You are on page 1of 2

SISINDIRAN

Sisindiran the kaasup puisi buhun/ heubeul. Sisindiran dina sastra Sunda sarua jeung pantun
dina bahasa Indonesia. Sisindiran nyaeta karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalayan
dibalabirkeun, anu hartina dina nepikeun pamaksudannana the teu togmol atanapi poksong.
Sisindiran diwangun ku opat padalisan, dua padalisan mimiti sok disebut cangkang.
Sedengkeun dua padalisan ahir/ sapndeurieunnana disebut eusi.

Papasingan sisindiran dibagi jadi 3 (tilu) golongan nyaeta:

1. Rarakitan
2. Paparikan
3. Wawangsalan

Sisindiran mibanda ciri:

1. Diwangun ku opat padalisan


2. Ngabogaan sajak a,-b,-a,-b atawa a,-a,-a,-a
3. Ahir engang padalisan kadua sarua jeung padalisan kaopat
4. Diwangun ku dua cangkang dua eusi
5. Pasipatan eusina, aya silih asih, piwuruk, jeung lulucon/sesebred.

RARAKITAN

Rarakitan asal kecap “rakit” wangun rakit teh nyaeta sok rata palebah puhuna. Jadi kecap
rakit/raket hartosna deukeut. Rarakitan nu dimaksud dina karya sastra, nyaeta karangan ugeran
anu padalisannana papak dina puhuna, ngaharib-harib rakit. Raket atanapi deukeut deukeut
didieu nyaeta raket sora atawa sadana antawis cangkang jeung eusi.

Ciri-ciri rarakitan

a. Aya opat padalisan


b. Padalisan ka 1 sareng ka 2, disebut cangkang, ari padalisan ka 3 sareng ka 4 disebut
eusi
c. Kecap awal dina jajaran kahiji sok dibalikan deui dina jajaran katilu
d. Eusina ngandung sifat: silih asih, piwuruk, jeung lulucon.

Conto rarakitan silih asih

Sapanjang jalan soreang


Moal weleh diaspalan

Sapanjang tacan kasorang

Moal weleh di akalan

Conto rarakitan piwuruk

Lamun urang ka cikole

Moal hese tumpak kahar

Lamun urang daek gawe

Moal hese barang dahar

Conto rarakitan sesebred

Rarasaan ngala mayang

Teu nyaho cangkeutreuk leuweung

Rarasaan koneng umyang

Teu nyaho cakeutreuk hideung

You might also like