Professional Documents
Culture Documents
Artikel Sunda Seuhah Lata
Artikel Sunda Seuhah Lata
LAMUN diibaratkeun kana rarasaan mah, kahirupan jaman kiwari téh keur
meujeuhna lada kabina-bina, anu dina dongéng sasatoan mah disebutna téh seuhah
lata-lata! Dina widang kabudayaan, ékonomi, pulitik, hukum, jeung sajabana éstuning
teu weléh harénghéng tur matak jangar ngabandunganana. Krisis idola geus nembrak
kanyataanana. Masarakat leuwih resep ka pamaén sépakbola batan ka para pamingpin
nagara. Lantaran, kiwari geus ngurangan kapercayaan téh ku ayana pamaréntah katut
wakil rahayat tacan nedunan jangji-jangjina anu kalintang araruduh dina jaman
kampanye.
Keur meujeuhna seuhah lata-lata, ana térékél téh rega céngék ngajaul. Réa jalma
nu geus teu kabeuli céngék. Atuh anu maksakeun meuli ogé ukur tamba henteu wé keur
nambahan samara. Kadaharan nu lada geus kaitung langka, anu antukna hayang seuhah
lata-lata téh merelukeun waragad nu mahal. Teu sagawayah jalma bisa seuhah lata-lata,
kajaba sakadang monyét anu malingan céngék di kebon Pa Tani. Ku ayana Sakadang
Monyét gogorowokan “Seuhah Lata-lata”, antukna katohyan ku Pa Tani. Nu boga dosana
kabur. Ari nu kacerekna Sakadang Kuya, anu teu bisaeun lumpat tarik. Sakadang Kuya
rék dipeuncit ku Pa Tani, tapi saméméhna dikurungan heula. Sabot keur dikurungan,
Sakadang Monyét ngalongok. Ti dinya Sakadang Kuya meunang akal keur ngabales
kaculasan Sakadang Monyét. Ceuk Sakadang Kuya, manéhna rék dikawinkeun ka
anakna Pa Tani nu kalintang geulis. Puguh baé Sakadang Monyét kabitaeun. Sakadang
Monyét ngolo sangkan anu dikurungan téh dihilian baé ku manéhna. Sakadang Kuya
satuju, kalayan saratna ménta digandong tur dialungkeun ka leuwi. Atuh geus sapuk
kitu mah, Sakadang Monyét teu kalékéd nedunan kahayang Sakadang Kuya, sarta anu
dikurungan téh dihilian. Teu béda sigana jeung Kasiem anu ditukeuran ku Karni di
pangbérokan jaman kiwari.
Isukna Pa Tani geus tatahar rék meuncit Sakadang Kuya. Atuh puguh Sakadang
Monyét kacida ngaranjug. Ngabayangkeun rék dikawinkeun jeung anak Pa Tani, kalah
dipangasahkeun bedog. Hiji-hijina jalan pikeun nyalametkeun diri nyaéta api-api paéh.
Teu béda jeung para koruptor jaman kiwari, anu sok papaéhan, mangsa geus katohyan
ngabangsat duit rayat.
Perelu dibebenah deui cara ngokolakeun nagara téh. Pangpangna dina pasulan
étika. Piraku mani geus taya kapeundeul pisan ngabohongan rayat jeung ngagasak duit
rayat téh. Mangsa duit pajeg digasak ku Gayus sabalad-balad, Dirjen Pajak masih kénéh
taya kapeundeul masang iklan dina télévisi, nitah masarakat sangkan tumut mayar
pajeg, kalayan ngagunakeun dialog nurutan Naga Bonar, “Apa kata dunia?” Padahal,
dunya mah moal nyarita nanaon lamun masarakat geus teu bisa mayar pajeg ogé. Justru
“apa kata dunia” téh lamun pamaréntah henteu bisa ngabongkar kasus Gayus tug nepi
ka kacerek jeung tingkat gegedénna.
Enyaan, teu béda jeung dongéng Sakadang Monyét maling céngék di kebon Pa
Tani. Nu seuhah Lata-lata sakadang Monyét, ari nu dicerekna Sakadang Kuya. Yu geura,
urang mukaan deui dongéng-dongéng sasatoan nu asli gumelar di tatar Sunda. Tuluy
bandingkeun jeung kahirupan jaman kiwari.