Professional Documents
Culture Documents
RUMPAKA KAWIH . Hidep kungsi ngaregepkeun lalaguan Sunda anu dihaleuangkaeun ku almarhum
Darso, Doel Sumbang, atawa Yayan Jatnika? Aya nu apal henteu laguna? Kudu apal atuh kana lalguan
pop Sunda, ulah kana lagu pop indonesia jeung inggris wae. Apan cirina urang reueus kana budaya
bangsa teh nya kudu make basa daerah. Aya babasan yen basa teh ciciren bangsa. Lagu pop sunda teh
rumpakana make basa Sunda.
Lagu pop Sunda anu sok dihaleuangkeun ku Darso, Yayan Jatnika, Doel Sumbang, jrrd. teh kaasup kana
wanda kawih. Ku lantaran kitu, kawih teh jadi bagian tina kabeungharan basa, sastra jeung seni Sunda.
Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung tembang teh dibedakeun. Dina kawih maah
aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu dihaleuangkeun, kawih mah kauger ku aturan
birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu kauger ku wiletan jeung ketukan.
Sangkan teu bingung, hayu urang titenan heula kumaha wangunna rumpaka kawih. Geus kitu, tuluy
regepkeun kumaha cara ngahaleuangkeunana. Sangkan gampang, bisa nyetel kaset, VCD, atawa ningali
tina internet!
Rumpaka kawih nyaeta kekecapan atawa lirik kawih. Umpama ditilik tina rumpakana, kawih oge
mangrupakeun karya sastra Sunda wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan.
Umpama ditilik tina rumpakana, kawih sarua jeung kakawihan, nyaeta puisi Sunda anu henteu pati
kaiket ku aturan. Sedengkeun tembang mangrupakeun karya sastra wangun puisi anu kaiket ku aturan,
nyaeta aturan pupuh. Ieu dihandap aya tilu rumpaka kawih. Pek baca dina jero hate, teuleuman kumaha
eusina. Geus kitu, tuluy kawihkeun! Mun hese, bisa ngaregepkeun heula tina kaset, CD, MP3,MP4! Mun
di kelas aya nu sorana halimpu jeung tapis ngawih, pek sina ngawih di hareupeun kelas.
1. Kawih Es Lilin
ES LILIN
Sanggian : Mursih
KARATAGAN PAHLAWAN
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Kabogoh Jauh
Dinyanyikeun ku Darso
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
1. WANGENAN KAWIH
Dua kawih anu tadi geus dihaleuangkeun ku hideup teh geus populer pisan di tatar Sunda mah. Najan
kitu, hidep kudu apal yen di urang mah aya mu disebut kawih, kakawihan, jeung tembang. Tiluanana
sarua sok dihaleuangkeun atawa dilagukeun .
Kawih teh jadi bagian tina kabeungharan seni Sunda. Dina elmu musik Sunda, antara kawih jeung
tembang teh dibedakeun. Dina kawih mah aya birama (wiletan) jeung ketukan (tempo). Waktu
dihaleuangkeun , kawih mah kauger ku aturan birama jeung ketukan. Sedengkeun tembang mah henteu
kauger ku wiletan jeung ketukan.
Ari kakawihan mah meh sarua jeung kawih. Bedana, kakawihan mah dihaleuangkeun teh dina kaulinan
barudak. Ku kituna kakawihan sok disebut oge kawih murangkalih atawa kawih barudak. Contona wae
aya kakawihan “Oray-orayan”, “Pacicipoci”, “Hompimpah”, Eundeuk-Eundeukan’, jeung sajaba ti eta.
Rumpaka dina kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda ajen sastra. Umumna ditulis dina wangun
puisi sisindiran atawa puisi bebas. Ku kituna, rumpaka kawih, kakawihan, jeung tembang teh mibanda
unsur-unsur puisi. Umpamana wae diwangun ku bait (pada), jajaran (padalisan), purwakanti, gaya basa,
jeung kekecapan (diksi) anu dipakena pinilih pisan. Kitu deui bisa dipaluruh naon temana, kumaha
nadana, amanatna, jeung naon nu dicaritakeunana.
Tema teh gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka kawih ka nu maca. Tema dina
kawih rupa-rupa, aya tema kaagamaan, kamnusaam, cinta ka lemah cai, jste.
Nada teh sikap pangarang ka nu maca. Tina sikep pangarang ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa
ku nu maca. Geura titenan rumpaka kawih ieu dihandap!
Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemahcai
Dumasar rumpaka kawih di luhur, katangen sikep pangarang teh hayang ngabejaan ka nu maca yen ari
pahlawan teh nu berjoang keur ngabela bangsa, nagara, jeung lemah cai. Tina sikep eta urang salaku nu
maca bisa ngarasa reueus kana jasa-jasana pahlawan.
c. Rasa
Rasa teh ngajiwaan eusi kawih. Rasa dina kawih kapanggih sabada dihaleuangkeun. Ngareunah
henteuna kawih teh apan karasana sabada dihaleuangkeun.
d. Amanat
Amanat teh rasa pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregeupkeun kawih. Tapi najan kitu,
amanat dina kawih ditangtukeunana teh gumantung nu maca. Hartina urang dibere kabebasan pikeun
nangtukeun amanat tina hiji kawih.
e. Purwakanti
Rumpaka di luhur teh jumlahna sapada (bait). Sapadana diwangun ku opat padalisan (jajaran). Dina
rumpaka di luhur, aya sora-sora anu sarua unggal padalisan. Dina padalisan kahiji jeung kadua, nu sarua
teh sora [a]. Dina padalisan katilu jeung kaopat, nu sarua teh sora [i]. Sora-sora nu sarua dina rumpaka
kawih kitu teh disebutna purwakanti. Cindekna nu disebut purwakanti teh nyaeta padeukeutna atawa
saruana sora kecap dina ungkara kalimah.
Nilik perenahna, purwakanti teh aya dua. Saruana atawa padeukeutna sora kecap nu ngajajar ka gigir
dina sapadalisan disebut purwakanti rantayan. Contona rumpaka kawih di luhur. Ari sarua atawa
padeukeutna sora kecap nu ngaruntuy ka handap tur biasana aya ditungtung ungkara padalisan mah
disebutna purwakanti runtuyan. Titenan contona dina rumpaka kawih ieu dihandap!
ULAH CEURIK