You are on page 1of 3

PEMERINTAH KABUPATEN MAJALENGKA

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 3 MAJALENGKA
Jl. KH. Abdul Halim No. 128 /Fax (0233) 281390 Majalengka 45418

PENILAIAN TENGAH SEMESTER GANJIL


TAHUN PELAJARAN 2022/2023

LEMBAR SOAL
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda
Hari/tanggal :
Kelas : VIII (Delapan)
Waktu : 40 Menit

I. PILIHAN GANDA
Jawab pananya di handap ieu cara milih aksara a, b, c, atawa d!

TANAH SUNDA
Tanah Sunda, gemah ripah
Nu ngumbara suka betah
Urang Sunda, sing toweksa
Ngangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
Sing tulaten jeung rumaksa
Miara pakaya memang sawajibna
Geten titen rumawat tanah pusaka

1. Rumpaka kawih “Tanah Sunda” teh eusina mangrupa ebrehan rasa cinta ka …
a. lemah cai b. indung bapa c. kabogoh d. kaendahan
alam

2. “Urang Sunda, sing toweksa”


Anu dimaksud toweksa nyaeta …
a. Miara b. gawe bareng c. tulaten d. akur

3. Lagu “Tanah Sunda” teh mangrupa sanggian …


a. Sambas Mangundikarta c. Koko Koswara
b. Ibu Mursih d. Yayat S.

4. Puisi anu sok dilagukeun, boh dikawihkeun boh ditembangkeun nyaeta ...
a. Rumpaka b. Notasi c. Nada d. wirahma

5. Nu ngabedakeun tembang jeung kawih nyaeta …


a. Tembang mah lagu nu teu kauger ku aturan pupuh
b. Tembang mah mangrupa lalaguan tina sajak bebas
c. Tembang mah mangrupa lalaguan kaulinan anu bebas
d. Temang mah mangrupa guguritan nu make aturan pupuh

6. Dina pangajaran basa ngeunaan rumpaka kawih teh ulikanana leuwih nyoko kana ...
a. unsur karawitan c. unsur rumpakana
b. unsur kawih d. unsur gerakna

7. Kawih teh raket patalina jeung widang ...


a. bahasa b. sain c. karawitan d. katerampilan

8. Rumpaka lagu Sunda buhun umumna mangrupa ...


a. Sajak bebas b. Sisindiran c. Sajak d. pupuh
9. Conto kawih Sunda nu mangrupa sisindiran diantarana dina lagu …
a. Budak Jalanan c. Peuyeum Bandung
b. Lemah Cai d. Es Lilis

10. Dina kamekaranana, rumpaka kawih leuwih lega ambahanana. Lain bae dina wangun sisindiran,
tapi loba nu mangrupa…
a. tatarucingan c. sajak kauger
b. papantunan d. sajak bebas

11. Kawih “kembang Tanjung Panineungan” jeung “Malati di Gunung Guntur” teh karangan
a. RAF c. Winarya Artadinata
b. Wahyu Wibisana d. Godi Suwarna

12. Kecap nu disebut dua kali wangun dasarna sagemblengna kalawan teu ngalaman parobahan sora
vokal, disebut …
a. dwipurwa b. dwireka c. dwimadya d. dwimurni

13. Kalimah di handap ieu ngagunakeun kecap rajekan dwipurwa.


a. Bi Ijah keur gegeroh di pancuran.
b. Tah diukna dina jojodog ngarah teu kesel.
c. Mawa opak teh kana tetenong geura.
d. Lamun di imah loba runtah pasti loba cucunguk.

14. Ku naon ngan bulak- balik bae siga teu genah cicing?
Bulak-balik mangrupa kecap rajekan …
a. Dwipurwa b. dwimadya c. dwimurni d. dwireka

15. Sanajan geus dipapatahan …..kali ge, angger bae sipatna teu daek robah.
Kecap nu merenah keur ngelengkepan kalimah di luhur nyaeta…
a. kasabaraha b. sabarahaeun c. sababaraha d. sabaraha

16. Conto kecap rajekan titiron aya dina kalimah…


a. Jojodog b. gegeroh c. gagaro d. babantu

Kebon Raya Kareueus Urang Kuningan


……………………………………………………………………….
Kebon Raya Kuningan teh perenahna di Desa Padabeunghar,kacamatan Pasawahan, Kabupaten
Kuningan. Ngurung area anu legana 154 hektar di tutugan jeung lamping kulon Gunung Ciremay. Di
jerona aya leuwih ti 23 rebu jenis tutuwuhan. Dilengkepan ku fasilitas sejenna saperti situ, jalan,
tempat reureuh, tempat pintonan,tempat pabinihan, jeung kantor.
………………………………………………………………………………………………
(Dicutat tina : Gapura Basa kelas VIII)
17. Dimana perenahna Kebon Raya Kuningan teh?
a. di Desa Pasawahan c. di Desa Haurgeulis
b. di Desa Padabeunghar d. di Desa Kahuripan

18. Sagala hal nu patali jeung tutuwuhan aya di Kebon Raya kuningan, iwal …
a. Rupa-rupa tutuwuhan c. situ jeung jalan
b. Rupa-rupa sasatoan d. tempat pabinihan

19. Kebon Raya Kuningan the salahsahiji pungsina pikeun widang ekonomi, maksudna…
a. Nalungtik tutuwuhan jenis anyar
b. Ngawanohkeun ka para siswa ngeunaan rupa-rupa tutuwuhan
c. Miara alam sabudeureun supaya langgeng
d. Mere pakasaban anyar nu ngadatangkeun kauntungan ka masarakat
20. Naon anu disebut warta?
a. nyarita di hareupeun jalma rea
b. karangan rekaan anu wangunna pondok sarta museur dina hiji kajadian utama
c. omongan anu ditepikeun sacara tatalepa ka jalma sejen
d. informasi anu ditepikeun ka balarea ngaliwatan media massa.
21. Dina seuhseuhanana, warta teh dijieun dina wangun …
a. lisan b. tinulis c. omongan d. caritaan

22. Warta teh sifatna kudu faktual, hartina .....


a. dumasar kana kanyataan c. dumasar kana hasil imajinasi
b. dumasar kana kahayang d. dumasar kana hasil pamikiran

23. Pikeun patokan nulis warta urang bisa ngagunakeun rumus 5W+1H.
Rumus kahiji nyaeta what, nuduhkeun ...
a. palakuna atawa anu ngarandapanana
b. waktu lumangsungna hiji kajadian
c. jejer utama/kajadian anu diwartakeun
d. balukar tina hiji kajadian

24. Bagian anu netelakeun inti atawa poko-poko tina sagemblengna eusi warta, mangrupa …
a. komentar b. eusi warta c. puhu warta d. kacindekan

25. Nurutkeun prinsip “piramida terbalik” nulis warta the kudu …


a. ngaheulakeun sarupaning perkara anu umum
b. ngaheulakeun inti atawa enas-enasna warta
c. mandeurikeun poko-poko warta
d. ngaheulakeun rincian kajadian anu dipedar dina warta

26. Naon anu dimaksud sikep “asas praduga tak bersalah”?


a. henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian ku wartawan
b. henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian sacara adat
c. henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian sacara hukum
d. henteu gampang nuduh salah, lamun tacan kabuktian ku masarakat

27. Warta diantarana kudu ngabogaan sipat netral, hartina …


a. saayana, henteu jijieunan
b. henteu mihak ka salahsahiji kelompok atawa golongan
c. lain mangrupa opini atawa pendapat penulisna
d. kudu bisa dibuktikeun

28. Kajadian anu pantes pikeun dijadikeun warta teh nyaeta kajadian …
a. anu dianggap penting dipikanyaho ku balarea
b. anu dianggap penting dipikanyaho ku sabagian golongan masarakat
c. anu dianggap nguntungkeun keur sabagian jalma
d. anu dianggap mere kaunggulan pikeun pihak nu tangtu

29. Format warta teh aya sababaraha rupa. Format nu pangbasajanna mangrupa lead in nu dibaca ku
presenter, disebut …
a. voice over b. reader c. live on cam d. package

30. Ieu di handap mangrupa hal-hal nu kudu diperhatikeun dina waktu maca warta, iwal …
a. Posisi diuk kudu tumaninah
b. Intonasi kudu bener
c. Tekanan jeung volume sora kudu saluyu
d. Nempatkeun jeda kudu merenah

You might also like