You are on page 1of 4

PEMERINTAH KABUPATEN GARUT

DINAS PENDIDIKAN
UPTD PENDIDIKAN KECAMATAN CIKELET
GUGUS PAMALAYAN

ULANGAN TENGAH SEMESTER GANJIL (UTS)


TAHUN AJARAN 2016/2017

Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nomor : …………………………


Kelas : VI (Enam)
Hari/tanggal : Nama : ........................................
Waktu : Sekolah: …………………………
……………………………
Baca sing tenget carita di handap ieu !

Ciung Wanara

…… Kacaritakeun di karajaan Galuh nu kaasup wewengkon Ciamis, nu jeneng jadi raja dina
waktu harita Prabu Permana Dikusumah. Dina waktu nu geus ditangtukeun Raja boga niat
arék tatapa niiskeun diri ditempat nu sunyi jauh ti karaméan. Saméméh indit ka patapaan Raja
papatah ka Ratu na nu wastana Naganingrum, yén mun tos ngalahirkeun éta budak kudu di
jenengkeun mingpin karajaan Galuh, disagigireun Naganingrum aya istri selir raja nu wastana
Dewi Pangrenyep tur sami nuju kakandungan. Dewi pangrenyep kurang satuju mun Putra Ratu
Naganingrum jeneng Raja, kukituna pas ngalahirkeun Naganingrum, Dewi Pangrenyep maok
orok tur dipalidkeun ka wahangan Citanduy ku cara di petian tur dibahanan endog hayam
sasiki.
Peti nu dipalidkeun ku Dewi Pangrenyep kapanggih ku aki balangantrang, tur orok nu na jero
peti di rorok ku aki Balangantrang tur dingaranan Ciung wanara, dingaranan kitu teh tina
istilah ngaran sasatoan di leuweung waktu harita, nyaeta manuk ciung tur monyet wanara ……

I. Eusian pananya di handap ieu !


1. Saha ngaran Raja Karajaan Galuh teh ?
2. Naon tujuanna Raja ningalkeun karajaan?
3. Saha nu ngalahirkeun heg orokna di palidkeun teh ?
4. Kumaha pasipatan Dewi Pangrenyep teh ?
5. Saha ngarana budak nu di rorok ku Aki Balangantrang teh ?

II. Pilih salah sahiji jawaban anu bener!


1. Bu Heni katelah guru nu pang bageurna.
Katelah sarua hartina jeung ……
a. Kaconto c. Kapeto
b. Kasohor d. Kasebut
2. Maneh mah pangedulan ari dititah ku kolot teh …..
a. Hampang birit c. Beurat birit
b. Bujur aseupan d. Buntut kasir
3. Kang Dudung keur dahar sangu poe. Sangu poe mangrupa kecap ……
a. Kantetan c. Rundayan
b. Pangantet d. Rajekan
4. Keuna kana paribasa moro julang ngaleupaskeun ……
a. monyet c. peusing
b. cangehgar d. lauk
5. Industri nu ngahasilkeun kandaraan bermotor saperti mobil, disebut industri …..
a. Kimia c. Hilir
b. Tekstil d. Otomotif
6. Buku anu nerangkeun sagala rupa kecap disusun nurutkeun abjad atawa alphabet,
disebut …..
a. Komik c. Kitab
b. Kamus d. Novel
7. Janten murid sakola kedah rajin ngapalkeun.
Kalimah di luhur kaasup kalimah …..
a. Piwuruk c. Pananya
b. Panitah d. Panyeluk
8. Kang Undang teh kapeto jadi sekretaris RW.
Ngaran lain tina kecap sekretaris dina kalimah diluhur nyaeta…..
a. Panumbu catur c. Pupuhu
b. Girang serat d. Panata harta
9. Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang dina hiji carita nyaeta …..
a. Tema c. Latar
b. Palaku d. Amanat
10. Dongeng nu nyaritakeun kajadian asal-usul hiji tempat atawa barang disebut …..
a. Fabel c. Miteu
b. Legenda d. Parabel
11. Istilah lamaran atawa halaman buku sok disebut oge ……
a. Bab c. Jilid
b. Eusi d. Kaca
12. Mang Ending mah pagaweanana the nyieunan bedog jeung peso. Mang Ending teh sok
disebut ……
a. Panday c. Kabayan
b. Pamayang d. Candoli
13. Hukuman anu boga kawajiban mayar ku duit, disebut …..
a. Setor c. pajeg
b. Sangsi d. Denda
14. Jaman baheula mah, leuit the sok dipake panyimpenan pare.
Kecap asal tina kecap panyimpenan nyaeta …….
a. Nyimpen c. Disimpen
b. Simpen d. Panyimpenan
15. Kolot mah tunggul rahayu tangkal darajat, sabab gusti moal ngahampura lamun hiji
anak teu dihampura ku indung jeung ku bapana.
Ungkara kalimah di luhur ngandung wangun ……
a. Sisindiran c. Babasan
b. Paribasa d. Paribasa

III. Pék jawab pananya dihandap ieu !

1. Nu rek kerja bakti marawa pakakas. Pakakas saharti jeung ……..


2. Batu-batu jeung gunung-gunung kaasup kecap rajekan……
3. Ari jadi jelema tong sok buntut …….
4. Jieun kalimah make kecap “jahe”
5. Susun jadi kalimah nau merenah!
indit – Amin – sakola – ka – sabada – sarapan.
KUNCI JAWABAN BAHASA SUNDA KELAS VI

I. Isian
1. Prabu Permana Dikusumah
2. Tatapa niiskeun diri ditempat nu sunyi
3. Naganingrum
4. Jahat
5. Ciung wanara
II. Pilihan Ganda
1. B 6. B 11. D
2. C 7. A 12. A
3. A 8. B 13. D
4. C 9. D 14. B
5. D 10. B 15. B
III. Essai
1. Alat
2. Dwi murni
3. Kasiran
4. Kebijakan guru
5. Amin indit ka sakola sabada sarapan

You might also like