You are on page 1of 3

PEMERINTAH KABUPATEN CIANJUR

DINAS PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN


SD NEGERI CIKARATOK
KECAMATAN SUKARESMI
Alamat : Kp.Baru RT. 002 RW. 008 Desa Kubang Kec. Sukaresmi Kab. Cianjur Kode Pos 43255

PENILAIAN TENGAH SEMESTER II TAHUN 2019 - 2020


Mata Pelajaran : Basa Sunda No. Peserta : …………………
Hari/Tanggal : ……………………………
Kelas : I (Satu) Nama : .................................

I. Bere tanda cakra (X) dina aksara A, B, atawa C di jawaban nu di anggap bener! Pek Baca
carita di handap ieu!

Si Mawat

Aisyah boga ucing pamere ti bibina.


Ucingna lucu pisan.
Buluna tilu warna bodas, hideung jeung koneng.
Dingaranan si Mawat
Dipiara jeung dipikanyaah ku Aisyah.
(Tina carita di luhur pek jawab patarosan ti no 1- 5)

1. Ari Si Mawat teh sato naon?


A. hayam B. ucing C. anjing
2. Kumaha laku lampah Aisyah ka ucingna?
A. mikanyaah B. mikangewa C. mikabendu
3. Naon wae warna bulu Si Mawat?
A. Bodas, hideung, hejo
B. Bodas, hideung, beureum
C. Bodas, hideung, koneng
4. Saha nu sok miara Si Mawat teh?
A. Aisyah B. Bibi C. Bapa
5. Saha nu mere ucing ka Aisyah?
A. Bibina B. Bapana C. Ibuna
6. Sangkan pinter jeung loba elmuna, urang kudu getol
A. diajar B. ngajar C. ngajajar
7. Sateuacan diajar barudak kedah .... . heula
A. jajan B. ngadu’a C. ngajar
8. Pek tingali gambar di handap
Jawaban nu bener tina gambar nyaeta …
A. Ahmad keur maca buku bari gogoleran
B. Ahmad keur maca buku bari diuk
C. Ahmad keur nulis dina meja
9. Gambar pakakas di handap ieu biasana disimpen di..

A. gudang B. garasi C. dapur


10. Pek tingali gambar di handap. Barudak sakola keur …

A. Piket beberesih kelas B. Piket jaga malam C. Piket beberesih buruan sakola
11. Di bumi abdi sok ngabantuan … piring
A. nyeuseuh B. ngepel C. kukumbah
12. Abdul lumpatna …
A. gancang B. deukeut C. gumbira

Pek baca ku hidep carita di handap ieu!

Nepangkeun
wasta abdi Salman
yuswana 7 taun
karesep maen bal
cita-citana janten pulisi
pun bapa namina Wijaya
pun biang namina Fatimah
Tina bacaan diluhur, pek jawab patarosan ti no 13 — 15!
13. Saha nami nu nuju nepangkeun teh?
A. Salman B. Wijaya C. Fatimah
14. Saha nami ibuna?
A. Salman B. Wijaya C. Fatimah
15. Cita-cita Salman hoyong janten naon?
A. guru B. pulisi C. pilot
16. Imah Ahmad ...... sakola
A. dinten B. deukeut C. dina
17. Di perpustakaan loba ...
A. patlot B. buku C. bal
18. Karesep Udin maen bal. Maen balna di …. imah
A. buruan B. rohangan C. luhureun
19. Pakakas nu sok dipake di sakola nyaeta…
A. talenan B. patlot C. teko
20. Pek tingal gambar di handap ieu!
Kalimah nu bener nyaeta....
A. Asep keur maen momobilan
B. Asep keur maen langlayangan
C. Asep keur maen ucing-ucingan

II. Eusian patarosan di handap ieu ku jawaban anu bener!


Baca carita di handap, tuluy jawab patarosan no 1 -3!
Ngalayad babaturan
Dudi nyeri beuteung
lantaran dahar asal-asalan
ayeuna henteu sakola
Wening ngajakan Tika ngalayad anu gering
Budi jeung Dani oge diajak
opatan ngalayad Dudi.
Dudi atoheun pisan dilayad ku babaturannna.

1. Saha anu keur gering teh ?


2. Kunaon Dudi jadi gering ?
3. Naon sababna Dudi atoheun ?
4. Pek tingal gambar di handap! caritakeun ku hidep gambar naon eta teh?

5. Lengkepan ku hidep tulisan di handap ieu!


Nepangkeun
Wasta Abdi ….
Umur abdi ….
Karesep abdi ….
Pun bapa namina ….
Pun biang namina …..

You might also like