You are on page 1of 62

SASAKALA MAUNG PANJALU

Kocapkeun di Karajaan Majapait, Prabu Brawijaya anu ngaheuyeuk ta nagara, keur anteng neuteup bulan purnama. Nginget-nginget kajadian mangsa ka tukang, kajadian anu ngabengkahkeun dua karajaan, Karajaan Majapait jeung Karajaan Pajajaran. Kajadianana mmang geus lila pisan, geus kaliwat sapuluh kitu taun ka tukang. Nyata kajadian anu katelah Perang Bubat. Timbul niat anu luhung dina manahna. Niat pikeun nyambungkeun deui duduluran, anu kungsi kapegat ku rasa ceuceub. Sabab dihenteu-henteu og, upama dijujut ka puhu mah, Raja Majapait jeung Raja Pajajaran th, ti karuhunna mah tunggal sakocoran. Carana mah bisa ngaliwatan pertikahan. Kabeneran Prabu Brawijaya lalagasan knh. Sang Prabu Brawijaya nggal nyaur Patih. Barabat atuh nyaritakeun pamaksudanana, nyata ngalamar putri Karajaan Pajajaran, anu geulis Putri Kencana Rarang. Tujuanana, taya lian pikeun nyambungkeun tali silaturahmi anu kungsi pegat pisan. Kasalahan karuhun urang baheula, henteu had lamun akibatna terus dikukut, sarta henteu perlu diwariskeun ka anak-incu. Patih sapuk kana pamaksudan Sang Prabu. Po ta knh Patih tatan-tatan, ngumpulkeun balad sarta nyadiakeun bekel, pikeun indit ngajugjug ka Karajaan Pajajaran. ta rombongan diluluguan ku hiji Mantri. Dina waktu anu geus ditangtukeun, ta rombongan utusan Majapait th, indit ninggalkeun nagarana maju ngulon. Lalampahan anu henteu gampang, lantaran nyorang leuweung geledegan. Kacaturkeun ta rombongan utusan th, geus tepi ba ka puseur dayeuh Nagara Pajajaran, anu perenahna di Dayeuh Kawali.

Utusan Majapait meunang pangbaga anu had, boh ti rahayat Pajajaran, boh ti Raja Pajajaran. Mantri anu jadi kokolot utusan Majapait, masrahkeun surat ti Prabu Brawijaya, unggelna seja ngalamar Putri Kencana Rarang, bari sakantenan maheutkeun deui tali silaturahmi, antara Karajaan Majapait jeung Pajajaran. Raja Pajajaran nampi ta lamaran, ngingetkeun kana niat luhung Raja Majapait. Ajakan pikeun hirup sauyunan, mmang kudu ditarima kalawan jembar. Manakomo, Sang Prabu Brawijaya th yuswana teu sabaraha gsh sareng Nyi Putri. Tumut kana kapalay sepuhna, Nyi Putri og kersa dipihukum ku Raja Majapait. Malah harita knh og ditangtukeun waktuna. Wanci anu mustari pikeun jatukrami. Dina waktu anu geus ditangtukeun, Sang Prabu Brawijaya sareng rombonganana, angkat ka Pajajaran kanggo rndngan. Sadugina ka Pajajaran, teras ba dirndngankeun nyandingkeun kembang Pajajaran Kencana Rarang. Munggah nurub cupu, nu kasp sareng nu geulis. Der atuh ngayakeun psta kacida ramna. Psta nagara tujuh po tujuh peuting. Sagala tatabeuhan ngageder taya reureuhna, lir anu nmbongkeun kabungah nyacapkeun kasono. Sanggeus rngs psta jeung sukan-sukan, Putri Kencana Rarang dicandak ka Majapait. Ngiring ka ingkang carog ngaheuyeuk dayeuh. Rumah tanggana stuning reugreug pageuh, ditilaman ku kanyaah dipupuk ku kadeudeuh. Sawatara bulan ti harita Putri Kencana Rarang wawartos ka carogna yn anjeunna ngandeg. Sang Prabu Brawijaya kalintang suka manahna. Nalika bobotna bad majeng ka salapan sasih, bet jorojoy w dina manah Nyi Putri, aya kapalay nyelang mulih ka Pajajaran, ku margi palay babar di bali geusanna ngajadi, disakaikeun ku ibu-ramana katut kadang wargi. Kawitna mah ku Sang Prabu teu kawidian. Komo deui Nyi Putri dina kaayaan bobot,

anu ceuk itungan indung beurang mah, moal dugi ka sasasih og orok baris medal. Nanging ku margi Nyi Putri keukeuh, sareng nyariosna dibarung ku merebey mili, ahirna mah Sang Prabu th lah manahna. Mangga atuh ari Rai maksa angkat mah. Mung hapunten, Engkang teu tiasa ngajajapkeun, ku margi nuju pameng mayunan nagara, saur Sang Prabu Brawijaya. Anjeunna ngutus hiji Mantri kapetengan, kanggo ngajajapkeun Nyi Putri ka Pajajaran. Sanggeus bekel katut parapangiringna sadia, bring atuh rombongan Putri Kencana Rarang angkat ti Majapait seja ngajugjug ka Pajajaran. Angkat nyacat nyorang leuweung geledegan, mipir-mipir pasir mapay-mapay jungkrang. Nyi Putri angkatna ditandu kana joli. Diaping ku Mantri katut paraponggawa. Sanaos kedah nyorang jalan rarumpil, Nyi Putri katingal paromanna bear marahmay, ku margi bad tepang sareng ibu-ramana. Sanggeus sababaraha puluh po lumampah, rombongan Nyi Putri anjog ka hiji tempat, di suku Gunung Sawal, kuloneun Ciamis ayeuna. Nyi Putri ngaraos nahnay sareng lalesu. Sering karaos patuangan sapertos nu bad babar. Terus ba pupuhu rombongan th paparntah, supaya rombongan eureun di dinya, sarta nyieun sasaungan pikeun Nyi Putri reureuh, jeung bisi enya deuih Nyi Putri babar di dinya. Mantri pupuhu rombongan paparntah deui, supaya ngadegkeun wawangunan anu tohaga. Sabab Ki Mantri ningali galagat Nyi Putri, kana bakal lami reureuhna di dinya. Pikeun nyieun ta wawangunan ta, loba tangkal kai anu rubuh ditaluaran, anu ku urang wtan mah disebutna tumbang. ta tempat dingaranan ba Panumbangan. Kiwari ngaran kacamatan di Ciamis kulon. Henteu lepat tina panyangka sadayana, teu lami ti harita Nyi Putri ngalahirkeun.

Orokna kembar sapasang: istri-pameget. Anu mimiti medal th orok anu pameget, anu matak dianggap ba rakana. Ari anu istri, dianggap raina. Ari balina dilebetkeun kana pendil, sarta dikubur di handapeun tangkal kai, kai badag sarta dahanna ngarampidak. Saparantos Nyi Putri salirana jagjag, rombongan neruskeun deui lalampahanana, ngajugjug ka Kawali, puseur dayeuh Pajajaran. Sababaraha po ti harita rombongan geus tepi. Nyi Putri dibagakeun ku ibu-ramana, dibarung ku kabungah anu taya hinggana. Komo deui ieu mulihna bari nyandak murangkalih, kembar sapasang anu kasp jeung geulis, stu mulus sarta taya kuciwana. Nyi Putri nyaritakeun lalampahanana, Ti kawit angkat ti Majapait dugi ka babarna di Panumbangan. Mung ta murangkalih anu dua ta, teu acan dipaparin jenengan. Saparantos ditang sagala rupina, ta dua murangkalih dipaparin jenengan ku yangna, nyata Raja Pajajaran. Anu pameget jenenganana Bongbang Rarang, ari anu istri jenenganana Bongbang Kancana. ta murangkalih dirorok ku yangna, kitu deui ibuna, Kencana Rarang, henteu mulih deui ka carogna di Majapait, nyata ka Sang Prabu Brawijaya ta. ta dua murangkalih morontod pisan. Beuki ged th beuki tmbong cahayana. Bongbang Rarang kasp lir Dwa Kamajaya. Bongbang Kancana geulis lir Dwi Ratih. Kacida pisan dipikanyaahna ku nu jadi yang, kawantu putu ti putra istri kameumeut. Tapi nepi ka umurna nincak rumaja, ta barudak th henteu nyahoeun bapa, lantaran kacida dibunianana ku akina. Kitu deui sakabh pangeusi karaton, diwanti-wanti ulah aya anu nyaritakeun bapana ta barudak anu aya di Majapait.

Lain ku nanaon, akina kacida risina, sieun incu anu kacida dipikanyaahna, indit nepungan bapana di Majapait, sasatna mah lunta ti Karajaan Pajajaran. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana, panasaran hayang nyaho bapana anu sastu. Unggal nanyakeun ka sing saha ba, jawabanana sarua, bapana th Raja Pajajaran. ta jawaban henteu nyugemakeun hatna. Sabab ibuna ka Raja Pajajaran th nyebot Ama, meureun ka maranhna th perenah incu. Bongbang Rarang jeung Bongbang Kancana, beuki ged th beuki tambah panasaran ba. Nepi ka hiji mangsa mah, ta dua budak th ngadesek hiji emban, emban kapercayaan ibuna ti bubudak, supaya ngabjakeun bapana anu sajati. Ku lantaran terus diguliksek, ditanya ku duaan mh unggal usik. Ahirna ta emban th lh dt. Pok ba atuh ngomong halon, Rama Radn th anu saleresna mah, Sang Prabu Brawijaya Raja Majapait. Ayeuna Bongbang Rarang nyahoeun bapana. Tangtu w ta hal th matak kagt Sang Raja. Ditanya saha anu mr nyaho? Bongbang Rarang, kitu deui Bongbang Kancana, henteu dak betus lantaran inget kana jangjina, moal ngabjakeun jalma anu mr nyahona. Ngan ti harita Bongbang Rarang terus ngurihit, angkan akina ngidinan pikeun indit ka Majapait. Tapi Raja Pajajaran henteu ngidinan ba, lantaran melang bisi kuma onam di jalanna. Ahirna dina hiji peuting jemplang-jempling, Bongbang Rarang ngalolos ti karaton, niatna geus gilig rk indit ka Majapait, nepungan bapana anu jadi raja di Majapait. Isukna, sapangeusi karaton ibur, Bongbang Rarang teu aya di karaton. Bur-ber anu narangan ka ditu ka dieu. Welh anu ditanganana henteu kapanggih, leungit lir anu diteureuy ku pokna bumi.

Kocapkeun adina, Bongbang Kancana, sanggeus nyaho nu jadi lanceuk ngalolos, rerencepan nyusul ngalolos ti karaton. Henteu lila og Bongbang Rarang kasusul, lantaran sammhna geus pasini jangji, tepung di hiji tempat anu dirusiahkeun. Terus atuh duanana neruskeun lalampahan, maksudna rk ngajugjug ka Majapait, nepungan bapana anu jadi raja di ditu. Barang nepi ka hiji tempat, anu kiwari katelah Panumbangan ta, Bongbang Larang kacida hanaangna. Kottngan nangan cai ka ditu ka dieu, welh henteu manggih. Brh ba ningali pendil handapeun tangkal, ditingali ku Bongbang Larang aya caian, caina hrang ngagenclang bangun tiis. Matak uruy nu keur meujeuhna hanaang. Henteu diengkkeun deui, cai dina pendil th ditotor nepi ka bak. Teuing kumaha mimitina pendil milepas, blus th asup kana sirah Bongbang Larang. Sirah Bongbang Larang seret beuheung, katutupan ku pendil anu dijieunna tina beusi. Dicoba dilaan, malah ku duaan, hs pisan. Ti dinya Bongbang Larang indit, leumpangna ditungtun ku Bongbang Kancana, maksudna rk mnta tulung ka nu lian. Sakur jalma anu dipntaan tulung, euweuh anu bisaeun ngalaan ta pendil. Ti dinya aya jalma anu ngabjaan, sangkan Bongbang Larang dibawa ka dukun, dukun kaceluk sakti, ngaranna Aki Garahang. Barang tepung jeung Aki Garahang, barabat atuh Bongbang Kancana nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Dittk taya nu kaliwat. Sanggeus ngadng caritaan Bongbang Kancana, pok Aki Garahang ngomong antar, ta th pangajaran keur hidep duaan, yn sagala kalakuan anu henteu diidinan ku kolot,

sok matak aya balukarna anu henteu ngeunah. Jeung deuih, Ujang, Nyai, ari nginum notor tina pendil th kalakuan anu teu had. Aki Garahang karunyaeun ka Bongbang Larang. Pokna, Keun sugan bisa urang akalan ku Aki. Sup Aki Garahang ka kamarna, metakeun tatali paranti ngukus ka karuhun. Aki Garahang sidakep sinuku tunggal, neneda pituduh ka Hyang Widi. Aki Garahang meunang ilapat, yn ta pendil kudu dibeulah ku kujang pusaka. Aki Garahang nyokot kujang pusaka, pk dikadkkeun kana pendil beusi, teu sakara-kara, pendil bencar sapada harita. Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, dititah nganjrek heula di dinya, ulah wara neruskeun lalampahanana. ta dua rumaja th nurut ka Aki Garahang. Dina hiji po, Aki Garahang rk iinditan, sammh Aki Garahang indit papadon heula, sangkan Bongbang Larang Bongbang Kancana, ulah wani-wani ulin ka Cipangbuangan. Ari Cibangbuangan th mangrupa talaga, anu caina canmbrang hrang. Abong nonoman keur meujeuhna belekesenteng, dicaram th lain nurut, kalah ka panasaran. Bongbang Larang jeung Bongbangkancana, siga anu ngahajakeun ulin ka Cibangbuangan. Brh ningali cai talaga anu sakitu hrangna, jorojoy ba lanceukna aya karep hayang kokojayan. Teu loba carita, gebrus Bongbang Larang ancrub, terus kokojayan bangun nu ngeunaheun naker. Bongbang Kancana kabitaeun, brus ka talaga. Duaan arulin kokojayan sukan-sukan dina cai. Lila-lila dina saluar awak ta dua nonoman, barijil bulu belang konng jeung hideung. Jangglk ba duanana jadi maung. Maung lodaya jalu jeung bikang. Barang duanana saladar kana ta kajadian, silihrangkul bari ceurik paungku-ungku. Duanana kaduhung geus ngarempak larangan, tapi kaduhung ti pandeuri mah taya gunana.

Dua maung kajajadn th balik deui, nepi ka pangajrekanana di imah Aki Garahang. Aki Garahang geus nyampak deui di dinya. Ges teg ba ta maung th maung kajajadn, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana, anu geus ngadon mandi di Cipangbuangan. Pok Aki Garahang ngomong bari dareuda, Ayeuna mah Aki henteu bisa nulungan, lantaran hidep duaan geus ngarempak larangan jeung henteu nurut kana papatah kolot. Dua maung kajajadn teu panjang tatanya. Sanggeus amitan ka Aki Garahang, duanana neruskeun deui lalampahanana. Barang meuntas di Walungan Cimuntur, duanana ampir-ampiran kena ku ajal, lantaran kajiret ku akar oyong. Sanggeus leupas tina ta bahaya, Bongbang Larang kabawa palid ku Walungan Cimuntur anu caina tarik. Bongbang Larang kabawa palid ka hilir, terus kasedot asup kana gawul tataheunan, nyata tangkal kawung anu dibobok tengahna, tataheunan paranti ngala lauk di walungan. Untungna ba ditulungan ku hiji patani. Bongbang Larang katut gawulna, dihanjatkeun ka darat ku ta patani. Tuluy ta gawul th dibeulah ku kampak. Sakali dua kali, nepi ka puluhan kalian, tapi gawul th teu dak beulah ba. Ku lantaran geus ngarasa taak, Bongbang Larang dibawa ka Raja Panjalu, anu harita mah linggihna di Dayeuhluhur. Bongbang Kancana ngiclik di tukangeunana. Srog ka payuneun Raja Panjalu, barabat ta dua maung th nyaritakeun lalampahanana ti awal nepi ka ahir. Raja Panjalu kacida pisan karunyaeunana. Gawul dilaan tina awak Bongbang Larang, molonyon siga anu babarieun pisan. Minangka mulang tarimana ka Raja Panjalu, Bongbang Larang jeung Bongbang Kancana

jangji moal ngaganggu ka turunan Panjalu, iwal anu ngalampahkeun tilu perkara. Kahiji, anu nginum ditotor tina pendil. Kadua, anu melak tangkal oyong. Katilu, anu nyieun gawul tina kawung bari henteu dibeulah heula. ta jangji maung kajajadn th, dikuatan ku jamp pamak Raja Panjalu. Ti dinya ta dua maung kakajadn th, neruskeun deui lalampahanana, nyorang leuweung-leuweung geledegan, mipir-mipir pasir, mapay-mapay jungkrang, ngaraas teuing sabaraha walungan. Ahirna anjog ba ka Karajaan Majapait, maksudna rk nepungan bapana. Barang srog ka lawang saktng karaton, gulang-gulang anu ngajaga lawang, pahibut bari nyangking pakarangna. Lantaran disampeurkeun ku maung, maung sadua-dua jeung galed deuih. Tuluy ba atuh maung th padangepung. Gancang dihuit ku Bongbang Larang. Anu ngarepung karagt tingraringeuh, mireungeuh aya maung bisa cacarita. Bongbang Larang nyaritakeun, saenyana manh duaan th putra Raja Majapait, Sang Prabu Brawijaya, ti Putri Kencana Rarang ti Pajajaran. Geus kitu mah, ta dua maung th dianteurkeun ka jero karaton, ngadeuheus ka Sang Prabu Brawijaya, anu harita nuju aya di pasban, ngempel sareng abdi-abdi karaton. Sang Prabu Brawijaya kagt manahna, nampi dua tatamu anh anu ngadeuheus. Barabat atuh Bongbang Larang nyaritakeun lalakonna ti mimiti ngalolos ti Pajajaran, robah wujudna jadi maung di perjalanan, tug dugi ka ayeuna aya di payuneun ramana. Ngadangu kitu, Sang Prabu ngagabrug, dua maung kembar th digalntoran, nyacapkeun kasono ka nu nemb tepang.

Tapi ku lantaran ayeuna mah geus bda, wujudna geus robah jadi maung lodaya, pok ba Sang Prabu Brawijaya sasauran, Ujang, Nyai, sanajan ayeuna geus robah, tapi taya bayana pikeun nyieun kahadan, taya salahna pikeun meunang kabagjaan. Bongbang Larang ditimbalan jadi raja di sakuliah leuweung Majapait. Ari Bongbang Kancana ditimbalan jadi ratu di sakuliah leuweung Pajajaran. Ceuk sakaol, sataun sakali unggal Mulud, ta dua maung sok ngahajakeun papendak, ari tempatna matuh di Panjalu. Nya ti harita deuih aya pacaduan, pikeun sakabh turunan Panjalu. Nyata teu meunang notor cai tina pendil, teu meunang melak oyong, jeung teu meunang nyieun kuluwung tina kawung anu henteu dibeulah heula.

SASAKALA PANDEGLANG
Jaman baheula aya hiji putri, putra Sanghiang Kanaliputih, jenenganana Nyi Putri Grajati, calikna di sisi Walungan Cilmr. Dina jaman harita ta putri kawntar pisan kageulisanana. Ra raja jeung putra raja nu paralayeun migarwa. Tapi boro-boro kalaksanakeun migarwa, nepangan og teu aya nu iasa, da teu aya nu uningaeun lebah-lebahna acan. Sawarnaning mahluk anu kumelip di leuweung ta, euweuh nu teu muji ka putri, kayungyun ku kageulisanana, kasabaranana, jeung kasaan manahna. Upama Nyi Putri angkat-angkatan, sato hwan anu ngiring, mani ngeungkeuy mangpirang-pirang. Ngaleut di satukangeun Nyi Putri. Upama Nyi Putri ngalangkung, tutuwuhan tingpelenong, ngahormat minangkana mah. Kekembangan ngadadak bareukah, ngabaktikeun seu-seungitna. Bubuahan anu parentil knh, ngadadak arasak kahibaran ku cahaya Nyi Putri. Tatangkalan anu ged anu leutik, kabh kawas hayang ngbrhkeun kasukana ka Nyi Putri. Unggal peuting upama caang bulan, Nyi Putri sok ngadon ngebak ka Talaga Cilampungan, nu caina hrang ngagenclang. Sakali mangsa keur jongjon Nyi Putri ngebak, ujug-ujug reup pok mongklng buta rajin, teu katm-bong curuk-curuk acan, bulan kahalangan ku mga hideung. Di leuweung simp, teu aya sora anu kadng, tatangkalan teu aya nu oyag-oyag acan, cai Talaga Cilampungan cicing, teu aya angin teu naon. Nyi Putri ngaraos hmeng lain dikieuna. Keur jongjon ngahuleng, kecem-plung aya buah kai murag ka payuneunana, rupana konng, hrang lir emas sinangling. Nyi Putri beuki kacida hmengeunana, manahna ngadak-ngadak ratug. Duh, aya naon ieu th? Keur kitu ngong aya sora tan katingalan, miwarang putri nuang ta buah kai. Nyi Putri hemar-hemir, wed salebeting manah, ditumutkeun kumaha, teu ditumutkeun kumaha; tapi tungtungna mah teu baha, top buah th dicandak, am dituang. Barang geus sp, ujug-ujug bray aya cahaya ngagebray. Katingalieun ku Nyi Putri dina ta cahaya th aya nonoman neuteup ka anjeunna bari ngajak imut. Ngan sakeudeung tmbongna ta cahaya th, les ba leungit deui. Nyi Putri ngahuleng ngmut-ngmut kajadian anu sakitu ahngna. Bulan caang deui, ngempray saperti tadi. Geus kitu anjeunna mulih. Tapi mutanana ka nonoman anu ngalangkang di satukangeun cahaya bulan mah, henteu leungit-leungit. Teras nganteng dina manahna. Saha atuh ta th? Heuleut sawatara lilana ti harita Nyi Putri bobot. Barang geus datang kana mangsana, brol babar. Putrana kembar, pameget duanana. Cahayana ngempur, kasp teu aya tandingna jeung sarupa deuih. Lain dikieuna ba Nyi Putri deudeuh asihna, stu kawas nanggeuy endog beubeureumna th saenyana. Dina manahna geus teu sak deui, anu katingali ku anjeunna ngalangkang dina cahaya barto th, ramana ta murangkalih. Lain manusa, tapi bangsa dwa. Paraputrana kacida lingsigna, sarta beuki ageung beuki katingal kasp taya papadana. Murangkalih mulus taya kuciwana.

Sakali mangsa Nyi Putri amengan ka Talaga Cilampungan, putrana duanana dicandak. Kabeneran aya manuk eunteup dina dahan kai, opat ngarndng; nu dua galed, nu dua deui laleutik. Kataringalieun ku murangkalih ta, tuluy ditaroskeun ka ibuna. Ibu, naha geuning manuk th henteu sami ageungna? Ku ibuna dicarioskeun, yn ta manuk th, nu galed indung- bapana, ari nu laleutik anakna. Paraputra sasauran deui, Manuk og geuning Ibu, barogaeun indung-bapa; piraku ari abdi duaan ngan boga indung wungkul. Di mana ari bapa abdi? Upami parantos pupus, di mana kuburanana? Upami jumeneng knh, naha atuh tara sumping ka urang? Nyi Putri Grajati nyeblak manah ngadangu piunjuk paraputrana kitu th, cisocana nyalangkrung. Saurna dareuda, Deudeuh teuing anaking, bapa Ujang mah saumur-umur og moal papanggih jeung Ujang, lantaran lain bangsa manusa, tapi bangsa dwa di Kaindran. Paraputra beuki panasaran ba ngadangu kasauran ibuna kitu th. Harita knh duanana arunjukan, nyuhunkeun diwidian, bad jengkar milari ramana ka Kaindran. Nyi Putri Grajati teu kinten wedeunana, kieu kumaha-kieu kumaha, da puguh kagalih ku anjeunna og, pantes ta murangkalih kacida paralayeunana patepang jeung ramana, lantaran ti barang gubrag ka dunya teu acan taringali di rupa ramana. Ari diwidian kumaha, da anjeunna sakitu abotna, moal kiat paturay lami-lami sareng putra anu dipikameumeutna. Tungtungna nya diupahan ba putrana th bari disanggeman, yn anjeunna bad mujasmdi, neda-neda ka Batara Guru, supaja aranjeunna ditepangkeun jeung ramana. Putrana ngalartosan, teras ba atuh marulih deui ka bumina. Nepi kana waktuna nu mustari, dek Nyi Putri ngawitan muja, meruhkeun napsu nahan amarah, meteng nu diangen-angen. Bawaning cengeng, lelembutanana medal tina raga badagna, gok tepang jeung Batara Guru. Ngong aya sora tan katingalan, H Grajati, manh kudu ngarti, yn bapa barudak th, lamun turun ka dunya, sagulung-sagalang jeung manusa, kudu nguculkeun sakabh kadwaanana. Ceuk ta sora deui, Jaba ti kitu ku sabab dwa teu meunang tmbong ka urang manusa, manhna kudu nitis nunda raga kadwaan. Engk di mana geus jadi jelema, manhna terus bakal hirup campur gaul jeung manh katut anak-anak manh, nepi kana mangsana kajadian, sakumaha nu geus ditetepkeun ti dituna. Nyi Putri pohara ngarnjagna ngadangu ta sora th. Geuwat disaurkeun ka para putrana; duanana kacida giakna. Peuting isukna Nyi Putri ngimpn, yn rama murangkalih th geus lungsur ka dunya, ngarupakeun lauk anu kacida gedna; ayana di Walungan Cilmr. Subuhsubuh knh Nyi Putri miwarang putrana nwak ta lauk, sarta dijangjian upama can beunang, ulah waka mulih. Ti dinya bral duanana arangkat, nyarandak heurap ged nu kacida kuatna. Sasumping-sumping ka Cilmr, hantem lauk th dipilari ku duaan, luput teu kapendak. Tungtungna putus pangharepan, duanana rk mulih deui, da ongkoh geus burit; maksudna rk dipilari deui isukna. Henteu ayeuna, sugan isuk, da sagala rupa og perlu kasabaran.

Tapi barang rk bral pisan mulih, cai di leuwi ngadak-ngadak ngabudah jeung tingberebes, tuluy oyag jeung tingburial beuki tarik. Lauk-lauk nu laleutik racleng sarieuneun. Kelemeng aja nu tmbong hideung, beuki lila beuki ttla, ana jol th horng lauk ged ta ngangkang, sisitna saged-ged piring, ting-rariak katojo ku panonpo keur tunggang gunung. Teu tata pasini deui, rup dirungkup ku heurap. Sakali teu beunang, dua kali teu beunang knh, katilu kalina lauk th hideng sorangan, asup kana heurap, tuluy heurapna dipulut sataker tanaga. Laukna gugurubugan bari ngabubat-babit buntut, blak murangkalih th nangkarak bengkang duanana, heurapna rangsak, laukna leupas deui. Geuwat padamuru. Barang geus katwak ger galungan, lauk dihurup ku duaan, tapi nu ripuh th wet nu ngahurup. Kabuntang-banting ku buntut lauk nu sakitu gedna, nepi ka sababaraha kali tibeubeut. Ahirna katwak asangna ku saurang. Barang rk ditubles, lauk th ngomong, pokna, Ulah dipahan Ujang, ieu th bisi teu nyaho bapa maranh. Ayeuna buru-buru bapa bawa ka ema. Paraputra kacida kagteunana, ngadarangu lauk ngomong. Teu talangk deui tuluy ta lauk dicarandak dipintonkeun ka ibuna. Barang jol ka payuneun Nyi Putri, jangglk lauk th jadi nonoman, kasp gandang taya tanding, anggoan singsarwa ndah. Nyi Putri calik, cong nyembah, ngahormat nu nemb sumping. Ti harita duanana teu papisah deui, riung mungpulung jeung paraputra. Kacaritakeun paraputrana sanggeus ageung beuki katmbong ba cahayana, kasp ngala ka ramana. Ari dina hiji po duanana arunjukan ka ibu-rama, nyuhunkeun diwidian bad guguru lmu ka Kutatambaga di Banten Girang. Sanajan ibu-ramana kacida aboteunana og, da puguh biasana anu geus ahir balg mah kudu nyiar pangarti. Ngan sammh angkat ku ramana diwurukan heula, saurna papacuan pisan ulah marandi di laut atawa ngiuhan handapeun kai. Upama ta larangan dirempak, ged pisan pibahyaeunana. Sanaos henteu dittlakeun pibahyaeunana, paraputra duanana jangji baris ngstokeun kana ta piwuruk. Tapi sanggeus meunang sawatara bulan guguruna di Kutatambaga, lat ba lali kana ta piwuruk th. Sakali mangsa rai-raka aramengan ka basisir, ningali parahu mayang nu rk balayar. Ngabring jeung rncangna nu sjn, nu keur papada guguru di Kutatambaga. Sasumpingna ka basisir, rakana dibawa ku tukang mayang, ngala lauk. Angkleung-angkleungan ka tengah laut dina parahu mayang. Ari raina sukan-sukan ngojay di laut jeung rncangrncangna. Entas ngojay ngaraos lesu, teras ngiuhan dina kikisik, handapeun kai. Harita knh jleg ba jadi batu. Heuleut sawatara lilana rakana sumping ti laut. Pohara hraneunana, raina bet teu aja. Ditaroskeun ka rrncanganana, teu aya nu nyahoeun. Geus kitu mulih deui ka basisir, dipilari dina kikisik. Beng ka ditu beng ka dieu, bari dibarantuan milari ku rrncanganana.

Ari bh kapendak dina handapeun kai, bet aya batu kawas manusa. Moal lepat deui, raina geus salin jirim jadi batu. Teg wa mut kana piwuruk ramana, Nya kieu temahna, teu nurut kana piwuruk sepuh th. Geuwat anjeunna mulih ti basisir, sasayagian bad teras ka ibu-ramana, bad ngunjukkeun ta kajadian. Sanggeus tarapti bral jengkar. Teu kacatur di jalanna, kocapkeun sumpingna ba ka pakuwon ibu-ramana. Barang sumping kacida anjeunna hmengeunana, rh urut pakuwon ibu-ramana barto th ayeuna jadi leuweung. Sakuriling bungking ngaladeg tangkal kai galed. Urut anjeunna ngala lauk di sisi Cilmr, kitu deui urut pangsiraman anjeunna jeung ibuna ta di sisi Talaga Cilampungan, ayeuna mah pinuh ku kaso jeung manjah. Sanggeus kauninga kabh, teras ka urut bumi ibuna, ari bh bet aya mariem ngarndng dua handapeun tangkal kai, nu ku anjeunna kakara kapendak harita. Manahna geus teu sak deui, ta mariem teh kajajadn ibu-ramana. Ngenes ngangresna geus lain caritakeuneun. Geus kitu anjeunna jengkar ti dinya, nanging sakaparan-paran ba, teu puguh anu dijugjug, samar-samar nu diseja. Ti harita ngung-ngeng bja, nyaliara ka sakuliah nagara, yn aya tukang ngala suluh nu manggihan mariem sapasang di leuweung sisi Walungan Cilmr. Jalma-jalma datang ti mana ti mendi, ti suklakna ti siklukna, hayang ningali ta mariem. Unggal jalma, boga carita swangswangan ngeunaan ta mariem. Lila ti lila kampr-mpr ka Sultan. Teras Sultan ngadawuhan mawa ta mariem ka Banten Girang, teu aya nu bisa mawa, dumh kacida beuratna. Boro-boro ku duaan ku tiluan, ku puluhan urang og teu bisa onggt-onggt acan. Ti dinya Sultan ngadegkeun sambara, saha-saha nu bisa mawa ta mariem duanana ka karaton, baris dirndngankeun ka putri, putra Sultan nu ngan hiji-hijina, sarta baris disrnan nagara sabeulah ti wtan. ta sambara sumebar ka sakuliah nagara. Malah kampr-mpr ka nagara sjn. Pirang-pirang jelema ti suklakna ti siklukna pada daratang kana tempat mariem ta, rk nyoba narohkeun milik. Anu majar bedas ged tanaga, ngan ukur bisa kaluar ksang badag ksang lembut. Anu majar sakti mandraguna, ngan ukur cape mapatkeun jamp pamak. Ari mariemna mah luput, teu kaonggt-onggt acan. Ahirna jol aya jajaka sumping ka dinya, teu puguh urang mana-manana. ta th nya putra Putri Grajati ta nu geus nunggul pinang, dikantun ku ibu-rama jeung sadrk. Tengah peuting keur sumedeng jemplang-jempling, bul anjeunna ngukus, teras ngawur-ngawur kembang kana mariem ta, nyambat ka ibu-ramana bari neda pangapunten tina kalepatanana. Barang geus bijil pajar, di puncak Gunung Pulasari geus bray-brayan caang, karaos ku anjeunna yn ibu-ramana geus ngahapunten. Plong manahna ngemplong. Teu sakara-kara, mariem kajungjungkeun, meni kawas anu hampan pisan. Ti dinya teras ba mariem th duanana dicandak, bad disanggakeun ka Sultan.

Barang geus meunang satengah po angkatna, ngaraos lesu, katambah panas deuih mani morrt. Reg lirn di tengah-tengah leuweung, bad ngareureuhkeun palay heula. Anjeunna nyarand kana cadas nangtung. Ari mariem ditunda di handapeun tangkal kadu. Kawasna ba mariem th embungeun ditunda di dinya, der ba ngamuk ngababukan tatangkalan, rrana tangkal kadu; nepi ka bungbang, taya tangkal anu ngari. Lebah dinya nelah nepi ka kiwari disarebut Kadubungbang. Geus kitu ta mariem ku anjeunna dicandak, teras angkat deui. Pasosorna jol sumping ka imah panday, di suku Gunung Karang. Anjeunna mundut ngarereb di dinya. Peutingna mundut dipanggeulangankeun mariem ta duanana, ambh gampang ngajingjingna. Isukna bral deui neraskeun lalampahanana, sarta salamet sumping ka karaton Sultan di Banten Girang. Mariemna ku Sultan ditampi, lain dikieuna ba Sultan bingaheunana. Nonoman diperenahkeun sakumaha mistina. Harita knh nonoman th dirndngankeun ka Nyi Putri, putra Sultan ta. Der ngayakeun psta nagara, tujuh po tujuh peuting. Teu lami ti harita, nonoman th dijungjung lungguh kana bupati Jakarta, sakumaha perjangjian ta. Ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara, disarengan ku garwana. Mariem anu hiji dicandak ka Jakarta, nya nu ayeuna disebut si Jagur ta, nu sok diparunjung, dipuja-puja, dianggap karamat. Anu kiwari mah cenah, jadi salasahiji pangeusi Musieum Nasional di Jakarta. Ari anu hiji deui ayana di Karangantu, Kampung Pamayangan, di sisi Walungan Cibanten. Minangka pangling-ngling ka Ki Panday nu mangnyieunkeun geulang pangjingjingan mariem ta, urut lemburna dingaranan Panday Gelang. Kaayeunakeun robah sesebutanana jadi Pandglang, dipalar gampang nyebutna. Kitu sasakalana th cenah. Wallahu'alam.

SASAKALA RAWABENING
Di Jakarta Kidul aya hiji tempat, anu ayeuna katelah Rawa Bening. Anu matak dingaranan kitu, lantaran baheulana rawa atawa ranca. ta ranca th caina canmbrang hrang, anu ku urang Batawi mah disebut bening. Nya nelah ba ngaranna Rawa Bening. Nurutkeun sasakala mah, dongngna kieu: Baheula, baheula g baheula pisan, di dinya th mangrupa pakampungan. Imahna loba, jelemana og gegek deuih. Ari pacabakan sapopona, umumna kana ngolah tatann. Jelemana masih knh palercaya kana sabangsaning lelembut jeung karuhun, masih knh ngagem kapercayaan buhun. Unggal taun jelema di ta lembur, sok ngayakeun sidekah bumi. Maksudna minangka rasa sukur yn maranhna geus dibr kasalametan. Lamun henteu ngayakeun sidekah bumi, cenah sok aya matakna keur urang lembur. Sok aya ba mamalana keur sarra, saperti caah atawa datang rupa-rupa kasakit. Kacarita dina waktu sidekah bumi, sakumaha kabiasaan urang dinya, sakur lalaki anu jagjag indit ka leuweung, moro sato ged ngarah dagingna, da sangu mah moal kakurangan, lantaran taun ta pannna mucekil. ta daging rupa-rupa sasatoan th, dijieun kadaharan keur sidekah bumi ta. Bring atuh kabh lalaki indit ka leuweung, mawa rupa-rupa pakarang keur moro. Aya anu mawa tumbak jeung kuli. Aya anu mawa gobang panjang. Aya anu ngan ukur mawa awi sateukteuk, congona diseukeutan saperti bamboo runcing. Geus puguh ari bedog mah, kabh og mawa disorn na cangkngna.

Ti subuh nepi ka tengah po, maranhna aya di leuweung, henteu manggihan sato hiji-hiji acan. Henteu bantng, henteu uncal, henteu manggih mencek-mencek acan. Padahal biasana mah di dinya th kawilang loba sasatoanana. Malah bantng og tingdarangong. Bari kacida harraneunana, maranhna ngariuhan handapeun kiara, lantaran geus ngarasa cap jeung panas. Aya anu nyarand kana canir, aya og anu dariuk dina akar. Sawarh deui gogolran dina jukut, malah aya anu nepi ka nundutan sagala. Bawaning ku lunges jeung hareudang. Aya salahsaurang nu hayangeun nyeupah, da baheula mah biasa lalaki nyeupah th. Pk meulah jamb ku bedog dina akar. Jambna beulah ngajadi dua, ari bedogna ta keuna akar, cer ba tina akar th bijil getih. Lain geutah anu bijil tina akar th, tapi ieu mah getih tur rupana og beureum. Ari ku manhna disidik-sidik, horng akar th bet sisitan. Sarta teu kungsi lila nguliat lalaunan. Ari dilieuk ka tebh luhur, sihorng oray sanca ged pisan, aya meureun saged catang kalapa mah. Sungutna calangap, huntuna ranggtng, ltahna anu nyagak ell-ellan. Gancang ba atuh jelema th pahibut. Aya anu ngadk, aya anu numbak, aya anu ngagebugan ku paneunggeul. Atuh henteu kungsi lila og, oray th geus ngalonjor dina taneuh. Dagingna padangarecah ku sarra, tuluy dibarawa balik ka imahna. Baralikan bari saruka bungah.

Ari daratang ka lemburna, jelema-jelema th pak-pik-pek, ngolahkeun daging oray ta. Sawarh diangeun, sawarh ditumpeng, sawarh deui dipanggang ditiiran. Maksudna keur sidekah bumi ta. Keun ba ku daging oray og cenah, da sarua ieuh daging-daging knh. Kacarita oray sanca anu tadi, sihorng lain oray sanca samana, tapi oray sanca anu keur tapa. Barang jasadna geus pah, sukmana salin jinis jadi budak buncir, tapi saurang og taya nu nyahoeun. ta budak buncir th awakna hideung, beuteungna bureuteu kawas nu cacingeun. Sup budak buncir th ka jero lembur, tuluy ngadatangan ka jelema-jelema, anu harita keur popolah daging oray. Budak buncir mnta dahar, tapi saurang og euweuh anu mr, lantaran urang dinya mah maredit, tara dak tutulung ka nu keur butuh, tara dak tatalang ka nu keur susah. Tina banget peurih beuteung, ta budak buncir leumpangna jajarigjeugan. Tepi ba ka hiji imah anu nenggang, ari anu boga imah th nini-nini. Nnjo kaayaan budak buncir kitu, nini-nini th karunyaeun pisan. Tuluy ba budak buncir th dibr dahar. Dahar saaya-saaya ba, kawantu nini-nini th lain jalma aya. Sanggeus rrs daharna, budak buncir th hayang mulang tarima, pok ba ngomong ka nini-nini ta, Nini, ingetkeun omongan kuring nya. Lamun engk aya bancang pakwuh, Nini kudu buru-buru mawa pangarih, ti dinya indit ka saung lisung, sangkan Nini bisa salamet.

Ti dinya budak buncir th indit, balik deui ka lembur anu rk sidekah bumi. Manhna nyampeurkeun ka barudak, anu keur arulin bari ngambng kadaharan, rupa-rupa kadaharan tina daging oray ta. Aya anu ngambng panggangna, aya anu ngambng gorngna atawa paisna, aya og anu ngambng cobkna. Pok budak buncir th ngomong, Ka darieu barudak, tarnjokeun uing. Uing rk nancebkeun nyr dina taneuh. Uing hayang nyaho saha anu bedas, nyata anu bisa nyabut ieu nyr. Budak buncir ngomong kituna th, bari terus nancebkeun nyr dina taneuh. Barudak anu keur arulin saleuseurian, sabab maranhna nyaraho, yn nyabut nyr th pagawan ntng. Henteu kudu mak tanaga ged. Salahsaurang budak ngomong kieu, Ku uing ta nyr rk dicabut, ngan lamun ta nyr geus kacabut, mank rk dicabok ku uing. Ngadng omongan kitu, budak buncir nmbal semu nangtang, Pk tah lamun nyr kacabut, uing cabokan ku sarra. Ngan lamun henteu kacabut, kadaharan anu aya di maranh, kudu dibikeun kabh ka uing. Ngadng omongan budak buncir kitu, barudak th kabh og saleuseurian. Aya hiji budak anu peupeuleukeuk, awakna og panggedna di antara nu sjn. Manhna ngajago pisan, nyabut nyr ku leungeun knca. Nyr henteu kacabut. Ku dua leungeun, henteu kacabut. Nepi ka dugang-duging luut-lt ksang, malah nepi ka prat-prt-prot hitut sagala, nyr th henteu onggt-onggt acan.

Ahirna ta budak th nyerah, gancang eureun nyabut nyrna, bari balaham-blhm semu ra. Dagingna dipnta ku budak buncir, henteu bisa ngortkeun. Pk tah bisi aya anu rk nyabut deui, pilakadar og nyr piraku hs. Perjangjianana mah saperti tadi ba, ceuk budak buncir ka barudak sjnna. Budak anu sjn baganti, nyoba-nyoba nyabut nyr, tapi kabh og taya nu bisaeun. Malah henteu onggt-onggt acan. Barudak th kadaruhungeun. jaba ngarasa ra ku budak buncir, lantaran tadi geus nyacampah, jaba kadaharan lapur deuih, kabh dipnta ku budak buncir. Budak buncir kacida bungahna, henteu kungsi ay anu nyabok, malah meunang pirang-pirang kadaharan, tangka ranggm knca katuhu. Ras budak buncir inget ka nini-nini, anu tadi mr dahar ka manhna. Kadaharan th dibikeun sawarh ka nini-nini, sawarh deui didahar ku sorangan, bari diuk andkak hareupeun nyr ta. Barudak baralik ka saimahna-saimahna, aya anu nyarita ka kolotna, aya og anu nyarita ka lanceukna, aya og anu ngarita ka tatanggana. Nyaritakeun kaanhan nyr, anu dirancebkeun ku budak buncir. Sanajan ngan saukur nyr biasa, tapi hs pisan dicabutna, malah henteu bisa onggt-onggt acan. Bja pabja-bja, bja dibjakeun deui. Antukna sapangeusi lembur nyaho. Kabh ngarasa panasaran, bring ba atuh nyampeurkeun budak buncir, teu sirikna kabh pangeusi lembur tamplok. Geus puguh lalaki anu jagjag waringkas mah,

salian ti panasaran th bari aya karep sjn, nyata hayang ngawarah budak buncir, anu geus ngarebut kadaharan barudakna. Datang ka tempat anu dijugjug, kasampak budak buncir keur diuk, nyarand kana tangkal kalapa, bari ngusapan beuteungna anu bucitreuk. Diukna nyanghareupan nyr anu ahng ta. Budak buncir henteu kagt henteu reuwas, kadatangan jalma anu sakitu lobana, lantaran geus disangka ti sammhna. Teu lila, torojol lalaki tengah tuwuh, anu dianggap kokolot di ta lembur. Pok ta kokolot th ngomong, H, Budak Buncir, mana nyr, anu majar ceuk barudak anh th? Tah, ta aya di hareupeun manh, ceuk budak buncir bari angger diuk, ngomongna siga ka sasamana ba. Mireungeuh paripolah budak buncir kitu, kokolot lembur rada nyeuneu og, beungeutna tangka euceuy lantaran ambek. Ieu ku aing nyr rk dicabut! cenah. Hg ba ari manh bisa mah! Lamun ieu nyr kacabut sia dicabok ku aing! Hg ba ari bisa kacabut mah! Dicabok ku sarra, ku jelema salembur! Hg ba, uing mah henteu sieun! Budak buncir ngomongna angger teugeug. Pok budak buncir ngomong deui, Ngan lamun henteu bisa kacabut, kabh daging jeung kadaharan sjnna, anu aya di manh kudu dibikeun ka uing! Ngarasa ditangtang jeung dihina basa, kokolot lembur buru-buru nyabut nyr. Tangka dugang-duging jeung boborot ksang. Boro-boro kacabut, teu onggt-onggt acan. Ahirna mah kokolot lembur bobolh. Kabh anu narnjokeun ngarasa panasaran, pangpangna mah lalaki anu jagjag waringkas. Saurang-saurang maju rk nyabut nyr.

Hasilna sarua jeung nu enggeus-enggeus, euweuh anu bisaeun nyabut nyr, malah loba anu kawiwirangan. Aya anu nepi ka dut-dut hitut, aya anu nepi ka wr-wr kiih. Teu saeutik anu ngajengkang bak tanaga. Kabh sapangeusi lembur tingharuleng. Kumaha carana nyabut ta nyr, sabab lamun euweuh nu bisa nyabut, kabh bakal karurugian. Daging jeung sakabh kadaharan, anu diajangkeun keur sidekah bumi, kudu dipasrahkeun ka budak buncir. Atuh meureun moal jadi sidekah bumi th. Keur tingharuleng kitu, torojol aya jajaka jangkung badag, kawntar tukang gelut tukang jogol. Tong boronong jogol jeung jelema, dalah jogol jeung bantng og, can kabjakeun kungsi kawiwirangan. Dagal-digil jeung bedegul, peupeuteuyanana og beberihalan, bitisna deuih babalingbingan. Nnjo jajaka anu anyar datang, kabh sapangeusi lembur surak, surak bakating ku bungah. Pangrasana bakal aya anu bisa ngajait tina karurugian jeung wiwirang. Piraku cenah jelema salembur, bisa kadsh ku budak buncir hiji. ta jajaka anu anyar datang th, anu keur meujeuhna buta tulang buta daging, terus singkil bari rada gumasp. Boga rasa pangbedasna pangrongkahna. Pk nyabut nyr hareupeun budak buncir. Sakali, dua kali, nepi ka puluhan kalina, nyr angger henteu bisa kacabut. Tungtungna walh ba teu sanggup, tanagana geus mh beak. Kabh jelema tingharuleng deui. Tuluy tingharwos jeung padabaturna.

Nangan akal satkah polah, sangkan henteu kudu nedunan jangji, wantuning kabh pangeusi lembur th, jelema kort jeung kawntar tukang licik. Maranhna embung karoroncodan, daging jeung sakabh kadaharanana, kapimilik ku batur nyata ku budak buncir. Pok w kokolot lembur th ngomong, Ayeuna mah kieu ba, sarra kudu sapuk jeung uing. ta nyr ditancebkeun ku budak buncir, jadi kudu dicabut deui ku budak buncir. Lamun ta nyr henteu kacabut, urang sarra henteu kudu masrahkeun daging jeung kadaharan ka budak buncir. Kabh sapuk kana omongan kokolot lembur. Ngadng caritaan kokolot lembur kitu, budak buncir ngahuleng sajongjongan. Ku manhna kahartieun, ta th siasat. Sanajan ta nyr kacabut og ku manhna, urang lembur can tangtu nohonan jangjina. Sarta lamun geus bisa kacabut, tangtu bakal aya pamntana anu sjn. Bisa jadi pamnta anu pamohalan pisan. Sanggeus mikir kitu, budak buncir ngomong, pokna, Heug, ieu nyr ku uing rk dicabut. Uing nyaho maranh kabh bakal jalir jangji, lantaran boga sipat hawek jeung licik. Ngan lamun ieu nyr geus kacabut, maranh kabh bakal musna, minangka hukuman jelema-jelema, anu hawek jeung sok ngalicikan ka batur. Ngan saurang di lembur ieu nu bakal salamet. Barang ta nyr dicabut ku budak buncir, cer ba cai mancer tina urutna, beuki lila beuki ngagedan, sarta tuluy leb-leban minuhan lembur. Antukna ta lembur th jadi situ. Jelema katut imah-imahna kabh kakelem. Ari budak buncir ta mah, les ba ngaleungit lir anu diteureuy lemah.

Ngan nini-nini saurang anu salamet th, anu diingetan ku budak buncir ta. Barang ngadng nu tinggorowok, nini-nini mawa pangarih ti dapur, terus lumpat ka saung lisung. Manhna tumpak lisung dina cai, ngabosh ku pangaruh, salamet henteu kakelem ku cai. Saurang og taya nu nyaho, geus sabaraha lilana ta kajadian th, tangtuna og mangratus-ratus taun. ta situ th lila-lila jadi dt, anu disebut ranca atawa rawa. Ku lantaran caina kacida hrangna, anu ku urang Batawi mah disebut bening, nya katelah ba ngaranna Rawa Bening. Kiwari mah Rawa Bening th, geus jadi deui lembur anu kacida gegekna. Malah geus jadi dayeuh anu kawilang ram. Imahna og geus lain imah panggung deui, teu saeutik gedong-gedong anu jarangkung. Sanajan kitu, mh unggal taun sok jadi situ, lantaran kakelem ku cai cacaahan ti girang, komo lamun usum ngijih anu pohara mah

SASAKALA CIGONDEWAH
Jaman baheula, aya karajaan anu ngaranna Karajaan Sindangsari. Ari anu jadi rajana katelah Bagnda Raja Singa Mandala. Raja anu adil tur wijaksana. Bagnda Raja kagungan putri anu keur sumedeng rumaja putri, nyata Putri Mayang Sawitri. Putri geulis bawa ngajadi, ndah bawa ti kudrat. Kageulisan Putri Mayang Sawitri geus kawentar ka mana ka mendi. Loba pangran jeung raja anu boga maksud pikeun ngalamar, tapi kabhanana ditolak ku Putri Mayang Sawitri. Bagnda Raja Singa Mandala kacida hariwangna, dumh sakabh pangran jeung raja ditolak lamaranana. Bagnda sieun raja-raja anu ditolak lamaranana th nyerang ka Nagara Sindangsari. Hiji waktu Raja Jaya Dilaga ti Nagara Margaasih datang jeung rombonganana. Maksudna taya lian, rk miharep ka Nyi Putri Mayang Sawitri. Tapi nu ieu g sarua deuih ditolak lamaranana. Atuh Bagnda Raja Singa Mandala th beuki geumpeur kacida. Sok sieun Raja Jaya Dilaga bendu, tuluy nyerang karajaan manhna. Teu jauh tina panyangka, amarah Raja Jaya Dilaga geus teu katahan, lantaran lamaranana ta ditolak. Anjeunna ngajak perang ka Raja Singa Mandala. Raja Singa Mandala teu bisa nolak kana tangtangan Jaya Dilaga. Anjeunna sayaga nyiapkeun balatentara di karajaan-ana. Sakabh balatentara Sindangsari mak pakarang panah jeung gondwa pikeun mapag perang. Wanci subuh, balatentara Sindangsari ngajugjug ka tem-pat perang. Tangara perang geus ditabeuh. Prajurit Sindangsari ngaleut ngeungkeuy ka pangperangan. Bari teu poho mawa panah jeung gondwa ta. Kira-kira wanci manceran, perang campuh dimimitian. Singhorng paraprajurit Margaasih leuwih kuat tinimbang paraprajurit Sindangsari. Ari sababna, jumlahna leuwih loba sarta pakarangna leuwih samakta. Paraprajurit Sindangsari kadsh, sarta loba nu palastra, gugur di mdan jurit, teu kuat ngayonan musuhna. Malahan Raja Singa Mandala og perlaya sapada harita. Ningali ramana perlaya, Putri Mayang Sari nyabut keris, rk terus labuh geni, mahan manh, tga kana nyawana sorangan. Ngan creb w, keris th ditubleskeun kana beuteungna. Sarta harita knh og Putri Mayang Sari nemahan pati ku kerisna sorangan. Ningali kaayaan kitu mah, ngarasa puas hat Raja Jaya Dilaga th. Manhna ngarasa sugema, sabab anu nganyerikeun hatna geus sah ti alam dunya. Ku sabab di ta tempat th loba paraprajurit Sindangsari anu perlaya, sarta marak senjata panah jeung gondwa, nya ti harita ta tempat th ku Raja Jaya Dilaga dingaranan Cigondwa. Nu ahirna robah jadi Cigondwah, anu asalna tina gondwa tadi.

SASAKALA GUNUNG GUNTUR


Di wewengkon Kabupatn Garut, aya gunung anu kawilang ged, ngaranna Gunung Guntur. Baheulana mah ta gunung th ngaranna Gunung Kutu. Teu jauh ti dinya, aya gunung leutik. Anu katelahna Gunung Putri. ta th aya sasakalana. Baheula pisan di dinya th aya hiji karajaan kawilang ged, ngaranna Karajaan Timbanganten. Ari puseur dayeuhna di Korobokan, henteu jauh ti Gunung Kutu. Pacabakan rahayatna ngandelkeun tina rupa-rupa tatann. Henteu ari medah-meduh mah, ngan tara kabjakeun kakurangan dahareun. Harita anu jadi raja di Timbanganten th nyata Sunan Rangga Law. Kacida dipikaasihna ku rahayatna, lantaran kacida merhatikeunana kana kahirupan sakabh rahayatna. Naon ba kahayang rahayatna, lamun ta had pikeun maranhna, pasti ditedunan kalawan daria. Sunan Rangga Law th kagungan sadrk istri hiji. Jenenganana Maharaja Inten Dwata. Raka Sunan Rangga Law saibu-sarama. Tapi, anjeunna teu kersaeun calik di nagara, kersana palay mikampungan ba, diiring ku pangatikna lalaki anu umurna kolot pisan, ngaranna Batara Rambut Putih. Kacaritakeun dina hiji mangsa, nagara katarajang halodo panjang, nepi ka rahayatna kakurangan cai. Tong boroning keur pepelakan, dalah keur pangabutuh sapopo og, cai th kacida hsna.

Mangkaning kabh og nyaho, cai th pangabutuh anu kacida pentingna. Pikeun ngungkulan ta masalah, taya deui jalanna anu kaerong ku Raja, iwal ti kudu nyieun situ. ta situ baris ged mangpaatna. Lain ba keur sasadian cai dina mangsa tigerat saperti harita, tapi bisa dipak nyaian tempat-tempat anu angar lantaran kurang cai, nepi ka bisa dijieun sawah-sawah anyar. Ngan di mana tempatna? Tuluy ba Sunan Rangga Law ngeprik paramantri jeung ponggawa lianna, sangkan nangan tempat pisitueun. Tempatna kudu anu had. Nyata anu henteu bangga ngabendungna, sarta lamun geus jadi situ, caina bisa dipak ku sakuliah nagara. Nepi ka dina hiji waktu, Sunan Rangga Law keur magelaran, dideuheusan ku paramantri, ponggawa, katut abdi-abdina kabh. Pok Patih unjukan ka Kangjeng Sunan, Abdi mendak pisitueun, teu kinten sana. Ku mutan, upami di dinya disamel situ, tiasa nyaian ka sakuliah nagara, sareng tegalan anu upluk-aplak, tiasa didamel sawah-sawah anyar. Sunan Rangga Law kalintang bingahna, ngadangu piunjuk Patih kitu th. Pok mariksa, Di mana, Ki Patih, tempat anu had keur pisitueun th? Patih ngawalon, Di hiji lngkob, anu aya di wewengkon Gunung Kutu. Dupi anu kagungan pisitueun th, raka Kangjeng Sunan ku anjeun, Maharaja Inten Dwata. Sunan Rangga Law ngadawuh, Gampang ari kitu mah. Lajeng miwarang hiji mantri,

dawuhanana, Manh ayeuna pisan kudu indit ngadeuheus ka Aceuk, dipiwarang ku aing mundut ta pisitueun, bad ditambak dijieun situ, sabab baris ra pihasileunana. Los manh geura leumpang! Gancangna ta mantri teu talangk deui, harita knh og mundur ti payuneun ratu, leumpang gagancangan, ngajugjug ka bumi Maharaja Inten Dwata. Teu lila og geus nepi ka nu dijugjug. Sadatang-datang cong mantri nyembah, bari gk diuk mando tadim. Ku Maharaja Inten Dwata geuwat dipariksa, saurna, Dipiwarang naon ku gusti manh? Mantri unjukan, Abdi gusti sadaya-daya, didawuhan ku rai gusti, dawuhanana, manawi aya lunturing panggalih dampal gusti, ta pisitueun dipundut, bad didamel situ. Margi saurna, baris seueur mangpaatna. Maharaja Inten Dwata ngalahir, lahiranana, Unjukkeun ka gusti manh, ta pisitueun hamo dihaturkeun, sabab aing euweuh deui nya kabetah, lian ti di tempat ieu pisan. Lamun ta lngkob dijieun situ, atuh meureun lembur aing kakeueum. Los Mantri, manh geura balik! Ti dinya mantri tuluy mulang. Barang datang ka nagara, tuluy diunjukkeun sadayana, sadawuhan Maharaja Inten Dwata. Dawuhan Sunan Rangga Law, Kajeun ari teu dipaparinkeun mah, urang nangan deui w tempat sjn, sugan manggih anu leuwih alus. Bur-ber anu nangan pisitueun, tapi welh taya anu manggih. Malah lila-lila mah, jul-jol rahayat anu ngadeuheusan, unjukan ka Sultan Rangga Law,

nyuhunkeun nggal ta lngkob ditambak didamel situ. Supaya rahayatna henteu hs cai, sarta bisa nyieun sawah-sawah anyar. Kacarios Sunan Rangga Law tos dua tilu kali miwarangan mundut ta pisitueun, tapi welh wa teu dipaparinkeun ba ku rakana, nyata Maharaja Inten Dwata. Sunan Rangga Law henteu iasa maksa, tina ngaraos ajrih ka raka. Dina hiji waktu aya mantripan unjukan, mantri pangkolotna di ta magara. Piunjukna, Awon teu kapiunjuk, wirh abdi gusti ngaraos hran ku manah dampal gusti, sapertos anu teu miwelas miasih ka abdi-abdi anu laksa rwu, dugi ka ajrih ku raka istri. Sunan Rangga Law ngajenghok, pok sasauran, Na kumaha kitu, Mantri? Pok mantri neruskeun piunjukna, Bawiraos abdi gusti, danget ieu dampal gusti nu jumeneng ratu di Timbanganten th. Ku mutan abdi gusti, sakersa dampal gusti henteu knging dihalang-halang ku nu sans, sanaos ku tuang raka Maharaja Inten Dwata. Margi upami kitu, atuh di Timbanganten th aya ratu dua: hiji istri, hiji pameget. Ngadangu piunjuk mantri, Sunan Rangga Law kacida benduna, ngaraos yn enya sapihatur mantri. Lajeng ngadawuh ka Patih, Ayeuna kumpulkeun abdi-abdi kabh, sarta kudu marawa pacul, linggis, jeung sapuratina parabot nu rk nyieun situ. Po ieu knh urang tambak! Sanggeus meunang dawuhan ti ratu kitu, breng atuh rahayat arindit ka pisitueun. Jalma datang ti suklakna ti siklukna, maranggul pacung, ngajingjing linggis,

katut parabot lianna keur ngali taneuh. Komo anu ngadng sorangan dawuhan raja, dalah anu harita ngadng bjana og, indit nuturkeun anu ngabrul, ngaleut ngeungkeut ngabandaleut. Sunan Rangga Law og angkat, diiring ku mantri sareng paraponggawa. Barang sumping ka pisitueun ta, teras ngadamel pasanggrahan di dinya. Margi mutanana ngadamel bendungan th, sans padamelan sapo jadi. Rngs ngadamel pasanggrahan, pok sasauran, Prak atuh geura digaraw! Ambh trh anggeus, trh kaala hasilna! Breng atuh rahayat digaraw saregut naker. Unggal po digaraw ti isuk-isuk nepi ka sor. Keur mah ngstokeun timbalan raja, katambah-tambah lain keur kapentingan batur, tapi keur kapentingan maranhna sorangan. Teu sirikna kabh sanagara ubyag, nyarieun tambakan keur pisitueun. Cap gaw geus dianggap jamakna, sabab inget kana hasilna mun situ rngs. Sanggeus aya kana puluh pona, tambakan th rngs ngalingkung lngkob. Teu sabaraha lilana deui ti harita, situ th geus lb-lban pinuh, caina lbr ngamprah ke lembur-lembur. Sakumna rahayat saruka bungah. Ubyag deui digaraw poho di kacap, nyieunan sawah-sawah anyar. Tegal angar anu legana upluk-aplak, jaradi sawah anu teu kakurangan cai. Tapi kaayaan anu sarupa kitu th, kanggo Maharaja Inten Dwata mah matak ngenes kana manahna. Anjeunna kagungan anggapan, yn raina parantos metakeun kateuadilan, milampah panganggo sawenang-wenang. Ngabendung lngkob cangkingan anjeunna, bari henteu aya widi ti nu kagungan. Manahna peurih, raos digerihan ku hinis.

Ti dinya anjeunna lebet ka bumi, nyandak kekemben hiji, raksukan hiji, tuluy angkat ngajugjug ka gunung leutik anu deukeut ka Gunung Kutu anu ayeuna katelah Gunung Putri, sabab baheulana dianggo ngarereb ku Maharaja Inten Dwata. Disarengan ku pangiringna anu satia, nyata Batara Rambut Putih. Saparantos Maharaja Inten Dwata ngaso, lajeng ngadawuh ka Batara Rambut Putih, Aki ayeuna kudu nyieun jolang keur wadah cai jeung kudu mawa taneuh sakeupeul, kula dk nanjak ka Gunung Kutu. Matur Batara Rambut Putih, Bad ngersakeun naon Gusti di ditu? Nyaur deui Maharaja Inten Dewata, Ah, hayang nyaho ba kaayaanana. Teu talangk Batara Rambut Putih tuluy nyieun jolang ged sarta tuluy dieusian cai, bari mawa taneuh sakeupeul, ngiring Maharaja Inten Dwata angkat ka Gunung Kutu. Sajajalan teu lmk teu nyark, bingung nyurahan maksud dununganana. Sasumpingna ka puncak gunung, tuluy ta taneuh sakeupeul th diawur-awur di luhur gunung jeung cai anu sajolang ta dibahkeun. Sanggeus cai dibahkeun, Maharaja Inten Dwata lungsur deui ti luhur Gunung Kutu ka Gunung Putri. Batara Rambut Putih henteu tinggal. Sapada harita knh aya kajadian anh, panonpo nu keur meujeuhna mentrang-mentring, ngadadak kawas anu leungit sinarna. Tanah Timbanganten jadi pok mongklng. Henteu lila kadng anu patingjelegur, datangna ti puncak Gunung Kutu. Seuneu muntab-muntab hurung mancur,

silalatu tingbelewer ka ditu ka dieu. Gunung Kutu muncratkeun batu panas, dibarengan ku hujan lebu nu luar biasa. Batu panas ninggang ka leuweung, ger leuweung kahuruan muntab-muntab. Ninggang ka pilemburan, loba imah anu ajur. Loba jelama anu misan, patulayah sisi jalan. Malah di puseur dayeuh gur-ger kahuruan. Dayeuh Korobokan ruksakna liwat saking. Jelema anu henteu katinggang, anu jauh ti Nagara Korobokan, kalabur ka tempat anu leuwih, lantaran sieun katinggang ku batu. Seuneu di Gunung Kutu muntab-muntab, batu-batu tingbelewer ka luhur, katnjona burahay jadi seuneu sakuliahna. Lebu hudeung ngadingding sakuriling bungking. Beurang peuting salila opat puluh po. Jalma-jalma mnak-kuring kacida pisan sarusaheunana, lantaran katarajang bahla anu sakitu gedna. Dina jero opat puluh po opat puluh peuting henteu ngingetkeun kana salamet, ingetanana nu araya saperti kiamat ba, tina ningal bahla anu sakitu poharana, anu sakitu ged karuksakanana. Dina waktu kajadian kitu, rahayat anu henteu katinggang urug, kalaburna th paburantak ba, aya nu ngtan, aya nu ngulon, anu ngalr, anu ngidul. Geus henteu ngingetkeun kana banda, henteu inget kana rajakayana, kalabur ka tempat-tempat nu jarauh, dapon dirina bisa salamet. Aya anu kabur ka Bandung, ka Sumedang jeung ka Karawang, anu ka Tasik og teu kurang-kurang. Malah dina geus ppsna deui og, loba pisan anu teu baralik deui, ka tempat asalna di Kotobokan,

tuluy ba ngalumbara di dinya, nepi ka turun tumurun ka anak-incu. Sunan Rangga Law geus ngaraos yn pangna salirana katarajang balai anu sakitu poharana th, tangtu pisan lantaran ti rakana, ti Maharaja Inten Dwata. Lajeng jengkar ti Dayeuh Korobokan, kersana rk nyungsi rakana, ngajugjug ka Gunung Kutu. Teu lami katingali ku anjeunna, Maharaja Inten Dewata keur ngadeg dina batu. Sunan Rangga Law gagancangan muru rakana. Sanggeus patepang sareng rakana, Sunan Rangga Law ngarawu sampan rakana, pok sasauran bari nangis lungas-lengis, Aceuk, abdi mundut dihapunten tina sagala kelelepatan sareng kaluluputan. Rumaos abdi anu kirang tata kirang titi. Tuluy dihampura ku Maharaja Inten Dwata. Tanda yn geus dihampura, seuneu nu keur hurung ngabla-bla th bet dadak sakala pes pareum. Kitu deui sora nu patingbeledug jep rph. Batu nu cara hujan datangna ti gunung, les leungit kabh, musna teu sakara-kara. Sunan Rangga Law matur ka rakana, Sumangga Aceuk, ayeuna mah urang mulih ba ka nagara. Maharaja Inten Dwata nyaur, Aceuk mo balik deui ka nagara. Deuk nurutkeun kahayang ati wa, jeung baring supagi upama ieu gunung jadi deui cara kieu petana, sambat ba ngaran Aceuk jeung ngaran Aki Batara Rambut Putih, salamet mo aya kitu-kieu. Maharaja Inten Dwata, kitu deui Batara Rambut Putih, sanggeus sasauran kitu les musna ti payuneun Sunan Rangga Law.

Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Henteu kacaritakeun ka mana angkatna, atawa di mana calikna. Ti harita Gunung Kutu dilandi ngaranna, sawarh aya nu nyebut Gunung Agung, sawarh deui aya nu nyebut Gunung Guntur. Ari gunung anu leutik, urut Sunan Rangga Law tobat ka rakana ta, nelah nepi ka ayeuna Gunung Putri. Ari situ anu didamel ku Sunan Rangga Law katelah Situ Taman di Timbanganten. Saujaring carita, jalma anu pah mangsa harita, boh anu katinggang ku batu, boh anu kaurugan ku taneuh atawa keusik, jeung anu kalld ku lahar panas, rana aya sawelas rbu; ari rupa sato hwan tujuh rwu. Ari Dayeuh Korobokan jeung kampung-kampungna, anu kaurugan ku taneuh jeung ku batu, ayeuna katelah Tegalurug. Ari Nagara Timbanganten nya dipindahkeun ka Tarogong, Garut. ta nagara pusaka ti jaman baheula. Sakitu dongngna Gunung Kutu nu matak seuneuan nepi ka ayeuna.

SASAKALA GUNUNG TAMPOMAS


Kacaritakeun, Gunung Ged anu aya di Sumedang ngaluarkeun sora pohara pikakeueungeunana. Sorana ngaguruh. Tina puncakna kaluar haseup campur lebu anu hurung. Ieu gunung kawaskawas ark bitu. Rahayat Kabupatn Sumedang harita, pohara rareuwaseunana. Kumaha balukarna lamun ta Gunung Ged bener-bener bitu? Teu kacatur saha anu jeneng bupati harita. Ngan ta bupati th pohara towksana ka rahayat, wedi asih sarta bijaksana. Atuh sanajan can kalaporan g anjeunna parantos uningaeun, kumaha tagiwurna rahayat. Anjeunna teras ngmutan sangkan bisa nyalametkeun rahayatna. Ku pangjurung kanyaah ka rahayat ta, anjeunna teras nyepi di hiji kamar, seja mujasmdi neda pituduh ti paradwa. Susuganan ku jalan kitu, anjeunna tiasa mangadep ka Yang Tunggal, dipasihan pituduh pikeun nyalametkeun rahayatna. Ku cengeng-cengengna nu mangadep, alhamdulillah, maksad Kangjeng Bupati tinekanan. Dina hiji wengi, Kangjeng Bupati ngimpn kasumpingan hiji aki-aki. ta aki-aki anu nganggo anggoan sing sarwa bodas th, pok sasauran anca pisan, Putu yang anu kasp, yang geus terang kumaha kabingung hidep. yang hayang mantuan sangkan rahayat hidep bisa leupas tina kahariwangna. ta gunung kudu ditumbal ku keris pusaka kagungan putra dalem anu dijieun tina emas. Poma hidep ulah deuk ngortkeun. Tah, sakitu ba ti yang. Sabada sasauran kitu, ta aki-aki th les ba leungit tina impnan Kangjeng Bupati. Satampina ta ilapat, nggal ba Kangjeng Bupati kaluar ti kamar sarta teras nyandak keris pusaka. nggal anjeunna angkat ngajugjug ka puncak Gunung Ged. Rurusuhan da sieun bitu mantn. Najan rahayat anu keur bingung, nyaksian Kangjeng Bupati angkat ka puncak gunung mah, teu tgaeun ngantep. Bring ba naluturkeun. Sadugina ka puncak Gunung Ged, Kangjeng Bupati teu talangk, ngan lung ba ta keris th dialungkeun kana kawahna. Rahayat anu tadi naluturkeun th ngan bati colohok, da ta keris th stu kageugeut pisan Kangjeng Bupati. Barang ta keris geus dikana-kawahkeun, jep saharita sora anu ngaguruh pikakeueungeun th jemp. Lini anu geus lila karasa, harita mah teu karasa naon-naon. Sabada leungit kagtna, timbul kabungah rahayat th. Ger ba surak bakat ku atoh, sarta tuluy sumujud ka Kangjeng Bupati tanda nganuhunkeun. Sakabh rahayat ngaikrarkeun seja satia-satuhu ka anu ngaheuyeuk dayeuh. ta maksud kasatiaan rahayat th ku Kangjeng Bupati ditampi kalayan dareuda, bakat ku bingah. Bingah manahna lantaran bisa nyingkahkeun balai, bingah lantaran bisa nyalametkeun rahayatna. Tah, nya ti harita pisan ta gunung katelah Gunung Tampa Emas, anu saterusna robah jadi Gunung Tampomas. Ayeuna mah teu pikasieuneun, malah mun pareng po per mah sok rajeun dijarugjugan nepi ka puncakna.

SASAKALA INDRAMAYU
Kocapkeun Wiralodra, putra Tumenggung Gagak Singalodra urang Banyurip, Bageln, Jawa Tengah. Nonoman keur meujeuhna belekesenteng. Dedeg samp rupa had, katambah kasipuh ku pangarti, lmu lahir lmu batin, kabh nyampak dina dirina. Pantes mun jadi panyileukan wanoja th. Sanajan jadi pamujian sarra, jadi panyileukan anu gareulis, Wiralodra henteu gedag kaanginan, henteu unggut kalinduan, tetep manteng kana cita-citana. Nyata hayang ngadegkeun nagara, hayang boga nagara sorangan. Lain nagara pamr ti nu sjn, sumawonna tuturunan ti bapana mah. Pikeun ngahontal cita-citana, Wiralodra ngalaksanakeun tapabrata, di hiji tempat anu ngaran Malaya, anu perenahna di tutugan Gunung Sumbing. Wiralodra sidakep sinuku tunggal, ngaheneng ngaraga meneng, neneda ka Nu Mahakasa, sangkan dipaparin pituduh. Ku keyeng jeung cengengna tapabrata, ahirna Wiralodra meunang wangsit. Eusina, Wiralodra kudu nangan walungan, anu ngaranna Walungan Cimanuk. Di dinya tanahna subur mamur. ta tempat had keur pinagaraeun, sarta tujuh turunan Wiralodra bakal ngaheuyeuk nagara di dinya. Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama, Wiralodra bbja ka ramana, yn ark lunta ti lemburna. Luntana ka beulah kulon. Maksudna geus teu galideur deui,

rk nangan Walungan Cimanuk, luyu jeung pituduh wangsit ta. Wiralodra lumampah ti lemburna dibarengan ku baturna anu satia, nyata anu katelah Ki Tinggil. Lumampahna badarat ba, mapay-mapay leuweung geledegan, leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati, geueuman panonoban siluman-silemin. Leumpangna ti beurang ba, da puguh ari reup peuting mah munggah po mongklng buta rajin. Duanana sarar dina tangkal, nangan tangkal anu badag ngarampidak. Daharna sakapanggihna di leuweung ba. Beubeutian, bongborosan, jeung dangdaunan. Kalan-kalan sok moro sasatoan, atawa ngala lauk di walungan. Di satengahing lalampahan, di hiji pasir anu jauh ka mana ka mendi, Wiralodra tepung jeung hiji aki-aki. Aki-aki kundang iteuk di tengah leuweung, geus tangtu lain aki-aki samana. ta aki-aki ngakukeun ngaran Ki Sidum. Ki Sidum nanya tujuanana ka Wiralodra. Barabat atuh Wiralodra nyaritakeun pamaksudanana pangna lunta ti nagarana. Ki Sidum ngagibegkeun awakna, jangglk jadi Kiai Malik Warna, kiai anu kamashur luhung lmuna, kawntar weruh sadurung winarah. Wiralodra kadua Ki Tinggil, nggal ba sungkem ka Kiai Malik Warna. Sungkem tandaning hormat jeung ajrih. Pok Kiai Malik sasauran, Lamun manh duaan engk geus aya di wewengkon Cupunagara, heug papanggih jeung hiji sato, mangrupa kidang anu panonna berlian, ku manh kudu dituturkeun.

Engk di mana ta kidang ngaleungit, mangka di dinya ayana Walungan Citarum. Wiralodra meunang rupa-rupa pituah, ti Kiai Malik Warna anu linuhung. ta pituah kacida distokeunana ku Wiralodra. Ti dinya Wiralodra jeung Ki Tinggil amitan, ark neruskeun deui lalampahanana, nangan Walungan Citarum, anu cenah henteu jauh ti Cupunagara. Cara anu enggeus-enggeus ba, Wiralodra jeung Ki Tinggil, kudu asruk-asrukan mileuweungan. Di satengahing perjalanan, keur nikreuh mapay sampalan, ana gaur th maung lodaya, ngagaur bari ngajleng ka hareupeun Wiralodra jeung Ki Tinggil. Rk lumpat taya geusan pikeun lumpat. Komo deui maung th geus ngadepong, ngan kari sajleng-jlengeun ngerekeb Wiralodra. Ningali galagat kitu mah, Wiralodra og pasang kuda-kuda, tatan-tatan mapag panarajang Si Belang. Waktu maung ngarontok ka Wiralodra, digiwarkeun bari dipeupeuh huluna. Maung gogorntlan bari ngagaur tarik. Maung ngagurinjal hudang deui. Wiralodra nyabut pakarangna, pakarang anu mangrupa cakra, pakarang anu jadi andelanana. Waktu maung ngarontok deui, ayeuna mah henteu digiwarkeun, tapi dipapag ku paneunggeul cakra, neunggeul pisan kana huluna. Hulu maung nepi ka bencar, kokoshan terus pah sapada harita. Sanggeus ngareureuhkeun cap, Wiraloda jeung Ki Tinggil mangkat, neruskeun deui lalampahanana. Mapay-mapay lngkob di antara dua pasir. Keur ngeunah-ngeunah leumpang,

teu kanyahoan ti mana datangna, lol th aya orang kacida gedna, megat nu laleumpang dina liliwatan. Sungutna calawak ged pisan, ltahna nu nyagak ulal-lol. Siet atuh ta oray th nyamber Wiralodra, Wiralodra luncat nyingkahan panarajang oray. Wiralodra nyabut pakarangna, senjata cakra anu jadi andelanana. Waktu si oray nyamber deui, huluna dibabuk ku cakram satakerna. Sirahna bencar, si oray pah harita knh. Teu lila aya kajadian anu anh, orang anu geus jadi bangk th, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Jangglk ba jadi walungan, caina canmbrang hrang. Wiralodra jeung Ki Tinggil, ngan ukur bisa olohok mata simeuteun, mireungeuh ta kajadian. Sanggeus leungit kagtna, Wiralodra sadar ka nu disanghareupanana. Oray anu rk neureuy manhna, lain oray samana, tapi oray kajajadn. Kitu deui jeung ta walungan, anu caina canmbrang hrang. Tuluy nyokot senjata cakrana ta. ta senjata diteunggeulkeun satakerna kana cai walungan anu hrang. Walungan leungit sapada harita, leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Janggelek jadi hiji wanoja, wanoja anu kacida geulisna, geulis kawanti-wanti ndah kabina-bina, geulis taya babandinganana. ta wanoja ngaranna Dwi Larawana, ari asalna ti leuweung di dinya ba. Dwi Larawana terus terang, manhna ngarasa kadudut kalbu, kapentang asmara ku Wiralodra. Malah aya leuwihna ti ta,

Dwi Larawana mnta dikawin ku satria gandang Wiralodra. Kahayang Dwi Larawana, ditolak sapadamayan ku Wiralodra. Dwi Larawana ngarasa dihina, lantaran ditolak ku Wiralodra. Tina bogoh jadi ceuceub. Dwi Larawana ngajak perang tanding, nepi ka aya nu ajal salahsaurangna. Mimitina Wiralodra teu ngalayanan, tapi Dwi Larawana kalah beuki ambek. Henteu tata pasini deui, Dwi Larawana narajang ka Wiralodra. Ttla Dwi Larawana th teu sabongbrong. Boga lmu jeung kasaktn anu luhur. Kapaksa atuh Wiralodra og ngalayanan. Der ba atuh perang tanding patutunggulan. Ngadu kasaktn jeung jamp pamak. Beuki lila perang tandingna beuki ragot ba. lmu panemu jamp pamak geus diketrukkeun, tapi taya tanda-tanda anu bakal unggul. Wiralodra nyabut senjata pamungkasna, senjata cakra anu sakti hs babandinganana. Dwi Larawana teu bisa nyanggapulia, kakeunaan ku peurah senjata cakra. Dwi Larawana rubuh ngababatang. Tina layon Dwi Larawana bijil haseup, beuki lila beuki kandel ba. Les layon Dwi Larawana leungit saperti anu diteureuy bumi. Jangglk jadi kidang kancana. Kidang anu matana berlian. Kidang anu keur dittangan ku Wiralodra, luyu jeung pituduh ti Kiai Malik Warna. Kidang lumpat ngabelesat tarik pisan. Ku Wiralodra jeung Ki Tinggil diudag-udag. Sakapeung mapay-mapay tegalan, sakapeung mubus kana dungus, sakapeung sslkt di nu rembet, pasir, lngkob, jungkrang og disorang. Kidang terus lumpat,

anu ngudag henteu eureun. Tapi aya anu anh, ta uncal lumpatna siga nu ngoconan. Lamun anu ngudagna jauh, lumpatna ngalaunan siga nu ngadagoan. Lamun anu ngudagna geus deukeut, lumpatna narikan deui. Lamun anu ngudagna leungiteun tapak, manhna siga nu ngahaja nmbongan. Anjog ba ka hiji tempat, les ba kidang th ngaleungit, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, lir anu direureuy leuweung gerotan. Wiralodra jeung Ki Tinggil eureun di dinya. Tuluy duanana ngareureuhkeun cap, cap urut ngudag-ngudag kidang, kidang kancana anu matana berlian. Ttla teu jauh ti dinya, aya walungan anu caina ngagulidag. Geus moal salah deui, ta th Walungan Cimanuk, anu keur dittangan ku duaan ku Wiralodra jeung Ki Tinggil. Tempat anu aya di ta walungan, tempat anu had keur pinagaraeun. Isukna Wiralodra jeung Ki Tinggil, ngabukbak leuweung rk ngababakan, nyata nyieun lembur anyar di dinya. Keur kitu, jebul th dua mahluk anh, cenah siluman anu ngageugeuh ta tempat, di dinya th cenah Karajaan Siluman. Anu datang th rajana pisan jeung patihna, ngaranna Raja Budipaksa jeung Patih Bujaris. ta dua siluman teu narima, nagarana diburak-barik ku Wiralodra. Der ba atuh perang tanding, Wiralodra ngalawan Raja Budipaksa, ari Ki Tinggil ngayonan Patih Bujaris. Perangna kacida ragotna, kawantu pada-pada sakti, pada-pada gagah rongkah.

Tapi ahirna mah raja jeung patih siluman th, bisa dilhkeun ku Wiralodra jeung Ki Tinggil. Malah jangji ulun kumawula ka Wiralodra. Raja, patih, katut sakumna rahayat siluman, terus ba ngabantuan ngabukbak leuweung, nyieun lembur anyar di sisi Citarum. Ari Karajaan Siluman harita knh og dipindahkeun ti dinya ka bh girang. Beuki lila lembur anyar th, beuki ngalegaan ba di sapanjang Cimanuk. Rahayatna og beuki ngalobaan deuih. Jalma datang ti mana ti mendi, ngadon bumn-bumn di Cimanuk. Wiralodra diangkat jadi pamingpinna, ari Ki Tinggil minangka papatihna. Babarengan ngaheuyeuk dayeuh, ngolah nagara anu anyar diadegkeun. Ki Tinggil miboga pancn anu utama, nyata ngawangun Cimanuk, nepi ka jadi nagara anu raharja. Tapi Ki Tinggil henteu gaw sosoranganan, manhna og boga sawatara kapetengan. Nyata Surantaka, Banyuntaka, jeung Puspahita. Bari dibantuan ku sakumna rahayat, Ki Tinggil katut kapetenganana, terus ngamekarkeun jeung ngawangun Cimanuk. Pangwangunan Cimanuk beuki ngaronjat, sabada meunang bantuan ti smah, anu ngaran ndang Darma. Hiji wanoja anu rupana geulis, geulis mh taya babandinganana. Salian ti geulis kawanti-wanti th, wewesnna og pilih tanding deuih. Rupaning gangguan ti pihak sjn, bisa diperuhkeun ku ndang Darma. ndang Darma kawilang ged jasana dina ngamajukeun darah anu dicangking ku Wiralodra. Wawann jeung wewesnna, stu lain unghak-unghakeun jalma biasa.

ndang Darma bumn-bumn di Cimanuk. Sorangan ba, da masih knh lalagasan. ndang Darma kawilang aww masagi, sarta henteu lebar ku lmu jeung pangartina. Di Cimanuk, ndang Darma ngajarkeun rupa-rupa padika jeung lmu tatann. Salian ti ta og ndang Darma, ngajarkeun rupaning lmu kasaktn. Dina hiji mangsa, Wiralodra ngarasa panasaran, hayang nguji kasaktn ndang Darma. Der ba ngadu wewesn jeung kasaktn. ngetrukkeun lmu lahir lmu batin. Tapi henteu nepi ka tutumpuran. ndang Darma lh jajatn, teu sanggup ngayonan kadigjayan Wiralodra. ndang Darma ngaku taluk ka Wiralodra, sarta jangji rk terus satkah polah, ngawangun jeung ngamekarkeun Cimanuk. Ngan aya pamntana ka Wiralodra th. Pikeun tanda pangling-ngling, ndang Darma miharep ta darah th, dingaranan dumasar kana usahana duaan. Nagara anyar di sisi Cimanuk th, kaangin-angin ka mana-mendi, tungtungna kampr-mpr ka Cirebon. Sultan Cirebon ngarasa tugenah, lantaran Wiralodra dianggap cucungah, teu mnta idin heula ka Cirebon, basa rk ngawangun darah anyar. Padahal cenah ta darah th, kabawah knh ka Cirebon. Ti dinya Cirebon ngirimkeun pasukan, pikeun ngajorag Cimanuk. Pasukan anu lengkep tur samakta pakarangna. ta pasukan dipingpin ku Arya Kemuning. Maksudna taya lian, sangkan Wiralodra taluk ka Cirebon, lamun henteu lemburna diburak-barik, dihuru ditumpur-ludeskeun. Pasukan Cimanuk og henteu cicingeun.

Sanajan pakarangna saaya-aya, henteu gimir henteu galideur, ngayonan musuh anu ngarurug. Pasukan Cimanuk diluluguan ku ndang Darma Der ba atuh perang campuh. Balad Cimanuk aya di pihak anu unggul. Pasukan Cirebon kabur katawuran. Sanggeus ta kajadian, wewengkon nu dicangking ku Wiralodra, sacara resmi dingaranan Darma Ayu. Asalna ta ngaran tina ungkara: ndang Darma anu ayu. Ayu th hartina geulis camperenik. Tuluy robah jadi Indramayu, tug nelah nepi ka kiwari.

SASAKALA ARCA DOMAS


Di Gunung Cibodas, Kabupatn Bogor, aya arca batu pirang-pirang lobana. Disebutna Arcadomas. Baheula mah cenah lobana th dalapan ratus. Hartina domas nyata dalapan ratus. Jeung ceuk bja deui, nu jadi ta arca th kabh og urang Pajajaran, anu henteu dak anut agama Islam. Cenah mah sasakalana th kieu: Jaman baheula, aya karajaan ged. Katelahna Karajaan Pajajaran. Dayeuhna aya di wewengkon Bogor ayeuna. Sakurilingna dipager kuta kacida tohagana. Kaca-kacana aya di unggal madhab. Sarta unggal kaca-kaca dijaga ku perjurit, anu tohaga jeung samakta pakarangna. Saha ba anu rk asup ka jero dayeuh, kudu ngaliwatan heula ta kaca-kaca. Ari anu jadi raja di Pajajaran harita, Kaceluk jujulukna, Sang Prabu Siliwangi. Sang Prabu sarahayatna ngaragem agama Hindu. Agama anu diagem ku bangsa urang harita. Lain ba di sakulian Pulo Jawa, tapi og mh di sakuliah Nusantara deuih. ta agama th asalna mah ti India. Asupna ka urang geus ti bh ditu mula. Dibawa ku bangsa India anu daratang ka urang. Tapi di sawatara tempat mah, geus aya anu ngagem agama Islam. Harita geus dug-deg karajaan-karajaan Islam. Upamana ba Demak, Cirebon, jeung Banten. Kitu deui jeung Palabuan Sunda Kalapa, anu geus kaerh ku Banten. Di dinya mah geus loba anu ngagem Islam. Ari agama Islam sumebarna di urang, utamana mah lantaran yasana Wali Sanga. Karajaan Islam anu natangga jeung Pajajaran, nyata Karajaan Banten, nu dirajaan ku Sultan Hasanudin. Ari puseur dayeuhna di Surosowan,

anu perenahna deukeut ka basisir Banten. Dina tempo anu singget Karajaan Banten geus ngajangglk jadi karajaan anu ged. Agama Islam dijadikeun agama resmi karajaan. Sultan Banten kagungan niat, palay ngislamkeun Karajaan Pajajaran. Nya anu pangheulana kudu diajak asup Islam th, tangtu ba rajana, nyata Prabu Siliwangi. Da lamun rajana geus ngagem agama Islam mah, tangtu rahayatna bakal naluturkeun. Tuluy ba atuh Sultan Banten th ngirim utusan. ta utusan mawa surat keur ka Prabu Siliwangi. Kacarita utusan th geus nepi w ka Pajajaran. Suratna tos katampi ku Sang Prabu Siliwangi. Teras suratna diaos kalawan antar. Ari ungelna ta surat, nganashatan supados Sang Prabu sareng rahayatna nggal-nggal anut agama Islam. Lamun henteu kitu, tangtu bakal dirurug ti Banten. Sang Prabu henteu mindel sedakapan. Anjeunna maphum yn balad Banten tohaga tur samakta pakarangna. Cindekna mah lain lawan-lawaneun. Tapi tawis raja anu henteu dijajah, tur maksadna ngabla kayakinan, yn agama Hindu taya dosana, ta nashat ku anjeunna ditolak sapadamayan. Ari anu mawa surat ti Banten ta saenyana urang Pajajaran knh, ngan geus lila ngumbara di Banten. Malah geus ka Mekah sagala, ngajroan ngulikna agama Islam th. Geus kaasup alim ged, nelah jenenganana Kan Santang. Kaasup salahsaurang kepetengan Sultan Banten. Samulangna Kan Santang, Prabu Siliwangi ngempelkeun paraponggawa, mantri, snapati, katut kapetengan lianna. Ngabadantenkeun saniskara pasualan nagara. Patali jeung ditolakna nashat Sultan Banten.

Moal henteu, saurna, Banten tangtu ngarurug. Najan waktuna tacan pasti, tapa sawadina kudu iatna ti ayeuna. Sang Prabu nimbalan snapati pangluhurna, anu jenenganana Norogol, supaya nohagaan bntng pertahanan. Sawatara kapala perang geus diparntah, kudu ngajaga liliwatan di pagunungan, supaya musuh ulah bisa nobros ka Dayeuh Pajajaran. Harita knh parntah Sang Prabu dilaksanakeun. Pajajaran sayaga nadah panarajang musuh. Kacaritakeun Wirakarta, nyata hiji kapala perang nonoman, ngaraos hmeng lantaran ku nu jadi snapati henteu diparntah nanaon. Anjeunna aya sangkaan yn anu matak kitu th, lantaran anjeunna sadrk Kan Santang, anu geus meunang jujuluk Macan Nusa Jawa, tina ged wawannna kasartaan ku gagah perkosana. Wirakarta banget panasaran, tur ngaraos kawajiban ngabla lemah cai, anjeunna nggal medekan ka Sang Prabu, nyuhunkeun dipaparin damel kaperjuritan. Dihenteu-henteu og, anjeunna rahayat Pajajaran. Sanajan jeung Kan Santang katalian babarayaan, hate leutikna mah manteng ka leman caina. Sang Prabu badanten jeung Snapati Norogol, sarta nggal Wirakarta knging parntah, kedah ngajaga kaca-kaca beulah kulon. Tapi waktuna ngamimitian ngajaga, saur Norogol, kudu nunggu parntah deui. Wirakarta mungkur ti payuneun Sang Prabu. Paromanna alum ngemu kabingung. Sumping ka bumina, Wirakarta teu senang manah, nepi ka teu barangtuang barangleueut. Hatna marudah guling gasahan. Dipaksakeun kulem teu tiasa peureum. Tengah peuting anjeunna tapakur, neneda agungna ka paradwa, sangkan Sang Prabu ulah cangcaya.

16, Sanggeus meunang tujuh peuting, parntah nu dianti-anti henteu ngabukti, Wirakarta leungit kasabaranana. Tuluy nulis surat dina daun lontar, ditulis ku pso pangot. Geus rngs, diasupkeun kana ruas, sarta ditutup ku malam rapet pisan. Terus dibungkus deui dibuni-buni Wirakarta marntah gandka, gandk anu jadi kapercayaanana, pikeun nganteurkeun ta surat. Anu ditujul Kan Santang di Banten. Sanggeus nampa surat, si gandk indit gagancangan. Kaluar ti Dayeuh Pajajaran rerencepan. ta gandk geus nyahoeun, yn di mana-mana geus dijaga ku perjurit. Perjurit Pajajaran anu samakta pakarangna. Lamun seug suratna ta katangkep, tangtu manhna bakal ditangkep, dununganana og geus pasti bakal kabaud. Dianggap geus hianat ka nagara, hukumanana anu pasti, nyata hukum pati. Tapi tina perckana ta gandk, manhna bisa salamet nepi ka Banten, sarta gancangna carita, geus diaos suratna ku Kan Santang. Kan Santang kacida bungahna, barang uninga ta surat ti Wirakarta. Komo saparantis uninga ungelna mah. Mutuh matak pikabingaheun manahna. Ari ungel ta surat nyarioskeun, yn pangagung di Pajajaran, kalebet Sang Prabu Siliwangi, ngandung curiga ka Wirakarta, nepi ka matak salempang pibalukareunana. Ku margi ta, ck Wirakarta nutup suratna, mugi-mugi Kang Raka kersa maparin bongbolongan. Dicaritakeun deuih yn ayeuna Wirakarta, kapapancnan ngajaga kaca-kaca Beulah kulon.

Kan Santang nyaur sajeroning manah, Alamat had, yeuh. Aing datang ka Pajajaran kudu nyorang kaca-kaca beulah kulon. Ayeuna ta kaca-kaca dijaga ku adi aing, atuh sasat ngan kari asup. Harita knh anjeunna ngawalon serat. Wirakarta diwujuk biluk ka balad Banten, sarta baris meunang ganjaran ti Sultan. Dina malem Ahad-Legi tanggal lilikuran, Kan Santang katut lima ratus perjurit, kira wanci kongkorongok hayam sakali, tangtu geus aya di Pajajaran, deukeut kaca-kaca kulon. Lamun aya anu ngetrok kana panto kaca-kaca, kudu gancang-gancang dibuka, sangkan balad Banten bisa asup ka jero karaton. Kitu ungelna surat walonan ti Kan Santang th. Teu kacatur di jalanna, nu mawa surat geus datang deui ka Pajajaran, jeung suratna geus dibuka ku Wirakarta. Anjeunna bingung, manahna marojngja. Ras ka Raja anu jadi pupundnna, ras deui ka lemah cai anu kudu diblaan, tapi ras ka diri pribadi anu teu aman, jeung ras ingt ka Kan Santang, sadrkna. Wirakarta henteu gancang nyieun putusan. Kacarita tengah peuting nu kaungel dina surat, Wirakarta aya di tukangeun panto kaca-kaca. Wanci kongkorongok hayam sakali, aya nu ngetrokan panto kaca-kaca. Bray pantona dibuka lalaunan, sup Kan Santang asup rerencepan, Dituturkeun ku balad-baladna. Harita th keur meujeuhna tiris. Lolobana perjurit sarar tibra, ngan saeutik anu kagiliran nyaring, ngajaga mundar-mandir. Anu matak balad Banten bisa laluasa, arasup ka jero Dayeuh Pajajaran. Teu hs ngala bongohna anu keur jaga.

Barang musuh geus arasup, nu sarar buru-buru digeuingkeun, tapi lapur mmh nyarekel pakarang, balad Banten geus nyarampak di dinya, terus ba disabetan ku balad Banten. Loba anu maot sapisan sapada harita. Anu salamet buru-buru lumpat, laporan ka Snapati Norogol. Norogol nggal-nggal angkat ka karaton. Sang Prabu Siliwangi digugahkeun, diunjukanan langkung sa lolos ka palih wtan, margi nuju perang campuh palih kulon. Balad Pajajaran keur perang adu hareupan, ngalawan balad Banten anu bisa norobos kuta. Najan geus biasa tandang di mdan perang, harita mah Sang Prabu sjn wirasat, ngaraos perlu ngadangu kana piunjuk Norogol. nggal ba Sang Prabu lolos sagarwa-putra, medal ti Dayeuh Pakuan lebet ka leuweung. Abdi-abdi anu seja blapati padangiring. Sapangeusi karaton teu sirikna dikerid peuti. Angkat rurusuhan ka palih wtan. Sababaraha perjurit pinilih nyarengan, ngaping ngajaring Sang Prabu sagarwa-putra. Teras mapay-mapay leuweung geledegan, anu engk brasna ka Gunung Cibodas. Bray beurang, burudul balad Banten daratang, jumlahna loba jeung pakarangna samakta. Der merangan jelema nu di luareun karaton. Saha-saha anu teu dak anut Islam, geus ulah ngarepkeun hirup. Jadi parab pakarang harita knh. Antukna teu saeutik rahayat Pajajaran, anu anut Islam sapada harita. Tapi henteu saeutik deuih rahayat anu lolos. Pirang-pirang rana marubus ka leuweung. Aya anu milu jeung Sang Prabu Siliwangi, aya og anu leumpang sakaparan-paran. Atuh Dayeuh Pajajaran th ngadadak sepi. Di karaton geus parongpong. Ngan Snapati Norogol anu tanggoh,

kawas nu hoyong uninga jajatn musuh. Barang nepi Kan Santang ka karaton, rk mintonkeun kagagahan, jadi lmps, sabab ningali Norogol teu gedag bulu salambar, teu mundur satunjang bas, tanda perjurit lineuwih pilih tanding. Lain lawan-lawaneun perjurit atah-atah, lain sanghareupaneun mmh sasarap. Lain unghakeun. Sanggeusna papayun-payun, Kan Santang uluk salam, Pok Kan Santang nyaur kieu, Ieu kaula gaduh iteuk bantun ti Mekah, bad ditancebkeun kana taneuh. Mangga ku sampan cabut. Upami knging dicabut, tawis sampan ngagem agama suci, nanging upami teu knging, sampan kedah anut agama Islam. Sanggeus iteuk ditancebkeun, Norogol ujub bakal kacabut, sabab kabedasanana pilih tanding. Tapi barang dicoba-coba, bet iteuk th teu onggt-onggt acan. Sababaraha kali ditarik, ta iteuk kalah beuki jero nancebna. Tungtungna anjeunna walh, rumaos kadsh ku Kan Santang. nggal amit ka Kan Santang, rk ngabujeng Sang Prabu Siliwangi, malahmandar kersaeun anut Islam. Leumpang ngagedig gagancangan. Nyorang leuweung geledegan, mipir pasir ngeumbing jangkar. Jungkrang-jungkrang geus kasorang. Anu disungsi can kapanggih ba. Heuleut sawatara po, Sang Prabu th kasondong ku Norogol, nuju ngarereb di Gunung Cibodas. Sanggeus kitu, Norogol unjukan,

nguningakeun peperangan, ti wiwitan nepi ka wekasanana, kitu deui hal jajatn Kan Santang. Norogol umajak ka Sang Prabu, supados kersa anut Islam. Sang Prabu mindel sakedap, nemb sasauran ka garwa-putra katut pangiringna. Kami nyaho, yn di dunya taya nu langgeng. Marga kersa Nu Murba Wissa, ayeuna agama Islam kudu nanjung. Lamun terus perang sadulur, matak ancur tutumpuran, matak ruksak matak rugi ka sarra. Maranh kabh kumaha raga katineung, meunang milih agama nu mana ba. Ari kami neneda ka Mahadwa, nyuhunkeun asup ka Suralaya. Harita knh Sang Prabu Siliwangi th, les leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Leungit jirimna, anu sok disebut ngahiang ta. Nu kantun bati melengek, nalangsa taya hinggana, prihatin taya tandingna. Sawarh indit ti dinya, laleumpang saparan-paran, nuturkeun indung suku. Sawarh cicing di dinya, ngarep-ngarep sugan panutan sumping deui. Tapi kawas geus kersa Maha Kawasa, anu ninggalkeun manh di Gunung Cibodas, salin jinis kabh jadi arca batu, sarta nepi ka ayeuna disarebut Arcadomas. Anu matak disebut Arcadomas, ti heula og geus disebutkeun, lantaran rana ta arca, dalapan ratus. Ari nu neruskeun mubus, lila-lila narepi ka Cibo, ngahiji jeung urang Kanks, nu asal ti Banten-Kalr, waktu rajana nu katelah Pucuk Umun, kadsh ku urang Islam.

Urang Kanks th sok disebut urang Baduy. Padahal maranhna mah leuwih resepeun, lamun disarebut urang Kanks ba. Sanggeus urang Pajajaran anut Islam, Kan Santang terus ngislamkeun jelema-jelema, leumpang mapay-mapay pagunungan, terus nepi ka basisir kidul. Ngajarkeun Islam di sawatara tempat, lamun geus dianggap rngs, ta tempat ditinggalkeun, nangan deui tempat anyar, anu jelema-jelema anu can ngagem Islam. Deukeut Teluk Cilaut-Eureun, di basisir kidul Pameungpeuk, aya batu urut calik Kan Santang, waktu anjeunna jumeneng raja di Sancang, jujuluk Sang Prabu Gagak Lumayung. Ari pasaranana ayana di Kampung Godog, teu pati jauh ti Kota Garut, sok loba anu jarah, utamana bulan Mulud. (Cateten uing: Dongeng di luhur, sakapeung judulna diganti jadi: Prabu Siliwangi atawa Kean Santang. Eusina mah kitu-kitu keneh.)

SASAKALA ARCA DOMAS


Di Gunung Cibodas, Kabupatn Bogor, aya arca batu pirang-pirang lobana. Disebutna Arcadomas. Baheula mah cenah lobana th dalapan ratus. Hartina domas nyata dalapan ratus. Jeung ceuk bja deui, nu jadi ta arca th kabh og urang Pajajaran, anu henteu dak anut agama Islam. Cenah mah sasakalana th kieu: Jaman baheula, aya karajaan ged. Katelahna Karajaan Pajajaran. Dayeuhna aya di wewengkon Bogor ayeuna. Sakurilingna dipager kuta kacida tohagana. Kaca-kacana aya di unggal madhab. Sarta unggal kaca-kaca dijaga ku perjurit, anu tohaga jeung samakta pakarangna. Saha ba anu rk asup ka jero dayeuh,

kudu ngaliwatan heula ta kaca-kaca. Ari anu jadi raja di Pajajaran harita, Kaceluk jujulukna, Sang Prabu Siliwangi. Sang Prabu sarahayatna ngaragem agama Hindu. Agama anu diagem ku bangsa urang harita. Lain ba di sakulian Pulo Jawa, tapi og mh di sakuliah Nusantara deuih. ta agama th asalna mah ti India. Asupna ka urang geus ti bh ditu mula. Dibawa ku bangsa India anu daratang ka urang. Tapi di sawatara tempat mah, geus aya anu ngagem agama Islam. Harita geus dug-deg karajaan-karajaan Islam. Upamana ba Demak, Cirebon, jeung Banten. Kitu deui jeung Palabuan Sunda Kalapa, anu geus kaerh ku Banten. Di dinya mah geus loba anu ngagem Islam. Ari agama Islam sumebarna di urang, utamana mah lantaran yasana Wali Sanga. Karajaan Islam anu natangga jeung Pajajaran, nyata Karajaan Banten, nu dirajaan ku Sultan Hasanudin. Ari puseur dayeuhna di Surosowan, anu perenahna deukeut ka basisir Banten. Dina tempo anu singget Karajaan Banten geus ngajangglk jadi karajaan anu ged. Agama Islam dijadikeun agama resmi karajaan. Sultan Banten kagungan niat, palay ngislamkeun Karajaan Pajajaran. Nya anu pangheulana kudu diajak asup Islam th, tangtu ba rajana, nyata Prabu Siliwangi. Da lamun rajana geus ngagem agama Islam mah, tangtu rahayatna bakal naluturkeun. Tuluy ba atuh Sultan Banten th ngirim utusan. ta utusan mawa surat keur ka Prabu Siliwangi. Kacarita utusan th geus nepi w ka Pajajaran. Suratna tos katampi ku Sang Prabu Siliwangi. Teras suratna diaos kalawan antar. Ari ungelna ta surat, nganashatan supados Sang Prabu sareng rahayatna nggal-nggal anut agama Islam.

Lamun henteu kitu, tangtu bakal dirurug ti Banten. Sang Prabu henteu mindel sedakapan. Anjeunna maphum yn balad Banten tohaga tur samakta pakarangna. Cindekna mah lain lawan-lawaneun. Tapi tawis raja anu henteu dijajah, tur maksadna ngabla kayakinan, yn agama Hindu taya dosana, ta nashat ku anjeunna ditolak sapadamayan. Ari anu mawa surat ti Banten ta saenyana urang Pajajaran knh, ngan geus lila ngumbara di Banten. Malah geus ka Mekah sagala, ngajroan ngulikna agama Islam th. Geus kaasup alim ged, nelah jenenganana Kan Santang. Kaasup salahsaurang kepetengan Sultan Banten. Samulangna Kan Santang, Prabu Siliwangi ngempelkeun paraponggawa, mantri, snapati, katut kapetengan lianna. Ngabadantenkeun saniskara pasualan nagara. Patali jeung ditolakna nashat Sultan Banten. Moal henteu, saurna, Banten tangtu ngarurug. Najan waktuna tacan pasti, tapa sawadina kudu iatna ti ayeuna. Sang Prabu nimbalan snapati pangluhurna, anu jenenganana Norogol, supaya nohagaan bntng pertahanan. Sawatara kapala perang geus diparntah, kudu ngajaga liliwatan di pagunungan, supaya musuh ulah bisa nobros ka Dayeuh Pajajaran. Harita knh parntah Sang Prabu dilaksanakeun. Pajajaran sayaga nadah panarajang musuh. Kacaritakeun Wirakarta, nyata hiji kapala perang nonoman, ngaraos hmeng lantaran ku nu jadi snapati henteu diparntah nanaon. Anjeunna aya sangkaan yn anu matak kitu th, lantaran anjeunna sadrk Kan Santang, anu geus meunang jujuluk Macan Nusa Jawa,

tina ged wawannna kasartaan ku gagah perkosana. Wirakarta banget panasaran, tur ngaraos kawajiban ngabla lemah cai, anjeunna nggal medekan ka Sang Prabu, nyuhunkeun dipaparin damel kaperjuritan. Dihenteu-henteu og, anjeunna rahayat Pajajaran. Sanajan jeung Kan Santang katalian babarayaan, hate leutikna mah manteng ka leman caina. Sang Prabu badanten jeung Snapati Norogol, sarta nggal Wirakarta knging parntah, kedah ngajaga kaca-kaca beulah kulon. Tapi waktuna ngamimitian ngajaga, saur Norogol, kudu nunggu parntah deui. Wirakarta mungkur ti payuneun Sang Prabu. Paromanna alum ngemu kabingung. Sumping ka bumina, Wirakarta teu senang manah, nepi ka teu barangtuang barangleueut. Hatna marudah guling gasahan. Dipaksakeun kulem teu tiasa peureum. Tengah peuting anjeunna tapakur, neneda agungna ka paradwa, sangkan Sang Prabu ulah cangcaya. 16, Sanggeus meunang tujuh peuting, parntah nu dianti-anti henteu ngabukti, Wirakarta leungit kasabaranana. Tuluy nulis surat dina daun lontar, ditulis ku pso pangot. Geus rngs, diasupkeun kana ruas, sarta ditutup ku malam rapet pisan. Terus dibungkus deui dibuni-buni Wirakarta marntah gandka, gandk anu jadi kapercayaanana, pikeun nganteurkeun ta surat. Anu ditujul Kan Santang di Banten. Sanggeus nampa surat, si gandk indit gagancangan. Kaluar ti Dayeuh Pajajaran rerencepan. ta gandk geus nyahoeun, yn di mana-mana geus dijaga ku perjurit.

Perjurit Pajajaran anu samakta pakarangna. Lamun seug suratna ta katangkep, tangtu manhna bakal ditangkep, dununganana og geus pasti bakal kabaud. Dianggap geus hianat ka nagara, hukumanana anu pasti, nyata hukum pati. Tapi tina perckana ta gandk, manhna bisa salamet nepi ka Banten, sarta gancangna carita, geus diaos suratna ku Kan Santang. Kan Santang kacida bungahna, barang uninga ta surat ti Wirakarta. Komo saparantis uninga ungelna mah. Mutuh matak pikabingaheun manahna. Ari ungel ta surat nyarioskeun, yn pangagung di Pajajaran, kalebet Sang Prabu Siliwangi, ngandung curiga ka Wirakarta, nepi ka matak salempang pibalukareunana. Ku margi ta, ck Wirakarta nutup suratna, mugi-mugi Kang Raka kersa maparin bongbolongan. Dicaritakeun deuih yn ayeuna Wirakarta, kapapancnan ngajaga kaca-kaca Beulah kulon. Kan Santang nyaur sajeroning manah, Alamat had, yeuh. Aing datang ka Pajajaran kudu nyorang kaca-kaca beulah kulon. Ayeuna ta kaca-kaca dijaga ku adi aing, atuh sasat ngan kari asup. Harita knh anjeunna ngawalon serat. Wirakarta diwujuk biluk ka balad Banten, sarta baris meunang ganjaran ti Sultan. Dina malem Ahad-Legi tanggal lilikuran, Kan Santang katut lima ratus perjurit, kira wanci kongkorongok hayam sakali, tangtu geus aya di Pajajaran, deukeut kaca-kaca kulon. Lamun aya anu ngetrok kana panto kaca-kaca, kudu gancang-gancang dibuka, sangkan balad Banten bisa asup ka jero karaton. Kitu ungelna surat walonan ti Kan Santang th.

Teu kacatur di jalanna, nu mawa surat geus datang deui ka Pajajaran, jeung suratna geus dibuka ku Wirakarta. Anjeunna bingung, manahna marojngja. Ras ka Raja anu jadi pupundnna, ras deui ka lemah cai anu kudu diblaan, tapi ras ka diri pribadi anu teu aman, jeung ras ingt ka Kan Santang, sadrkna. Wirakarta henteu gancang nyieun putusan. Kacarita tengah peuting nu kaungel dina surat, Wirakarta aya di tukangeun panto kaca-kaca. Wanci kongkorongok hayam sakali, aya nu ngetrokan panto kaca-kaca. Bray pantona dibuka lalaunan, sup Kan Santang asup rerencepan, Dituturkeun ku balad-baladna. Harita th keur meujeuhna tiris. Lolobana perjurit sarar tibra, ngan saeutik anu kagiliran nyaring, ngajaga mundar-mandir. Anu matak balad Banten bisa laluasa, arasup ka jero Dayeuh Pajajaran. Teu hs ngala bongohna anu keur jaga. Barang musuh geus arasup, nu sarar buru-buru digeuingkeun, tapi lapur mmh nyarekel pakarang, balad Banten geus nyarampak di dinya, terus ba disabetan ku balad Banten. Loba anu maot sapisan sapada harita. Anu salamet buru-buru lumpat, laporan ka Snapati Norogol. Norogol nggal-nggal angkat ka karaton. Sang Prabu Siliwangi digugahkeun, diunjukanan langkung sa lolos ka palih wtan, margi nuju perang campuh palih kulon. Balad Pajajaran keur perang adu hareupan, ngalawan balad Banten anu bisa norobos kuta. Najan geus biasa tandang di mdan perang, harita mah Sang Prabu sjn wirasat, ngaraos perlu ngadangu kana piunjuk Norogol.

nggal ba Sang Prabu lolos sagarwa-putra, medal ti Dayeuh Pakuan lebet ka leuweung. Abdi-abdi anu seja blapati padangiring. Sapangeusi karaton teu sirikna dikerid peuti. Angkat rurusuhan ka palih wtan. Sababaraha perjurit pinilih nyarengan, ngaping ngajaring Sang Prabu sagarwa-putra. Teras mapay-mapay leuweung geledegan, anu engk brasna ka Gunung Cibodas. Bray beurang, burudul balad Banten daratang, jumlahna loba jeung pakarangna samakta. Der merangan jelema nu di luareun karaton. Saha-saha anu teu dak anut Islam, geus ulah ngarepkeun hirup. Jadi parab pakarang harita knh. Antukna teu saeutik rahayat Pajajaran, anu anut Islam sapada harita. Tapi henteu saeutik deuih rahayat anu lolos. Pirang-pirang rana marubus ka leuweung. Aya anu milu jeung Sang Prabu Siliwangi, aya og anu leumpang sakaparan-paran. Atuh Dayeuh Pajajaran th ngadadak sepi. Di karaton geus parongpong. Ngan Snapati Norogol anu tanggoh, kawas nu hoyong uninga jajatn musuh. Barang nepi Kan Santang ka karaton, rk mintonkeun kagagahan, jadi lmps, sabab ningali Norogol teu gedag bulu salambar, teu mundur satunjang bas, tanda perjurit lineuwih pilih tanding. Lain lawan-lawaneun perjurit atah-atah, lain sanghareupaneun mmh sasarap. Lain unghakeun. Sanggeusna papayun-payun, Kan Santang uluk salam, Pok Kan Santang nyaur kieu, Ieu kaula gaduh iteuk bantun ti Mekah, bad ditancebkeun kana taneuh. Mangga ku sampan cabut. Upami knging dicabut, tawis sampan ngagem agama suci,

nanging upami teu knging, sampan kedah anut agama Islam. Sanggeus iteuk ditancebkeun, Norogol ujub bakal kacabut, sabab kabedasanana pilih tanding. Tapi barang dicoba-coba, bet iteuk th teu onggt-onggt acan. Sababaraha kali ditarik, ta iteuk kalah beuki jero nancebna. Tungtungna anjeunna walh, rumaos kadsh ku Kan Santang. nggal amit ka Kan Santang, rk ngabujeng Sang Prabu Siliwangi, malahmandar kersaeun anut Islam. Leumpang ngagedig gagancangan. Nyorang leuweung geledegan, mipir pasir ngeumbing jangkar. Jungkrang-jungkrang geus kasorang. Anu disungsi can kapanggih ba. Heuleut sawatara po, Sang Prabu th kasondong ku Norogol, nuju ngarereb di Gunung Cibodas. Sanggeus kitu, Norogol unjukan, nguningakeun peperangan, ti wiwitan nepi ka wekasanana, kitu deui hal jajatn Kan Santang. Norogol umajak ka Sang Prabu, supados kersa anut Islam. Sang Prabu mindel sakedap, nemb sasauran ka garwa-putra katut pangiringna. Kami nyaho, yn di dunya taya nu langgeng. Marga kersa Nu Murba Wissa, ayeuna agama Islam kudu nanjung. Lamun terus perang sadulur, matak ancur tutumpuran, matak ruksak matak rugi ka sarra. Maranh kabh kumaha raga katineung, meunang milih agama nu mana ba. Ari kami neneda ka Mahadwa, nyuhunkeun asup ka Suralaya. Harita knh Sang Prabu Siliwangi th,

les leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Leungit jirimna, anu sok disebut ngahiang ta. Nu kantun bati melengek, nalangsa taya hinggana, prihatin taya tandingna. Sawarh indit ti dinya, laleumpang saparan-paran, nuturkeun indung suku. Sawarh cicing di dinya, ngarep-ngarep sugan panutan sumping deui. Tapi kawas geus kersa Maha Kawasa, anu ninggalkeun manh di Gunung Cibodas, salin jinis kabh jadi arca batu, sarta nepi ka ayeuna disarebut Arcadomas. Anu matak disebut Arcadomas, ti heula og geus disebutkeun, lantaran rana ta arca, dalapan ratus. Ari nu neruskeun mubus, lila-lila narepi ka Cibo, ngahiji jeung urang Kanks, nu asal ti Banten-Kalr, waktu rajana nu katelah Pucuk Umun, kadsh ku urang Islam. Urang Kanks th sok disebut urang Baduy. Padahal maranhna mah leuwih resepeun, lamun disarebut urang Kanks ba. Sanggeus urang Pajajaran anut Islam, Kan Santang terus ngislamkeun jelema-jelema, leumpang mapay-mapay pagunungan, terus nepi ka basisir kidul. Ngajarkeun Islam di sawatara tempat, lamun geus dianggap rngs, ta tempat ditinggalkeun, nangan deui tempat anyar, anu jelema-jelema anu can ngagem Islam. Deukeut Teluk Cilaut-Eureun, di basisir kidul Pameungpeuk, aya batu urut calik Kan Santang, waktu anjeunna jumeneng raja di Sancang, jujuluk Sang Prabu Gagak Lumayung. Ari pasaranana ayana di Kampung Godog,

teu pati jauh ti Kota Garut, sok loba anu jarah, utamana bulan Mulud. (Cateten uing: Dongeng di luhur, sakapeung judulna diganti jadi: Prabu Siliwangi atawa Kean Santang. Eusina mah kitu-kitu keneh.)

You might also like