You are on page 1of 4

SILIH TULUNGAN

Karya Taufik Ampera

Nyiruan dina pancuran


titeuleum méh baé paéh
Titiran nenjo Nyiruan
kanyaah mapaés haté.

Geuwat metik dangdaunan


diragragkeun kana cai
ngarayap éta Nyiruan
teu tulus nemahan pati.

Titiran ku paninggaran
diintip-intip dipanah
Nyiruan mulang tarima
nyeureud bitis paninggaran.

Paninggaran ngagurubug
teu tulus manah Titiran
geus lésot kabéh bangbaluh
lantaran silih tulungan.
AJI SAKA

Disadur kana Basa Sunda kenging: Yiyin Jayinah

Kacarioskeun mangsa baheula. Pulau Jawa masih mangrupa leuweung jeung


jarang kasorang ku manusa. Aya hiji karajaan namina Medang Kamulan anu
diparentah ku hiji raja namina Prabu Dewata Cengkar anu buringhas sarta resep
neda jalmi. Saban dinten sang raja ngamangsa saurang jalmi anu dibawa ku Patih
Jugul Anom. Kaayaan ieu ngakibatkeun rahayat di nagari Medang Kamulan
estuning hirup dina kasieun. Nu antukna seueur anu ngungsi ka karajaan sanes
pikeun nyalametkeun diri ti Prabu Dewata Cengkar.
Di hiji lembur Medang kacarioskeun aya saurang nonoman namina Aji Saka
anu sakti, purah tutulung ka sakur jalmi kasusahan. Hiji dinten,Aji Saka junun
nulungan saurang aki-aki anu nuju dianiaya ku dua begal. Eta aki-aki akhirna
ditulungan terus dijadikeun bapak angkat ku Aji Saka. Sihoreng eta aki-aki teh
salah saurang pengungsi ti Medang Kamulan.
“Janten aki teh ngahaja ngungsi ti Karajaan Medang Kamulan?” tumaros
Aji Saka ka eta aki-aki.
“Sumuhun, Ujang.... Margi Karajaan Medang Kamulang ayeuna diparentah
ku hiji raksasa anu buas tur kaemamanna ngamangsa manusa. Ku sabab eta, unggal
dinten ponggawa karajaan bakal masrahkeun saurang rakyat, utamina anu geus
kolot siga aki pikeun jadi mangsa Prabu....,” saur eta aki-aki nyarioskeun kaayaan
di nagarana.
Ngadangu carios ngeunaan kebuasan Prabu Dewata Cengkar, Aji Saka
ngagaduhan niat kangge nulungan rahayat Medang Kamulan. Harita keneh Aji saka
indit ka Medang Kamulang.
Nepi ka Medang Kamulang, Aji Saka nyanghareupan sagala rintangan jeung
halangan ti ponggawa Prabu Dewata Cengkar anu mangrupa-rupa siluman jeung
jurig nyiri wuri nu aya di sakuriling bungking leuweung anu kalangkungan. Nepi ka
tarung salami tujuh tujuh wengi jeung jurig siluman leuweung anu diliwatanna,
kulantaran Aji Saka nampik pikeun dijadikeun budak ku jurig leuweung.
Aji saka anu sakti mandra guna akhirna bisa ngelehkkeun sakabeh jurig
leuweung nepi ka eta jurig diusir jauh ti eta leuweung. Saentos tarung, Aji Saka
neraskeun lalampahanana pikeun nepangan Prabu Dewata Cengkar di istanana.
Aji Saka nepi di Karajaan Medang Kamulan anu sepi. Di karaton, Prabu
Dewata Cengkar nuju ngamuk kumargi Patih Jugul Anom henteu nyandak korban
pikeun kadaharan Sang Prabu.
Ningali kitu, aju Saka anu pinuh ku wawaneng, langsung nyamhareupan San Prabu.
“Sampurasun Sang Prabu,” saur Aji Saka bari nyembah ka Sang Parbu.
“Rampes.......Haha.....saha andika? Rupana anu kasep ngalempereng koneng
matak lapar ieu tikoro aing.....Hahaha...,” Prabu Dewata Cengkar ningali Aji Saka
anu keur ngamuk ngadadak eureun. Tikorona ngadadak lapar ningali Aji Saka di
hareupeunna.
“Ampun Sang Prabu, sumangga abdi pasrah sumerah diri bade
dikumahakeun.....,” saur Aji Saka.
“Bener andika geus siap jadi kadaharan kula, heh manusa?” Prabu Dewata
Cengkar bari niat rek newak awak Aji Saka.
Aji Saka nyingcet, bari pok, “Sabar, Sang Prabu! Abdi kersa janten mangsa
Sang Prabu tapi nuhunkeun syarat!”
“Hahaha..... Sayarat naon wae anu dipikahayang ku andika bakal
dikabulkeun ku kaula.... hahaha...,” saur Prabu Dewata Cengkar anu tos teu kiat
nahan lapar ningali Aji Saka.
Aji Saka muka sorban anu dipakena, terus saurna,”Syaratna sim kuring
nuhunkeun imbalan tanah karajaan salega ieu sorban....Sang Prabu.”
“Tanah karajaan salega eta sorban anu sagede kutil eta? Teu Masalah.....
Ku kula pasti dikabulkeun...!” Prabu Dewata Cengkar nyakakak seuri nepi dunya
asagempa bumi.
“Ampun Sang Prabu, pami kitu samemeh sim kuring ninggalkeun ieu dunya
janten mangsa Sang Prabu.... Sim Kuring nuhunkeun Sang Prabu nedunan syarat
sim kuring kangge ngukur tanah salega ieu sorban. Pami tos diukur tur
diwatesan.... Sumangga sim kuring nyanggakeun sadaya-daya ka Sang Prabu!” ucap
Aji Saka deui.
“Haha......hayu ayeuna keneh ku kaula diukurkeun....,” Sang Prabu bari
nyandak sorban Aji Saka pikeun ngukur tanah karajaan.
Barang bray sorban dibuka diamparkeun kangge ngukur tanah karajaan.
Eta sorban terus manjangan teu eureun-eureun nepi ka panjangna eta sorban
ngaleuwihan tanah Karajaan Medang Kamulang. Prabu Dewata Cengkar kontan
ngamuk kulantaran ngukur tanahna teu nepi-nepi. Sabot Prabu Dewata Cengkar
ngamuk, ujug-ujug aya angin gede pohara. Nepi ka akhirna eta sorban Aji Saka
meulit awak sang Prabu, nepi ka sakujur awak Sang Prabuk kabeulit eta sorban.
Eta sorban estuning meulit ti luhur sirah sang Prabu nepi ka meulit kadua
leungeun jeung tungtung handap sukuna. Antukna Sang Prabu teu bisa kukumaha.
“Auwwww......,” teu lila Sang Prabu gegerung lantaran tikosewad ka sagara
laut kidul anu ombakna umpal-umpalan. Gejebur.......awak Sang Prabu diteleg
ombak gede tilelep ka laut kidul anu jero pisan, tur teu katulungan deui.

Kajadian ieu, estuning disambut bagja ku kabeh rahayat Medang Kamulang.


Lantaran sadaya rahayat bebas tina mangsa Sang Prabu. Aji Saka, dinobatkeun
ku rahayat pikeun mingpin karajaan. Diangkat jadi Raja Medang Kamulang. Ti
saprak harita Karajaan Medang Kamulang hirup kalayan aman tur sejahtera.

You might also like