You are on page 1of 2

CARPON KARYA WISATA KA LINGGARJATI

Karyawisata ka Linggarjati

Poe Minggu isuk-isuk kuring geus hudang najan sakola pere ge, lantaran inget yen poe ieu the murid kelas 5
rerk ngayakeun karyawisata ka Linggarjati. Terus kuring mandui disalin ku baju nu pangalusna. Kuring sarapan
heula sangu saaya-aya. Geus kitu kuring amit ka Bapa jeung Ema. Kuring buru-buru indit, da kudu kumpul di
sakola jam 07.00.
Anjog ka sakola sihoreng teh geus rame. Malah aya anu dianteur ku kolotna sagala, tacan daratang kabeh tapi
geus rame. Bu Guru kelas 5 geus aya di jero kantor sakola bari ngabsen budak nu geus dating. Guru nu sejen
oge araya, ya kitu deui Kapala Sakola. Ngan can katembong mobil nu rek ngangkut barudak mah.
Jam 07.00 barudak kabeh nya kitu deui guru-guru geus ngarumpul. Teu lila mobil nu rek dipake karyawisata the
datang. Atuh barudak the mani surak teu sirikna ajrag-ajragan. Tuluy barudak arasup kana mobil bari diabsen
ku Ibu Guru. Barudak geus arasup kana mobil, Bapa jeung Ibu Guruna mah aya nu dina motor.
Pas jam 08.00 mobil nu ngangkut karyawisata the mangkat dituturkkeun ku motor nu guru sejenna. Sapanjang
jalan barudak saleuseurian garogonjakan bangun anu bungaheun pisan. Aya anu bari taretembangan.
Teu kungsi sajam geus anjog kanu dituju. Atuh barudak the ngaburudul turun tina mobil. Dikarumpulkeun
heula bari reureuh sakeudeung ngaleungitkeun kacape di perjalanan.
Ari nu dituju the nyaeta Museum Perundingan Linggarjati nu aya di Desa Linggarjati Kacamatan Cilimus
Kabupaten Kuningan. Eta gedong teh miboga sajarah anu kacida pentingna pikeun bangsa Indonesia.
Sateuacanna kuring sabatur-batur arasup ka gedong eta, bu guru nugaskeun ka barudak mawa buku catetan
pikeun nulis katerangan-katerangan ngeunaan eusi nu aya di jero gedong eta.
Barang asup ka gedong eta langsung disambut ku salah saurang petugas museum, nya manehna nu
nerangkeun sajarah eta museum.
Mimitina mah ceunah museum eta teh mangrupakeun gubug. Terus gubug eta teh dibeuli jeung dibangun jadi
gedong ku urang Belanda. Eta gedong teh dipake perundingan antara Indonesia –Belanda. Utusan ti Indonesia
jeung Belanda the ngarendong di gedong.
Kuring jeung rombongan merhatoskeun kana sagala katerangan nu didugikeun ku eta petugas, sakali-sakali
kuring nulis katerangan anu parenting contona: waktu diayakeun perundingan, ngaran-ngaran utusan ti
Indonesia- Belanda, sarta hasil perundinganna.
Sanggeus ngurilingan eta museum, kuring jeung rombongan ngalanjutkeun perjalanan ka tempat wisata
Linggarjati. Di eta tempat teh aya kolam renang, kaulinan barudak, tempat nu ngajual cindera mata jeung loba
tukang dagang mangrupa barang jeung kadaharan. Atuh barudak oge mani barungaheun aya nu ulinan ayun-
ayunan, sapedah air, naek kincir, jeung arasup ka kolam renang. Aya nu ngalampar samak bari maruka timbel,
aya nu lulumpatan, aya anu gogoleran bari ngarasakeun hawa anu tiis seger.
Teu karasa wanci geus liwat ti lohor, atuh bu guru buru-buru ngarumpulkeun deui barudak, mangka siap-siap
rek marulang. Barudak mani riweuh, leungeunna angkaribung ku oleh-oleh nu dibareulina. Kuring mani ngarasa
bungah balik teh meunang elmu jeung meunang kabungah. Teu lila kuring jeung rombongan geus arasup deui
kana mobil nu rek mawa mulang. Atuh anjog ka imah kuring ngarasa cape, terus wae ngagoler dina kasur.

Ka puncak Bogor

Dina wanci peré sakola panjang dina taun kamari anu pas pisan sareng taun baruan 2019, abdi sareng kaluargi
angkat liburan sakola ka daerah puncak nuaya di bogor, jawa barat.

Puncak bogor mangrupakeun salah sahiji tempat lokasi wisata anu hadé ceuk abdi. Dimana didinya suasanana
téh mani tiis sareng raos pisan, jabi loba tatangkalan, sarta kebon-kebon téh.

Teu heran seueur ogé jalmi-jalmi anu nganjang nu ngahaja ameng kadinya, komo deui lamun pas peré sakola
atawa tanggal bereum mah, sapertos dinten sabtu saréng minggu pasti rame didinya.

Abdi sareng kaluargi ngendong di puncak bogor salami dua dinten, abdi ameng ka sababaraha loka anu éndah
nu aya didinya, teu hilap ogé abdi nyempatkeun kanggo foto-foto keur update status di pesbuk, salajengna abdi
ameng ka kebon téh sareng seueur deui anu sanesna.

Dina wengina, pas pisan badé taun baru 2019, abdi sareng sadérék kaluargi ngabeleum jagong sareng hayam
heula didinya, katingali didinya geuningan seueur ogé jalmi anu keur bebeleman bari ngadagoan taun baruan.
Pokona mah, ceuk abdi mah didinya téh janten pangalaman anu éndah salami aya di daerah puncak bogor
salami dua dinten éta téh. Pokona saprak kadinya, leungit sadaya hawa ka capé, stres, sarta pamikiran anu
sanesna.

Teu hilap sateuacan abdi mulang ka bumi, abdi meser heula oleh-oleh sapertos taleus bogor, buah, sareng
kaemaman liana pikeun engkina dipasihkeun ka réréncangan, sadérék, tatanggi di bumi engkina.

Nah, sakitu baé mung carita pondok pangalaman pribadi ti simabdi basa keur peré sakola panjang keur kamari.
Hatur nuhun ka sadayana.

You might also like