You are on page 1of 10

MAKALAH

PEDARAN TRADISI BASA SUNDA

Disusun oleh :
1. M.Rafi R.S
2. M. Farhan R
3. Octa I.S
4. Rizqia S.M
5. Salsabila R.J
6. Siti Salsa N.F
Kelas :
12 MIPA 4
Kata Pengantar

            Puji sinareung syukur urang sanggakeun ka hadirat Alloh Swt. kulantaran


berkat rohmat-Na simkuring saparakanca tiasa ngabéréskeun ieu makalah.
Makalah ieu di judulan ku “Makalah Pedaran Tradisi Basa Sunda”. Panyajian
anu aya dina ieu makalah nyaéta naon waé anu aya patalina sareung Pedaran
Tradisi. Tujuan simkuring saparakanca ngadamel ieu makalah téh nyaéta
ngalaksanakeun pancén ti Bapa guru ngeunaan pedaran tradisi basa sunda
sareung nambih kanyaho urang kana budaya sunda, hususna kana rupa-rupa
tradisi. Saleres-leresna makalah  ieu pasti waé aya kakiranganna anu teu ka tilik
ku simkuring saparakanca. Kumargi kitu simkuring saparakanca anu nyusun
kana makalah ieu nyuhunkeun kritikan sareng saran ti ibu guru pikeun
nyampurnakeun makalah ieu pikahareupeun.
PETA KONSEP

1. Mikaweruh perkara
tradisi
2. Istilah Tradisi
Panyungsi Basa

Pamekar literasi
1. Maca Pedaran tradsi
sunda
Panggelar Basa 2. Nulis pedaran tradisi

B. Panyungsi
PEDARANBasa

PEDARAN

1.Gaya
kapamingpinan
sunda
Pangjembar Basa
A. Panyungsi Basa
1. Miwanoh Perkara Tradisi Sunda
Istilah “tradisi” anu hartina adat kebiasaan atawa tali paranti anu turun temurun
tikaruhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masyarakat. Tradisi
ilaharna geus jadi kabiasaan masyarakat ti baheula tur geus jadi bagian tina
kahirupan. Pikeun ngamumule tradisi dilaksanakeun ku cara diwariskeun ti
kolot ka anakna,tataleta boh kucara lisan,kalakuan,boh ku cara tinulis.

Tradisi the kaasup kana kana ulikan folklor nyaeta mangrupa sabagian
kabudayaan anu diwariskeun kalawan turun temurun kucara lisan,ku kituna sok
disebut tradisi lisanAdat the ngandung arti tabeak atawa sifat bawaan.Kecap
adat ngandung arti kabiasaan atawa kalakuan nu geus maneuh. Kecap adat
jeung kabiasaan sok dihijikeun jadi kecap kantetan adat kabiasaan,nyaeta tata
polah anu anggeur tur turun temurun ti hiji entragan kaentragan satuluyna
minangka warisan anu dalit jeung pakumbuhan masarakat. Adat kabiasaan
ilaharna jadi ciri khas ti hiji daerah.Kapan aya paribasa “ciri sabumi cara
sadesa,jawadah tutung biritna,sacarana,main tepak sejen igel.” , anu hartina tiap
daerah boga cara jeung ciri masing masing anu beda-beda.

Dina kahirupan masarakat sunda kapanggih aya ruparupa acara adat saperti : 1.
Adat menyiram, 2. Adat ngariksa ngareuneuh 3.Adat ngariksa nu ngajuru 4.adat
mulasara balik 5.Adat sundatan 6. Adat ngawinkeun 7.Adat kapapatenan

2.Karangan Pedaran
Karangan pedaran mangrupa karangan atawa wacana anu eusina ngajenterekeun
hiji objek,kumaha prosesna,tujuanna,jeung gunana. Karangan pedaran gede
mangpaatna pikeun ngalegaan kaweruh atawa wawasan hiji jalma.dina basa
Indonesia karangan pedaran teh sok disebut karangan bahasa atawa karangan
eksposisi.
 Teknik ngajentrekeun atawa medar hiji perkara aya rupa rupa nyaeta
1.Tehnik identifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara ku cara neangan jeung
medar ciri cirina eta perkara atau barang.
2.Tehnik klasifikasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara kucara neangan jeung
nyieun kapasingan eta perkara atawa barang.
3.Tehnik definisi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara kucara neangan jeung mere
wangenan kana eta perkara atawa barang.
4.Tehnik ilustrasi, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara kucara neangan jeung
mere gambaran kana eta perkara atau barang.
5.Tehnik proses, nyaeta ngajentrekeun hiji perkara kucara neangan jeung mere
gambaran proses nyieunna eta barang.

 Kerangka karangan pedaran teh diwangun ku 3 bagian nyaeta :


1.Bagian bubuka,eusi midangkan hal hal umum perkara isi pedaran :
A. alesan milih jejer (topik) pedaran.
B.penting na jejer topic pedaran
C.legana pedaran
D.watesan jejer pedaran
E.masalah masalah anu di pedar.
F.tujuan jeung gunana pedaran
2. Bagian eusi, eusi midangkeun objek anu dipedar saperti :
A. Wujud jeung wangunna objek
B.gunana objek
C.wanda atawa tipena objek.
D.cara cara nyieunna objek kitu oge lamun aya.
3.Bagian pamungkas atawa penutup, eusi na midangkeun dua hal nyaeta :
A.kacindekan tina eusi pedaran
B.Saran saran

 Lamun hidep rek nulis karangan pedaran,aya sawatara cara anu bisa
dilaksanakeun nyaeta :
1.Netepkeun pasualan atawa perkara anu rek ditulis
2.Ngumpulkeun bahan atawa data keur ngarojong eusi karangan pedaran.
3.Mikiran pijuduleun anu matak ngirut kanu maca.
4.Nyusun raraga atau rangkai karangan.
5.Mekarakeun rangkai karangan jadi alinea alinea.
6. Nyarungsum karangan nu geus jadi.

Aya 3 tahap dina ngarang pedaran nyaeta,prangarang,prakna (proses)


ngarang,jeung pasca ngarang (nyarungsum).karangan pedaran teh ilaharna sok
dibuat dina Koran atawa majalan nu disebutna artikel.Kukituna dina nuliskeuna
kudu alus,basana kudu bener tur pilhan kecapna kudu merenah.
C.Panggelar basa
1. Midangkeun pedaran
2.Mere tanggapan kana eusina
3.Ngarumuskeun adegan pedaran
4.Nulis karangan pedaran
D.Pangjembar Basa
1. Gaya kapemimpinan sunda
Ngeunaan tipe jeung gaya kapamimpinan sunda kapanggih dina naskah kuno
sanghyang siksa kandang kareuserian. Ieu naskah kuno teh asli ditinggal
karuhun sunda tahun 1518 m. Ieu naskah ditulis make aksara sunda kuno
disundakeun deui kana basa ayeuna ku Atja jeung Saleh Danasasmita dina
tahun 1981. Ceuk naskah eta kaharmonisan pamarentah nyaeta tringtangtu
dibumi.
Sang prabu mangrupa pangintim roda pamarentahan eksekutif,pamingpin
formal,birokrat,pamarentahan,nu nyokot kawajikan,sarta sakabeh unsur triyas
politika.
Sang Rama mangrupa,golongan masyarakat nu dipikolot minangka wawakil
rahayat (legislatip),kaaspup dijerona pamingpin kulawarga jeung masyarakat.
Sang resi mangrupa golongan masyarakat anu pancenna ngaberdayakeun
hukum agama, daligama, jeung nagara (yudikatif). Sang Rama dihartikeun
jalma nu wuruh ku elmu jembar ku pangbisa kudu boga palasitah ngagurat cai
boga watek nengtremkeun dina keadilan nyaeta mawa masyarakat dina
ngahontal kasugeman lahir batin. Dina eta naskah teh aya palanggeran tuduh
laku tatakrama pikeun jadi pamingpin di masyarakat dijaman harita.Eta
palanggeran teh disebutna tari geuing nyaeta “bisa marentah. Bisa miwarang ku
caritaan nu dikageunaheun tepi ka teu matak jaheut nu diparentah na”
Pikeun bisa ngalaksanakeun tari geuing,carana kudu ngalaksanakeun heula dasa
pasamta, nyaeta sapuluh panengtrem hate.
 Dasa pasanta teh jumlah na aya 10 nyaeta.
1. Guna artina jelma anu diparentah teh kudu ngartieun naon gunana anu
parentahkeun.
2. Ramah artina parentah kudu ditepikeun kalawan wajar,sopan,amis budi.
3. Hook artina Hookeun maksud na parentah teh karasa na kudu nentukeun
kabisa keur kapinteran anu mere parentah.
4. Peso artina kapikat hatena reueus.
5. Asih nyaeta marentah the kudu pinuh ku rasa nyaah.
6. Karunia atau karunya hartina parentah karasaeunana saperti rasa kanyaah
(karunya) jeung oge mangrupa kurnia kapercayaan kana kamampuh dirina.
7. Mukpruk,hartina kudu bisa ngalelemu.
8. Ngulas, hartina ngajen.
9. Nyecep, hartina bisa niiskeun pikir nu diparentahna sangkan genaheun
pikirna
10. Ngalaangen, hartina bisa narik simpati bawahan.
2. Watek Hade
Lian ti parigeuing jeung dasa pasanta aya oge anu disebut pangimbuhning twah
artina pituduh watek atawa tatakrama hade pikeun hirup kumbuh sapopoe
sangkan manusa hirupna te boga pamor (bertuah).jumlahna aya 12 sipat nyaeta:
a. Emet
Kudu saeutik-saeutik hartina heunteu konsumtif atawa awuntah.
b. Imet
Tegesna taliti euweuh nu kalimat ( cermat).
c. Rajen
Saharti jeung rajin. Bisa ngamampaatkeun waktu.
d. Leukeun
Saharti jeung getol,junun,suhud(tekun)
e. Pakapradana
Bisa dihartikeun sonagar, wanter.
f. Morogol-rogol
Boga karep pikeun maju, gede sumanget,henteu elehan
g. Purusa ningsa
Mibanda jiwa pahlawan atawa sikap nasionalisme,gede rasa tulung
tinulungan
h. Widagda
Tegesna wijaksana
i. Gapitan
Nyekel prinsip jeung kayakinan dirina
j. Karawaleya
Balabah ( dermawan ) , bager jeung resep nulung tinulungan
k. Cangcingan
Boga watek cingceng , tangginas ( gesit ).
l. Langsitan
Boga watek rapekan , parigel , dina nangkit , binekas .
3. opat paharaman
Nyaeta watek atawa karakter anu temenang di laksakeun jeung pibanda ku
urang sunda . eta opat paharaman teh nyaeta
pundungan,barbarian,humandeuar,kukulutus.
Panutup
Kacindekan wacana pedaran nyaeta karangan anu asup kana karangan
eksposisi,nyaeta krangan anu eusina ngajentrekeun atawa nerangkeun hiji
perkara,kumaha prosesna,tujuana pikeun ngajembaran pangaweruh hiji jalma.
Saran titangtos nyusun ieu makalah msih keneh seueur kakirangan margi
rumaos si kuring sadayana masih keneh diajar ,kuayana kitu miharep ti
rerencangan sadayana komentar sareng sarankanggo langkung saena dina
nyusun makalah basa sunda.

You might also like