You are on page 1of 5

SANGAT RAHASIA 5.1/XI.

U/PAT/2019

PEMERINTAH DAERAH PROVINSI JAWA BARAT


DINAS PENDIDIKAN
CABANG DINAS PENDIDIKAN WILAYAH XIII
SMA NEGERI 1 KAWALI
Jalan Poronggol Raya Nomor 9 Kawali-Ciamis 46253 Telepon (0265) 791240

NASKAH SOAL
PENILAIAN AKHIR TAHUN (PAT)
TAHUN PELAJARAN 2018-2019
LEMBAR SOAL
MATA PELAJARAN : BAHASA SUNDA
KELAS/PROGRAM : XI (UMUM)
HARI TANGGAL : SELASA, 23 APRIL 2019
WAKTU : 07.30 s.d 09.00

Petunjuk Umum

A. Tuliskan no tes, nama dan kelas pada lembar jawaban yang tersedia
B. Kerjakan semua soal pada lembar jawaban dan kerjakan soal-soal yang mudah terlebih
dahulu.
C. Periksalah kembali pekerjaan anda sebelum diserahkan pada petugas.

Tengetan paragraf ieu di handap!


Pikeun no. 1 nepi ka no. 5.
Liburan ahir semester geus lekasan. Tanggal 2 Januari 2019 sakumna pagawé aparat
pamaréntah munggaran ngalalanyah deui hancana. Pon kitu ogé barudak sakola nu mimiti nincak
seméster 2. SMA Negeri 1 Kawali misalna. Anu dipupuan ku Bapa H. Suarman Guntara, S.Pd.
M.Pd. Panincakan di seméster 2 ieu disuguhkeun ku aturan anyar nu tujuanna taya lian
ngaronjatkeun kadisiplinan guru jeung muridna. Bapa H. Suarman Guntara, S. Pd. M.Pd
nétélakeun yén sanyatana éta aturan téh geus diterapkeun di sakola-sakola favorit dimana-mana.
Ku kituna, sakola SMAN 1 Kawali mimiti ngalalanyah kana éta aturan.
1. Nilik kana wandana, warta di luhur kaasup kana warta jenis .....
a. Straight News b. Breaking News c. Spot News d. Depth News e. Soft News
2. Tina conto warta di luhur, kecap “ngaronjatkeun” miboga harti sarua jeung .....
a. Ngajrug b. Nurunkeun c. Ngalatih d. Ningkatkeun e. Ngalarapkeun
3. kecap “lekasan” béda hartina jeung .....
a. Eureun b. Panengah c. Tamat d. Munggaran e. Bérés
4. Ragam basa nu digunakeun dina conto warta di luhur, nyaéta ragam basa .....
a. Hormat b. Lemes keur Sorangan c. Lemes keur batur d. Loma e. Kasar
5. Unsur “How” tina 5W+1H nu teu luyu dumasar warta di luhur nyaéta .....
a. Aturan anyar di SMAN 1 Kawali mimiti dilarapkeun
b. Sakumna pagawé aparat pamaréntah munggaran ngalalanyah deui hancana
c. Murid SMA.N 1 Kawali mimiti ngalalanyah nincak seméster 2
d. Taya nu ngabédakeun aturan taun ajaran ayeuna jeung aturan taun saméméhna
e. Guru jeung muridna sarua milampah éta aturan kalayan konsékuénsina
6. Sababaraha unsur anu perlu ditengetan dina hiji berita diantarana, iwal .....
a. Luar biasa d. Eusina penting sanajan teu aktual
b. Peristiwa dianggap penting e. Ngirut atawa matak resep lamun dibaca
c. Miboga pangaruh keur nu maca
7. Dina macakeun warta aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun nyaéta, iwal .....
a. Baca heula di jero haté meunang dua tilu balikan mah. Upama sakira henteu ngaganggu
kabatur bisa digerendengkeun.
b. Lentong kudu diatur, ulah monoton atawa datar sakapeung rada ditekenkeun, sakapeung
diturunkeun deui.
c. Unggal kekecapan nu dibaca kudu dibéré tekenan supaya nu ngabandungan kataji
d. Lapal kudu jelas ti mimiti kalimah, kecap nepika sora unggal aksara.
e. Artikulasi nalika lumangsungna maca kudu atra.
8. Dina nyangkem warta, urang éstuning kudu daria. Dina ieu hal. naon anu paling mangaruhan
dina nyangkem warta .....
a. Panon, irung, jeung ceuli d. panon, leungeun, jeung ceuli
b. Panon, uteuk, jeung ceuli e. ceuli, suku, jeung uteuk
c. Lambey, uteuk jeung ceuli
9. Di handap ieu anu kaasup kana conto kecap pangantét, nyaéta .....
a. Di baju b. Ti balik c. Di luhur d. Di jaga e. Ka tubruk
10. anu teu kaasup kana conto kecap rarangkén hareup nyaéta ......
a. Dipupul b. Ka Balé c. Titinggal d. Kabalé e. Di pupul
1. Carita rékaan (fiksi) wangun lancaran (prosa) jeung kaasup karya sampeuran, umumna
panjang sarta galur caritana ngarancabang disebut ......
a. Wawacan b. Novel c. Drama d. Purwakanti e. Carpon

11. Titénan ieu tabél di handap!


No Ciri-Ciri Karya Sastra
1 Karangan tinulis fiksi atawa rékaan nu galur caritana relatif basajan
2 Midangkeun hiji carita sacara bébas
3 Jumlah kajadian caritana réa
4 Laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna
5 Aya parobahan nasib nu dialaman ku palaku utama
6 Palakuna ukur dua atawa tilu urang
7 Jejer (téma) jeung latar (setting) napak dina alam kahirupan kiwari
8 Midangkeun hiji hal sacara gembleng, rinci, spésifik jeung detail
9 Kajadianna sambung-sinambung
10 Kaca (halaman) antara 4 nepi 6 kaca kalayan 1,5 spasi
11 Leuwih loba midangkeun konflik nu leuwih kompléks
12 Diwangun antara 5000-10000 kecap
13 Miboga hiji plot, setting anu tunggal, jumlah tokoh anu kawates, tur
ngawengku jangka waktu anu singget.
14 Aya sababaraha épisodeu dina kahirupan palaku
15 Biasana palaku utama teu nepi ka maot
Dumasar kana data di luhur, mana anu kaasup kana ciri-ciri novel ...
a. 4,5,9,10,12,13,14,15 d. 1,3,4,6,7,8,9,10,12,13
b. 2,3,4,6,7,8,10,14,15 e. 2,4,5,7,8,9,11,14,15
c. 3,4,5,6,8,9,10,12,13
12. Novél “Prasasti nu Ngancik dina Ati” dikarang ku .....
a. Aam Amalia b. Ajip Rosidi c. Popon Saadah d. Usep Romli e. Godi. S
13. Tatang Sumarsono kungsi nulis novél anu judulna .......
a. Béntang Pasantrén d. Mantri Jero
b. Galuring Gending e. Prasasti nu Ngancik dina Ati
c. Kakarén Révolusi
14. Novél anu munggaran medal di tatar Sunda nyaéta novél “Baruang kanu ngarora” anu di
karang ku ......
a. Godi. S b. Yosep Iskandar c. M.A Salmun d. Aam Amalia e. D. K. Ardiwinata
15. Novél “Mantri Jero” di karang ku .....
a. Aam Amalia d. Ajip Rosidi
b. Usep Romli H. M e. R.S. Hardjapamekas
c. R. Memed Sastrahadiprawira
16. Palaku-palaku nu aya dina novel Mantri Jero diantarana, iwal .....
a. R. Yogaswara b. Kiai A. Mugni c. Erom d. Nyi Halimah e. Ki Bulus
17. Di handap ieu nu kaasup kama novel barudak nyaéta ..
a. Cinta Pabaliut b. Lain Éta c. Lalangsé d. Béntang Hariring e. Rini
18. Kecap pancén anu gunana pikeun nyambungkeun babagian kalimah (kecap. Frasa, jeung
klausa) disebut kecap .....
a. Pangantét b. Panyambung c. Barang d. Interjéksi e. Modalitas
19. Kajeun capé diajar batan teu naék sakola mah.
Kecap panyambung dina kalimah di luhur nyaéta .....
a. Kajeun b. Di c. Mah d. Batan e. Pilihan a jeung d bener
20. Na ka kolot téh jolédar-jolédar teuing, ..... nyukup nyenangkeun atuh aya-aya kikirimna
salebaran sakali mah.
Kecap panyambung anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta .....
a. Kilangbara b. Bubuhan c. Orokaya d. Wondening e. Kadongdora
21. ...... lamun ka pasar, pangmeulikeun buah simanalagi.
Kecap panyambung anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta .....
a. Meungpeung b. Peupeujeuh c. Mangkaning d. Bubuhan e. Peupeuriheun
22. Kawantu daék tatanya, ......
Kalimah anu cocog pikeun ngalengkepan kalimah rampung di luhur nyaéta ....
a. Dirina teu daékeun d. nu matak manéhna mah pinter ogé
b. babaturan ngajak naék motor e. lila-lila mah hasil ogé manéhna téh
c. disuguhan dahar ku manéhna
23. Batan kapok kalah .....
Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...
a. Korét b. Gawok c. Keprok d. Pakepuk e. Pilihan a, b,c, d salah
24. Di handap mangrupa wangenan biografi anu bener, nyaéta ....
a. Karangan anu eusina mangrupa paguneman antara dua urang atawa leuwih.
b. Karangan anu nyaritakeun lalakon hirup dirina sorangan ku sorangan.
c. Karangan anu nyaritakeun lalakon kahirupan /riwayat hirup hiji jelema ku batur.
d. Karangan anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang.
e. Karangan nepikeun omongan anu sipatna umum.
25. Titénan ieu tabél di handap!
No Unsur Biografi
1 Ngaran, jujuluk, lalandian
2 Gumelar jeung asal usul kulawarga
3 Alamat Imahna
4 Bentuk pisik jeung pasipatan
5 Riwayat Atikan jeung padamelan
6 Pikiran atawa gagasanana
7 Karya-karya nu kungsi dijieun
8 Préstasi jeung Pangajén nu kungsi katarima
9 Kalungguhan

Dumasar tabél di luhur, nu kaasup unsur biografi nu bener ditunjukeun ku nomer ...
a. 1-2-3-4-5-6-8-9 d. 1-2-4-5-7-8-9
b. 1-2-3-5-6-7-8-9 e. 1-3-4-6-7-8-9
c. 1-2-3-4-5-7-8-9

Tengetan wacana ieu di handap!


Pikeun patalékan no 31-33
RAMADHAN KH
Ramadhan KH, jenengan lengkapna Ramadhan Kartahadimadja. Lahir di Bandung, 16
Maret 1927.Ramadhan KH lila hirup di luar negeri, salah sahiji putrana nyaéta Gilang Ramadhan
nu mangrupa pamaén musik (dram). Sababaraha karyana meunang penghargaan, upamana waé
kumpulan sajakna Priangan Si Jelita (1957) ti Badan Musyawarah Kebudayaan Nasional
(BMKN). Dina wangun roman, Royan Revolusi (1970) dilélér hadiah ku UNESCO-IKAPI,
novel Kemelut Hidup (1976) ti Dewan Kesenian Jakarta, satuluyna novel nu bieu dipilemkeun
ku Asrul Sani.
26. Wacana di luhur kaasup kana ......
a. Carpon b. Surat c. Novel d. Biografi e. Otobiografi
27. Ramadhan KH téh minangka sastrawan anu kaasup produktif. Ngaran lengkep Ramadhan
KH nyaéta .....
a. Ramadhan Kertarahardja d. Ramadhan Karnahadimadja
b. Ramadhan Kartahadimadja e. Ramadhan Kartahadiprawira
c. Ramadhan kartahadibrata
28. Dimana jeung iraha dilahirkeunana Ramadhan KH ......
a. Bandung, 16 Maret 1927 d. Bandung, 16 Maret 2006
b. Bandung, 16 Maret 1972 e. Bandung, 16 Maret 1928
c. Bandung, 16 Maret 1987
29. Di handap ieu anu kaasup unsur-unsur Biografi jeung Otobiografi nyaéta, iwal .....
a. Ngaran Lengkep
b. Cita-cita jeung harepan nu kahontal jeung nu can kahontal
c. Karya, préstasi atawa hasil gawé
d. Dedegan jeung pasifatan
e. Riwayat kajadian sabagian wungkul (diwilah-wilah)
30. Gaya nyarita otobiografi ngagunakeun palaku gaganti jalma .......
a. kahiji b. kadua c. Jalma katilu d. Kaopat e. fléksibel
31. Karya sastra wawacan téh ngabogaan pungsi jeung kalungguhan anu penting dina kahirupan
urang Sunda. Sabab sok dipintonkeun pikeun kapentingan salametan (ritual) jeung
kalangenan (hiburan) ku cara ditembangkeun atawa sok disebut oge...
a. Dihaleuangkeun d. Dilagukeun
b. Dibelukeun e. Didangdingkeun
c. Dinyanyikeun
32. Ieu dihandap mangrupa ciri-ciri wawacan. Iwal...
a. Ngagunakeun patokan pupuh d. Karya sastra heubeul
b. Nyaritakeun lalakon e. Mangrupa karya sastra modern
c. Pupuh anu dipakéna teu hiji
33. Asupna wawacan kana sastra Sunda kira-kira dina mangsa abad ka-19. Numutkeun para ahli
gelarna wawacan dina sastra Sunda téh lantaran pangaruh ti sastra.....
a. Jawa b. Arab c. Belanda d. Jepang e. Sastra Modern
34. Karya sastra wangun wawacan umumna ngabogaan unsur struktur anu maneuh, nya éta...
a. Bubuka, eusi, panutup d. Caritaan awal, konflik, panutup
b. Salam bubuka, eusi, salam panutup e. Konflik, eusi, kolofon
c. Manggalasastra (alofon), eusi, kolofon

35. Kasmaran kaula muji,


Ka Gusti Ajawajala,
Nu murah ka mahluk kabéh
Jeung muji utusanana,
Kanjeng nabi Muhammad,
Nya éta Nabi panutup,
Miwah muji sahabatna (wawacan rengganis)
Sempalan wawacan diluhur kaasup kana?
a. Manggalasastra b. Kolofon c. Salam panutup d. Konflik e. Eusi
36. Loba karya wawacan téh, salah sahijina wawacan Panji Wulung. Karya...
a. R.H Muhamad Musa d. M.A Salmun
b. Budi R.T e. Taufik Faturohman
c. Engka Widjaja
37. Keur mah pinter, katurug-turug manéhna mah bageur deuih!
Kecap Panambah dina kalimah di luhur nyaéta ....
a. Keur, mah b. Mah, deuih c. Mah, manéhna d. Pinter, bageur e. Keur, deuih
38. Lantaran seubeuh teuing daharna, ..... deui teurab.
Kecap panambah anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta .....
a. Cikikik b. Gantawang c. Nyurucud d. Eureuleu e. Pletok
39. Anjing nu ngagogogan waé téh, ..... waé ku manéhna dibalédog.
Kecap panambah anu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta .....
a. Geleser b. Réngkénék c. Jegur d. Belewer e. Jung

Ésséi

1. Jieun téks warta anu faktual ogé aktual kalayan watesan téma ngeunaan “pulitik” !
2. Jelaskeun bédana novel jeung carpon!
3. Caritakeun deui eusi novel nu judulna “Prasasti nu Ngancik dina Ati!
4. Jelaskeun eusi, struktur, jeung aspék kabasaan dina téks biografi!
5. Tulis salah sahiji paragraf wawacan “Panji Wulung” boh éta nu ditulis dina wangun pupuh
Asmarandana, Pangkur atawa pupuh Kinanti!

You might also like