You are on page 1of 6

NASKAH SOAL LATIHAN UJIAN KENAIKAN KELAS

TAHUN PELAJARAN 2017-2018


PAKET SOAL 1

Hari/Tanggal : ……………………. Kelas/Semester : VII (Tujuh)/Genap


Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : …………………….

I. Jawab pananya-pananya di handap kucara nyakraan a, b, c, atawa d


nu pangbenerna !

A. Wacana 1 pikeun soal nomer 1 nepi ka nomer 6

DI MAKAM BAPA
Enjing lebaran. Dinten ieu panungtungan abdi saum. Alhamdulilah saum teh tamat. Upami lebaran
teh abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna. Takbiran di masjid sareng
rerencangan, ngadamel kueh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmeserkeun acuk
lebaran, sapatu lebaran. Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.
Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran teh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaeta
ka makam Bapa. Abdi mah sok resep we. Abdi mah sok hoyong ngadongeng ka Bapa teh. Najan teu
pendak langsung.
Abdi teu kantos emut kana raray-rarayna acan ka Bapa teh. Nuju abdi alit keneh pisan, Bapa
ngantunkeun abdi sareng Mamah. Upami teu aya potona mah, abdi teh jigana moal apal sakedik-kedik
acan ka Bapa teh. Untug we Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah,
kasep da Bapa teh. Hanjakal yuswana teu panjang, namung untung aya lebaran.
Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah. Basa ku Nini
digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka emut pangpayuna teh, asik…engke siang ka makam
Bapa.
Tos beres solat ‘Id, beres sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, oge
tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam.
Horeeee….! Abdi dugi ka makam. Panon teh teu ka mamana heula, langsung manteng ka
makam Bapa. Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gedengeun Mamah. Waktos panangan Mamah
ranggah ngado’a, abdi oge pipilueun . abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna
kunyam kunyem ah abdi mah jongjon we ngadongeng ka bapa teh. Eh ngawitan mah muhun
ngado’a ketang muga-muga bapa lebet ka Surga.
………………………………………………………………………………………………………
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….
a. dongeng b. drama c.carita pondok d.laporan

2. Kumaha watak abdi teh…….


a. babari ambek b. daekan c. kedul d. taat agama

3. Kumaha kaayaan hate abdi nalika di ajak ka makam bapa…….


a. bungah b. sedih c. nalangsa d. hanjakal

4. Dimana kajadiana carita di luhur……


a. di sawah b. di makam c. di sakola d. di jalan

5. Amanah nu kapanggih dina cutatan carita di luhur nyaeta……


a. urang kudu papaseaan c. urang kudu hormat tilawat ka kolot
b. urang kudu silih asih d. urang kudu silih acuh.

6. Rek naon abdi jeung mamah aya di makam bapa…….


a. ngadoakeun bapa b. ngadongeng c. ngobrol d.ngirim kueh
lebaran

7. Kecap reporter ngandung harti…….


a. wartawan b. biantara c. panumbu catur d. panata acara

8. Kecap kulisik ngandung harti……


1
https://www.carasunda.com/
a. hudang b. lilir tina sare c. gugah d. nangtung

9. Berebet budak teh lumpat. Kecap berebet kaasup kana kecap…….


a. kecap panganteur b. kecap ngantet c. kecap kaayaan d. kecap rundayan

10. Teu kungsi lila, gek manehna…..


a. nangtung b. sare c. diuk d. lumpat

B. Wacana 2 pikeun soal nomer 11 nepi ka nomer 12


Eling-eling umat muslimin muslimat
Hayu urang angkat berjamaah sholat
Estu kawajiban keur sadaya umat
Pibekeleun urang jaga di aherat

11. Eusi padalisan ka hiji dina pupujian bieu nyaeta…..


a. ngajak ngalaksanakeun kawajiban c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak eling ka muslimin

12. Eusi padalisan ka dua dina pupujian di luhur nyaeta……


a. mepelingan umat c. ngajak bebekelan
b. ngajak berjamaah sholat d. ngajak eling ka mulimin

13. (1)Nabi urang sadayana. (2)Arab Qurés nya bangsana. (3)Kangjeng Nabi anu mulya.
(4)Muhammad jenenganana.
Runtuyan nu merenah tina pupujian di luhur nyeta…..
a. (1), (2), (3), (4) b. (1), (3), (2), (4) c. (1), (4), (3), (2) d. (1), (3), (4), (2)

14. Kecap agreng ngandung harti…..


a. mewah tur endah b. alus tur kasohor c. alus jeung endah d. gede

15. Kecap asal tina kecap didungakeun nyaeta…..


a. didunga b. dungakeun c. dunga d. didungakeun

16. Rarngken tukang –an nu ngabogaan harti kecap pagawean nyaeta…..


a. gantungan b. wadahan c. daekan d. duaan

C. Wacana 3 pikeun soal nomer 17 nepi ka nomer 18.


Baca masing teleb sajak di handap !
PIWURUK GURU
Heug regepkeun barudak Pek turut Indung jeung Bapa
Pepeling ti para guru Laksanakeun parentahna
Nu baris ngeusian pikir Ulah sok diajar melid
Nu bakal nyaangan rasa Anggur ge masing rapekan
Mun ku hidep digarugu Ngarah kolot henteu ngungun

17. Dina sajak di luhur dijentrekeun tujuan pangna urang kudu ngaregepkeun pepeling
guru nyaeta ….
a. sangkan jadi jalma soleh c. sangkan jadi jalma nu taat
b. sangkan jadi jalma nu caang rasa d. sangkan jadi jalma nu jujur
c.
18. Dina pada (bait) ka dua, piwuruk guru nu kudu diturut nyaeta….
a. Indung c. Guru
b. Indung jeung Bapa d. Bapa
19. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat. Kecap dahar ngandung harti……
a. Korupsi b. Ngahuapkeun c. Sarapan d. Nginjem

20. Si Badru ngendog di kelas VII sabab tara di ajar.


Kecap ngendog dina kalimah di luhur ka asup kana…..
a. denotatif b. konotatif c. sinonim d. antonym

2
https://www.carasunda.com/
21. Dedeh : “Assalamu’alaikum.”
Udin : “Wa’alaikum Salam.”
Dedeh : “Ieu Dedeh, punten abdi teh bade tumaros, dinten kamari aya tugas?”
Udin : “ Oh…muhun, aya tugas Basa Sunda.
Kunaon kamari teu ka Sakolah Deh?”
Dedeh :”…….”

Kalimah anu luyu pikeun ngalengkepan paguneman di luhur nyaeta…..


a. alah biasa bae c. ke bae isuk atuh
b. nyaeta abdi teh nyeri sirah d. muhun kamari atos

22. Sinonim tina kecap Beurang nyaeta…..


a. peuting b. wengi c. siang d. isuk

23. Antonim tina kecap Gede nyaeta…..


a. ageung b. badag c. seueur d. leutik

D. Wacana 4 pikeun soal nomer 24 nepi ka nomer 26


Cikal bakal padumuk Sumedang teh bibit buitna mah ti Galuh jeung Pajajaran. Menak
Sumedangna sorangan ti pihak indung masih rundayan ti Prabu Siliwangi, Raja Pajajaran. Ari ti pihak
bapa masih rundayan ti Sunan Gunung Jati Cirebon.
Bupati Sumedang munggaran nya eta Pangeran Kusumah Dinata nelah Pangeran Santri.
Disebut kitu soteh dumeh kaasup Bupati munggaran anu ngagem Agama Islam. Ibuna nya eta
putri Prabu Linggawastu ti Sumedang, ari ramana nya eta Pangeran Pamelekaran, putu Sunan
Gunung Jati Cirebon. Nikah na putri sareng pangeran ti Cirebon mangrupa awal ngaislamkeun urang
Sumedang.
……………………………………………………….
24. Sempalan carita di luhur kaasup kana carita…..
a. dongeng b. babad c. carpon d. novel

25. Bupati Sumedang munggaran nyaeta……


a. Pangeran Kusumah Dinata c. Sunan Gunung Jati
b. Prabu Siliwangi d. Putri Prabu Linggawastu

26. Pangeran Kusumah Dinata nelah Pangeran Santri, sabab…..


a. Bupati munggaran nu ngagem agama islam c. santri Sunan Gunung Jati
b. putuna Sunan Gunung Jati Cirebon d. Santri Sumedang munggaran

27. Anu teu kaasup kana conto kecap saharti (sinonim) nyaeta…..
a. beunghar = sugih b. leutik = alit c. sangsara = malarat d. alus = goreng

E. Wacana 5 pikeun soal nomer 28 nepi ka nomer 30


Mohamad Toha katelah pahlawan ti Bandung Selatan, dina mangsa revolusi kamerdikaan. Lahir di
kota Bandung dina taun 1927. anjeuna estu yatim, sabab dina yuswa dua taunan tos dikantunkeun ku nu
janten ramana.
Sakola desana tamat salila 3 taun, satuluyna sakola montir mobil. Sarengsena ti dinya, anjeuna
nyepeng damel di kamiliteran dina mangsa panjajahan jepang dina taun 1942-1945.
Sabada Indonesia ngukuhan proklamasi kamerdikaan, anjeuna ngagabung ka Barisan Banteng
Republik Indonesia (BBRI) wilayah Priangan. Nya dina BBRI ieu anjeuna kenging tugas salaku
Komandan Seksi I Bagian ‘Penggempur’.

28. Dumasar kana eusina, eta karangan kaasup kana…..


a. carita pondok b. sajak c. biografi/riwayat hirup d. novel
29. Saha nu katelah Pahlawan ti Bandung Selatan teh ?
a. Mohamad Toha b. Mohamad Yamin c. Mohamad Yusuf d. Mohamad Nur

30. Mohamad Toha lahir taun…..


a. 1929 b. 1928 c. 1927 d. 1926

31. Kecap Pahlawan ngandung harti……


3
https://www.carasunda.com/
a. balad b. sekutu c. tentara d. pajuang

32. Barudak kelas VII ngagambar pamandangan meuni alus. Kecap alus dina kalimah eta kaasup kana
kecap…..
a. kecap kaayaan b. kecap pagawean c. kecap barang d. kecap rajekan

F. Wacana 6 pikeun soal nomer 33 nepi ka nomer 37


Baca masing teleb sempalan dongeng di handap !
Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal éta budak téh
kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu goréng téh nyaéta resep pisan
ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru ka tegalan
paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron mah teu boga
kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka pisan ningali domba nu
keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat ngajauhan
domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk ka lebah
datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta beungeutna perenges
pikasieuneun.
………………………………………………………………………………………..

33. Palaku utama dina eta dongeng nyaeta……


a. Egon b. Suhro c. Aron d. Indungna

34. Kabiasaan si Egon anu goreng teh nyaeta….


a. resep ngadu hayam c. sok nyokot duit batur
b. ngalawan ka kolot d. ngalawan ka babaturan

35. Di mana lumangsungna eta kajadian teh ?


b. di pakarangan imah c. di tukangeun sakola
c. di lapangan mengbal d. di tegalan tempat ngangon

36. Domba saha anu lumpat kana rungkun teh ?


a. domba Suhro b. domba Egon c. domba Arond. domba Indungna

37. Amanat nu kapanggih tina eta dongeng nyaeta……


b. kudu resep ngadukeun domba c. nyaah ka sasama mahluk Allah SWT
c. nyaah ka babaturan d. kudu jadi jalma males

38. ᮙᮙ ᮙᮙ
ᮙᮙbasa sunda na nyaeta…..
a. maca buku c. maca koran
b. nuju maca d. meser buku

39. Aksara sunda tina kecap Mamah, nyaeta……


a. ᮙᮙᮙ b. ᮙᮙ
ᮙᮙ c. ᮙᮙ
ᮙᮙ d. ᮙᮙᮙᮙ

40. ᮙᮙ
ᮙᮙbasa sundana nyaeta……
a. susu b. sasa c. sisik d susuk

4
https://www.carasunda.com/
II. Jawab kalawan bener !

1. Susun ku hidep kalimah ieu di handap jadi paguneman dina telepon !


- Muhun
+ Halow, assalamu’alaikum
+ Ieu sareng Ai, Euis sanes ?
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha ?
2. Pek tulis ku hidep kecap rundayan nu ngagunakeun rarangken barung ka-an
jeung di-keun. Tuluy jieun kalimahna !
3. Pek tenagn naon sinonim jeung antonim kecap-kecap di handap ieu !
Kandaga kecap Sinonim Antonim
Beurang ……………… ………………
Gede ……………… ………………
Deukeut ……………… ………………
Alus ……………… ………………
Hese ……………… ………………

4. Pek teangan ku hidep harti kecap-kecap nu dicitak condong dina kalimah-


kalimah di handap ieu !
a. Rea aktivis partey nu marebutkeun korsi.
b. Ku sabab tara di ajar manehna ngendog di kelas VII.
c. Ayeuna mah loba pajabat dahar duit rayat.
5. Pek ku hidep jieun kalimah tina kecap-kecap di handap ieu !
a. jung nangtung
b. leos indit
c. cikikik seuri

5
https://www.carasunda.com/
KUNCI JAWABAN

Hari/Tanggal : Kamis, 23 Juni 2011 Kelas/Semester : VII (Tujuh)/Genap


Pelajaran : Bahasa Sunda Waktu : 09.30 – 11.00

I.
1 C 11 D 21 B 31 D
2 D 12 B 22 C 32 A
3 A 13 D 23 D 33 A
4 B 14 A 24 B 34 B
5 C 15 C 25 A 35 D
6 A 16 B 26 A 36 B
7 A 17 B 27 D 37 C
8 B 18 B 28 C 38 A
9 A 19 A 29 A 39 A
10 C 20 B 30 C 40 A

II.
1. + Halow, assalamu’alaikum
- Wa’alaikum salam, ieu sareng saha?
+ Ieu sareng Ai, Euis sanes ?
- Muhun

2. a. Kahujanan : Mang Surya kamari kahujanan


b. Dipoekeun : Baju nu kamari kahujanan teh dipoekeun

3.

Kandaga kecap Sinonim Antonim


Beurang Siang Peuting/Wengi
Gede Badag/Ageung Leutik/Alit
Deukeut Caket Jauh
Alus Sae Butut/Goreng
Hese Susah/Sulit Gampang/Babari

4. a. Korsi = Jabatan
b. Ngendog = teu naek kelas
c. Dahar = Korupsi

5. a. Manehna teh jung nangtung, leos indit


b. Saenggeus daharna rengse mah, si Udin teh ngan leos indit
c. Ningali si Cepot ngibing, mang Udin ngan cikikik sueri

6
https://www.carasunda.com/

You might also like