You are on page 1of 1

Bismillahirrohmanirrohim

Manuk nyayang na tangkalna..


Peting peting meli sakoteng..
Salam tepang kasadayana..
Sareng simkuring anu ganteung..
Assalamualaikum wr.,wb.,
Jambu na mah jambu tapi kurang asak
Seru na mah seru
Tapi kurang kompak..
Sakali deui
Assalamualaikum wr.,wb.,
Alhamdulillah .......................................
Teu aya kecap anu langkung megah, anu pantes diucapkeun ku hiji jalmi anu do’ifah, salian manjatkeun puja ka dzat Alloh anu Maha
Kawasa, Puji di dugikeun ka dzat Alloh anu maha Suci, oge syukur ka dzat Alloh anu Maha Ghofur, Alloh ‘Azza wa Jalla anu ngagaduhan
sifat kasampurnaan jeung bersih tina sifa kakirangan. Anu parantos maparin nikmat ka makhlukna anu patut ku urang di syukuran
sanes di kufuran.
Shalawat sareng salamna mudah-mudahan di limpah curahkan ka buah manah Siti Aminah, penguasa Makkah pembuka Syafa’ah,
nyatana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Oge teu hilap ka para kulawargina, para sohabatna oge ka urang sadayana salaku umatna
anu mudah-mudahan kenging syafa’atul’udzma mantenna.
.....................................................................................

Para hadirin, pengurus pesantren sareng para santriwan/santriwati anu ku sim kuring di pihormat, Alhamdulillah kalayan izin Alloh
SWT, di haflah anu barokah ieu urang sadayana tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara muhadoroh, anu mudah-mudahan
aya dina rahmat Gusti Anu Maha Suci. Aminn ya Robbal ….
Hadirin Rohimakumulloh..
Aya dina katerangan di salah sawios kitab, diwajibkeun ka hiji abid anu hayang salamet dunia akherat, kudu boga 4 (opat) perkara,
Ka hiji Ilmu
Ka dua Amal
Ka tilu Ikhlas
Ka opat Khauf nyaeta Sieun Ka Alloh SWT
Hayu urang tafakuran,
Poin ka hiji nyaeta Imu, Ilmu saur Kangjeng Nabi lir ibarat Cahaya.. Ari Elmu Eta Cahaya..
Sing saha-saha jalma anu ngagaduhan elmu pasti bakal terbebas diana sagala rupi dosa sareng pamaksiatan serta di angkat darajatna
ku Alloh SWT.. Amin Ya Robbal …
Poin ka dua anu kedah dimilki ku abid nyaeta amal. Sabab naon.? Sabab elmu moal aya manfaatna lamun teu di amalkeun, sapertos
dina katerangan..
“Saha wae jalmi anu teu ngamalkeun kana elmuna, eta pasti kahalangan.”
Poin ka tiluna nyaeta ikhlas. Margi hiji abid anu nagarepkeun salamet dunia jeung akherat ete teu cukup ku elmu jeung amal wungkul,
tapi salian ti eta kudu didasari ku ka Ikhlasan.
“Saha jalma anu teu Ikhlas dina midamel amalna, eta jalma anu rugi.”
Tilu poin anu di luhur masih teu acan tiasa janten jaminan kanggo salamet dunia sareng akherat, tapi kedah di sampurnakeun ku
perkara anu ka opat nyaeta Khauf atawa sieun ka Alloh SWT. Firman Alloh SWT.
“Saha wae jalma anu bener-bener sieun ka murka Alloh, ngajahuahn larangan-Na, nyegah hawa nafsu tina perkara anu dilarang ku
Alloh, tah eta jalma bakal di tempatkeun di surga tempat kasih sayang Alloh SWT.”
Hadirin Rohimakumulloh..
Hayu urang betot hiji natijah dina opat poin tadi, yen pami jalmi hoyong meunang kabahagiaan dunia akherat, kedah nyucruk mapay
kana 4 perkarana : Kahiji Ilmu, kadua Amal, Katilu Ikhlas, Ka Opatna Khauf atanapi Sieun Ka Alloh SWT..
Sakitu panginten anu tiasa di dugikeun, kirang langkungna nyungkeun di hapunten..
Kalau ada sumur di ladang, Boleh kita menumpang mandi
Ceramahna moal panjang-panjang, Sugan jeung sugan di ondang ku pak haji
Wassalamualaikum wr.,wb.,

You might also like