You are on page 1of 16

MAKALAH OBSÉRVASI KELOMPOK

NGEUNAAN KEM

Diajukeun ka Dosen Mata Kuliah Tiori Maca

1. Drs. O. Solehudin, M.Pd.

2. Yatun Romdonah A., S.Pd., M.Pd.

Disusun ku :

Cinta Faoziah Amin – 2007139

Dhafa Haikal – 2004542

Habiburrahman Daniah – 2009956

Moch Fharaz Aulia Akbar – 2001986

Mona Triana – 2009070

Nazla Salsabilya – 2004357

JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH

FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA

2020

1
PANGJAJAP
Bismillahirrahmanirrahim

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT, anu parantos masihan


ni’mat, hususna ni’mat iman, islam sareng ni’mat séhat ka urang sadaya hususna
kelompok 4, umumna pikeun sadaya anu maca, tug dugi ka urang sadaya tiasa
ngaréngsékeun ieu makalah kalayan lancar dina mayunan sagala risikona.

Solawat miwah salam mugia salawasna ngocor ngagolontor ka jungjunan


urangsadaya, Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, ka sahabatna, sareng
mudah-mudahan dugi ka urang salaku umatna anu mudah-mudahan satia kana
sagala ajaran mantenna dugi ka ahir zaman. Aamiin!

Makalah anu di pedar ku kelompok 4 téh kagungan jejer nya éta


“Kamampu Efektif Maca”. Eusi ieu makalah téh ngadéskripsikeun Wangenan
KEM, Maca Pamahaman pikeun Lumangsungna Kagiatan Maca, Tingkatan Maca
Pamahaman, Pamadegan Maca Pamahaman, Rumus Ngukur Jalanna KEM, jeung
Normalna KEM.

Pamungkas, mugia ieu makalah téh aya mangpaatna pikeun simkuring


saparakanca hususna, sareng umumna pikeun sadaya anu maca ieu makalah.
Aamiin!

Bandung, Oktober 2020

Nu Nyusun,

Panulis

2
DAFTAR EUSI
PANGJAJAP..........................................................................................................2

DAFTAR TABÉL..................................................................................................4

BAB I BUBUKA.....................................................................................................5

1.2 Rumusan Masalah..........................................................................................5

1.3 Tujuan Panulisan Makalah.............................................................................6

1.4 Mangpaat Panulisan Makalah........................................................................6

BAB II EUSI...........................................................................................................7

2.1 Wangenan KEM.............................................................................................7

2.2 Maca Pamahaman pikeun Lumangsungna Kagiatan Maca............................7

2.3 Tingkatan Maca Pamahaman.........................................................................8

2.4 Pamadegan Maca Pamahaman.......................................................................9

2.5 Rumus Ngukur Jalana KEM.........................................................................11

2.6 Patokan Normalna KEM..............................................................................12

BAB III PANUTUP..............................................................................................15

3.1 Kacindekan...................................................................................................15

3.2 Saran.............................................................................................................15

DAFTAR PUSTAKA...........................................................................................16

3
DAFTAR TABÉL
Tabél 2.1 Standarisasi Numutkeun Jenjang Pendidikan

Tabél 2.2 KEM Numutkeun Tingkatan Kelas

Tabél 2.3 Kualifikasi Kagancangan Maca

4
BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Maca mangrupa léngkah anu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca


pikeun nyuprih hikmah anu dipedar ku panulis ngaliwatan métode basa dina
tulisan. Tina prosés maca anu nungtut pikeun ngelompokeun kecap anu mangrupa
kasatuan pikeun katénjona pamadegan saliwat jeung makna kecap-kecap individu
ngarah meunang pangaweruh. Lamun hal ieu teu kacumponan, hal anu kasirat
moal bisa katangkep ogé bisa kapaham, ogé prosés macana kalaksana kalayan
bener.

Maca mangrupa salah sahiji cara ngarah jalma mikanyaho anu dibaca
saeunggeus lumangsungna maca. Moal mungkin aya jalma anu buta huruf leuwih
loba kanyahona tinu sok maca, jeung moal mungkin aya jalma nu saeutik bacaana
leuwih loba kanyahona tinu loba bahan bacaana.Kagiatan maca mangrupa
kagiatan nu ngagunakeun réa kaparigelan, nya éta kagiatan ngaregep, mipaham,
jeung mikirkeun pamadegan sarta hal positif pikeun nu maca. Maca téh lain
kagiatan nu sederhana.

Maca bisa dilakukeun ku sababaraha cara nya éta bari cicing, nyaring,
nalaah eusi, nalaah maca, maca kritis, maca pamahaman ogé dipangaruhan ku
kamampuan siswa tina macana. (Henry Guntur Tarigan, 2008:29).

1.2 Rumusan Masalah


Dumasar kana masalah di luhur, ieu makalah téh baris diwincikjadi
sababaraha patarosan. Sangkan patarosan pedaran nyoko kana objékpedaran anu
rék ditalungtik, nya éta:
1) Naon ari nu dimaksud wangenan KEM téh ?
2) Kumaha cara maca pamahaman pikeun lumangsungna kagiatan maca
pikeun ningkatkeun KEM ?

5
3) Aya sabaraha hiji tingkatan maca pamahaman téh ?
4) Naon waé anu kaasup pamadegan maca pamahaman téh ?
5) Kumaha ari rumus ngukur jalana KEM téh ?
6) Dina panalungtikan maca nu dipedar, aya sabaraha hiji patokan
normalna KEM téh ?
1.3 Tujuan Panulisan Makalah
1) Pikeun mikawanoh naon anu disebut KEM.
2) Pikeun nyumponan pancén maca.
3) Ningkatkeun motivasi maca ku cara maca gancang tur éféktif.
4) Ngawanohkeun standar maca nu luyu jeung aturan normalna.

1.4 Mangpaat Panulisan Makalah


1) Pikeun nambahan pangaweruh ngeunaan élmu maca;
2) Pikeun nambahan atawa ngarojong bahan pangajaran basa jeung sastra
Sundadi sakola;
3) Bisa méré gambaran ka urang sadaya yén KEM téh penting pisan
pikeun hiji jalma hususna di dunya pangajaran;

6
BAB II

EUSI
2.1 Wangenan KEM
Wangenan KEM numutkeun pamadegan para ahli teu sarua. Numutkeun

Ahmadslamet miboga pamadegan yén KEM téh, lian deui jeung Tampubolon

mah nyebutkeunana Kemampuan Efektif Membaca. Sok sanajan duanana

ngadefinisikeun KEM kalayan istilah anu béda, nanging maksud yang

disampaikeuna miboga makna anu sarua.

Kecepatan Efektif Membaca (KEM) menurut Ahmadslamet Harjasujana

(1988) nyaéta gancangna maca anu dilakonan ku nu maca numutkeun rumus,

jumlah kecap kabagi ku panjangna waktu yang, ditambah ku skor tuluy di

préséntasikeun séwang séwangan.

Tampubolon (1990) nyebutkeun yén Kemampuan Efektif Membaca


(KEM) téh nya éta kagancangan maca jeung pamahaman eusi sacara kasaluruhan.
Jadi ngan aya dua aspék anu dinilai di jero KEM ieu, nya éta kagancangan jeung
pamahaman eusi. Dumasar kana wangenanana KEM wajib di piboga ku anu maca
jeung teu mopohokeun pamahaman ka nu jadi eusi éta buku.
2.2 Maca Pamahaman pikeun Lumangsungna Kagiatan Maca
Maca ceuk KBBI (Purwodarminta:2001), nya éta nempo ku cara
ngaregepkeun kana eusi tina naon anu aya dina tulisan (kucara ngalisankeun eusi
tina naon anu ditulis/kucara ngalisankeun ukur dina jero haté). Bisa di
cindekkeun, yén jalma anu maca téh manehnana keur ngaregeupkeun kana eusi
ogé ngagali informasi sacara lisan atawa di jero haté.

Maca téh salasahiji prosés anu dilakonan atawa digunakeun ku nu maca


ngarah bisa ngahasilkeun pesan anu baris ditepikeun ku anu nulis ngaliwatan
kecap-kecap atawa basa tulis (Tarigan:1987).

7
Makna di jero bacaan aya anu sacara tersirat ogé sacara tersurat, jalma anu
maca ogé kudu aktif ngalibatkeun dirina keur meunangkeun makna jeung paham
kana maksudna nu diluar bacaan éta.

2.3 Tingkatan Maca Pamahaman


Dina Dictionary of Reading and Related Terns (1983:226) nyebutkeun yén
aya sababaraha tingkatan prosés pamahaman, diantarana:

1. Meunangkeun makna harfiah.


2. Meunangkeun makna interpratatif.
3. Meunangkeun makna anu dibaca.
4. Ngaréaksi naon anu dibaca kucara kréatif.

Dijero buku kamampu maca Silitonga et al (1985:8-9) nyebutkeun yén


kamampu maca siswa bisa diukur jeung dianalisis sasaran pangukuran ngacu kana
gejala. Gejala tingkah laku siswa sacara langsung, hal ieu miboga harti tingkah
laku ngabanding lurus jeung kamampu maca siswa.

Sacara rinci Davis dina buku Analisis kasalahan karya Pateda (1989 : 93)
nyebutkeun maca pamahaman baris nguku kamampu maca hiji jalma, nya éta:

1. Ngaidéntifikasi kecap;
2. Ngaidéntifikasi makna;
3. Nyindek keun kecap tina konteks;
4. Ngajalin idé dijero konteks;
5. Nyindek kana konteks manggihan maksud anu nulis, sikep, penekanan
cara-cara panulis;
6. Ngaidéntifikasi strategi anu nulis;
7. Ngaidéntifikasi struktur panulisan.
Ku kituna pangukuran dijero maca pamahaman nya éta anu miboga
partanyaan ngeunaan makna kecap tina kalimah, idé poko jeung idé anu
ngajelaskeun maksud pangarang, kagunaan tanda baca, kacindekan bacaan, jejer,
jeung data-data anu tersirat atawa tersurat.

8
2.4 Pamadegan Maca Pamahaman
Benerna maca ditangtukeun ku sababaraha hiji faktor. Mc Laughlin dina

rahim (2005) ngadawuh yén pamadegan maca anu pang mangaruhanna kana

pamahaman maca, kauger di handap ieu, nya éta:

1. Pamahaman mangrupa prosés konstruktivis sosial.

Tiori kontruktivis madegkeun yén pamahaman jeung susunan


kabahasaan pikeun prosés ngawangun sumber daya manusa, ngandung
harti yén naon anu diwangun ku papada jalma jeung pangaweruh saacana
nya éta bahan nu ngandung makna. Dina maca, informasi nu bakal
diajarkeun kudu ngaintegrasi ku naon waé anu dipikaweruh améh papada
siswa miboga pangalaman tina topik séwang séwangan.
2. Kasaimbangan kamahiran aksara nya éta kerangka gawe kurikulum anu
ngabantu pemakaian pemahaman.

Kaparigelan aksara anu dipiboga hiji jalma bisa nulungan dirina


dina prosés maca atawa nulis sacara pinuh. Aya ogé, modél pangajaran
pamahaman anu dipiharep nya éta hiji model anu méré kasempetan diajar,
ngahijikeun, jeung gaintegrasikeunna. Ku cara éta, kagiatan diajar kudu di
simpen ka jero runtuyan gawé kurikulum ku sabab éta bisa nyiptakeun hiji
lingkungan anu optimal keur ngalaksanakeun di ajar.

3. Muru maca anu profesional (unggul) mangaruhan diajar.

Guru nu unggul téh nya éta méré nyaho pentingna tiap siswa keur
mibogaan pangalaman kamahiraksaraan. Hal ieu nunjukkeun peranan guru
tina prosés maca nya éta nyiptakeun pangalaman jeung ngapik-ngapik
kamampu siswa tina pamahaman téks.

4. Pamaca anu hadé nyepeng lakon anu strategis jeung ulubiiung dina proses
maca.

Hadéna maca téh lamun nu maca bisa ngaintegrasikeun informasi


jeung parigel nyambungkeun kana topik saméméhna. Sabalikna, pamaca

9
nu teu parigel bakal kapatok kana simbol-simbol tina teks atawa kapatok
yakin teuing ku pangaweruh saacana dina topikna.

5. Maca kudu mijero kontéks anu bermakna.

Sangkan leuwih ningkatkeun pamahaman siswa kana bacaan,


alusna guru téh mérékeun téks dina sababaraha tingkat kasukaran. Guru
bisa ngabantu siswa kucara nitah maca nyaring saumpamana téks na
dianggap hésé. Mung téks éta penting pisan keur pangajaran, siswa di béré
dukungan ti guruna.

6. Siswa manggihan mangpaat maca anu asalna tina sababaraha téks tina
sababaraha tingkatan.

Unggal poé, siswa kudu maca mangrupa-rupa téks tina tingkat nu


béda. Lamun teksna digunakeun, guru kudu méré bantuan pikeun
ningkatkeun pangaweruh jeung ngaluaskeun pangalaman diajarna siswa
sarta nampa dukungan anu kapatok ku tujuan jeung aturan pangajaran.
Mikanyahona rupa-rupa jenis matéri bacaan pikeun ningkatkeun
pamahaman siswa. Hal ieu bakal méré siswa pangaweruh jeung sajabaning
struktur téks jeung ningkatkeun prosés ngaregepkeun téks.

7. Ngilu anclub nya éta hiji faktor konci tina prosés pamahaman.

Téori kontriktivis miboga andil nu penting dina ngembangkeun


kosakecap. kosakecap anu dimaksud nya éta ngawanohkeun antonim,
sinonim, multitafsir, jeumg définisi abstrak. Ahli basa ngaidéntifikasikeun
opat prinsip pikeun pangajaran kosakecap. Ogé prinsip anu dimaksud
nyaéta siswa kudu aktif kana ngaregepkeun kecap-kecap jeung
dihubungkeuna ku strategi-strategi, diajar kosakecap kudu luyu jeung
kahayang siswa, nyobat jeung kecap-kecap, jeung ngembangkeun kosa
kecapna ngaliwatan wacana nu diulang tina rupa-rupa sumber informasi.

10
8. Stratégi jeung katerampilan pamahaman bisa diajarkeun.

Hiji panalungtikan ngabuktikeun yén anu diajar téh ngalaman


strategi pangajar pamahaman anu langsung, nya éta ningkatkeun
pamahaman téks ngeunaan bahasan anyar. Pertanyaan-pertanyaan
pamahaman teu elat ayana dina kalungguhan pamahaman literal,
dipancénkeun ogé dibebener, pamahaman dipenteun, namung teu
diajarkeun. Kalawan ngaitkeun pangabisa jeung strategi éta bisa nyieun
siswa téréh ngarti strategi pamahaman anu umumna leuwih kompléks
tibatan kaparigelan pamahaman.

9. Asesment anu dimanis ngabewarakeun prosés maca pamahaman.

Ngajén teh mangrupa kumpulan data, kawas tés jeung catatan-


catatan informal kanggo ngukur hasil diajar siswa, sedengkeun evaluasi
mangrupa interpretasi jeung analisis data. Asasmen ieu luyu kanggo
ngajén kamajuan siswa ngarah guru bisa mikaweruh kaonjoyan jeung
kahéngkéran, ngarencanakeun pangajaran anu bener, ngomunikasukeun
kamajian siswa ka kolotna, jeung ngevaluasi kaeefektifan stratégi maca.

2.5 Rumus Ngukur Jalana KEM


1. Rumus ngukur kagancangan maca (KEM) ku cara ngitung jumlah kecap
anu ka baca satiap menit, prosés na bisa digambarkeun saperti kieu.

Jumlah kecap nu aya dina bacaan


KM =
Jumlah waktu tempuh (menit)

2. ∑Rumus ngukur pamahaman eusi bacaan (PI) kasaluruhan téh ku cara


ngitung perséntase skor jawaban anu bener tina skor jawaban anu idéal ti
partanyaan test pamahaman baca.

11
Skor jawaban anu bener x 100%
PI =
Skor jawaban idéal

∑K B
KEM = X
X 60
∑W SI

Keterangan :

∑K : jumlah kecap anu ayaa dina bacaan

∑W : jumlah waktu (detik)

B : skor jawaban bener

SI : skor jawaban idéal

2.6 Patokan Normalna KEM


KEM na hiji jalma pasti bakal béeda jeung jalma anu séjéna, nandakeun

yén kaiketna kana tingkat pangajaran ogé jabatan anu disandang. Kukituna, aya

formula anu bisa dijadikeun tolak ukur pikeun ngitung normalna KEM nu

dipiboga ku jalma séwang séwangan. Di handap ieu standar Kecepatan Efektif

Membaca numutkeun jenjang pendidikan.

Tabel 2.1
Standardisasi KEM Numutkeun Jenjang Pendidikan

Jenjang Pendidikan Kagancangan Maca

12
SD / SMP 200 kecap per menit

SMA 250 kecap per menit

Mahasiswa 325 kecap per menit

Mahasiswa pascasarjana 400 kecap per menit

Jelema dewasa (nu teu sakola) 200 kecap per menit

Christine Nuttal (1989) dalam Harras netepkeun yén jenjang SD antara

kelas I nepi ka kelas 6 ogé beda tina gancang macana.

Tabel 2.2

KEM Numutkeun Tingkatan Kelas

Kelas Kagancangan Maca

I 60 – 80 kecap per menit

II 90 – 110 kecap per menit

II 120 – 140 kecap per menit

IV 150 – 160 kecap per menit

V 170 – 180 kecap per menit

VI 190 – 200 kecap per menit

Numutkeun tabel diluhur, KEM dikualifikasikeun numutkeun tabél dihandap :

Tabel 2.3
Kualifikasi Kecepatan Membaca

Kagancangan Maca Kualifikasi

13
175-250 kpm handap/ kurang memadai

250-350 kpm sedeng / memadai

400- 500 kpm luhur / efektif

Standardisasi diluhur dipatok ukur ngitung kagancangan maca wungkul.

Ogé kanggo ngitung KEM kudu nuturkeun ku pamahaman kana wacana.

Panalungtikan anu dilakukeun ku Baldrige (1987) tina Harjasujana

ngajelaskeun yén unggal jalma ditungtut pikeun maca teu kurang ti 840.000

kecap per minggu. Jika Kecepatan Efektif Membaca (KEM) unggal jalma ngan

250 kecap per menit, waktu nu kudu ku unggal jalma pake husus kanggo maca

wungkul nya éta 8 jam dina sapoéna. Lamun ukur miboga waktu ngan 4 jam

dina sapoéna, macana unggal jalma kudu dilipatgandakeun jadi 500 kpm.

14
BAB III

PANUTUP
3.1 Kacindekan
Tina nalungtikna materi anu dipedar ogé tina tiori, cara jeung teuleuman
nyosok jerona ngeunaan KEM, meunang dicindeukeun yén parigel visi misina
maca teu ukur asal maca, teu ukur asal kadaék, teu ukur asal merhatikeun
kekecapana, nanging kaparigelan tina merhatikeun hal hal leutik anu dipedar
kalayan apik jeung tarapti dina maca. Lamun nu maca bisa merhatikeun hal hal
leutik dina lumangsungna kagiatan maca hasil nyuprihna ogé bakal béda tibatan
nu teu apal élmuna. mudah-mudahan tina materi anu dipedar, minat maca urang
saréréa bisa robah polana jeung tarapti dina prosésna.

3.2 Saran
Anu ditarget tina medarna makalah kelompok téh nya éta intina pikeun
ningkatna minat maca urang saréréa tina ayana élmu KEM urang salaku nu maca
numutkeun umur masing masing kudu miboga targét séwang-séwangan, jeung
boga mental betah dina lumangsungna kagiatan maca, jadi saupama nu maca apal
standar nu luyu nu maca kudu bisa ngudag targétna luyu deui upama bisa leuwih
ti target nu diukur ngarah jadi kabiasaan anu alus pikeun nu maca.

Ngarah teu ukur nyaho jeung teu ukur haritaeun, pamaca kudu miboga
pamadegan anu istiqomah dina maca sabab najan alus ogé ai mentalna saharitaeun
mah moal matak jadi karakter jeung téori anu kapedarna ameh teu ukur dina
minuhan tugas wungkul.

15
DAFTAR PUSTAKA
Barber.E. J. W. 1983. Dictionary of Reading and Related Terms. In United
Kingdom: Princeton University Press.

D.P.Tampubolon. 1990. Kemampuan Membaca Teknik Membaca Efektif dan


Efisien. Bandung: Angkasa.
Nuryati. N. 2017. Upaya Meningkatkan Kemampuan Siswa Membaca Artikel
Dengan Membaca Cerpen Melalui Penggunaan Teknik Kecepatan Efektif
Nembaca (KEM). “Jurnal wahana pendidikan, vol 4,2. Diakses dina :
file:///c:/user/downloads/739-2891-1-PB%20(1).pdf
Pateda. 1989. Analisis Kesalahan. Flores, NTT: Nusa Indah.

Silitonga, dkk. 1984. Kemampuan Membaca. Jakarta: Pusat Pembinaan dan


Pengembangan Bahasa.

Sinin. Y. 2015. Peningkatan Kemampuan Membaca Cepat Melalui Penerapan


Metode Gerak Mata Siswa Kelas XII IPA A SMA Karuna Dipa Palu, "E-Jurnal
Bahasantodea, vol 3 no 1, hlmn. 99-108, ISNN:2320-2000. diakses dina :
http://jurnal.untad.ac.id/jurnal/index.php/Bahasantodea/article/download/5190/39
61

Tarigan, Henry Guntur. 1987. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.


Bandung: Angkasa.

Tarigan, Henry Guntur. 2008. Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa.


Edisi Revisi. Bandung: Angkasa.

16

You might also like