You are on page 1of 10

SAKADANG KUYA SILIHDURUK JEUNG MAUNG DINA hiji po Sakadang Kuya ulin ka sisi basisir.

Manhna cicing handapeun tangkal kalapa, katebak ku angin laut. Aya ku nimat. Bakating ku genah, nepi ka nundutan. Keur kitu, teu kanyahoan ti tadina, torojol Sakadang Maung, ngomong tarik ngagareuwahkeun anu keur anteng nundutan. Ha ha ha, kabeneran, aing keur lapar manggih hakaneun! pokna bari ngadeukeutan Sakadang Kuya. Sakadang Kuya reuwas kacida. Tapi teu bisa nyumput atawa lumpat. Dina biasa og ktang, kateuteu ari, da angger bakal katwak ku Sakadang Maung anu kaceluk tarik lumpatna.

K heula, Sakadang Maung, ceuk Sakadang Kuya, neger-neger manh. Naon deui? Anu jelas, sia bakal jadi eusi kadut aing! ceuk Sakadang Maung, ngomongna angger bedas dibarung ku ngagerem sagala. Ti kamari aing can baranghakan. Lumayan kuya kolot og! Sabar, Sakadang Maung, sabar, ceuk Sakadang Kuya, ngomongna leuleuy, Lamun mmang geus waktuna jadi hakaneun anjeun, uing mah rido. Katambah uing sorangan geus kolot, geus bosen hirup. Ngan anjeun kudu nyaho, daging uing th tiis jeung hampos. Lamun hayang ngeunah jeung gurih, euweuh deui carana, uing kudu diduruk heula. Diduruk heula? Kumaha carana? ceuk Sakadang Maung. Gampang atuh. Awak uing bugbrugan ku suluh, tuluy duruk. Ari suluhna ti mana? Ngala ka leuweung! Ngala ka leuweung? Ha ha ha aing apal kana akal licik sia, dasar kuya! Waktu aing ka leuweung nangan suluh, sia rk kabur! Aing moal bisa katipo deuleu! ceuk Sakadang Maung. Bisi anjeun teu percaya mah, pk tah talian awak uing, tuluy cangcang kana tangkal! tmbal Sakadang Kuya. Heug atuh ari kitu mah! ceuk Sakadang Maung. Tuluy nangan areuy keur nalian kuya. Geus manggih, reketek awak Sakadang Kuya th ditalian. Tungtung talina ditalikeun kana tangkal kalapa. Ngahaja talina dipanjangan, da kitu pamnta Sakadang Kuya th. Sanggeus yakin talina pageuh, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh.

Sabot Sakadang Maung ka leuweung, buru-buru Sakadang Kuya nyieun liang dina keusik. Liangna kawilang jero og, gedna sapaseun awakna. Tuluy manhna cicing dina luhureun ta liang, nepi ka henteu kaciri aya liang. Jol Sakadang Maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak Sakadang Kuya. Gur ba sukuh th diseungeut. Teu hs teurakna seuneu th, kawantu suluh gararing. Sakeudeung og seuneuna geus ngabebela, teu bina ti nu keur nyieun api unggun. Ari Sakadang Kuya, barang durukan hurung th, terus ba mubus kana liang anu aya di handapeunana. Sakadang Kuya! ceuk Sakadang Maung. Kuk! Can pah? Encan, seuneuna kurang ged. Suluhna ditambahan deui. Sakadang Kuya! Kuk! Can pah knh? Encan, anh di dieu mah seuneu th bet haneut! tmbal Sakadang Kuya. Suluhna ditambahan deui. Sakadang Kuya! Sakadang Kuya teu nmbalan. Ah, jigana ayeuna mah geus pah Sakadang Kuya th. Barang durukan geus pareum, Sakadang Maung kurah-korh kana durukan, nangan daging kuya. Keur kitu, Sakadang Kuya ngurumuy tina jero lebu durukan. Awakna jadi bodas ku lebu. Sakadang Kuya, geuning sia hirup knh? ceul Sakadang Maung kacida kagtna. Puguh ceuk uing g tadi, seuneuna th jadi haneut di lebah dieu mah! tmbal Sakadang Kuya kalem.

Baruk tiis nya? ceuk Sakadang Maung deui bari nilik-nilik awak Sakadang Kuya. Jeung deui awak silaing jadi bodas kitu? Asa leuwih kasp euy! Sakadang Kuya msem. Pok ngomong, Sakadang Maung hayang siga kuring? Ih, puguh w, ti baheula aing th hayang boga kulit bodas. Meureun bakal leuwih tegep, nya! Tangtu w atuh. Komo Sakadang Maung mah, lamun boga kulit bodas th, bakal leuwih gagah jeung kasp. Ayeuna og cacakan corlng geus tegep. Bisa kitu mun kulit uing hayang bodas kawas siliang ayeuna? ceuk Sakadang Maung, rada sopan ayeuna ngomongna th, teu uang-aing teuing. Nya bisa atuh, asal dak diduruk w siga uing tadi, ceuk Sakadang Kuya. Diduruk? Moal panas kitu? Moal. Apan uing og henteu nanaon, malah kulit jadi bodas, tmbal Sakadang Kuya. Lamun ark, jung atuh nangan suluhna heula! Teu loba tatanya deui, Sakadang Maung indit ka leuweung rk ngala suluh. Meunang sawatara lilana, Sakadang Maung datang bari manggul suluh gararing. Pk ngagolr di dinya, ku uing urang bugbrugan ku suluh! ceuk Sakadang Kuya. Sakadang Maung ngagolr, tuluy dibugbrugan ku suluh. Sut atuh suluh diseungeut. Jegur ba hurung, tangka ngabebela. Sakadang Maung! Heuy! Hirup knh? Hirup, euy, ngan panas geuning! Panas soth mimitina, engk mah moal geura. Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh?

Hirup euy, ngan panas, tmbal Sakadang Maung, sorana ngalaunan. Suluhna ditambahan deui. Geus sawatara lilana, ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh? Iup, han hanas heuy , Sakadang Maung nmbal, sorana beuki teu kadng ba. Teu talangk, suluhna dibugbrugan deui. Sanggeus sawatara lilana, pok ditanya deui ku Sakadang Kuya. Sakadang Maung, hirup knh euy? Sakadang Maung teu nmbalan. Lah, kawasna mah geus pah Si Belang th, ceuk Sakadang Kuya. Teu lila kadng sora tingbeletuk tina durukan. Sirah jeung awak Sakadang Maung baritu. Kambeu deuih bau hangit daging jeung kulit anu kaduruk. Yakin geus pah Si Belang th. Keun, itung-itung wawalesna ka sato anu sok ngahakanan sato laleutik, ceuk Sakadang Kuya. SAKADANG KUYA BOGA SULING TULANG MAUNG SANGGEUS durukan th pareum, Sakadang Kuya kurah-korh. Manggih tulang anu panjang, jigana mah tulang pingping tukang Sakadang Maung. Tulang th dicokot, tuluy diberesihan. Alus yeuh lamun dijieun suling. Ngan kumaha molongoanana? ceuk Sakadang Kuya. Ras inget ka Sakadang Caladi. Ah, enya, sina ditroktrokan ba ku Sakadang Caladi. Sakadang Kuya ngadatangan Sakadang Caladi anu keur noktrokan tangkal kalapa. Sakadang Caladi, turun heula sakeudeung, Emang tulungan! ceuk Sakadang Kuya. Aya naon, Mang? ceuk Sakadang Caladi bari nyampeurkeun. Cing, pangnoktrokkeun tulang, keur suling! Tulang th ditroktorak ku caladi.

Nuhun Lo! ceuk Sakadang Kuya

Tuluy suling th ditiup ku Sakadang Kuya. Trt-trot trt trot, suling aing tulang maung, ditoktrokan ku caladi. Alah, teu ngeunaheun. Jigana mah kudu diliangan heula, ceuk Sakadang Kuya. Ras manhna inget ka Sakadang Bangbara. Sakadang Kuya nangan Sakadang Bangbara. Kapanggih keur ngalian dina tangkal anu keur ngarangrangan. Sakadang Bangbara, ka dieu Jang, tulungan Ua sakeudeung! ceuk Sakadang Kuya. Tulungan naon, Wa? ceuk Sakadang Bangbara. Cing, pangaliangankeun suling Ua, ieu teu ngeunaheun ditiupna. Tuluy atuh suling th diliangan ku Sakadang Bangbara. Sanggeus nganuhunkeun ka Sakadang Bangbara, suling th ditiup deui ku Sakadang Kuya. Trt-trot trt trot, suling aing tulang maung, ditoktrokan ku caladi, diliangan ku bangbara. Ah, can ngeunaheun knh ba. Jigana mah kudu dipasieup heula, ceuk Sakadang Kuya. Keur kitu, geleber aya Sakadang Sireupeun ngaliwat. Tah, kabeneran aya Sakadang Sireupeun. Ka dieu heula, Jang, tulungan Aki, ceuk Sakadang Kuya. Aya naon, Ki? Meni rareuwas, ceuk Sakadang Sireupeun. Ieu Aki th boga suling, tapi masih knh silung. Cing, pangmasieupkeun sakeudeung mah. Tuluy atuh suling th dipasieup ku Sakadang Sireupeun. Rada lila, da cenah masieup suling th henteu gampang. Tapi teu burung anggeus og. Nuhun Jang.

Sami-sami, Ki. Tuluy atuh suling th ditiup deui ku Sakadang Kuya. Trt-trot trt trot, suling aing tulang maung, ditoktrokan ku caladi, diliangan ku bangbara, dipasieup ku sireupeun, torotot hong, torotot hong. Tah, ngeunah ayeuna mah sora suling th. Nuhun ah, Jang, ceuk Sakadang Kuya bari indit. Sajajalan Sakadang Kuya nyuling teu eureun-eureun. Sorana matak kelar. Sato-sato og anu biasana garandng, jep ba jaremp, ngaddngkeun sora suling Sakadang Kuya. Atuda lain suling samana. SULING SAKADANG KUYA DIBAWA KABUR KU SAKADANG MONYET SORA suling th kadngeun ku Sakadang Monyt. Alah, aya ku ngeunah ta sora suling. Saha anu niupna nya? gerentes Sakadang Monyt. Sakadang Monyt gagancangan nangan lebah datangna sora. Ari brh, gebeg, sihorng Sakadang Kuya anu niup suling th. Jorojoy aya niat hayang ngarebut ta suling. Sanggeus ngahuleng sakedapan, tuluy nyampeurkeun ka Sakadang Kuya. Sakadang Kuya! Sakadang Kuya! Sakadang Kuya teu eureun niup sulingna. Lain teu nyahoeun aya Sakadang Monyt, ngan api-api teu nyaho w.

Sakadang Kuya, meni alus suling th. Sorana g meni genah kadngna, ceuk Sakadang Monyt. Sakadang Kuya teu ngawaro. Cik ah, nginjeum sakeudeung w. Sakadang Kuya eureun niup sulingna. Pok ngomong, Nginjeum? Ih, ulah. Ieu mah lain suling samana, dijieunna og tina tulang maung.

Sakeudeung w atuh. Ulah, ah, bisi dibawa kabur! Maenya teu percaya ka uing, apan urang th lain wawuh anyar-anyar. Anu matak teu dibikeun og kitu, sabab uing apal ka Sakadang Monyt th. Apal luar-jerona, lah. Sakadang Monyt ngahuleng sakedapan. Kieu w atuh, salila uing niup suling, pk tah ggl buntut uing, ceuk Sakadang Monyt bari ngasongkeun buntutna. Heug atuh ari kitu mah, ceuk Sakadang Kuya bari mikeun suling ka Sakadang Monyt. Sakadang Monyt diuk dina dahan anu handap, ari Sakadang Kuya nggl buntut Sakadang Monyt. Sakadang Monyt niup suling. Trt-trot trt trot, suling aing tulang maung, ditoktrokan ku caladi, diliangan ku bangbara, dipasieup ku sireupeun, torotot hong, torotot hong. Sakadang Kuya, ulah lebah dinya ngglna, di dinya mah urut borok. Cik handapan saeutik! ceuk Sakadang Monyt. Sakadang Kuya ngglna pindah ka bh handap. Ih, di dinya mah nyeri, apan urut raheut ta. Sakadang Kuya pindah deui ngglna rada ka handap. ta-ta, di dinya g ulah, bisi teu nyaho mah lebah dinya th bagan permatina! Kitu jeung kitu ba. Antukna Sakadang Kuya nggl buntut Sakadang Monyt th ditungtungna pisan. Tah, di dinya w! ceuk Sakadang Monyt bari ngajleng. Atuh puguh w, Sakadang Kuya th lsot ngglna. Sakadang Monyt tuluy nrkl kana dahan anu pangluhurna. Gk diuk di dinya. Tuluy niup sulingna.

Trt-trot trt trot, suling aing tulang maung, ditoktrokan ku caladi, diliangan ku bangbara, dipasieup ku sireupeun, torotot hong, torotot hong. Sakadang Monyt, ka dieukeun suling uing! ceuk Sakadang Kuya. Cokot ka dieu ari hayang mah! tmbal Sakadang Monyt, terus niup suling. Sakadang Kuya ukur bisa olohok. Rk nak, teu bisa. SAKADANG KUYA MENTA TULUNG KA SAKADANG KEUYEUP

SAKADANG Kuya kacida hanjelueunana, lantaran sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyt. Taya peta bisa kapimilik deui. Tuluy leumpang ngaddod, karepna rk balik ka pamatuhanana di sisi walungan. Barang anjog ka sisi walungan, gok panggih jeung Sakadang Keuyeup. Ku naon Sakadang Kuya, bet jiga anu sedih kitu? Sakadang Keuyeup nanya. Nyata, uing th keur meunang kasusah, ceuk Sakadang Kuya. Kasusah naon? Barabat atuh Sakadang Kuya nyaritakeun lalampahanana, ti mimiti panggih jeung maung, boga suling tina tulang maung, nepi ka sulingna dibawa kabur ku Sakadang Monyt.

Emh, nyaan taya rasrasan pisan Sakadang Monyt mah, ceuk Sakadang Keuyeup, Jigana mah kudu diwarah. Enya, ngan kumaha carana? Keun ta mah bagan uing. Ayeuna mah anteur ba uing ka tempat Sakadang Monyt! Sukur atuh ari Sakadang Keuyeup bisa nulungan mah.

Tapi, henteu haratis. Lamun suling beunang deui, rk mr naon Sakadang Kuya ka uing? Naon atuh, nya? Kieu w atuh, nya, uing th geus lila hayang boga munding. Tah, kumaha lamun buruhna ku munding ba? ceuk Sakadang Keuyeup. Jadi lah, ari munding mah uing g boga sarakit. Pk nu jalu mah keur Sakadang Keuyeup, asal suling beunang deui. Heug ari kitu mah, kuring dak nulungan Sakadang Kuya. Bring atuh Sakadang Kuya jeung Sakadang Keuyeup indit ngadatangan Sakadang Monyt. Kasampak Sakadang Monyt keur nyuling dina dahan kai pangluhurna. Sakadang Monyt, ka dieukeun suling th! ceuk Sakadang Kuya. Ceuk uing og bawa ku sorangan ka dieu! Nak mun bisa mah! tmbal Sakadang Monyt bari ngarenyohan. Pokona lamun teu dibikeun deui, rasakeun siah! ceuk Sakadang Kuya. Ngadng omong Sakadang Kuya kitu th, Sakadang Monyt kalah nyeungseurikeun. Waktu Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyt para-ra omong, Sakadang Keuyeup nak kana tangkal kai, ngadeukeutan ka Sakadang Monyt. Beuki deukeut, beuki deukeut ba. Terus Sakadang Keuyeup cicing palebah buntut Sakadang Monyt anu nyampay dina dahan. Rk dibikeun moal? ceuk Sakadang Kuya. Moal! tmbal Sakadang Monyt. Brs ngomong, ana gep th buntut Sakadang Monyt dicapit satakerna ku Sakadang Keuyeup. Sakadang Monyt kacida reuwaseunana jeung nyerieun deuih. Oaduh, oaduuuh, oahahaha, Sakadang Monyt gogorowokan, lantaran buntutna karasa nyeri dicapit ku Sakadang Keuyeup nepi ka buntung. Ari sulingna ta ragrag, tuluy disanggap ku Sakadang Kuya. Sanggeus sulingna beunang, Sakadang Kuya muruhan munding ka Sakadang Keuyeup. Munding jalu. Bari hahariringan, Sakadang Keuyeup balik kana liangna di sisi walungan bari nungtun munding. Ngan barang asup kana liang, awakna katincak ku munding. Anu matak, cenah, nepi ka ayeuna dina tonggong keuyeup aya anu dekok siga tapak suku munding.

Ari Sakadang Monyt mah terus kabur. Malah teu datang-datang deui ka dinya. Jigana mah raeun, lantaran buntutna buntung dicapit ku keuyeup ta. Malah mah cenah turunanana og areuweuh buntutan. Disebut ba oa, lantaran lamun keur karasa nyeri sok humarurung, Oahahaha, oahahaha. Nepi ka lila-lila mah sorana og kitu deuih.

You might also like