdi, Bos Barun : Sukon!! Sukon : Muhun abdi Sukon mah Rukim : (Nyiku Sukon) Salah maneh mah ngajawabna. SIAP kituh Sing tegas! Sukon : Oooh.. kitu kahayangna teh. Sok Bos balikan deui Barun : (Ambek) Sukooooon. Sukon : Siaaaaaaaap Rukim : (Nyiku deui) Panjang teuing, jurig! Barun : Sukon!! Sukon : Yap!! Barun : Mun sayah keur nyarita teu meunang aya nu nyarita salian ti sayah. Sayah kasinggung. Jadi saha nu kasinggung teh? Sarerea : Sayaaah. Barun : (Unggut-unggutan) Betul! Aeh (sadar kana kasalahanana) Nya aing atuh Aing nu kudu tersinggung teh! Sarerea : Siap laksanakan! Barun : Naon nu kudu dilaksanakeun teh? Dikun : Untuk membuat Bos tersinggung Barun : Bagus! (sadar deui wae yen manehna salah) Aeh lain aing kudu tersinggung (napsu sorangan) Jadi kudu kumaha atuh ieu teh? Somad : Janten kieu panginten, Bung Barun teh hoyong tersinggung? Barun : Haduh! Asa beuki lieur ieu teh Jangar! Sarerea : Siap! Laksanakan! Barun : Naon deui? Sarerea : (silih sigeung) Naon deui atuh nya euy? Dikun : Jeung asa kakara baris loba pisan parentah, meni kudu jangar sagala, nya? Somad : Heueuh. Padahal mah cukup we ku tersinggung wungkul, ulah der menta ditambahan hayang jangar!

Barun : Coba etah. Rek kumaha urang bisa ningkatkeun propesionalisme gawe mun teu ngalatih disiplin. Disiplin itu tangga untuk mencapai kontinyuitas dan kualitas. Jikalau, nya, ieu mah jikalau, seandainyah atuh, kita tidak meningkatkan disiplin, jadilah kita pekerja kelas kambing. Tidak intelek. Jadi yang penting apa? Nu keur baris ngajawab ku sora nu kompak, tarik, tapi beda nu diucapkeunana: Dikun : Propesionalismeu! Rukim : Disiplin! Somad : Kambing! Narto : (Telat) Apa tadi? Ya kambing! Barun : (Nepak sirah. Jengkel. Mariksa barisan) Nanaonan ieu teh Yang penting itu adalah propesionalisme! Dikun : (Seuri ka baturna) Nya ceuk urang ge Barun : Kita jangan merasa rendah diri hanya karena kita pencopet. Kita harus bangga bahwa kita copet yang punya naluri kemiliteran. Copet juga harus seperti militer. Disiplin. Gede wawanen. Rancingeus. Iceus. Militer is? Sarerea : The Best! Barun : Pencopet is? Sarerea : The Best oge! Barun : Nah. Kita jangan minder, dong. Tunjukkan bahwa kita pun bagian dari kehidupan berwarga bernegara. Copet adalah bagian sah dari bangsa Indonesia. Jadi hayu urang tingkatkeun disiplin dina sagala hal. Copet hanya akan bekerja karena disiplin dan propesionalisme yang ajeg. Paham? Sarerea : Pahaaam Barun : Coba Rukim ka hareup. Rukim : (Maju) Siap. Barun : Coba praktekkeun jurus Kopasus, bantuan ku maneh, Kun! Dikun : (Maju) Siap! Barun : Kita akan mempraktekkan jurus Kopasus. Coba Sukon, naon ari hartina jurus Kopasus? Sukon : (Ti tempat baris) Kodok, Paut, Sina Ulah Soraan! Barun : Bagus. Jadi kade, posisi curuk jeung jariji sing tartib. Cik sok Rukim Dikun lajag-lejeg nyeta-nyeta nu keur leumpang. Rukim nyopet dompet Dikun. Rapih pisan nepika Dikun teu ngarasaeun.Sarerea keprok. Aya nu suit sagala. Nyolongkrong ngajak sasalaman ka Rukim nu geus sukses praktek jurus Kopasus. Barun : Bagus. Ayeuna Narto jeung Somad kahareup!

Nu cikeneh dicalukan maraju. Narto nu make jeket kulit (nu geus dadas tea) tapi oge make blangkon tembong rengkuh pisan. Manehna satekah polah angkep, tapi hese da huntuna tonggar kacida. Ari Somad legeg pisan gayana teh..

Barun : Sikap sempurna! Narto+Somad: Siap grak! Barun : Maraneh geus arapal jurus Politikus? Narto : Enggih.. eh, siap laksanakan Barun : Naon hartina jurus Politikus teh Somad? Somad : Pokona mun Sulit Turih Ku Silet! Barun : Bagus. Coba, sok! Somad ngusiwel nyokot silet tina pesakna. Narto api-api leumpang, Somad nyedekkeun, terus sakilat nyilet pesak calana Narto. Dompetna beunang. Tapi Narto muringis, bari nyabak bujurna. Narto : Semprul! Sontoloyo! Diamput! Biadap! Barun : Ku naon? Narto : Siletnya tajem sekale, bujurku kena dikit! Barun : Nu matak, Somad, maneh kudu serius latihan. Mun korban tepi ka raheut lain maneh wungkul nu bakal cilaka teh, tapi oge sakabeh nu aya di ieu orhanisasi. Paham? Pus-ap! Somad : Siap. Laksanakan Somad pus-ap diitung ku sarerea. Barun : Bagus! (Ka sararea) Sayah percaya kalian adalah kader-kader yang potensial. Kalian adalah penerus kejayaan kami sebagai senior. Sebagai pencopet reformis kalian harus menunjukkan kesungguhan. Ulah camengke. Komo deui urang bakal nyanghareupan pasar bebas, di mana peluang kita untuk maju akan mendapat banyak saingan. Sabab bisa wae pencopet-pencopet propesional luar nagri bakal beroprasi juga di negara urang. Kita harus bangkit menuju propesionalisme kerja. Saya percaya bahwa tanpa pinjaman dana dari IMF, tanpa harus dikucuri dana bantuan presiden, atau dari dana subsidi BBM, pencopet adalah kaum yang potensial. Paham? Sarerea : Siap! Barun : Jadi kita adalah kaum yang poten? Sarerea : Siaaaaal!! Barun : Bagus. Minggu hareup urang bakal diajar jurus anyar, nyaeta jurus Begadang Dua. Hartina Berani Gagah Menghadang Dunia dan Amerika. Ini sesuai dengan spirit globalisasi. Amerika harus bisa kita kalahkan. Nah, sekarang, kita nyanyikan lagu Mars Copet Reformis. Sarerea ngalagu: Mars Copet Reformis Kita adalah generasi berbakat Bakat ku butuh, bakatku susah Susah senang kudu dapat rupiah Tanpa rupiah hidup lebih susah

Jujur dong kita memang pencopet Bukan pencopet yang ngaku pejabat Yang kami copet bukan orang sembarangan Yang terlihat melarat kami lewatkan Sehari paling kami dapat lima dompet Isinya kadang-kadang bon tagihan Beda dengan mereka yang punya jabatan Mencopet banyak sampai milyaran Mencopet banyak sampai. Trilyunaaaaannn Rengse ngalagu, sarerea nenjo Sutawangsa (saterusna urang sebut wae Suta) datang. Pakeanana perlente, malah make jas sagala najan lebah sikuna ditambal. Suta jiga nu keur gering ripuh ngan neger-neger maneh. Datang dikawal ku Mamo nu saged bari mamawa map. Sarerea ngahormat. Suta ngagupaykeun leungeunna, jegoh batuk. Sarerea jempling. Suta jiga nu rek nyarita tapi teu tulus, kalah ka sup ka imahna. Sarerea tingrareret pada baturna. Barun gancang nyiapkeun pasukan, terus sina bubar jalan. Barun nuturkeun Suta. Somad : Jiga nu keur teu damang si Bos teh nya euy? Dikun : Enya, atuda sakituna mah uyuhan. Tiasa keneh jalan-jalan. Waruga sakitu rengkungna katambih panyawat teu damang-damang Rukim : Memangna kunaon si Bos teh? Dikun : Heueuh atuda (bangun ngarasa ngahelas ku nasib Suta) Somad : Heueuh atuda teh ku naon? Rukim : Tara pararuguh ente mah Dikun : Dasar tara merhatikeun sarilaing mah Kaleleban si Bos teh, geus aya kana tilu bulanna. Gering nangtung ngalanglayung Nu Sejen : Ari kitu? Dikun : Enya kitu. Narto : (Ti tadi ngahuleng jiga nu bingung) Geuring nangtung ngelanglayung itu apaan toh? Somad : Gering nangtung ngalanglayung Jadi, mun dina bahasa Indonesia mah, yah kalau dalam bahasa Indonesianyah, euh.. sakit berdiri berlembayung Rukim : Gandeng atuh. Cik sing bener Kun nerangkeun teh.. Kaleleban teh ku saha? Dikun : Teuing puguh ge. Teuing saha nu geus membuat si Bos bermuram durjana kitu teh Somad : Bermuram durja kituh! Sing bener make bahasa Indonesia teh Rukim : Moal kitu kaleleban ku Ceu Momoh mah? Sukon : Teu asup akal. Moal enya si Bos kaleleban ku pantar Ceu Momoh. Ceu Momoh tukang kueh balok? Rukim : Lain Ceu Momoh eta. Ieu mah Ceu Momoh nu dikawin ku Pa Ajat, Pa Ajat soang pangsiunan tibum tea. Ceu Momoh demplon! Sukon : Oooh..enya. Tapi mustahil ceuk uing mah. Keur naon make kudu kaleleban ku Ceu Momoh? Si Sintal malah leuwih geulis ceuk uing mah, leuwih aduhey Nu Sejen : Si Sintal?

Sukon : Enya si Kesih nu sok mangkal di alun-alun atuh Balad si Onah Narto : (Ka Somad) Demplon itu apaan sih? Somad : Wah itu susah untuk dijabarkan, pokonyah (nyieun bentuk awak awewe ku gerak leungeunna) Ngerti nggak? Narto : (Ngahuleng. Nurutan gerak leungeun Somad. Unggut-uinggutan tapi tetep jiga nu bingung) Sukon : (Sinis) Pedah we si Bos sok maling-maling melong si Kesih. Pasti ceuk uing mah. kaleleban ku si Sintal lah, ku si Kesih! Sarerea jempe, malah parindah ka nu rada poek basa ti imah nu sejen kaciri aya nu kaluar. Pa Gugup kaluar diiringkeun ku Saonah nu katembong anyar dangdan. Rukim katembong teu ngeunah cicing. Saonah : Bapa meni edas, ih. Susah dilupakan! Pa Gugup : Ineu sayaaang Tak usah hawatir, bapa pasti bakal masihan deui nu leuwih edas! Edas suredas! Tapi nanti, isukan lah, ayeuna bapa istirohat heula, bisi besok nundutan di kantor Hehehe Saonah : Kade tong hilap Pa Gugup : Naon tea Ineu? Saonah : Jamu! Ramuan! Ngarah langkung nyessss Pa Gugup : O, hoho.. Pasti, pasti. Teu kedah salempang. Ramuan selalu siap sedia dalam pesak. Ineu oge doakeun bapa biar sukses jadi anggota dewan, yah? Nanti kan Ineu juga yang kacepretan itu nyah Saonah : Kacepretan naonna? Pa Gugup : Ya rijkinya dong. Rijkinyah dankakeclakan rijkinyah Piraku bapa hilap kumaha ngeborrrrrna Ineu Hoyong naon? Rumah? Apartemen? Angkot? HP? Saonah : Ah, biasana ge politikus mah sok bohong, janji gombal..balbalbal! Pa Gugup : Is, no..no..no.. Saha heula atuh polpol.. politikusna? Partai mana dulu? Memang sekarang banyak partai teu puguh, tapi partai bapa tong disakompetdaunkeun dong. Bapa orang idealis dalam memperjuangkan rakyat, wong cilik. Kamu kan rakyat juga, ya akan saya perjuangkan sampai titik keringat penghabisan Saonah : Naha geuning teu titik darah penghabisan? Pa Gugup : Bapa takut sama penyakit anemia. Ya sudah, besok, ibak sing beresih, Salirana dikosok boh nu neuhneurna kantenan anu legokna, dan jangan lupa kamu juga.. ra-mu-an! Sari rapet, galian singset, galian kabel, semua ramuan!(kisbay terus malik rek mulang, tapi tuurna ngarampeol) Aduh (Saonah gancang nyekelan leungeun Pa Gugup, Pa Gugup gancang nangtung) Atuda Ineu sih, nge..nge..ngebor teh meni taya rasrasan, bapa tepi ka leuleuss, bikin seluruhnya terkurass (nyiwit gado Saonah) Aku gemeeees deh Sampai jumpa, Ineu.. Ci-luk-ba! Mmmmmmuuuuaah (seuri sorangan terus indit rarampeolan). Saonah males gupay Pa Gugup nu indit. Pa Gugup ngaliwat ka hareupeun Sukon saparakanca, leumpangna ngadadak gagah bari api-api teu ningali ka nu keur ngarintip.

Keur kitu asup Kesih, Silpi jeung Nori awewe sapantaran Saonah. Kabehanana balad Saonah. Kesih Saonah : Seger ari boga tamu kelas eksekutip mah : Kelas eksekutip soteh tagogna, tanagana mah kelas ekonomi

Sarerea sareuri. Sukon sabatur-batur nyalampeurkeun. Somad : Halo bidadari-bidadariku Belum pada berangkat nih? Kesih : Peuting ieu mah pere. Onah ge kuduna mah ulah narima tamu peuting ieu teh Silpi : Enya, teu adil Ineu mah Somad : Ineu? Saonah : Panggilan si babeh ka Onah, Ineu. Cenah Onah mah kesanna teh tidak repormis, berbau status kuo, orde baru. Nya Onah ge atuh hayang dipanggil repormis, jadi sadrah we disebut Ineu ge Somad : Ooh.. hehe..Innn-neu (noel gado Onah) Saonah : Ey! Cicing siah. Memangna salah ngaran Onah berubah? Rukim tembong molotot ka Somad. Somad dedeheman. Silpi : Enya lah, bagusan Ineu. Ngan tetep Onah salah. Cenah peuting ieu mah urang teu meunang narima tamu Ari Onah geuning tadi. Saonah : (Nempas) Pan acan jam dalapan! Barina ge atuda karunya pajarkeun teh geus teu kiat tos karaos ti keur di kantor keneh Rukim : (Sinis) Karunya atawa karunya? Saonah : Kumaha didieu we. Nori : Jam sabaraha kitu datangna? Saonah : Tadi bada asar. (Ngadelek ka Rukim) Atuda kitu geuning lalaki mah nya, teu beurang teu peuting sok ngagaranggam Sukon : Teu kabeh lalaki, Neu. Kang Sukon we contona, tartib jeung saperluna. Malem jumaah manggih.. pleng eta teh, manggih-manggih deui malem saptu Sarerea seuri. Iwal Rukim. Narto jiga nu bingung. Narto : Mad, menggeranggam itu apa sih? Somad : Ngagaranggam kituh, itu artinyah kalau dalam bahasa Indonesia Rukim : Gandeng Somad! Kawas nu heueuh becus basa Indonesia.. (ka Nori, sorana rada beda, nyilidik) Kela, naha peuting ieu make ulah narima tamu? Nori : Urang sarerea rek rapat penting! Lalaki : Rapat? Dikun : Rapet meureun.. Nori : Serius ieu mah, rapat. Silpi : Rapat penting. Spesial! Saonah : Urusan urang, di dinya mah teu kudu apal! Kesih : Temana ge istimewa: Dengan menyongsong otonomi daerah, kita tingkatkan makna seksualitas dalam pembangunan! Narto : Wah, ini hebat. Ini artinya sampeyan ikut berperan penting dalam ngotda!

Kami juga tengah meningkatken disiplin dengan baris berbaris! Somad : Betul! Terpisahnya Kota dengan Kabupaten dan diberlakukannya otda pada saat ini, yang mana telah membuka mata kita akan perlunya mempertahankan dan mengejawantahkan daripada nilai-nilai struktur politik ekonomi pencopet. Meskipun dan tetapi Rukim : Aing lieur Somad! Cik, Nah, terangkeun naon maksudna Onah saparakanca make kudu rapat sagala? Saonah : Nya keur ningkatkeun mutu atuh. Kiat-kiat. Sangkan konsumen beuki nambahan, beuki ningkat panghasilan. Contona Onah. Salila ieu Onah teu sambarangan narima tamu. Contona tadi, politikus Rukim : (seuri sinis) Politikus Silpi : Mayarna gede teu? Saonah : Nya cukup we keur konsumsi rapat mah. Pangna Onah narima order peuting ieu ge jang naon atuh? Untuk kepentingan rapat. Yu, ah. Barina ge geus peuting. Rukim : Di mana tempatna? Nori : Di hotel, dong. Masa rapat penting di tempat jiga kieu Narto : Kayak penjabat yah, rapatnya di hutel Kesih : Apa bedanya pejabat dengan kita? Ya nggak? Onah saparakanca ngalagu: Urang ulah cicingeun Kudu ningkatkeun kwalitas Sangkan geol beuki bedas Biar gitek makin mantep Geol.. geol-geol-geol. Aw! Gitek..gitek-gitek-gitek. Yes! Somad saparakanca keprok. Rukim ngalieus. Saonah : Hayu ah, bisi perwakilan ti kabupaten geus karumpul Sukon : Perwakilan kabupaten? Wah, rapat besar atuh, nya Nori : Nya enya atuh, perwakilan kota jeung kabupaten ayeuna kumpul kabeh Saonah : Enya hayu Saonah saparakanca kaluar ti panggung. Somad : Hebat. Batur mah rapat ningkatkeun propesionalisme teh.. Jaba di hotel Jeung eta neng Nori, emh, geulis, salira teh asa beuki donto! Narto : Wah baru lagi nih, donto itu apaan sih? Somad : Donto itu Rukim : (Ngacungkeun peureupna ka Somad) Sok, ngacapruk deui. Ayeuna mah mending gawe. Teu kudu rapat-rapat urang mah. Disiplin gawe nu kudu ditingkatkeun mah, percumah rea rapat ge ari teu dibarengan ku disiplin mah. Nu Sejen : Oceh coy! Kita kerja lagi!

Sarerea baris heula. Rencang kanan rencang kiri. Bubar jalan. Kalaluar ti panggung. 2 Barun kaluar ti imah nuyun Suta nu kacirina bangun beuki ripuh wae. Mamo satia nuturkeun bari mamawa map. Suta mere kodeu sangkan nu duaan diuk dina bangku hareupeun imahna. Suta sorangan diuk dina korsi husus tempat manehna niis. Nyaritana sakapeung diselang ku batuk. Suta : Barun, kumaha barudak? Barun : Sadayana sarehat, Bos. Usaha kaetang lancar deuih. Mung sababaraha waktos kapengker rada kaganggu da eta seueur demontrasi di jalan. Suta : Demontrasi, nyah? Barun : Leres, Bos. Ngademo kenaikan BBM, ngademo nu korupsi sareng sajabina. Suta : Mun bisa mah barudak ge sina milu demontrasi. Eta ge sarua kawajiban urang, sangkan nu karorupsi, nu ngatur pamarentahan teu sangeunahna teuing. Barun : Barudak kedah ngiring demo, Bos? Suta : Heueuh, mantuan mahasiswa. Kudu didarukung mahasiswa teh, sangkan revolusi jalan terus (batuk).. Mamo : Revolusi? Reformasi panginten Bos Suta : Tah heueuh eta. Tapi omat (batuk) Barun : Kumaha Bos? Suta : Barudak ulah pirajeunan nyopet mahasiswa Barun : Yaktos, karunya atuda moal enya nuju demontrasi melaan rahayat der dicopet Suta : Ah pangpangna mah percomah nyopet mahasiswa mah, da duitna ge moal sabaraha. Barun : Leres, Bos. Paling ge dina dompetna teh potret kabogoh wungkul Heheheaeh! (nungkup sungut, ngarasa kalepasan nyarita). Suta : Geus, ayeuna mah bari nalingakeun barudak, teangan ingpormasi Mamo : (Menerkeun) Informasi, Bos. Suta : Tah heueuh eta, ingpormasi. Teangan ingpormasi ngeunaan enya ngarti meureun maneh ge (jegoh batuk) Pulisi tea, lah Barun : Siap, Bos. Bade dipilari di mana dumukna. Insya Alloh tangtos kapendak ku abdi, Bos. sing percanten kana naluri detektip nu aya dina diri abdi Insya Alloh, Bos. Suta : Jeung deui kade asmunistrasi Mamo : Administrasi, Bos. Suta : Tah heueuh eta, admunistrasi setoran ti barudak sing tartib Barun : Pembukuan selalu beres, Bos. Perkawis pulisi tea insya Alloh kapendak. Pokona Bos sing yakin kana naluri detektip dan naluri kemiliteran nu aya dina diri abdi Suta : Enya, jig geura indit (ngodok pesak) Yeuh keur ongkosna Barun : Ah, sawios, Bos. Sawios, teu kedah Suta : Tarima! Keur ongkos taksi Barun : (Asa-asa) Sawios teu kedah Suta : Iiih yeuh(bari angger ngasongkeun duit)

Barun : Sawi (rek nyokot duit tapi.) Suta : Nya teu nanaon ari teu butuh mah (ngasupkeun deui duit kana pesak). Kagok geus nyolongkrong, Barun bari satengah handeueul nyium leungeun Suta. Terus Barun kaluar. Suta : Asa geus peuting pisan, Mo Mamo : Leres, Bos. Mamo ge ngaraos yen wengi teh asa tos peuting Suta : Jam sabaraha, Mo? Mamo : Numutkeun arloji Mamo mah nembe tabuh salapan, Bos Piraku arloji Mamo ngabohong nya Bos? Suta : Jam salapan Teu asa jam salapan. Jam salapan teh keur kuring mah ukur na itungan, na hate mah geus ngagayuh subuh, tapi bangun moal rek aya fajar. Boa peuting bakal saendeng-endeng peuting Mamo : Tos waktosna Bos istirohat.. Suta : Tah heueuh eta. Istirahat. Musik. Simpe atawa puisi. Mamo : Sadayana sayogi, Bos. Suta : Puisi, Mamo, puisi. Bacakeun ku lelembutan pangihlasna Mamo : Mamo kedah maca puisi, Bos? Ayeuna Mamo bade maca puisi kanggo Bos. Mamo muka map nu ti tadi dikekelek. Suta ngalageday nenjo bentang baranang. Mamo maca puisi anteb pisan: Puisi Ti Parapatan Anjeun teh papatong nu eunteup sakedapan dina hate nu mangpung ku katiga sarintakan Di mana ari anjeun? Basa hujan ngagalantangkeun sungkawana, basa kilat tingbarasat maragatkeun kasedihna na sesebitan langit panghujungna Duh, jungjunan Taya sungkawa nu leuwih rosa tibatan cinta nu can kasungsi muarana. Sedeng dina huluwotan pikir, katineung terus ngagulidag ngamalirkeun katuna jiwa Suta : (mere kode: Menta saputangan) Mamo : (Mikeun saputangan tina sakuna) Suta : (Bari nyusutan cipanon) Teruskeun, Mo Mamo : (neruskeun maca puisina): Di mana ari anjeun basa lalakon ngembat Di jagat nu mantengkeun urat-urat katresna? Kuring lir sandekala nu taya jirimna Tapi bisa ngarasakeun kumaha ngantengna hirup. Tina dongeng saban dongeng Suta : Cukup, Mo. Kalimah saterusna geus napel na uteuk kuring. Saban detik diejah jeung dilenyepan ku hate nu motah ku sakur implengan peteng. duh Panutan, teu sangka cikahuripan baris mulang deui ka sungapanana, teu kungsi ngamuara dina

gumeterna tresna salira. Jungjunan, bentang sajatining bentang nu kumelip dina ati. Bulan sajatining bulan nu moncorong di satukangeun halimun diri. Di pepenclut pasir mana urang bisa silih gorowokkeun kaheman. Di lengkob mana urang bisa silih simbeuhkeun kakangen. Jungjunan, Sukma kuring kumalayang lebah dungus waktu nu heubeul karerab impian. Jangjang kuring parotong lebah nahan tunggara nu ditibankeun reret anjeun Ayeuna mah tibalik, Mamo nu nyusutan cipanon. Suta ngarenghap jero. Jegoh batuk. Manehna peureum bangun nu keur ngararasakeun nikmatna kaguligah. Mamo : Puisi nu kalintang endahna Bos Suta : Taya nu leuwih endah batan puisi Mamo : Geuning Bos tiasaan nyerat puisi? Suta : Duka teuing atuh, Mo. Dadaksakala jadi resep nulis puisi kuring teh, Mo. Mamo : Eta pedah nuju kasmaran, panginten Bos. Suta : Tah heueuh eta. Tiap peuting teh teu bisa sare, ngan terus we ngotret nyieunan puisi. Enya, Mo. Keur kieu mah poho kana kalakuan katukang-tukang teh nu lah Mamo : Tangtos, Bos. Da saha nu bireuk atuh ka Bos mah, estuning jalmi nu dipikagigis ku sadaya preman di ieu kota Kantos larsup ka panjara janten narapidana, kantos nyanyi (Mamo ngalagu: ) Dalam tembok derita, aku menebus dosa, dalam tembok derita menjadi narapidana.(Nyarita biasa deui) Malih kapan kaamanan ge taluk ka Bos mah Ari ayeuna Mamo heran sakaligus reueus, Bos tiasa nyerat puisi sakitu saena. Cobi kintunkeun ka koran, tangtos dimuat, Bos Suta : Kapikir eta ge, ngan cenah honorna leutik Mamo : Tapi Bos, upami ieu puisi dikintunkeun ka koran, engke dimuat, teras dibaca ku Pulisi eta, piraku anjeunna teu ngadadak langlayeuseun, Bos.. Suta : Dimuat, terus dibaca ku ku saha? Mamo : Muhun ku Ibu Pulisi eta. Suta : (Ngahuleng) Mo. Mamo : Mamo masih keneh di dieu, Bos. Suta : Isukan kirimkeun kabeh puisi kuring ka koran, Mo. Kirimkeun kabeh ka majalah. Sangkan manehna maca kumaha gerentes hate kuring Duh, panutan ati Bentang sajatining bentang Aya kana duaratusna puisi kuring, kirimkeun kabeh! Mmh, bulan sajatining bulan (Ngareret ka Mamo, mere kode) Mamo : (Ngasongkeun keretas koran sacewir nu geus lecek tina map) Suta : (Neges-neges gambar dina koran, song deui ka Mamo) Mamo : (Surti, terus macakeun berita na eta koran) Seorang lelaki korban tabrak lari ditolong oleh seorang polwan Kejadiannya sore hari di perempatan jalan Kenangan. Suta : Tah heueuh eta. Maneh ge apal Mo, korban tabrak lari teh kuring. Untung awak ukur barared najan kabantingkeun kana trotoar. Tapi Mo, duh, ibu polwan nu kacida solehna eta, nu nulungan kuring bet teruuuuuus.. kabayangkeun wae. Manehna

imut, nanya,naon nu karaos?, kuring gideug da sakabeh kanyeri ilang sirna ku sorot socana Bentang sajatining bentang Bulan sajatining bulan Mamo : Naha waktos harita, Bos teu naros saha namina? Suta : Saliwat kuring maca merek dina dadana; Nani Suminar Arimbi Kusumaningdewi Putri Mamo : Wah, panjang pisan namina Bos, moal teu ngajepat panjang nya dina pinareupeh, dina seragamna Suta : Ditambahan ku kuring, Mo. Ngaran dina dadana mah ukur Nani S. Mamo : Oh, upami kitu mah kirang panjang atuh Bos hehe Suta : Teuteupna, Mo. Duh, teuteup bentang sajatining bentang Mamo : Bulan sajatining bulan alaeun Suta : Naon maksudna? Mamo : Muhun alaeun Bos, ngarah kapimilik salamina Suta : Tah heueuh eta nu keur dipikiran teh Kumaha carana sangkan manehna jadi milik kuring. Sahenteuna meureun Mo, manehna teh pulisi, ari kuring Mamo : Klop pisan puguh, Bos, pulisi ngengingkeun copet aeh.. punten, maksad teh, pulisi ngengingkeun Bos cop Suta : Geus! Geus! Kuring memang copet, Mo. Purnawirawan copet. Sedeng manehna pulisi. Naha salah mun kuring bogoh ka manehna? Cinta teh (batuk) hiji kakuatan nu bisa nembus langit katujuh Cinta teh (batuk) hiji kasadaran nu bisa meruhkeun bangbaluh Cinta teh.. Cinta teh (ngahuleng) Mo, kuring kudu nulis deui puisi, nu cikeneh kudu gancang dituliskeun kudu gancang dikotretkeun Mamo : Sae di lebet wae, Bos tos wengi we deuih kirang sae kanggo batuk Duanana arasup ka imah. Lampu pareum. 3 Isuk-isuk. Onah saparakanca kalaluar ti imahna. Silpi tembong mawa tip. Maranehna siap-siap rek senam. Lagu dangdut ngagembrung. Onah mingpin senam. Kaciri pisan yen Onah teh memang pangbisana gerakan senam. Manehna mere conto gerakan anyar senam seks ka Silpi, Kesih, jeung Nori. Dikun, Somad, Rukim, Sukon jeung Narto nu kahudangkeun ku sora musik, kaluar ti imah Suta. Manehna mimitina mah ukur melongkeun nu keur sarenam bari lulungu, lila-lila milu ngagabung jeung Onah cs. Nu sarenam beuki motah. Malah sakapeung mah kaciri yen Dikun Cs teh ngahareureuyan awewe-awewe eta nu ditalaksirna. Iwal Narto nu daria pisan senamna teh, malah gerakanana ge katembong kaleuleuwihi. Dina panto imah Suta, tembong Mamo keur narima parentah ti Suta. Mamo indit bari mawa map. Suta melongkeun nu keur senam, tapi beungeutna angger alum, sup deui ka imah. Barun datang, make kacapanon hideung, make iteuk jeung mawa samak, katembongna lungse pisan. Manehna teh karek balik sanggeus tadi peuting narima parentah tea ti Suta. Barun ngareret ka nu keur senam, tapi nu sejen teu warawuheun. Manehna ngalaan

kacamata hideungna. Somad seuri nyikikik bari nyiku Narto. Barun mureleng. Ret ka Silpi, ngajak seuri, tapi basa diajak senam ku Silpi, manehna nolak. Sup ka imah Suta. Senam rengse. Keur kitu kadenge sora nu ngagorowok ti loteng imah Suta. Suta : Pulisiiiiiii. Pulisiiiiiiiiiii

Sarerea nu cikeneh senam ngararenjag, terus pahibut rek nyarumput. Suta : Tega pisaan Tega pisan, duh

Nu rek nyarumput kalah tingrareret. Sukon : (Ngilikan ka luareun panggung) Euweuh, euweuh pulisi Dikun : Salah harti Eta mah si Bos Narto : Si Bos? Saonah : Kang Suta? Silpi : Ih bikin kaget kita ajah Kesih : (Centil) Enya sugan teh aya pulisi rek newak abdi Rukim : Aya naon nya euy? Somad : Boa-boa si Bos teh kaganggu emutanana, terus hayang ditewak pulisi Dikun : Gandeng, Somad! Kitu-kitu ge eta teh Bos urang! Narto : Yang tadi itu suara si Bos? Dikun : Heueuh. Cicing (melongkeun ka loteng. Nu sejen ge nurutan melong ka loteng imah Suta) Aya naon, nya? Boa-boa kateterasan teu damangna Di loteng katembong Suta keur nyuuh kana tembok, tukangeunana Barun ngeluk tungkul bangun nu ngangres ku kaayaan Suta. Barun : Tos kitu kajantenanana, Bos. Sing janglar emutan. Sing hawatos kana waruga Suta : Teu bisa! Kuring teu hayang narima kanyataan jiga kieu Tega! Barun : Sing sabar. Sing tawekal, pasrahkeun sadayana ka Gusti Suta : Naniiii. Tega, tega, tega! Barun : Muhun Nani jenenganana teh. Nani Sumitro. Suta : (Malik ka Barun) Boa salah maneh teh, Barun. Boa lain Nani nu eta Barun : Leres. Pulisi nu namina Nani mah aranglangka Bos, di kota ieu ge mung aya hiji Muuuung aya hiji-hijina. Sukon Somad Dikun Suta Barun Suta Barun Suta : Pulisi? Rek nanahaon si Bos neangan pulisi nya euy? : Moal salah ceuk urang ge, pasti si Boss teh : Ssstt : Oooh, Nani. : Anjeunna memang tos nikah, Bos. : Bentang sajatining bentang : Salakina teh politikus, Bos.. Anggota Partai Datang Bulan : Bulan sajatining bulan.

Barun : Leres Bos, sing percanten kana naluri detektip sareng naluri kemiliteran abdi, Bos Sawewengi abdi maturan nu jaga di kantor pulisi, nyamar jadi tukang pijet. Atuh kapaksa abdi mamake iteuk sareng kacapanon hideung. Sukon Somad Silpi Dikun : Paingan tadi asa beda kostimna, nya euy? : (Seuri) Komandan urang jadi tukang pijet : Gandeng atuh, meni ngahina ka si A Barun teh : Ssssst!!

Barun : Sawewengi abdi mijetan pulisi, bari api-api naroskeun polwan nu namina Nani, ku abdi disebatkeun yen abdi kenal teh wireh sering ditulungan mun meuntas jalan ku anjeunna. Aya pulisi nu nerangkeun yen ibu Nani mah tugasna siang, anjeunna tos dua taun nikah ka politikus tea Kitu Bos Suta : (Angger kadenge sedih) Maneh tong ngabohong, Run.. Barun : Bilih teu percanten abdi gaduh buktos yen sawewengi abdi jadi intel di kantor pulisi nyamar jadi tukang pijet (ngusiwel nyokot dompet tilu tina pesakna) Ieu mangga pilari Suta : Naon? Barun : Hehehpunten sok sanaos abdi nuju nyamar, tapi naluri asli mah teu tiasa disieuhkeun Ieu dompet pulisi nu sawewengi dipijet ku abdi Tilu! (Ngasongkeun dompet ka Suta) Suta : Ku maneh dicopet? Barun : Sanes.. Ieu mah dibantun soteh kanggo buktos ka Bos, yen abdi teu ngabohong, mangga geura buka, sadayana ge dompet pulisi, asli Suta : Aing teu hayang nu kitu! Aing hayang panggih jeung si Nani Ooooh Naniii Bentang sajatining bentang Barun : Kedah kumaha deui abdi atuh Bos? Suta : Aing hayang tepung jeung manehna nu salawasna kapicangcam Beurang peutingOooh Nani Barun : Bos Suta : Naon? Barun : Ieu dompet kumaha? Suta : Tunda di jero na meja Oooh Naniii Tega pisan salira teh (ceurik ngagukguk, bari ngaleos ka jero) Barun nuturkeun. Sukon : Kaharti ayeuna mah. Kaharti. Narto : Apaan? Sukon : Kieu yeuh Si Bos teh keur jatuh cinta ka awewe nu ngaranna Ohnani. Silpi : Kok namanya jorok, yah? Saonah : Kapan jaman repormasi. Rukim : Lain kitu ceuk urang mah, si Bos teh bogoh ka pulisi nu ngaranna Nani. Somad : Teu kapikir, kunaon bogoh ka pulisi? Naha si Bos teh geus peunggas harepan kitu, nepi ka rek serah bongkokan ka pulisi?

Barun kaluar ti imah Suta. Barun : Aya naon ieu teh?

Sarerea jempe. Barun : (Mere parentah) Somad, Narto, Rukim, Sukon jeung Dikun kumpul beulah ditu ! (nunjuk ka tempat nu rada kosong). Nu dititah nurut. Barun : (Soranana ngadadak halimpu) Silpi

Onah jeung nu sejen tingdarelek. Nori : Aduh, da tos siang ieu teh, abi mah rek uih heula ah.. (Ka Onah) nuhun nya geus daek diendongan Saonah : Kade, hasil rapat peuting kudu direalisasikeun. Nori : Siap. Hayu, Kes, urang mulang bisi beurang teuing, engke urang disangka jalma teu bener keh ku batur sakosan. Silpi rek bareng ayeuna? Silpi : Silpi mah nanti aja Sok we rek mulang tiheula mah Nori jeung Kesih silih kiceupan,sanggeus dadah ka Dikun Cs, terus arindit. Onah asup ka imahna. Silpi : (Ka Barun) Aya naon, A? Barun : Ehm..euh Tadi wengi Aa dapet rijki banyak, urang jalan-jalan yu engke sonten ka mool? Silpi : Mool? (seuri) Naon sih? Ooh, ka mol Ngajak shoping? Barun : He-eh Yu? Silpi : Aduh gimana yah? Gimana nanti aja ya, A? Gak bisa janji Barun : Pasti geus aya janji jeung nu sejen nya? Silpi : Aa cemburu? Barun : Saha nu cemburu? Aa? (ngabalieur) Memang Silpi : Ulah cemburuan atuh ih Silpi gak punya janji dengan siapapun Barun : Bener? Silpi : Bener! Barun : Suwer? Silpi : Ih meni teu percayaan Aa mah. Udah, ah, Silpi kan belum mandi Pulang dulu ya? Barun : Bade moal? Silpi : Iya deh Demi Aa Barun : Silpi Silpi : Kah Barun : Silpi teh geulis, mencrang, demplon

Silpi Barun

: Gombal, dasar buaya : Aa jadi buaya, kan karena Silpinya punya lobang buaya

Silpi ngadilak bari nyiwit leungeun Barun. Nu duaan terus otel, nu keur kumpul ngadagoan parentah jadi bingung nenjo nu kalah bobogohan. Dikun silih siku jeung pada baturna. Tuluy dehem babarengan. Barun ngarenjag, sadar kana kaayaan. Silpi pamit, terus indit. Barun neuteup geugeut nu indit, terus nyampeurkeun Dikun Cs bari babatukan, satekah polah leumpang gagah ngarah tembong wibawana. Barun : Seperti biasa, kita akan upacara dulu sebelum berangkat kerja. Somad, ambil bendera! Somad nyokot bendera ti imah Suta, teu lila datang deui. Barun : Sanggeus upacara, silahkan berangkat kerja. Jangan lupa berdoa, sangkan hasil yang kita dapatkan hari ini mucekil Saya rek sare heula, sapeupeuting begadang (Barun ngagoledag hareupeun imah Suta, teu lila kadenge kerekna) Dikun naekeun bendera. Narto ngalagu Indonesia Raya. Nu sejen ngahormat. Suta kadenge sababaraha kali nyanyambat ibu polwan: OoohNani. Lampu reup-reupan. 4 Pasosore. Barun keur diuk hareupeun imah Suta. Bangun nu keur ngalamun. Paromanana alum. Dikun, Narto, Rukim, Sukon jeung Somad ngaliwat. Maranehna keur latihan baris berbaris. Ukur ngaliwat. Barun angger ngahuleng. Malah ret kana arloji, terus nenjo langit. Make ngarenghap jero sagala bangun keur meunang bangbaluh nu kacida rongkahna. Dikun Cs nu keur latihan baris ngaliwat deui, sarerea ngareret ka Barun, terus areureun, silih reret, silih siku. Barun keur anteng ngahuleng, bangun nu teu sadar keur diriung ku anakbuahna. Rukim : Jadi kumaha atuh latihan jurus Begadang Dua teh? Dikun : Enya. Piraku kudu terus baris tepika subuh deui mah nya euy? Leuheung mun dibagi seragam hansip sakalian. Sukon : Bos! (ka baturna) Boa kasambet si Bos teh nya euy? Narto : Waduh, baru lagi nih. (ka Somad) Kesambet itu opo seh? Somad : Oooh, kasambet. Itu kalau dalam bahasa Indonesianya Rukim jengkel. Manehna ngasongkeun peureup kana beungeut Somad ngarah teu neruskeun kalimahna. Somad murengked.

Dikun noel Barun, nu ditoel ngarenjag. Somad Barun Dikun Rukim Barun heug. Narto Barun : Ieu teh kumaha latihan teh, Bos, diteruskeun moal? : (Halon) Bubarkeun : Bubar? Haar, teu puguh si Bos mah jadi komandan teh : Jadi kumaha terusna latihan jurus anyar teh? : Bubar we. Kuma karep ilaing terusna mah. Rek liar heug. Rek caricing wae : Waduh, katanya kita ini harus profesionil! : Kuring keur hayang nyorangan. (Mere kodeu sangkan Dikun Cs balubar).

Dikun Cs tingkecewis bari arindit. Memeh kaluar, pasarandog jeung Silpi nu datang ngajingjing rantang. Silpi ukur seuri leutik, terus leumpang ka lebah Barun. Dikun Cs terus ngarti, rupa-rupa tingkahna teh, tapi kabeh ge nembongkeun rasa kayungyunna ka Barun nu tetela keur kasmaran. Maranehna terus kaluar ti panggung. Silpi ngadeukeutan Barun. Gek diuk gigireunana. Rantangna ditunda. Barun masih keneh ngahuleng, can sadar yen di gigireunana aya Silpi. Silpi jiga nu rek nyarita, tapi teu pok. Manehna kalah milu ngahuleng. Di loteng imah Suta, kadenge Suta nyarita ka Mamo. Suta (OS) : Mamo Moo Mamo (OS) : Abdi Bos Suta (OS) : Wayah kieu merenahna naon, Mo? Musik atawa puisi? Mamo (OS) : Sadayana ge merenah, Bos. Dina musik aya puisi, dina puisi aya musik. Duanana tiasa nyanding dalit ngahiji, pikeun ningtrimkeun emutan nu sumedeng kingkin Suta (OS) : Musik jeung puisi, Mo. Mamo (OS) : Sayogi, Bos. Teu lila kadenge sora musik, alon, romantis. Suta (OS) : Nani bentang sajatining bentang

Terus kadenge Mamo maca puisi anteb pisan: Ti lebah simpe nu ngajirim dina puteran jarum jam, kereteg nu lumakon ka jauhna, tepung jeung rangkulan peteng. Aya kolebat tapi lain kingkilaban. Ngolebat di sajeroeun katuna sukma nu terus dikepung rempan. Aya kolebat nu nyaangan sakedetan, ngawurkeun rupaning kembang lumayu ka lebah taweuran tineung. Kalbu, duh, kalbu kuring gumalingging di satukangeun hariring jempling. Lebah dieu, jungjunan, cinta teh sok remen kamalinaan. Ngalungboyongkeun kakangen tina simpe kana simpe. Sedeng na sakur kalimah liar nu teu kungsi kalisankeun; nu katembong ukur anjeun. Ukur anjeun.

Jungjunan. Naha aya asih nu tan wates wangen? Naha aya cinta nu sampurna ngawisaya lelembutan? Mun seug anjeun nanya, mangrebu jawaban aya dina keteg jantung kuring. Mun seug anjeun tumanya, ukur anjeun na jawaban nu geus heubeul kakembakeun. Mun datang pati nemonan, kuring hayang masrahkeun sakabehna iwal ti mamaras rasa, nu geus sapinuhna diancokeun, keur liliuh teuteup anjeun Basa Mamo mimiti macakeun puisi dipirig ku musik teh, Barun jeung Silpi kagebah tina lamunanana. Maranehna silih pelong, terus nyarumputkeun seuri bangun nu era. Puisi nu dibacakeun ku Mamo jiga nu ngawakilan hatena duaan. Sanggeus silih pelong, Barun jeung Silpi nu ngadadak jiga rumaja anyar beger, bet jiga nu terus salah tingkah. Silpi ngome ramona sorangan, Barun memener samleh bajuna. Silih reret deui. Terus sareuri. Seuri nu pinuh ku kasurtian. Jeung saterusna. Duanana otel, tapi otelna estuning ukur ku sikep nu basajan, nu nembongkeun yen duanana mibanda rasa asih jeung nyaah, lain cinta nu bisa dilalaworakeun ku sikep nu kaleuleuwihi. Duanana keur jadi babandan cinta sajatina. Bareng jeung rengsena Mamo maca puisi, basa musik ngalaunan jeung lampu reupreupan, Silpi ngeserkeun rantang bawana ka hareupeun Barun. Basa Silpi rek muka rantangna, Barun kalah nyekel leungeun Silpi, terus leungeun eta wanoja teh dicium lambut pisan. Lampu pareum. 5 Peuting. Dikun, Rukim, Sukon, Narto jeung Somad keur ngariung durukan di buruan imah Suta. Kabehanana bangun nu hare-hare. Anteng na lamunan sewang-sewangan. Suta katembong keur ngalageday na korsi di lotengna, keur ngalamun neuteup langit. Jempling. Rada lila, Rukim nangtung, terus jiga nu asa-asa noongan imah Saonah. Nu sejen teu openan. Rukim balik deui kana tempatna. Dikun ngolesed tina tempatna, terus babatek. Somad : Rek ka mana, Kun? Dikun : Kesel. Si Bos Suta ngalamun. Si Bos Barun ngaleungit. Naon deui nu kudu dilampahkeun teh euy? Peuting masih keneh panjang. Narto : Semakin hari semakin tak jelas saja hidup ini. Kita harus punya sikap. Masa dicuekin terus sama si Bos Rukim : Si Bos Suta kaleleban tepi ka poho nanaon. Si Bos Barun pon kitu deui. Sukon : Tereh kiamah meureun matak kieu kaayaan teh Narto : Kiamat opo. Semuanya cuma kena virus. Virus

tresno. Somad : Meujeuhna da geus karolot ieuh atuh maranehna mah, kudu geus robah pikiran Rukim : Memangna maneh can kolot kitu umur teh? Somad : Naon, karek ge (ngahuleng) Heueuh nya euy Dikun : Urang rek leuleumpangan ka kota Somad : Neangan si Kesih nya? Dikun : Mun enya rek naon? Somad : Urang rek milu kesel di dieu ge Dikun : Urang keur hayang sorangan. Dikun indit. Somad nu katembong rek ngomong deui terus bungkem. Seuneu durukan nyaangan beungeut maranehna nu masih keneh aya di dinya. Taya nu nyarita. Narto bari kekedengan dina bangku hareupeun imah Suta, ngahariring alon. Lagu Yen Ing Tawang Ono Lintang Lampu jeung seuneu durukan lalaunan pareum. 6 Isuk-isuk, rada poek keneh. Sora hayam kongkorongok ti jauhna. Lampu nyorot loteng imah Suta, di dinya Suta nangtung, leungeunna nyekel tambang. Suta : Anjeun jauh di langit ka opatpuluh Sabot katumbiri nutug kana beubeulahan simpe nu juuh ku halimun, nu ngamalir tina saban renghap kuring. Sora anjeun surup na hariring liwung, nu digalindengkeun peuting nu parat ngembatkeun ringrang Di handap di palataran, aya jalma keketeyepan kana jandela imah Saonah. Singhoreng eta teh Pa Gugup. Suta masih keneh nyarita sorangan. Suta : Jungjunan, dina linduh pangharepan horeng tangkal ukur ngemploh ku kalakay. Di dinya kuring keur ngali kubur pikeun ati nu rangsak teu daek lipur. Pileuleuyan, Jungjunan, bongan hirup lain untupeun. Pileuleuyan, panutan, bongan cinta geus teu bisa diperuhkeun Pa Gugup : (Ngaharewos kana jandela) Ineu Ineu masih bobo? (jempling) Ineu sayang Ini bapa, rindu pisan Buka dong pintunya Udah gak kuat nih(taya wae nu nembalan) Ineu Neu Bapa bawa sesuatu yang istimewa (Rada tarik) Ineu Cepet dong, nanti Bapa kesiangan ke kantor nih Sengaja

Bapa pagi-pagi pisan ke sini biar salse Suta : (Ti lotengna) Saha eta? Pa Gugup : (Reuwas) E..eta saha? Suta : Kuring Eta saha, isuk-isuk keketrok ka imah batur? Pa Gugup : Kur..kurung aeh, kurang..aeh (keuheul sorangan) Kuring! Calon anggota legislatif, di dinya keur naon isuk-isuk ngingintip batur? Suta : Saha nu ngintip? Kuring mah rek maehan maneh! Pa Gugup : Astagfirulloh! Tong heureuy ah Suta : Teu keur heureuy, kuring dines rek maehan maneh.. Pa Gugup : Maehan kuring? Suta : Lain, kuring rek maehan maneh ngan kaburu kaganggu ku didinya Pa Gugup : Rek maehan maneh? Suta : Enya. (Sedih) Kuring geus buleud pamaksudan rek ngagantung karep Pa Gugup : Iy, serius ah. Suta : Serius! Tah tambangna ge (Suta ngarumbaykeun tambang ti loteng) Pa Gugup : (Ngetrokan jandela) Ineu.. gantung, aeh, gancang buka jandelana Suta : Percaya teu? Pa Gugup : Neu Plis, buka dong Bapa diganggu sama orang gila Suta : Kuring geus peunggas pangharepan sanggeus wanoja nu ku kuring dipicinta teu daek muka jandela hatena Pa Gugup : Kamu nyindir, ya? (Tanggah ka lebah Suta bari nulak cangkeng) Kamu jangan sindir sampir ya? Ineu masih tidur, jadi belum bisa membuka jendela. Kamu jangan macammacam. Saya ini ca..calon anggota legislatiff dari Partai Datang Bulan! Suta : Wanoja nu ku kuring dipicangcam beurang peuting, tetela geus aya nu boga Pa Gugup : Ineu adalah milikku! Ia sudah berjanji hanya akan meladeni aku! (Nepak dadana) Calon anggota dewan yang terhormat! Suta : Calon anggota dewan? Pa Gugup : Calon anggota dewan! Calon walikota! Calon pejabat! Lihatlah nanti pemilu yang akan datang Suta : Jadi anjeun teh politikus?

Pa Gugup : Politikus! Kamu berani? Turun kalau berani sama calon pejabat! Suta : Wanoja nu ku kuring dipicinta ge geus kawin ka politikus Aing geuleuh ka politikus! Pa Gugup : Dasar gila dia Keur kitu Saonah kaluar ti imahna. Saonah : Bapa? Pa Gugup : Ineu..? Sukurlah kamu segera muncul, Bapa sedang diganggu sama orang gila yang akan gantung diri Saonah : (Nyampeurkeun Pa Gugup) Saha? Suta : Kabeh politikus lain jalma waras! Wanoja nu ku kuring dipikatresna (dareuda) dikawin ku jalma teu waras Saonah : Kang Suta? Aya naon, Kang? Pa Gugup : (Ngaleng Saonah) Sudahlah Ineu, ia hanya sedang setres, karena cinta tak sampai Suta : Naniiiiiiiiiiii Bareng jeung gorowokna Suta, ti nu poek kaluar awewe make saragam polwan nu taya lian Ibu Nani, diiringkeun ku Mamo nu angger mamawa map. Nani : (Ka Pa Gugup) Jadi kitu kalakuan sampean teh? Hah? Indit nyubuh. Alesan rek rapat partai, alesan persiapan kampanye, alesan rek menggalang dukungan, alesan. Pa Gugup : (Reuwas, bari angger ngaleng Saonah) Ib.. Ibu, eh, mamah? Bus.. busyet..aya naon ieu teh? Nani : Aya naon, aya naon eta saha nu keur dikaleng? Pa Gugup : (Gancang ngaleupaskeun leungeunna) Ngaleng saha? Ma..mana? Nani : Dasar lalaki teu uyahan Teu bisa dipercaya. Suta neges-neges si polwan. Gigisik. Poe beuki caang. Suta turun ti loteng. Saonah : (Sopan) Punten, ibu teh saha tea manawi? Nani : Saya istri lelaki bajingan ini Pa Gugup : Susu..sudah. Bu Sudah, malu, banyak orang. Nani : Leuwih alus keur rea jalma. Rea saksina. Saonah : Ibu istrina?

Nani : Enya. Rek naon? Saonah : (Sieun) Hehe.. Cuman nanya ajah Pa Gugup : Nan..nanti kita bereskan dirrrdi rumah Nani : Ngomong wae balelol hayang jadi anggota dewan Teu bisa! Kudu beres ayeuna. Mamo! Mamo : Abdi, Bu! Nani : Coba jelaskeun, geus sabaraha kali eta jalma datang ka dieu? Mamo : Dua dinten sakali, manawi. Nani : Nu tegas! Mamo : Dua poe sakali! Pa Gugup : Naon maksudna ieu teh? (Ka Mamo) Maneh saha? Nani : Ieu anak dulur kuring. Manehna keur ngayakeun penelitian ngeunaan kahirupan jalma-jalma urut narapidana pikeun skripsi. Kabeneran, horeng tempat penelitianana teh gigireun imah nu ku juragan sok dianjangan Saonah : Urut narapidana? Saha? Suta : (Nu geus nangtung na panto imahna nyampeurkeun lalaunan, neges-neges Nani) Ibu? Pa Gugup : Bohong, kabehanana ge bohong Say..sayang, nu kudu dipercaya mah ini, Susu..suamimu Suta : (Sorana ngeleter, teu pati tatag) Ieu teh. Ibu Nani? Nani : Ke heula, Kang Suta, kuring kudu mereskeun heula urusan jeung salaki kuring.. Suta nangtung na panto, colohok teu puguh rampa, memeres kerah baju jeung buuk, terus jiga nu linglung ngalengkah, ngusapan tihang bendera. Nani : Geus aya kana sataunna kuring curiga ku kalakuan didinya. Ayeuna kabuktian. Poe ieu keneh langsung urang ka pangadilan agama, talak tilu! Pa Gugup : (Nyuksruk kana suku Nani) Sayang, ulah luluasan Kamu jangan menghancurkan karirku, aku ini ca..ca..calon anggota legislatif Sabar, nanti akan kita selesaikan baik-baik Kamu kan ingin jadi nyonya walikota Nani : Geus euweuh waktu. Mamo! Mamo : Siap.

Nani : (Nunjuk kana tambang nu nyampay tina loteng imah Suta) Kabeneran aya tali, borogod tah bisi kabur! Piraku kudu dibangkol kawas bangsat mah Pa Gugup satekah polah ngajelaskeun ka Nani, tapi teu daya teu upaya basa diringkus ku Mamo, dina tihang bendera. Suta pindah kana korsi tempat manehna niis tea bari angger neuteup Nani. Nani : (Ka Saonah) Kuring bisa wae newak didinya. Tapi poe ieu lain waktuna razia, jeung urusanana ge beda. Tapi sakali waktu mun didinya beunang ku razia, ulah sambat kaniaya Saonah ngeluk tungkul. Keur kitu daratang Kesih jeung Nori marake pakean senam. Ningali kaayaan jiga nu teu beres, pangpangna mah ningali aya pulisi, maranehna ngadon nguliwed ka gigireun imah Saonah, tapi kadon tingjerewet sabab di dinya ge geus aya Somad jeung Dikun katut Rukim (Narto mah euweuh) dihararudum sarung, keur nyarumput. Limaanana ahirna mah kalaluar tina panyumputanana. Poe beuki caang bae. Nani : Teu kapok-kapok yeuh Isuk keneh geus aya kajadian kieu. (Ka Dikun saparakanca) Kuring geus arapal ka aranjeun kabeh. Kuring bisa mere toleransi sangkan aranjeun teu ditewak alatan nyopet jeung sajabana. Aranjeun sacara teu langsung geus mantuan anak dulur kuring pikeun nganggeuskeun skripsina. Jeung deui, di antara aranjeun geus mimiti aya nu saladar, Mamo geus nyarita ka kuring yen poe ieu manehna baris nganteur salah saurang ti antara aranjeun ka KUA, rek kawin Dikun : Kawin? Saha? Keur kitu jol Barun jeung Silpi, marake pakean rapih. Barun make kopeah. Silpi mah tembong make kabaya malah dicindung sagala. Mamo nunjuk ka Barun jeung Silpi. Sarerea olohok. Malah saterusna make jeung silih reret pada baturna sagala. Dikun papelong-pelong jeung Kesih, Somad papelong-pelong jeung Nori, sedengkeun Rukim ngeteyep nyampeurkeun Saonah. Ahirna mah katembong sanajan teu ngahaja dipasangkeun, yen maranehna teh papasangan Nani : (Ka Barun jeung Silpi) Selamet, kalian telah menemukan jalan terbaik. Dikun : Mun kitu mah atuh (Ka Kesih) kumaha Kesih sayang?

Kesih unggeuk semu era. Dikun nuyun Kesih ka deukeut Barun. Ahirna mah masingmasing pasangan silih pelong, silih siku, silih ciwit, terus silih tuyun ka deukeut Barun. Dikun Cs : Kita juga punya pikiran sama. Kita ingin mereformasi hidup secara total! Daripada pusing-pusing mendingan kawin ajah. Hidup kawin! Barun : Jadi rek karawin kabeh ieu teh? Dikun Cs : Siap komandan! Laksanakan! Mamo : Nya hade atuh kitu mah. Sakalian urang ka KUA babarengan Tapi, baroga biaya keur kawinna? Dikun Cs silih pelong. Suta : Ibuu (Sorana haroshos, awakna tembong jiga nu lilinieun) Bentang sajatining bentang, bulan sajatining bulan Nani : Pa Suta, nuhun kana puisina. Mamo parantos masihkeun sakabeh puisina ka abdi. Tapi Suta : (Ukur melong ka Nani jiga budak nu keur ngadagoan hukuman ti indungna) Nani : abdi teh kapan boga salaki. Mungkin wae poe ieu abdi pipirakan, tapi lain hartosna abdi siap narima kanyaah Kang Suta Suta : (Mimiti cipanonan) Nani : Hapunten pisan Suta : (Mimiti nginghak) Keur kitu datang jalma duaan. Marake kameja rapih, mawa tas jiga urang kantoran. Dianteur ku Sukon. Sukon : (Ka sararea) Aya nu bade nepangan Bos Tepang di jalan Jalma 1 : (Kerung) Bos? (Ragu-ragu) Punten, dupi ieu teh leres bumina Sutawangsa Kadiajingga? Mamo : Muhun. Kaleresan Kang Sutana nuju aya (nunjuk Suta nu keur nyusutan cipanon) Jalma 2 : (Nyolongkrong ngajak sasalaman rengkuh pisan) OoohHatur nuhun atuh sim kuring parantos ditepangkeun sareng sastrawan Jalma 1 : (Sarua ngajak sasalaman) Nu sejen arolohok, can ngarti.Suta rungah-ringeuh. Mamo Jalma 1 : Aya naon tea manawi? : Punten atuh (terus sanggeus unggeuk hormat

ka kabeh manehna dehem terus jiga nu pidato). Dibujeng enggalna bae jalaran abdi masih keneh aya bujengeun. Abdi duaan ti Yayasan Bujanggamanuk, nyaeta yayasan nu biasa masihan penghargaan kanggo karya sastra Sunda pinunjul saban taun. Kaleresan, taun ieu, sadayana juri ti kalangan budayawan, sastrawan sareng ti kalangan akademisi, parantos cindek pikeun masihan penghargaan mangrupi hadiah sastra Bujanggamanuk sareng artos nu ageungna duaratuslimapuluh juta rupia ka saderek Sutawangsa. Saderek Sutawangsa parantos nembongkeun tarekahna nu daria pikeun ngahirup-huripkeun sastra Sunda, ngalangkungan karya-karya puisina nu kalintang pisan endah tur luhur ajenna, nu kantos dimuat ku media massa Sunda. Sarerea masih keneh colohok, tapi lila-lila mah keprok. Suta rungah-ringeuh keneh. Terus milu keprok. Jalma 2 : Janten, dongkapna sim kuring duaan ka dieu teh bade masihkeun serat uleman ka Kang Sutawangsa, kanggo acara masrahkeun hadiah di kota Bandung, waktosna nyaeta minggon payun. Ieu seratna(mikeun surat uleman ka Sutawangsa). Suta : (Leungeunna ngadegdeg narima surat, surat dibaca, ret ka nu sejen, ret ka Mamo) Mamo : Saleresna, tos rada lami abdi sok ngintunngintunkeun karya akang ka koran sareng ka majalah Sunda teh. Atuda nyaah, puisi akang teh sarae, kedah kabaca ku balarea Suta ret deui kana surat uleman.Maca bangun nu hayang yakin. Ret ka nu sejen, ret ka Nani. Somad : Duaratus limapuluh juta? Cukup pisan keur kawin masal mah Nu sejen keprok. Suta lalaunan ngadeukeutan Nani, leungeunna ngeleper keneh, surat teh diasongkeun ka Nani Ku Nani ditampanan. Suta neuteup anteb ka Nani, Nani imut. Nu sejen keprok deui. Lampu pareum sapada harita. Sababara detik poek, terus aya lampu nu husus nyorot Pa Gugup nu dirangket keneh na tihang bandera, bedana teh ayeuna mah keur dikaleng ku Narto. Tur dikipasan ku Sukon.

Pa Gugup

: Oooh Naniiii

Lampu pareum deui. Ieu carita rengse tepi ka dinya. Tasikmalaya, 4 April 2004 Mentaskeun ieu naskah kedah aya widi ti nu ngarangna. Langari medal deui. Rada beda ti sasari. Nomer ieu midangkeun naskah drama Cangkilung kenging Nazaruddin Azhar. Ngahaja. Itung-itung keur ngeuyeuban pabukon saderek ku naskah drama. Da kitu geuning, di urang teh can pati rea naskah drama nu dibukukeun. Kungsi eta ge kapaluruh, aya naskah longser kenging Yoseph Iskandar nu judulna Juag Toed nu kungsi dimedalkeun ku Rahmat Cijulang (1984). Anyar keneh atuh kungsi medal buku Campaka Mangkak, pedalan PP-SS nu eusina diantarana naskah Artur S. Nalan nu judulna Sorabi Legendaris. Lian ti eta, asana (atawa memang tacan kapaluruh bener-bener) can aya deui naskah drama nu kapanggih nu geus mangrupa buku tur nyebar di masarakat. Dina taun 1976, Wahyu Wibisana nu kacida gede katineungna kana sastra drama Basa Sunda, kungsi nyusun buku nu judulna Geber-geber Hihid Aing. Ieu buku nu dimedalkeun ku PT Pelita Masa tur meunang pangrojong ti Badan Penyelenggara Peningkatan Pendidikan Kesenian Sekolah Dasar Prop. Jawa Barat teh, midangkeun 7 naskah purna drama keur barudak. Nyaeta, Geber-geber hihid aing; Budak leutik bisa ngapung; Sangirik-irik kijing; Hiji, dua, tilugajleng; Seuhah lata-lata; Sakadang tenggek; jeung Nini Anteh. Naskah-naskah nu aya dina ieu buku, kungsi diecerkeun dimuat dina majalah bacaeun barudak Jaleuleu, nu kungsi medal saban bulan di taun samemehna. Sakumaha ngaranna, purna drama, tangtuna ge eta naskah teh pagunemanana rea nu dikawihkeun, malah aya nu kudu dibaca jiga mun urang maca sajak. Estu cocog pikeun barudak teh. Hanjakal ieu buku nu kacida pisan mundelna teh teu dimedalkeun deui. Lian ti sok nulis purna drama, Wahyu Wibisana ge kaceluk sastrawan Sunda nu biasa nulis naskah drama modern tur sacara kualitas kacida pisan punjulna. Upamana wae naskah Tukang Batu Asahan jeung Tongeret Banen. Lian ti ngaran nu kasebut diluhur, di urang nu biasa sok nulis naskah drama Basa Sunda teh kawilang rea, najan henteu ari rea pisan mah. Upamana wae, RH. Hidayat Suryalaga (diantara naskahna nu aya puluhna, opat naskah drama pondokna keur barudak bisa ditinggal dina buku Pituduh Gending Karesmen/Drama Pikeun Guru SD, SLTP jeung SMA. Nyaeta naskah Ngasuh adi, Tasma Bapa Guru, Ki Sabar Bagja jeung Budak Leungit), terus Rien Candraresmi, Arthur S. Nalan, Yoseph Iskandar, Darpan Ariawinangun, jst. Ngan hanjakal, enya, di urang can aya pamedal nu daek medalkeun naskah drama basa Sunda sangkan bisa kabaca ku balarea, lain wungkul ku orang teater atawa lain wungkul dina buku pesenan (proyek) ti Diknas. Beda pisan jeung iklim penerbitan buku-buku Basa Indonesia (malah Basa Jawa), nu geus rea medalkeun naskah drama. Kitu. Mulang deui kana niat Langari ngamuat ieu naskah, lian ti pikeun milu ngeuyeuban pabukon teh, itung-itung maturan saderek ngabangbrangkeun pikir nu hantem sina muter saban wanci, ku carita nu mudah-mudahan ngahibur. Kirang langkungna mah nyanggakeun

Langari Tungkul ka Jukut Tanggah ka Sadapan Buletin Sastra Sunda No. 4/2005 Redaksi: Duddy RS, Nazaruddin Azhar, Sarabunis Mubarok Redaksi umajak pikeun nulis boh dina wangun basa ugeran, boh basa lancaran. Naskah diketik rapih. Pangarang nu karyana dimuat, baris dikintun nomer buktos.

Beca Mang Karta


Karya : Saman Upi Supardi Lingkung Seni Sunda Citraresmi <<Home Naskah Selanjutnya>>
DILEBAH PENGKOLAN MANG KARTA EUREUN, TULUY TURUN TINA BECA. TEU LILA NGALINTING BAKO, NGUDUD. MANG KARTA : Huh, dasar nasib. Ti isuk narik beca ngan ukur meunang tilu rebu perak, acan keur nambal ban sarebu perak ka si Jahro. Tuda aya-aya wae beca teh, olo-olo. Keur mah euweuh panumpang, eh, make bocor sagala. Belegug siah ! MANG KARTA KAKARA ELING, YEN BECA MAH TEU BISA NGOMONG. KEUR NAON MAKE DICAREKAN SAGALA. Aeh, heueuh nya, beca mah teu bisa ngomong, keur naon make dicarekan sagala, da beca mah teu boga panon, teu apal rek aya beling, rek aya paku, nu apal mah nu mawana. Lamun kitu mah nu mawana belegug, kunaon atuh make teu ningali aya paku, maen hantem weh ! MANG KARTA SEMU ERA. POHO YEN MANEHNA OGE TUKANG BECA. Aeh, uing jadi poho, loba teuing mikir. Uing oge kapan tukang beca nya ? Uing oge belegug ari kitu mah nya ? Paingan nya loba jalma nu puguh salah tapi sok nyalahkeun batur, sok ngagogoreng batur. Teu beda jauh jeung uing. MANG KARTA DIUK BARI TULUY NGELEPUS. ANGIN NGAHILIWIR, TEU LILA MANG KARTA KASAREAN. TEU APAL AYA PAMAJIKANANA DI

GIGIREUN BECANA.

ITOH

NGAGEBAH Kang ! Kang ! Akang ! Naha nya teu usik-usik acan.

ITOH NGAGEBAH DEUI RADA TARIK. Kang ! Kang ! Akaaaang ! Rampooog ! Aya rampooog ! Tuluuung aya rampooog ! MANG KARTA ANGGER TEU USIK-USIK ACAN, KALAHKA BATUR NU NGARUMPUL. AYA NU MAWA BEDOG, KOHKOL JEUNG SAJABANA. LALAKI I LALAKI III LALAKI IV : : : Mana mana Dimana rampogna ceu ? Lumpat kamana ceu, bejakeun urang tewak sakalian. Lain ditewak wungkul, kudu digebugan ameh kapok ! NINGALI KITU, ITOH KALAHKA BINGUNG TEU PUGUH LAKU. LALAKI II : Ari Euceu kunaon ? Tadi ngagorowok aya rampog, ayeuna rek ditulungan kalahka bingung. Rek ngaheureuyan kami hah ! Eueueu Tadi kuring mah eu : : : Kamana lumpatna ? Heueuh, buru bejakeun meungpeung aya keneh waktu. Meungpeung rampogna can jauh ! Kaditu ! ITOH GENTAK NGAJAWAB BARI NUDUHKEUN KA LALAKI I. PUGUH BAE ROMBONGAN TADI LANGSUNG NGUDAG BARI TULUY TING GOROWOK RAMPOG.

ITOH LALAKI IV LALAKI I ITOH

Rampoooog ! Rampoooog ! Udag euuuuy ! Tewaaaak ! BARI RUNGAH-RINGEUH ITOH DIUK DI GIGIREUN BECA. PANONNA MASIH KENEH NINGALIKEUN ROMBONGAN LALAKI TADI.

ITOH

Naha nya, maksud kuring mah ngagorowokeun rampog teh ameh salaki kuring hudang. Tapi naha kalahka batur nu karumpul. MIKIR Tah, kapanggih ayeuna mah. Lamun kitu mah, propokator teh samodel kuring nya ? Ngumpulkeun masarakat ku informasi teu puguh, tuluy nitah itu nitah ieu bari jeung manehna cicing. Pro-po-ka-tor ! Iiih sereeeem ! ITOH BIBIRIGIDIGAN. TEU ROMBONGAN AWEWE SIGA NU MARAWAAN BARANG JARAHAN. LILA ASUP RUSUH BARI

AWEWE II AWEWE I ITOH

: : :

Keur naon ceu, naha teu miluan mawaan barang ? Gancang bisi beakeun ! Enya ceu geuwat, meungpeung loba keneh ! BINGUNG Barang, barang naon ?

AWEWE III AWEWE IV ITOH AWEWE I

: : : :

Eta, barang di toko eta. Meungpeung aya kasempetan, bisi teu kaagehan ! Enya ceu, hayu geuwat ! Maksud arareuceu teh naon, can ngarti kuring mah ? Tadi apanan aya nu ngagorowok rampog, tuluy masarakat karumpul, teu lila rusuh. Toko-toko didarurukan, nya meungpeung aya kasempetan urang mawaan barang. Tibatan diduruk ! KAKARA NGARTI

ITOH

Oooh, jadi AWEWE II AWEWE V AWEWE III : : : Enya, iraha deui urang boga barang alus, da meuli mah geus moal bisa ! Bener ceu, jaman ayeuna mah tong boroning keur meuli barang, keur hirup oge hese ! Sumuhun ceu, kusabab kitu urang kudu bisa ngamangfaatkeun situasi jeung kondisi nu aya. Hayu ah, mangga ROMBONGAN AWEWE TADI ARINDIT. ITOH MASIH KENEH CAN NGARTI. TEU BEAK PIKIR. ITOH : Naha nya, naon hubunganana karusuhan jeung mawaan barang ti toko. Aya nu mawa itu, mawa ieu kawas rampog. Aeh, lamun kitu mah bener aya rampog ! ITOH NGADADAK NGAGOROWOK DEUI. Rampoooooog ! Aya rampoooooog ! Tuluuuuuung aya rampoooooog ! ITOH EUREUN. TAPI EUWEUH NU DATANG HIJIHIJI ACAN. Tulung aya rampoooog ! Aya rampoooog ! Ayeuna mah asli aya rampog ! Suwer berani samber gledek ! Tuluuuung ! TEU LILA DATANG DEUI ROMBONGAN LALAKI NU TADI. LALAKI I : BARI NGAMBEK Aya naon make gogorowokan deui ! ITOH LALAKI III ITOH : : : Rampog ! Bener aya rampog ! Rampog, rampog ! Rampog timana horeng ! Bener asli aya rampog. Kuring ningal sorangan, tuh

lumpatna oge ka ditu !

LALAKI IV

Meungeus ! Tong sambarangan nuduh kitu, yeuh, lembur urang teh kapan aman, tengtrem, gemah, ripah loh jinawi. Mana aya rampog ! Bener, sing sumpah !

ITOH LALAKI II

: :

Tah, ieu meureun jalma nu sok ngagogoreng lembur urang teh. Geus puguh lembur urang aman, eh ieu kalahka nuduh aya rampog, aya penjarahan, aya karusuhan, mana buktina, mana ITOH CICING. ROMBONGAN LALAKI TADI ARINDIT DEUI BARI TULUY KUKULUTUS.

ITOH

Tuh nya manusa ayeuna mah araneh, tadi kuring ngagorowok rampog keur ngahudangkeun salaki kuring, eh masarakat kalahka karumpul. Giliran tadi aya rampog nyaan majarkeun kuring ngabohong. Majarkeun kuring propokator, naha maranehna teu apal loba jalma nu mawaan barang ti toko. TEU LILA MANG KARTA HUDANG. PUGUH MANEHNA BINGUNG NINGALI PAMAJIKANANA KEUR DIUK DI GIGIREUN BECANA.

MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH : : :

Toh, Itoh ! Keur naon maneh di dinya ? Teuing, keur bingung.

Bingung ? Enya, bingung ningali tingkah polah jalma jaman ayeuna.

Naha ? Tadi teh aya rampog, tuluy kuring ngagorowok, eh kalahka dicarekan. Majarkeun kuring mitnah, ngagogoreng lembur anu aman tengtrem. Kapan lieur nu kitu teh !

MANG KARTA

Atuh sarua jeung uing ari kitu mah, uing oge keur lieur sidikan teh. Contona, loba jalma anu salah tapi sok nyalahkeun batur, sok ngagogoreng batur. Ari maneh kumaha caritana ? Tadi basa Akang keur sare, caritana kuring teh rek ngahudangkeun tapi Akangna teu daek wae hudang. Tuluy kuring ngagorowok rampog ameh Akang hudang. Eh, kalahka batur nu ngarumpul.

ITOH

MANG KARTA

Paingan atuh, maneh salah ngagorowokna. Kuduna mah tong ngagorowok aya rampog tapi aya kahuruan, meureun batur salembur sibuk, aya nu mawa cai, mawa kasur, mawa domba, mawa NEMPAS Ke heula, kuring can beres !

ITOH

MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH : : : : :

Nya sok atuh. Tadi kuring ngagorowok deui aya rampog, eh kalahka dicarekan.

Nya puguh atuh. Lamun uing aya, uing oge pasti milu nyarekan. Tapi tadi mah rampog nyaan.

Nyaan ? Nu bener Itoh ! Sumpah, sing jadi jalma beunghar oge daek !

Iraha Itoh ? Bieu, cikeneh. Lumpatna oge ka ditu tuh ! Aya nu mawa tipi, radio, kompor, baju, ah, pokona mah rupa-rupa.

Naha maneh teu ngahudangkeun uing Itoh. Nu matak tadi teh rek ngahudangkeun Akang, tapi teu daek wae hudang.

MANG KARTA ITOH :

Ah, piraku teuing beurang-beurang kieu aya rampog ? Kieu atuh lamun hayang jentre mah. Tadi teh cenah aya karusuhan, tuluy aya nu ngaduruk toko. Teu lila loba euceu-euceu anu mawaan barang ti toko.

MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH : : : : :

Eta mah lain rampog atuh, tapi penjarahan ! Ah sarua bae, rampog mawa barang anu ngajarah oge mawa barang.

Toko mana cenah nu dijarah teh ? Tah toko eta nu lebah pengkolan, deukeut lampu beureum.

Lampu beureum nu mana ? Eta nu paragi mobil eureun, nu sok aya di sisimpangan tea geuning.

Lain lampu beureum atuh, tapi traffig light. Ah sarua bae, pokona mah eta !

Naha maneh teu miluan Itoh ? BINGUNG Miluan naon ?

MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA : :

Enya miluan mawaan barang. Naon, amit-amit ! Barina oge nu kitu mah dicaram ku agama jeung darigama.

Alus atuh ari kitu mah. Tara-tara tisasari maneh nyusulnyusul uing ka dieu, aya naon Itoh ? Rek menta duit keur mayar arisan.

Naon, arisan ? Mikir atuh Itoh, jadi jalma mah kudu ngukur. Yeuh, salaki maneh teh ngan ukur tukang beca, montong rek maen arisan sagala ! Nu matak, kusabab kuring mikir oge, kapan jaman ayeuna

ITOH

mah keur usum ibu-ibu loba nu mantuan nafkah salakina ku arisan. MANG KARTA : Enya, uing oge ngarti. Tapi lolobana nu milu arisan teh istri pajabat, istri mantri, istri patugas kaamanan, istri jaksa. Anu duitna loba, anu duitna teu beak didahar tujuh turunan. Ari maneh rek mayar make naon ? Pan aya Akang ! : NGALUARKEUN DUIT TINA PESAKNA. Tah, keur mayar arisan ! ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA : : : : : : Kutan, dua ratus lima puluh perak. Keur naon duit sakieu, jajan si Udin oge lima ratus. Komo keur mayar arisan. Nya kumaha deui atuh, ayana oge sakitu ! Piraku ti isuk ngan meunang sakieu ! Meunangna mah tilu rebu perak. Tuluy dikamanakeun sawarehna deui ? Keur nambal ban ka si Jahro sarebu perak, tuluy uing hayang ngopi jeung udud beak sarebu tujuh ratus lima puluheun. Make sagala hayang ngopi, ngudud, kumaha rek beungharna ! : Yeuh Itoh, ngarana oge jalma hirup loba kaperluan, loba kahayang. Wajar pan lamun uing hayang ngopi, hayang udud, hayang itu, hayang ieu. Enya, tapi arisan teh sapoena lima rebu perak. Acan keur dahar, keur sakola si Udin, keur itu keur ieu. Minimal panghasilan Akang sapoena teh kudu dua puluh rebu. : Yeuh Itoh, maneh teh kudu ngarti. Uing teh kapan ngan saukur tukang beca anu panghasilanana teu tangtu. Bisa gede bisa leutik. Enya lolobana mah leutik. Bongan tuda gawe teh ngan

ITOH MANG KARTA

ITOH MANG KARTA

ITOH

MANG KARTA

ITOH

sare jeung sare weh. Kumaha rek meunang rejekina ! MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA : : : : : Uing teh tunduh kacida Itoh, keur peuting beres narik beca langsung ngaronda. Ngaronda ? Kapan bagian Akang mah malem rebo lain ? Enya, tapi euweuh nu ngaronda jadi uing nu katempuhan. Naha atuh make dadaekanan sagala, batur oge heunteu ! Tah eta, lamun kabeh masarakat paembung-embung ngaronda, atuh kudu kusaha deui ? Jeung barina oge ngaronda mah dina samingguna teh ngan sakali, tapi mangfaatna kacida gede pisan. Komo situasi jeung kondisi jaman ayeuna mah, ngaronda teh kudu rada giat ameh lembur urang aman. Kapan maneh oge apal jaman ayeuna mah loba penjarahan, perampogan, karusuhan jeung sajabana. Kuring oge apal perkara eta mah, naha atuh Akang meni noron ngaronda teh, pan cukup ku saminggu sakali. : Enya sidikan teh euweuh nu datang. Ngan uing, Pa Erte jeung Hangsip, tapi kudu ngamankeun salembur ieu. Ari ngan saukur ngandalkeun patugas kaamanan keur ngamankeun lembur ieu moal bisa Itoh. Maneh oge apal meureun, sabaraha patugas nu aya di lembur urang. Kapan patugas mah dibayar.

ITOH MANG KARTA

ITOH

MANG KARTA

Ah, sabaraha sih gajih hangsip, gede keneh uing nu tukang beca. Komo deui resiko manehna kacida gede pisan, lamun aya nu kapalingan saha nu disalahkeun patugas deuleu, tapi di hiji pihak masarakat teu mikir yen kamampuan patugas teh kawatesan, jadi kudu dibantuan ku urang-urang. Ah, Pa Ertena weh nu bodo, kuduna mah ngerahkeun pamuda tibatan baragadang teu puguh, nu gigitaran tea, nu maen gapleh tea.

ITOH

MANG KARTA

Uing oge kungsi ngusulkeun nu kitu, tapi can aya wae

respon. ITOH : Ah kuring mah pokona teu daek nyaho, ayeuna keneh kudu aya duit keur arisan, keur nyangu, keur sakola si Udin, kudu siah ! Kumaha weh carana pokona kudu aya ! : NGAHELAS. Kudu neangan kamana deui atuh, kapan maneh oge apal uing ngan meunang sakitu. Ma enya uing kudu ngarampog ! ITOH MANG KARTA : : Montong bisi dipanjara ! Ari geus, kumaha atuh ? ITOH NGAN SAUKUR CICING TEU BISA NGOMONG NANAON DEUI. NINGALI KITU MANG KARTA ASA MEUNANG. Lamun kitu mah ceuk uing yeuh, ceuk salaki maneh. Montong make milu arisan sagala, urang mah geus moal bisa. Keur meuli beas oge hese, komo keur mayar arisan. ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA : : : : Kagok, kuring geus daftar. Batalkeun ! Era, rek disimpen dimana beungeut kuring. Yeuh Itoh, pikeun ngahadean hiji masalah montong make era sagala, maneh teh lain bangsat deuleu. Anu maling duit nagara ratusan juta oge teu era, hare-hare weh,. Malah ayeuna mah keur ngetren. Nya atuh kuring batal milu arisan. Tuluy duit keur nyangu jeung sakola si Udin kumaha ? : : : Ngutang heula ka tatangga. Ngutang ? Yeuh kang, utang urang teh geus loba. Keun bae Itoh, batur oge loba nu ngutang ratusan juta teu pusing. Naha maneh kakara rebuan make pusing sagala.

MANG KARTA

ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA

ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA

: : : :

Batur mah ratusan juta oge boga borehkeuneun, ari urang naon nu kudu diborejkeun ? Ari beca uing lain borehkeuneun ? Beca butut ! Paling payu oge sabaraha. Yeuh Itoh, kieu-kieu oge banda urang, kudu dijaga, diriksa. Urang bisa nikah teh kulantaran beca ieu nyaho ! Nafkah urang sapopoe teh ti ladang beca. Jadi maneh kudu sukur masih keneh boga banda. Sanajan butut oge yeuh, sanggup keneh ngurilingan Bandung. Meungeus atuh kuring rek balik heula, rek ngutang deui ka tatangga. : Tapi tong poho Itoh. Naon deui ? : Ari hirup montong dibiasakeun ngutang, bisi katutuluyan, bisa kabeulit ku utang. Anu antukna malarat deui, balangsak deui. Kapan urang mah geus malarat. : Enya, lamun urang ngutang wae beuki malarat nyaho ! SEWOT Meungeus kumaha atuh ! Tadi cenah kudu ngutang heula ka tatangga, ayeuna montong dibiasakeun ngutang bisi malarat.

ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA

ITOH MANG KARTA ITOH

MANG KARTA

Kieu, maksud uing mah. Engke lamun geus boga duit eta utang teh kudu buburu dibayar, bisi poho. Lain kunanaon Itoh, utang mah urusanana dunya aherat. Heueuh, hayang masak naon atuh ayeuna ?

ITOH MANG KARTA

: :

Ah, biasa weh kabeuki Akang. Opor ayam, lauk emas ditumis, angeun soun dicipatian, tempe goreng, sambel jeung lalaban. Ulah poho bungbuahan jeung susu, ameh opat sehat lima sampurna.

ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA ITOH MANG KARTA

: : : : : : : :

Oooh Nya sok atuh jual heula becana ! Tuh nya, tadi cenah nanya rek masak naon, dititah masak kalahka bendu. Kudu mikir atuh kang, make hayang sagala. hayang itu hayang ieu ari geus aya duit mah. Kumaha maneh weh. Tai ucing daek ? Astagfirrulohaladzim, Itoh, Itoh, nyebut maneh teh. Ma enya uing kudu ngadahar tai ucing ! Keuheul tuda, teu boga nanaon tapi loba kahayang. Meungeus atuh pek wae, kumaha maneh weh. Rek tai ucing pek, rek podol maneh oge pek. ITOH INDIT BARI TULUY KUKULUTUS, MANG KARTA CICING. TEU LILA NGAHURUNGKEUN ROKONA. Babari

MANG KARTA

Tah kitu pamajikan uing teh, najan cerewet oge tapi merhatikeun, salaki keur narik beca disusulan, ditanya naon kahayangna bari jeung nu aya teh ngan ukur tai ucing. Angger weh diaya-aya. Hmmm ItohItoh Baheulana mah cenah si Itoh teh hayang meunang salaki bentang felm, tapi teu kacumponan. Tah, kusabab ningali uing siga Govinda, jadi weh si Itoh daek nikah jeung uing. MANG KARTA NGELEPUS NGABEBERES BECANA. DEUI BARI

Hah, najan butut oge uing mah tetep nyaah ka maneh beca. Lamun euweuh maneh teuing kumaha kahirupan kaluarga uing. Inget eunteu maneh, baheula basa uing keur bogohbogohna ka maneh, eta kebon uing anu deukeut mushola dijual keur meuli maneh, harga maneh teh mahal beca, opat ratus lima puluh rebu. Tapi lamun urang keyeng mah geuning kacumponan, kapan aya paribasana lamun keyeng tangtu pareng.

KEUR KITU DATANG LALAKI JEUNG AWEWE BARI RIRINGKID BARANG. LALAKI MANG KARTA LALAKI MANG KARTA LALAKI : : : : : Beca Mang. Mangga Sabaraha puputeran Bandung. Kutan, puputeran Bandung ? Ah, sok heureuy Aden mah. Lain heureuy ieu mah, yeuh kuring teh kapan kakara nikah, panganten anyar deuleu. Saumur hirup kuring can kungsi nu ngarana numpak beca, kitu deui jeung pamajikan kuring. Tah, maksudna mah rek acara bulan madu numpak beca ngurilingan Bandung.

AWEWE MANG KARTA LALAKI MANG KARTA

: : : :

Enya Amang, da malum di kota tea beca sok disepakan, jadi weh kuring acan kungsi numpak beca. Tapi Masalah harga, rek menta sabaraha ku kuring pasti dibayar. Sanes kitu Den, enya ari kapungkur mah Emang jagjag keneh, sanggup puputeran Bandung. Tapi pan ayeuna mah tos sepuh, teu aya tanagi. Kumaha atuh, mangkaning mas kawin kuring teh tumpak beca ngurilingan Bandung. Enya kumaha atuh Mang ? : : : Ah wios bedo. Lamun becana di luhur mobil mah Emang daek. Atuh eta mah lain numpak beca, angger weh numpak mobil. Nya kumaha deui atuh. Hayu atuh Kakanda, urang milarian beca nu sanes, sugan

LALAKI AWEWE MANG KARTA LALAKI MANG KARTA AWEWE : :

weh kersaeun. LALAKI : Enya Adinda, si Emang ieu mah olo-olo. KA MANG KARTA Mangga Mang MANG KARTA : Manggaaa Sing kenging becana nya. MANG KARTA DIUK DEUI. Ah, jadi inget uing baheula, keur bulan madu jeung si Itoh kukurilingan Bandung kana beca. Da baheula mah jagjag keneh, jeung barina oge lamun kurasa bogoh mah bisa wae, sok sanajan menta bulan jeung bentang pasti dipangmawakeun. Najan tuur leklok oge atoh weh nu aya. Keur basa bobogohan mah basa oge dialus-alus, kakanda, adinda. Tapi geus boga budak mah beda deui, rek kamana maneh ! Kumaha uing weh ! Ampun Gusti rupa-rupa kalakuan jalma TI KAJAUHAN KADENGE HAWAR-HAWAR SORA SIRINE. MANG KARTA NGAGEBEG TEU PUGUH LAKU REK LUMPAT KAMANA. BEUKI LILA SORA SIRINE BEUKI DEUKEUT. TEU LILA JOL SAURANG LALAKI TEGEP MAMAWA SIRINE. MANG KARTA : AMBEK Kuntilanak ! Jahro goblog siah ! JAHRO : BINGUNG Kunaon ari Kang Karta ? MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO : : : : Nanaonan maneh ngahurung-hurungkeun eta. Ieu ?! Enya eta ! Keur ngetes, tadi teh kapan rusak. diomean. Tuluy ku kuring

MANG KARTA

Ngetesngetes ! Tong di dieu atuh ngetesna. Puguh uing mah trauma, baheula oge uing kungsi ditewak kulantaran eta. Punten weh Kang, da kuring mah teu apal. Kumaha reuwas ?

JAHRO MANG KARTA JAHRO

: : :

Lain reuwas deui, ampir copot ieu jantung. Teu baleg silaing mah, kumaha mun uing jantungeun ? Kutan, jantungeun ? Kang Karta... Kang Karta, panyakit jantungeun mah keur jalma beunghar, ka urang-urang mah moal nerap.

MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO : : : : :

Bisi weh. Ari Kang Karta baheula kungsi ditewak kitu ?

Heueuh, di pengkolan eta. Uing didengda lima puluh rebu. Lima pupul rebu, kusaha ?

Biasa. Naha atuh Kang Karta daek ?

Lamun teu kitu beca uing bakal dibawa, rek maraban kaluarga uing make naon. Nya make sangu atuh.

Heueuh, tapi ladang sangu uing teh kapan tina beca ! Tong ngambek atuh, heureuy kuring mah. Naha Kang Karta mangkal di tempat sepi, atuh moal meunang panumpang.

MANG KARTA JAHRO MANG KARTA :

Rek mangkal dimana deui ? Beh dituan geura, pasti bakal loba panumpang.

Kapan di beh ditu mah aya tanda beca coret, jadi uing teu meunang asup ka daerah eta. Jeung barina oge bisi ditewak deui, keur mah teu boga duit heug didengda.

JAHRO

Kuring oge sakapeung sok bingung, kunaon beca teu meunang kaditu kadieu, padahal narik beca teh halal. Tapi anu minteran, anu nipu, anu korupsi jeung anu kolusi teu dicaram. Kumaha cenah. : Teuing atuh uing oge teu ngarti, tanya weh ka ditu Kamana ? : Biasa. Na Kang Karta titatadi teh ngan biasa-biasa. maksudna teh ? : Saha

MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO MANG KARTA JAHRO : : :

Ah, teu kudu dibejakeun oge masarakat geus ngarti, budak leutik oge geus nyaho ayeuna mah. Oooh, maksudna teh ka ITOH UJUG-UJUG DATANG BARI MAWA SAPU, LANGSUNG WAE GEGEREWEKAN.

ITOH JAHRO

: :

Kang Karta ! Paingan atuh, kumaha rek meunang duit. Geuning titadi teh ngan cicing wae di dieu. Wah bakal aya perang dunya katilu yeuh, mangga ah Kang Karta, kuring mah teu miluan. JAHRO INDIT BARI NGURUNGKEUN DEUI SIRINE.

ITOH MANG KARTA ITOH

: : :

Keur naon di dinya hah ! Lain neangan duit ! Kapan ieu oge keur neangan duit. Duit timana horeng ! Yeuh Kang, duit teh lain ditungguan tapi kudu diteangan. Kudu getol usaha lamun hayang meunang duit mah, teu era utang geus loba di tatangga, si Udin geus genep bulan can mayar SPP. Teu era hah ! : Enya uing oge era, tapi Meungeus mending oge balik, keur naon lila-lila di dieu oge moal meunang duit. Hayu balik ! ITOH NGADUDUT SALAKINA, PUGUH MANG

MANG KARTA ITOH :

KARTA JEJERETELAN. MANG KARTA ITOH : : Aduh ampun Itoh, montong dijembel kieu, nyeuri ! Paduli, hayu balik !

SORA ITOH JEUNG SALAKINA BEUKI LILA BEUKI EUWEUH. NGAN UKUR BECA NU NGAJENTUL SORANGAN SIGA NU REK NGOMONG. Kudu kamana atuh kuring teh ?

R E N G S E

SISI WALUNGAN
Karya : Saman Upi Supardi

Lingkung Seni Sunda Citraresmi

<<Naskah Sebelumnya

Home

Naskah Selanjutnya>>

PASOSORE DI HIJI TPSA. SURYAWINATA GEUS GUNTRENG DEUI JEUNG PAMAJIKANANA, PEDAH SULASTRI SOK REMEN NGOBROL DUAAN JEUNG PARLAN BANDAR BARANG LOAKAN. SURYAWINATA : BARI NGAMBEK Pokona aing teu bisa narima. Mun perlu rek dipaehan sakalian ! Naha ? Yeuh Kang, ngomong teh tong kamana wae. Make rek maehan jelema sagala, kunaon kitu Bang Parlan teh ? Hah ! Kapanggih ayeuna mah. Kapanggih siah ! Naon nu kapanggih, can ngarti kuring mah. Eta, tadi maneh nyebut-nyebut ngaran ..Saha ? Bang Parlan. Tah eta, urang mana si Parlan ? Rek dipodaran ku aing ! Naha make rek dipaehan sagala ? Salah naon kitu Bang Parlan teh ?. Yeuh, mimitina mah aing can percaya. Aya beja ti tatangga, yen maneh sok ngobrol duaan jeung lalaki. Tapi ayeuna mah aing percaya. Paingan maneh tara aya di imah. Oooh Jadi cemburu ka Bang Parlan ? Sugan teh, mengeus ah, SULASTRI NGALEOS KA TUKANG. TAPI, GREWEK ! LEUNGEUNA DITEWAK KU SALAKINA. Rek kamana maneh, aing can beres ! JEJERETELAN Leupaskeun ieu nyeuri, leupaskeun ! Ari Kang Surya kunaon sih. Aing timburu, wajar pan. Kulantaran aing salaki maneh jeung deui maneh pamajikan aing ! Enya, tapi tong kasar kieu atuh ! Yeuh, aing rek nanya. Aya hubungan naon maneh jeung si Parlan ? Tuluy si Jalu hayam aing dikamanakeun ? Nu mana heula nu kudu dijawab. Duanana ! Puguh eta, duanana teh aya hubungan erat pisan. Pakuat-pakait. NUDUH Jadi si Parlan nu maok hayam aing ! Bisa jadi kitu. Kurang ajar jelma teh ! Mana bedog, mana mana

SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI

: : : : : : : : :

SURYAWINATA SULASTRI

: :

SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA

: : : : : : :

SULASTRI SURYAWINATA

: :

SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI

: : : : : : : : :

SURYAWINATA SULASTRI

: :

SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI

: : : :

ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO :

: : : : : : : :

Rek naon ? Rek dipaehan ku aing ! Montong ! Bisi dibui, engke oge masalah hayam mah kagantian, lamun urusan kuring jeung Bang Parlan beres ! Tah eta hiji deui, bisnis naon siah hah ! Engke weh, pokona kuring rek surprice. Naon deui surprice teh ? Meunang ti mana maneh basa model kitu ? Ti Bang Parlan. Ari basa legegna mah hartina teh kejutan. Naon ? Kejutan ? Kejutan naon hah ! Yeuh, Bang Parlan teh kapan bandar barang rongsokan di kota, anu nampung atawa ngumpulkeun barang-barang butut samodel urang. Tah, maksud kuring mah rek bisnis jeung Bang Parlan teh ameh barang urang bisa payu. Bisa meunang duit. Tuluy, naon hubunganana jeung hayam aing ? Justru eta pamancing. Yeuh Kang, dina bisnis nanaon oge kudu aya pelancarna, mun teu kitu atuh moal hasil bisnis urang teh. Emang, nungarana pelancar biasana mah ku duit. Tapi kusabab kuring teu boga duit, nya ku hayam weh. Pokona kumaha bae carana ameh bisnis bisa lancar. Alus oge jalan pamikiran maneh. Tapi aing keukeuh, eta hayam kudu digantian deui. Ah, pokona mah tong boroning hayam, bapa jeung indungna hayam oge dipangmeulikeun lamun bisnis kuring lancar. Lamun heunteu ? Nya, wayahna weh diiklaskeun. Itung-itung amal. SULASTRI LANGSUNG NGALEOS KA JERO. SURYAWINATA MASIH KENEH NGAHULENG CAN NGARTI BARI TULUY KUKULUTUS. KEUR KITU TATANGGANA ADIDOYO DATANG BARI MAWA KARUNG BUTUT. Waduh waduh, aya naon yeuh isuk-isuk geus pasea deui ? Eta pamajikan aing, mikeun hayam ka si Parlan ! Oooh, geuning beja teh geus nepi ka dieu ? Lain beja deui, malah pamajikan aing mindeng ngobrol duaan. Alus atuh ari kitu mah. Hartina urang aya kamajuan. Alus ? Alus naon ari maneh ! Nya alus atuh. Utamana ka pamajikan maneh. Pola pikirna geus hade. Pokona mah alus lah. Sip ! Angger, teu ngarti aing mah. Na ari maneh Surya belegug-belegug teuing. Yeuh, ku kuring dijelaskeun ameh leuwih jentre. Si Parlan teh kapan bandar barang rongsokan di kota, maksudna ka dieu teh rek neangan barang. Tah, kulantaran kitu pamajikan maneh teh nyogok manehna make hayam bangkok, si jalu tea. Susuganan weh harga barang rongsokan urang jadi naek, jadi leuwih mahal.

Ngarti ! SURYAWINATA : Oooh Kitu, alus oge pola pikir pamajikan aing nya. SURYAWINATA NGAGEROAN PAMAJIKANANA. Lastri ! Lastri ! Isukan urang balanja, ka swalayan, ka mall, ka super market. Pokona balanja naon wae, engke ku aing pasti dibayar ! SULASTRI : TI JERO IMAH Tong isukan, minggu hareup wae. Isukan geus aya jangji jeung Bang Parlan. SURYAWINATA : RADA NGAMBEK Yeh ari maneh Lastri ! Lain ngahargaan salaki nu rek ngajak senang, kalah ka rek indit jeung batur ! Keun bae atuh, ameh bisnis maneh leuwih alus, leuwih lancar. Oke ! Oke nya oke, tapi pamajikan aing jadi korban. Yeuh Surya, keur hiji cita-cita jeung usaha teh kudu aya pangorbanan. Najan korban banda, pamajikan atawa nyawa, teu masalah. Nu penting urang bisa hasil, bisa beunghar. Hayang heunteu sih jadi jelma beunghar ? Enya, tapi NEMPAS Keun bae lah, paling oge dirangsadan ! Sambarangan siah ! TEU LILA SULASTRI KA LUAR TI IMAH GEUS DANGDAN. NECIS, BARI MAWA KANTONG SIGA SEKERTARIS PAUSAHAAN WAE. Kang, kuring rek ka ditu deui. Ayeuna jam dualas aya pertemuan jeung Bang Parlan, biasa di sisi walungan. Naon, aya pertemuan deui ? Naha atuh make jam dualas berang, di sisi walungan deui. Ari maneh rek pertemuan atawa rek ngunclungkeun maneh ka walungan hah ! His ari Kang Surya, sok kamana mendi. Lamun kuring paeh nyaan kumaha ? Atuh da, pertemuan make jam dualas sagala. Emangna euweuh waktu deui ! Yeuh Kang, Bang Parlan teh kapan orang sibuk, aya waktuna ngan ayeuna jam dualas beurang. Jeung deui ceunah, sisi walungan nu aya di urang teh alus, siga di lemburna. Dimana kitu lemburna si Parlan teh ? Medan, deukeut danau Toba.

ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO

: : :

SURYAWINATA ADIDOYO

: :

SURYAWINATA

SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI

: : : : : : :

SURYAWINATA SULASTRI

: :

SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA

: : :

ADIDOYO SURYAWINATA

: :

Oh, si Parlan teh urang Medan, naha nya ? Yeuh Lastri, biasana urang Medan mah pagaweanana kanu usaha mobil, nya supir tea, bengkel tea. Naha nu ieu mah kanu barang rongsokan. Lain deui ieu mah. Ceunah mah usaha kieu teh kulantaran manehna paduli kana lingkungan, paduli ka rahayat leutik siga urang. Kapan lamun heunteu ku urang-urang, saha deui atuh nu rek paduli kana barang perongsokan teh. Alus ari kadinyana mah, tuluy naha atuh make hayang pertemuan di sisi walungan. Kapan di dinya mah kotor, rujit ! Ah, tempat urang oge kotor, sarua bae mun kitu mah ! Is ari maneh Doyo, kapan pamajikan aing teh geus dangdan bebeakan. Pupurna oge tilu senti, lipstikna beureum ati. Ma enya diajak pertemuan di tempat kumuh ! Kuduna oge di hotel bentang tujuh ! Di hotel ? Daek pamajikan maneh ditumpakan ku si Parlan ? NGAMBEK Goblog siah ! Kamana wae ngomong teh. Yeuh, kieu-kieu oge aing mah salaki nu tanggungjawab. Anu nyaah ka pamajikan !

SULASTRI

NEMPAS Meunggeus, kalahka parasea. Kuring rek indit heula bisi kabeurangan. Nya sok atuh. Tapi kade nya bisi dikukumaha ku si Parlan. His ari Kang Surya, nuduh teh kamana wae. Kieu-kieu oge kuring mah boga tatakrama, boga aturan, komo kuring geus boga salaki. Nya syukur atuh ari kitu mah, ieu mah bisi weh. Soalna jaman ayeuna mah geus kabuktian. Salakina digawe, eh pamajikanana oge keur digawe jeung batur. Cilaka pan. ! Meunggeus ah, moal indit-indit ari tuluy diajak ngobrol mah. Mangga Kang. Mangga Kade nya ceu Lastri, bisi kabawa caah ! SULASTRI INDIT KANA TUJUANANA. SURYAWINATA JEUNG ADIDOYO MASIH KENEH GUNTRENG. Kang Surya apal eunteu kajadian kamari ? BINGUNG Aya naon kitu ? Can apal ? Acan. Di TPSA batur mah ceunah geus aya panertiban ti aparat

SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA SULASTRI SURYAWINATA ADIDOYO ADIDOYO SURYAWINATA

: : : : : : : :

ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO

: : :

SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO

: : : :

SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA

: : :

ADIDOYO SURYAWINATA

: :

ADIDOYO

SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO

: : : :

KUNCORO SURYAWINATA KUNCORO ADIDOYO KUNCORO

: : : : :

pamarentah. Gubug-gubug nu aya didinya dibalongkaran. Ah, nu bener ? Bener Kang, poe senen kamari. Kuring oge ngilu nyaksian. Kumaha nya, lamun tempat urang oge ditartibkeun ? Duka atuh Kang, baheula keur basa urang di sisi jalan tol, urang ditartibkeun ku aparat nepi ka urang pindah ka sisi kota. Di sisi kota urang ditartibkeun deui tuluy urang pindah ka dieu ka sisi walungan. Lamun di dieu urang ditartibkeun deui, urang bakal pindah kamana nya ? Teuing atuh, kieu geuning jadi jalma leutik teh, tutuluyan digusur. Padahal kuduna urang-urang teh ayana di kantoran. Ari Kang Surya, ngahayal teh sok jauh teuing. Ih, lain ngahayal ieu mah, buktina geus aya. Ngaran aing Suryawinata, maneh Adidoyo, salakina si Tarsih Kuncoro, budakna Pa Madsur Hasan Bakri tapi pagawean urang ngan saukur jadi pamulung. Kapan teu saimbang jeung ngaran. Enya oge ari kadinyana mah. Tapi, da kudu kumaha deui nya. Jaman ayeuna mah loba nu tibalik, ngaran urang aralus tapi pagawean ngan saukur jadi pamulung, jadi gembel. Ari pajabat ngarana barutut tapi pagaweanana aralus. Tapi ceuk kuring mah pagaweanana teu alus alus teuing. Buktina loba pajabat ayeuna anu hayang naek jabatan, anu budak atawa dulurna hayang diangkat jadi pajabat jeung sajabana, kucara nyogok atawa ngemis ka ditu ka dieu. Kumaha lamun kitu, hartina masih keneh terhormat profesi urang atuh. Sok sanajan urang ngemis, da puguh urang-urang mah emang pangemis. Bener lain ? Bener oge, ti mana maneh boga pamikiran nu kitu. Ah, kuring mah najan butut oge mineung maca koran jeung majalah, nu penting mah urang heunteu tinggaleun informasi. Pajabat ayeuna oge loba nu meuli buku, koran jeung majalah, malah mah sok langganan. Enya ari di baca, lalobana kapan hayang kaciri eksklusif, bonafid. Geus nepi di imah eta buku, koran atawa majalah dipiceun ka wadah runtah, mun teu kitu ditumpuk di gudang. Anu leuwih sadis deui mah dikilo keur tatambah meuli beas, kapan si Hasan Bakri nu sok meulianana oge. KEUR KITU BARI ADUG-ADUGAN KUNCORO DATANG SIGA NU DIUDAG-UDAG JURIG Gawat ! Gawat Kang ! Gawat ! Naon nu gawat teh Coro, teu ngarti aing mah. Ah pokona mah gawat weh, gawat ! Komo nepi ka urang-urang dibawa mah. Bakal cilaka ! Ke Ke Sing puguh atuh nyaritana. Kieu, ceuk kabar angin atawa isu atawa kabar manuk,

SURYAWINATA KUNCORO SURYAWINATA KUNCORO ADIDOYO

: : : : :

nyebutkeun yen poe rebo isuk bakal aya nu datang ka dieu. Saha nu rek datang ka dieu teh, Coro ? Aparat pamarentah. Rek naon ceunah ? Bejana mah ngan ngontrol hungkul, tuluy ningali kabersihan, kaamanan jeung NEMPAS Tong gampang percaya nu kitu, Coro. Boa-boa rek ngagusur gubug urang ! Enya duka atuh, bejana mah kitu. Mun teu salah mah ngarana teh Parlan, kitu ? Jadi si Parlan teh patugas kamtib ? Enya bejana mah. Ah, ceuk saha ? Nu puguh mah si Parlan teh bandar barang rongsokan nu arek meuli barang-barang urang.

KUNCORO SURYAWINATA KUNCORO ADIDOYO

: : : :

KUNCORO SURYAWINATA

: :

Kuring mah ceuk Pa Madsur. Justru maneh nu salah informasi. Sabenerna mah lain rek meuli, tapi arek ngabalongkaran gubuk jeung mawaan barang-barang urang. NGAHULENG Jadi pamajikan aing ?! Kunaon kitu Kang Surya ? Tadi teh ceu Lastri aya jangji jeung si Parlan, ceunah mah di sisi walungan. Teuing aya urusan nanaona mah. Oooh Jadi ceu Lastri geus apal ieu beja, alus atuh ari kitu mah. PANASARAN Alus naon ari maneh ?. Kieu Kang, ceu Lastri teh maksudna mah rek ngajak damai ti heula, ameh tempat urang teu digusur. BEUKI PANASARAN Naha ? Kang Kang, jaman ayeuna mah kapan geus umum, lamun aya pamariksaan teh sok aya bejana heula, loba bocor di jalan. Loba kapan, aya pamariksanaan tapi eunteu dipariksa kulantaran aya uang damai tea. Contona lokalisasi, dina pamariksaanana mah si WTS atawa cukongna sok tara kapanggih. Anu judi oge sok

KUNCORO ADIDOYO KUNCORO SURYAWINATA

: : : :

KUNCORO SURYAWINATA

: :

ADIDOYO

SURYAWINATA KUNCORO SURYAWINATA ADIDOYO KUNCORO SURYAWINATA KUNCORO SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO SURYAWINATA KUNCORO

: : : : : : : : : : : : :

ADIDOYO KUNCORO SURYAWINATA

: : :

HARTATI SURYAWINATA HARTATI

: : :

salamet wae, ngan tempatna hungkul nu diamankeun, ari aksina mah angger weh jalan tuluy. Tah, ceu Lastri teh sigana mah rek make cara kitu, ngarah aman. Keheula, ari si Parlan teh nu puguhna patugas kamtib atawa bandar barang rongsokan. Patugas kamtib anu gawena ngumpulkeun barang rongsokan, alesanana mah keur barang bukti. Tapi, naha bisa nyogok patugas ku hayam ? Da biasana oge ku duit. Kang, pajabat ayeuna mah disogok ku naon wae oge bisa, lalobana hawek, sagala naon wae oge abus kana peujitna. Tingali weh beuteungna oge garendut, baruncit siga nu reuneuh. Aeh, kuring asa kaingetan, si Maryam ceunah jeung si Udin tukang asong tea, minggu kamari geus nikah. Ah piraku budak segede kitu geus nikah ? Bener Kang, jaman ayeuna mah loba kapan anu nikah di jalan. Reuneuh ti heula. Heueuh nya, aing oge sok bingung. Geus loba teuing ayeuna mah nu nikah kulantaran kitu. Bener-bener jaman geus edan, geus bejad ! Tong boroning nu kitu, nu aneh-aneh oge sok dilakukeun ku budak jaman kiwari mah, contona si Icat budakna Kang Murtado, kapan kamari paeh kulantaran ngelem. Ngelem ? Nu kumaha deui eta teh ? Biasa, kahayang mah siga batur. Hayang ngeplay, tapi ari batur mah make shabu-shabu atawa ekstasi ari manehna make lem aibon. Ceuk aing mah kagok, padahal mah make baygon sakalian ngarah gancang paeh. Teuing lah rupa-rupa kalakuan jelma, sok aneh-aneh. KEUR KITU HARTATI TUKANG JAMU GENDONG NGALIWAT. TEU LILA ADIDOYO NGAGEROAN LANGGANANANA. Tati, ka dieu atuh ! Naha meni teu nawaran jamu ka kami ! Heueuh lah, abong kena geus maju, geus sukses, poho ka kami. Enya lah sombong. Yeuh Tati, baheula kapan kami anu ngamodalan, anu ngadukung maneh ameh jadi tukang jamu, tong mopohokeun kami atuh. Kieu-kieu oge kami kungsi kampanye ka lembur-lembur ngarojong maneh, mempromosikan maneh. Ih, lain kitu akang-akang, kuring teh keur sibuk malum loba urusan ka ditu ka dieu. Ayeuna oge keur rusuh da geus aya jangji jeung Muharom di sisi walungan. Naha nya, tadi pamajikan aing jangjian di sisi walungan, maneh jangjian oge di sisi walungan. Aya naon kitu di sisi walungan teh ? Ih Kang Surya mah kursi, Kurang Informasi. Mangkaning tong

ADIDOYO HARTATI SURYAWINATA KUNCORO HARTATI ADIDOYO HARTATI KUNCORO HARTATI SURYAWINATA HARTATI SURYAWINATA HARTATI

: : : : : : : : : : : : :

cicing wae di imah, kudu loba gaul, loba birokrasi. Kapan ayeuna mah keur usum. Enya aya naon atuh di sisi walungan teh, bejakeun ka kami. Ayeuna teh kapan keur rame, keur aya pertandingan bola voli. Ha Ha Ha Rupa-rupa kalakuan jelma. Ari batur mah voli pantai, ari ieu mah voli walungan. Ha Ha Ha Tapi, alus oge aya kamajuan. Ayeuna keur acara naon deui ? Ah, pokona mah rupa-rupa acara. Bola voli, tenis meja, bulu tangkis, bakiak, panjat pinang. Ah, pokona mah loba weh. Ari maen bal aya ? Rek maen bal di jalan raya, kapan di lembur urang mah euweuh lapang. Kabeh taneuh kosong dijieun bangunan, lapang golf, parumahan, apartemen, bioskop jeung TPSA. Ari billiar atawa bola sodok aya ? Aya, tapi kudu ngajual taneuh heula, kakara bisa maen. Tumben tara titasari, aya naon kitu ? Acan apal, kapan poe rebo engke bakal aya pajabat anu datang ka dieu. Jadi acara ieu teh keur penyambutan tea geuning. Pajabat nu datang, rek naon ceunah ? Duka atuh, pokona mah rame. Keur hadiahna oge kambing, domba, hayam, radio, tipi, parabot jeung rupa-rupa deui. Mangga atuh akang-akang bisi kabeurangan, soalna kuring oge ngiringan kontes kacantikan. HARTATI TUKANG JAMU GENDONG INDIT. SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO MASIH KENEH CICING TEU NGARTI. Aing beuki teu ngarti, ceuk ieu bakal aya ieu, ceuk itu bakal aya itu, ceuk anu bakal aya anu. Nu bener teh nu mana atuh ? Ah, nu bener mah anu dibejakeun ku kuring. Meunggeus Kang, tong percaya ka itu ka ieu, kudu ningali buktina heula. Malum jaman ayeuna mah loba propokator. Boa-boa, ieu teh mangrupakeun taktik ti pamarentah. Maksud aing kieu, masarakat ka daritu narongton hiburan tuluy gubug urang dibalongkaran, kapan licik nu kitu teh. Bener Kang kuring satuju, jadi pamarentah teu kudu ngagantian gubug urang. Licik pamarentah teh, licik ! Hayu urang ka sisi walungan, urang bejakeun ka masarakat yen ieu teh mangrupakeun taktik ti pamarentah keur ngagusur urang. Hayu Kang geuwat ! Hayu Doyo ! SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO BURUBURU INDIT KA SISI WALUNGAN. TAPI KAKARA GE SABARAHA LENGKAH GEUS KADENGE SORA RIBUT. MALAH MAH AYA SORA NU MENTA TULUNG SAGALA.

SURYAWINATA KUNCORO ADIDOYO SURYAWINATA ADIDOYO KUNCORO SURYAWINATA

: : : : : : :

KOSWARA

BARI NGAGOROWOK Lumpaaaaaat ! Hayu gancang lumpaaaaaaat !

SURYAWINATA

BINGUNG Aya naon Kos, aya naon make nitah lumpat sagala ka kami. Itu, di ditu aya penggusuran. Hayu gancang lumpat ! Ke heula naon nu digusur teh ? Enya, gubug-gubug digalusur, imah-imah dibalongkaran ku aparat pamarentah. Hayu gancang lumpat, bisi ditewak ! KOSWARA NGAGOROWOK DEUI Lumpaaaaaat ! Hayu gancang lumpaaaat ! Bawaan barangbarang anu penting, lumpaaaat ! Lumpaaaat !

KOSWARA ADIDOYO KOSWARA

: : :

KOSWARA LUMPAT DEUI MAWA RADIO BUTUT BARI TULUY GOGOROWOKAN. SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO MASIH KENEH NGAHULENG TEU NGARTI. TEU LILA, GEP ! PATUGAS KAMTIB GEUS NEWAK LEUNGEUN SURYAWINATA PATUGAS I : Hah beunang siah ! Rek lumpat kamana hah ! NGAGEROAN BATURNA SURYAWINATA PATUGAS II KUNCORO PATUGAS I : : : : Mir, geuwat tewak nu itu bisi kabur ! Leupaskeun ! Leupaskeun ! Aya naon ieu teh, aya naon ? Tong make tatanya sagala, rek nanya mah engke wae di kantor ! Naon salah kami make ditewak sagala ! Hayang nyaho jawabanana ! KA BATURNA PATUGAS IV : Din, terangkeun ameh nyaho ! Kieu yeuh, maraneh geus nyieun kota jadi teu bersih, jadi kotor, sumpek, sareukseuk. Jadi maraneh kudu diamankeun ameh kota jadi bersih !

ADIDOYO PATUGAS III PATUGAS V SURYAWINATA PATUGAS II

: : : : :

PATUGAS III ADIDOYO PATUGAS IV

: : :

Ke heula ! Kunaon imah kuring make dibalongkaran sagala, mana surat parentahna ! Teu make surat parentah oge, ieu mah geus jadi tanggungjawab kami pikeun nartibkeun suasana kota. Ameh bersih, indah loh jenawi. Jeung barina oge, keur naon make surat parentah sagala, kawas nu bisa maca wae ! Tapi dimana-mana oge kudu aya surat parentahna jeung aya duit gantina. Duit keur ngagantian ? Ngeunah weh ngomong teh. Puguh maraneh teh geus ngarugikeun pamarentah, yeuh kulantaran maraneh turis-turis asing jadi diharoream ka dieu. Kusabab pamandangan kota eunteu endah, eunteu bersih, ngarti ! Hayu geura ngilu ! Tapi pa Meunggeus tong loba teuing protes ! Rek ngalawan hah ! SURYAWINATA, ADIDOYO JEUNG KUNCORO DIBAWA KU PATUGAS KAMTIB. GUBUG JEUNG IMAH NU AYA GEUS BEAK DIBALONGKARAN. TEU LILA MASARAKAT GEUS BERES NARONGTON HIBURAN DI SISI WALUNGAN. PUGUH BAE SING HARULENG TEU PUGUH LAKU. BINGUNG Aya naon ieu teh ? Aya naon ? Naha gubug urang sing rarubuh kieu, kunaon ieu teh, kunaon ? Teuing atuh, ma enya salaki urang parasea deui, tapi asa moal mungkin pasea bari ngarubuhkeun gubug sagala. Kusaha atuh ieu teh, kusaha ? Atuh kuring rek sare dimana ? Aeh, ari Kang Doyo kamana nya ? Aeh heueuh, salaki kuring oge kamana nya ? Boa-boa salaki urang, kang Suryaaaa ! NINGGALI SULASTRI NGAGOROWOK, SARIPAH JEUNG TARSIH PIPILUEUN NGAGOROWOKEUN SALAKINA SEWANG-SEWANGAN. Kang Doyoooooo ! Kang Coroooooo ! TARSIH CEURIK SATARIKNA. TEU LILA SULASTRI JEUNG SARIPAH OGE NGILU CEURIK. PUGUH BAE BEUKI GANDENG JEUNG RAME. SAKEDAPAN SALAKI MARANEHNA DATANG BARI MARAKE KOLOR HUNGKUL. Kang Surya kunaon ? Naha make kolor hungkul ? Heueuh kunaon ieu teh, kunaon ? Teuing atuh, puguh kami oge teu ngarti !

SARIPAH

SULASTRI TARSIH SULASTRI SARIPAH TARSIH SULASTRI

: : : : : :

SARIPAH TARSIH

: :

SULASTRI SARIPAH KUNCORO

: : :

TARSIH

Ari gubug urang kunaon atuh ? SALAKI JEUNG PAMAJIKAN SALILA-LILA NGAHULENG TEU PUGUH LAKU. TEU PUGUH PIKIR. TEU PUGUH SAGALA. DUNYA SIMPE, SIMPE JEUNG SIMPE.

You might also like