You are on page 1of 2

FAKTOR NU MANGARUHAN EFEKTIF HENTEUNA NGAREGEPKEUN

1. Pawicara
2. Bahan regepan/eusi
3. Situasi
4. Paregep

1. Pawicara
Pawicara (guru, mubalig, jeung nu liana) gede pisan pangaruhna kana kualitas hasil
regepan nu katarima ku paregep. Ku csabab kitu, eta pawicara the kudu nohonan
sababaraha pasaratan:
a. Kudu daria atawa enya-enya, sabab materi regepan teh baris leuwih hade upama
ditepikeun ku ahlina.
b. Bahan regepan kudu ditepikeun kalawan sistematis, bentes, merenah lentongna,
kalimahna efektif, jeung basana gampil kaharti.
c. Pawicara kudu yakin kana kamampuh dirina, sangkan nyaritana teu asa-asa jeung
teu aga-eugeu.
d. Gaya nyarita jeung tagog kudu nyurup. Nyarita (tempona) bisa digancangkeun
bari dibarungan ku banyol, tapi ulah kaleuleuwihi.
e. Pawicara kudu satekah polah ngayakeun kontak jeung paregep, sarta kudu
ngawasa segmen paregep.
f. Pedaran kudu ditepikeun kalawan basajan tur merenah.

2. Bahan regepan/eusi
Bahan regepan nu ditepikeun kudu nyumponan pasaratan nu dipiharep ku paregep:
a. Eusi regepan kudu aktual.
b. Eusi regepan kudu miboga ajen (bernilai/berbobot) sarta gede mangpaatna pikeun
paregep.
c. Eusi regepan kudu ngahudang karep (memotivasi).
d. Eusi regepan kudu puguh entep seureuhna (sistematis), sarta gampang katangkep
ku paregep.
e. Tahapan kasulitan bahan regepan kudu luyu jeung tingkatan kamampuh paregep.
Bahan regepan anu aktual, gede mangpaatna, ngandung daya irut, tur gampil
dipikaharti, bakal mawa paregep kana situasi anu betah jeung pogot dina ngaregpkeun
materi nu ditepikeun.

3. Situasi
Hal nu kudu ditengetan dina situasi ngaregepkeun:
a. Tempat diuk, kelas atawa tempat peristiwa ngaregepkeun kudu nyumponan
pasaratan: (1) tempat diuk kudu tepat, (2) hiasan ruangan ngaregepkeun kudu
ngarojong kana proses ngaregepkeun sarta matak pikabetaheun.
b. Waktu lumangsungna ngaregepkeun kudu tepat, kamampuh paregep kudu hade,
kudu rileks, tur waktuna ulah samporet.
c. Suasana lingkungan kudu tenang, ulah gandeng, sarta pamandangan ulah
ngaganggu kana konsentrasi ngaregepkeun.
d. Aturan atawa katangtuan ngaregepkeun kudu nyumponan sarat, gampang
dioprasikeunana, hade produksina, tur gede paedahna gesan ngahontal tujuan nu
nyugemakeun.

4. Paregep
Proses ngaregepkeun lumangsung kalawan hade teh gumantung ka paregep minangka
subjek jeung objek ngaregepkeun. Factor-faktorna ngawengku:
a. Kondisi fisik jeung mental anu prima supaya paregep bener-bener sayaga dina
ngaregepkeun.
b. Kudu konsentrasi kana bahan regepan.
c. Kudu miboga tujuan anu ngarojong kana karep pikeun ngaregepkeun.
d. Kudu miboga karep mikaresep kana bahan regepan.
e. Miboga kamampuh linguistik sarta kamampuh nangkep eusi bahan regepan.
f. Miboga pangaweruh atawa luang anu anyar supaya gampil narima informasi sarta
bisa ngolah bahan regepan kalawan hade tur bener.
Cindekna, paregep teh kudu sehat, sayaga, konsentrasi, miboga tujuan sarta karep,
mikaresep bahan regepan, kamampuh linguistic sarta diwuwuhan ku pangalaman anu
jembar. Upama eta katohonan, bisa dipastikeun proses ngaregepkeun teh bisa
lumangsung kalawan lancar jeung sukses.

You might also like