You are on page 1of 2

A.

Mikawanoh Sisindiran
Dina paguneman sapopoe tangtu urang teu bireuk deui kana basa, basa anu mangrupa alat komunikasi bisa ngajen hiji jalma sopan
henteuna atawa basa nu digunakeun garihal henteuna. Kulantaran kitu urang salaku nonoman sunda kudu bisa ngalarapkeun basa nu
bener tur merenah. Jaman baheula lamun dina omongan sok dibungbuan ku nyindir tapi teu togmol biasana make sisindiran, sangkan
nu diajak ngobrol atawa nu diobrolkeun teu kasinggung. Ngan ayeuna mah sisindiran sok tara dipake dina obrolan sapopoe tapi ngan
saukur kabutuh pintonan hiji acara. Atawa dipake dina biantara.

Ditilik tina wangun jeung cara ngebrehkeunana, papasingan sisindiran bisa dibagi jadi tilu golongan, nyaeta

1. Rarakitan
Nyaeta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Cangkang jeung eusina kudu murwakanti atawa kudu padeukeut sorana.
Salian ti eta dina sisindiran rarakitan, cangkang jeung eusina kudu aya kecap anu dibalikan deui atawa ditulis deui atawa disebut
purwakanti mindoan kawit.
2. Paparikan
Nyaeta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi. Tapi teu kudu jiga rarakitan kudu aya kecap anu ditulis deui. Dina
paparikan mah cukup padeukeut sora tungtung dina unggal padalisan bisa disebut oge purwakanti laraswekas.
3. Wawangsalan
Dina wawangsalan mah ngan ukur dua padalisan tapi aya nu kudu di tebak wangsalna. Maksudna, dina padalisan kahiji nyaeta
nunjukkeun soal anu kudu ditebak . Ari eusi nu kudu ditebak tea kudu padeukeut sorana jeung salah sahiji kecap nu aya dina
padalisan kadua.

Tengetan conto sisindiran di handap!

1. Hayang ngala buah hiris

Dibaturan ku jang Anas

Saha itu anu geulis

Singhoreng urang Cicadas

2. Kadu buruk jeung ranginang

Rek didahar ku mang Maman

Cadu mundur pantang mulang

Saacan garuda meunang

3. Ka toko rek meuli kaset

Hanjakal meunang piriwit

Ka toko jeung nu kasep

Hanjakal teu boga duit

4. Rarasaan ngala mayang

Teu nyaho cangkeuteuk leuweung

Rarasaan koneng umyang

Teu nyaho cakeutreuk hideung

5. Kadal gede saba darat,

Pareng alus bagja awak. (bayawak)

6. Maung tutul saba kasur,

Diri teu ngareunah cicing. (ucing)

B. Medar Perkara Sisindiran


Sisindiran teh asalna tina kecap sindir, anu hartina omongan anu disalenggorkeun, henteu saujratna. Dina sisindiran aya anu
disebut cangkang jeung eusi.
Wangun sisindiran teh kaiket ku aturan purwakanti, jumlah engang (suku kata) dina tiap padalisan kudu aya 8 engang atawa
suku kata, jeung jumlah padalisanana kudu aya 4 padalisan. Tina opat padalisan eta, padalisan ka hiji jeung padalisan kadua disebut
cangkang. Ari padalisan katilu jeung padalisan kaopat disebut eusi.
Ciri-ciri sisindiran :
1. Kaasup kana wangun ugeran (puisi)
2. Ngabogaan cangkang jeung eusi
3. Aya opat padalisan dina tiap padana
4. Aya dalapan engang atawa suku kata
5. Kaasup kana sastra sunda buhun
Lamun ditilik tina eusina, sisindiran bisa dibagi jadi tilu golongan, nyaeta
1. Silihasih
Nyaeta sisindiran anu eusina silihasih atawa cinta.
Rarakitan silihasih. Contona:
Sapanjang jalan Soreang
Moal weleh diaspalan
Sapanjang tacan kasorang
Moal weleh diakalan

Paparikan silihasih. Contona :


Cau ambon dikorangan
Kanyere ka pipir-pipir
Lalaki ambon sorangan
Awewe teu mikir-mikir

2. Piwuruk
Nyaeta sisindiran anu eusina piwuruk atawa nasehat.
Rarakitan piwuruk. Contona
Tibatan mamawa pedang
Mending ge mawa ragaji
Ti batan ulin bagadang
Mending ge diajar ngaji

Paparikan piwuruk. Contona


Baju kutud heureut pola
Dikelin teu dijalujur
Lamun teh cucud sakola
Arisin balik ka lembur

3. Sesebred
Nyaeta sisindiran anu eusina banyol atawa heureuy
Rarakitan sesebred. Contona :
Sok hayang nyaba ka Bandung
Sok hayang nyaho nanjakna
Sok hayang nanya nu pundung
Sok hayang nyaho nyentakna

Paparikan sesebred. Contona :


Meuleum manggu tengah poe
Dicokelan kayu api
Malem minggu ninggang sue
Diapelan aki- aki

You might also like