You are on page 1of 1

Dongeng Sunda Si Kabayan Ngala Lauk

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana


lalintarna aruntung bae.Manehna pohara kabitaeunana,tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal,tuluy nyarita ka


pamajikannana : "jem,engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan,kabita ku
batur aruntung bae."
"Majar rek ngala lauk ? Na,rek ku naon ngalana ? Teu boga heurap teu boga useup
! tembal pamajikannana haseum.
"Tong rea omong,maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we.
Kadieukeun wedang pamere mitoha teh !" Cokot bae ku sorangan,tuh deukeut
pago !" tembal pamajikannana merengut keneh.

Reup peuting Si kabayan indit ka jalan tempat liliwatan tatangga-tatanggana nu tas


ngarala lauk.manehna eureun handapeun tangkal caringin gede.Tuluy
ditaranjang,awakna dibalur ku wedang.
Sanggeus rata,tuluy manehnaa gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu
tuluy nyumput.

Teu lila ti harita,brul jelema-jelema anu tas ngarala lauk teh ngaleut ka lebah dinya.
Waktu abrulan liwat lebah handapeun tanggal caringin,jleng Si Kabayan luncat ka
tengah jalan bari igel-igelan.
Puguh bae jelema-jelema anu narenjo aya mahluk bodas luncat ka tengah jalan
teh,paburisat laluncatan bari tingjarerit,cul kana bawaan : " Jurig ! Aya jurig !

Kalawan riweuh jeung teu weleh imut sorangan Si Kabayan mulungan lauk anu
ngabayak sapanjang jalan,nepi ka pinuh sasarung.

Geus kitu tuluy buru-buru balik,sieuneun aya nu nganyahokeun,sieuneun


katohiyan nipuna. Peuting eta Si Kabayan untung

You might also like