You are on page 1of 4

PEMERINTAH DAERAH KABUPATEN SUMEDANG

DINAS PENDIDIKAN
UPTD SEKOLAH DASAR NEGERI SINARJATI
KECAMATAN JATINANGOR
Alamat: Jl. Letda Lukito No. 17 Dsn. Jatisari Ds. Jatiroke Jatinangor – Sumedang Kode Pos. 45363

PENILAIAN AKHIR SEMESTER (PTS)


TAHUN PELAJARAN 2020 / 2021
Mata Pelajaran : Bahasa Sunda Nama : ....................................
Kelas/Semester : V (Lima) / I (Satu) Waktu : 90 Menit
Hari/Tanggal : ...........................................

I. Cakra (X) aksara A, B, C, dan D diharepeun jawaban anu bener!


1. Baca ieu wacana sing tenget!
………………
Barudak dikelompokeun jadi dua jajar. Sajajarna sapuluh urang. Unggal jajaran,
nangtungna nguntuy ka tukang. Unggal budak nyekelan cangkéng budak nu nangtung
hareupeunana. Budak nu nangtung panghareupna kudu nu pangjangkungna, manéhna jadi
huluna. Anu pangtukangna jadi buntutna. Unggal jajaran kudu bisa maju luar-léor nurutan
oray, tapi antayan teu meunang pegat….
(Mang Koko, Bincarung, Yayasan Cangkurileung Bandung)
Judul pikeun wacana di luhur nyaéta…
a. Ucing Sumput b. Oray-Orayan c. Langlayangan d. Sapintrong
2. Kaulinan anu dijieunna tina kai, panjangna kira-kira 40 cm, lebarna kira-kira 15 cm, luhurna
make logak sababaraha hiji, aya anu 10 aya anu 12 dieusian ku kuwuk atawa siki salak
nyaeta…..
a. Beklen b. Encrak c. Congklak d. Jajangkungan
3. Kecap barang anu aya di alam, nyaéta ....
A. taneuh B. lomari C. Peso D. Motor
4. Mun ayeuna poe Jumaah, kamari teh poe ..., ari isukan poe ...
a. kamari poe Senen, isukan poe Rebo C. kamari poe Rebo, isukan poe Saptu
b. kamari poe Rebo, isukan poe Jumaah D. kamari poe Kemis, isukan poe Saptu
5. Deungeun sangu the ukur sambel jeung peuteuy ………
Kecap / istilah bilangan nu bener keur kalimah di luhur nyaeta ....
A. sapapan B. karung C. gagang D. beungkeut
6. 1 2 3 4 5 6
langganan – anu – jarajan – tukang baso - ngaladangan – paciweuh
Susunan kalimah aktif nu bener dina kalimah acak di luhur nyaeta ....
A. 4 – 6 – 5 – 1 – 3- 2 C. 4 – 6 – 5 – 1 – 2 - 3
B. 4 – 5– 6 – 1 – 2 - 3 D. 4 – 5 – 1 – 6 – 2 - 3
7. 1 2 3 4 5
di sawah – Yusuf – langlayangan – ngapungkeun – keur
Susunan kalimah aktif nu bener dina kalimah acak di luhur nyaeta ....
A. 2 – 3 – 4 – 5 - 1 C. 2 – 5 – 4 – 3 - 1
B. 2 – 4 – 3 – 5 - 1 D. 2 – 5 – 4 – 1 – 3

Bacaan di handap pikeun ngajawab soal no. 8 – 9


Dani gura-giru balik ti sakola. Kahiji angkeub poena siga rek hujan. Kaduana beuteungna
geus lapar kacida. Sok sanajan ka salola tara poho mumuluk heula, angger we ari geus jam dua
belasan mah beuteung teh teu bisa dipersabenan. Komo Dani mah kapan tara pirajeuneun jajan di
sakola. Duit jajanna sok ditabungkeun ka Pa Guru. Sabab Dani boga cita-cita hayang neruskeun
sakola ka SMP. Jeungna deui pamikir Dani, jajan di sakola mah sieun matak teu sehat kana awak.
8. Ku naon Dani bet gura-giru balik sakolana?
A. sabab Dani tara jajan di sakolana
B. sabab Dani rek indit sakola teu sasarap heula
C. sabab poena harita angkeub siga rek hujan
D. sabab di imahna aya hiji kajadian
9. Dani mah tara pirajeuneun jajan di sakola sabab ....
A. Dani mah tara dibekelan ku indung bapana
B. Dani mah tara bogaeun duit keur jajanna
C. Ceuk Dani lamun jajan di sakola mah sieun jadi panyakit
D. Duit bekelna dibayarkeun ka sakola
10. Angin teh mani ..., biasana sok jadi kasakit.
Kecap kaayaan nu bener keur kalimah di luhur nyaeta ....
A. ngagulidag B. ngemplang C. ngagelebug D. bayeungyang
11. Sakieu keur ... nongtoreng, maneh kalah mengbal.
Kecap nu bener pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaeta ....
A. tiris B. poek C. caang D. panas
12. Kade tong nyoo seuneu bisi kahuruan
Tanda baca nu bener keur kalimah di luhur nyaeta …
A. Kade tong nyoo seuneu, bisi kahuruan!
B. Kade tong nyoo, seuneu bisi kahuruan.
C. Kade tong nyoo seuneu, bisi kahuruan?
D. Kade tong, nyoo seuneu bisi kahuruan!
13. Mangga geura taruang meungpeung rencangna haraneut keneh
Tanda baca nu bener keur kalimah di luhur nyaeta …
A. Mangga geura, taruang meungpeung rencangna haraneut keneh.
B. Mangga geura taruang, meungpeung rencangna haraneut keneh!
C. Mangga geura taruang, meungpeung rencangna haraneut keneh?
D. Mangga geura taruang. meungpeung rencangna haraneut keneh,
14. Nyieun langlayangan teh teu hese. Bahan anu kudu di sayagikeun nyaeta awi, keretas, elem,
atawa pangrapet, bola jenug ontan. Ari pakakas anu digunakeunana nyaeta bedog, peso raut,
gunting jeung kaos atawa pamulas.
Poko pikiran anu aya dina paragraph di luhur nyaeta …
A. Cara-cara ngabentuk raraga langlayangan
B. Cara-cara mulas langlayangan
C. Cara-cara napelkeun langlayangan
D. Bahan jeung pakakas pikeun nyieun langlayangan
15. ..... cara maenkeun alat kasenian angklung?
Maenkeunna teh ku cara dioyagkeun.
Kecap pananya nu bener pikeun dilarapkeun kana kalimah pananya di luhur nyaeta .....
A. kumaha B. saha C. naon D. naon sababna
Baca pupuh di handap pikeun ngeusian soal nomer 15, 16, jeung 17 !
Hirup urang di dunya teh kudu akur,
Silih asah silih asih,
Silih asuh pada batur,
Iklas bari wening ati,
Jauhan sipat nu awon.
16. Pupuh magatru di luhur dina sapadana aya …….. jajar
A. Tilu B. Opat C. Lima D. Genep
17. Sora dina sakabeh tungtung jajaranna nyaeta…..
A. u – i – u – i -o C. a – o – u – i - a
B. u – a- i – u - a D. u -a – u – a – u
18. Sikep silih asuh teh upamana wae urang jeung batur kudu…
A. Silih papatahan C. silih injeuman
B. Silih pikanyaah D. silih poyok
19. (1) niatna karena Alloh
(2) kade urang ulah cicing
(3) lamun aya batur nu hirupna ripuh
(4) bari hate wening bersih
(5) samampuhna geura bantu
Susunan jajaran pada pupuh magatru di luhur nu bener, sangkan isina jadi merenah nyaeta …
A. (5) - (1) – (2) - (3) – (4) C. (3) – (2) – (5) – (4) – (1)
B. (5) – (2) – (3) – (2) – (1) D. (3) – (4) – (5) – (2) – (1)
Sinta mah budakna bodo alewoh.
Bodo alewoh dina kalimah di luhur nyaéta hartina........
A. Daek ngabaturan
B. Daek tatanya kanu leuwih nyaho
C. Teu daek mikir
D. Teu daek akur
20. Warung eta mah teu payu, sabab anu dagangna haseum budi.
Babasan haseum budi di luhur hartina nyaeta ……..
A. Tungi, judes C. boros
B. Kedul D. Awakna bau haseum
21. Kudu ………….. dina sagala hal mun urang hayang hirup sehat mah
A. apik b. jorok c. berehan d. koret
22. Sabab ngedul ngosok huntu, ayeuna teh huntuna loba anu ……
A. potong B. Beulah C. koropok D. karehol
23. Lantaran geus teu bisa asup kadaharan, anu geuring teh kapaksa ……..
A. disuntik B. diinfus C. dibaluran D. diantepkeun
24. Anu geuring teh geus tilu poe ngalempreh.
kecap ngalempreh dina kalimah di luhur hartina nyaeta ….
A. Teu bisa hudang C. begang
B. Bisa hudang D. jagjag
25. Teu hayang teuing menta sumbangan ka jalma koret mah , kacapi cape ngomong
Kecapa sabalikna ti kecap koret nyaeta ……..
A. Berehan C. Kedul
B. Getol D. Sombong

II. Eusian titik-titik di handap ieu!


1. Kaulinan gambar di handap ieu nyaeta ……..

2. Parabot dapur nu sok dipake ngagoreng nyaeta .....


3. ……………. Biasana sok loba anu sidekah?
Dina poe lebaran
Kecap pananya nu bener pikeun dilarapkeun kana kalimah pananya di luhur nyaeta .....
4. Mun ayeuna poe Salasa, isukan teh poe ……
5. Di lahan anu ………. mah pepelakan jadina marontod.
Kecap kaayaan nu bener keur kalimah di luhur nyaeta ....
6. Deungeun sangu teh ukur sambel jeung peuteuy………….
Kecap bilangan nu bener keur kalimah di luhur nyaeta ....
7. Ari geus diopname mah, maenhna mimiti jagjag deui.
Kecap jagjag diluhur sarua hartina jeung ………….
8. Ari guru keur nerangkeun, peupeujeuh ulah ………………. nya.
Kecap nu merenah pikeun ngalengkeupan kalimah di luhur nyaeta ………
9. Agama Islam ngawajibkeun panganutna sangkan jadi jalma berehan.
Kecap sabalikna tina berehan nyaeta ………
10. Teu kabeh kadaharan ngeunah jeung hargana mahal ngandung……….. .

III. Jawab pananya di handap ieu!


1. Kudu hampang birit budakmah ngarah teu hese jajan, ari daekan mah bakal loba nu heman.
Naon maksud babasan hampang birit teh?

2. Titenan pupuh Magatru di handap ieu!


Hirup urang di dunya teh kudu akur,
Silih asah silih asih,
Silih asuh pada batur,
Iklas bari wening ati,
Jauhan sipat nu awon.
Naon eusi jeung maksud pupuh magatru di luhur teh?

3. Nurul nanya, “Ari Kiki teh bade ngalih sakola ka mana?”


Robah kalimah langsung di luhur jadi kalimah teu langsung!

4. Pek ku hidep jieun kalimah ku kecap “asup angin”!

5. Nyieun langlayangan teh teu hese. Bahan anu kudu disayagikeun nyaeta awi, keretas, elem
atawa pangrapet., bola jeung ontan. Ari pakakas anu digunakeunna nyaeta bedog, peso, raut,
gunting, jeung koas atawa pamulas.
Tuliskeun poko pikiran paragraph di luhur!

You might also like