You are on page 1of 3

CIRI PAREGEP NU IDEAL

Kasadaran masarakat ngeunaan pentingna ngaregepkeun kiwari karasa gede. Ieu kasadaran
teh ngarojong kana pangajaran budaya sangkan gampil kacangkingna ku para siswa.
Hanjakal pisan di sakola-sakola urang mah, di Indonesia pangajaran ngaregepkeun teh meh
sirna, katilep ku tilu pangajaran basa sejenna atawa ku pangajaran sejenna. Padahal lamun henteu
dibarengan ku parigel ngaregepkeun, kaparigelan basa sejenna hese mekarna teh.
Kaparigelan ngaregepkeun perlu pisan diulik, diihtiaran sangkan pangaweruh urang dina
sagala widang gancang ngaronjat. Pangajaran ngaregepkeun ulah kaluli-luli, sabab sabagian gede
kahirupan lumangsung sacara lisan (kudu diregepkeun). Pangajaran ngaregepkeun kudu
meunang pangraksa anu daria ti para guru, atawa ti para pakar anu aya patalina jeung widang
atikan. Hal ieu ngandung harti yen, widang nulis, maca jeung nyarita kurang utama. Opat,
kaparigelan basa kudu gumulung jadi hiji kaparigelan supaya' bisa silih tangtukeun hasil
henteuna ngahontal pangajaran. Opat kaparigelan basa teh disebut catur tunggal, sabab unggal
kaparigelan henteu bisa leupas tina kaparigelan sejenna.
Pangaweruh ngaregepkeun jeung sagala unak-anikna kacida pentingna dikawasa ku guru,
pawicara atawa ku saha wae anu miboga kasempetan nepikeun pangaweruhna ka nu sejen, atawa
ka murid-murid di sakola.
Boh ka nu geus maher, sok komo ka nu masih taram-taram mah, ngaregepkeun teh kudu
mangrupa bagian tina kahirupan. Sabagian gede pangalaman datangna tina ngaregepkeun.
Di handap ieu kapidangkeun ciri-ciri paregep anu ideal.
1. Sayaga fisik jeung mental
Paregep nu hade geus nyayagakeun dirina jeung panitenna anu instrinsik. Kaayaan
fisik nu sehat, seger sarta mental anu stabil, oge kaayaan pikiran anu caang, mangrupa
sarat kasayagaan fisik jeung mental enggoning ngaregepkeun.

2. Konsentrasi
Paregep anu hade nya eta anu bisa museurkeun pikiran jeung panitenna kana materi
nu bakal dipedar. Paregep anu hade bakal mampuh matalikeun informasi anyar jeung
pangaweruh atawa pangalaman anu geus kapimilik.

3. Motivasi atawa karep


Paregep anu hade miboga motivasi anu hade, hayang matalikeun pangaweruh sarta
hayang ngulik, tur ngajembaran pangaweruhna ngeunaan hiji hal. Ieu teh mangrupa
pangrojong sangkan ngaregepkeun bisa daria.

4. Objektif
Paregep anu hade jauh tina prasangka anu lain-lain. Paregep anu hade moal nilik ti
saha datangna pamikiran teh, tapi nu penting mah nya eta hal naon nu dipedarna.
5. Ngarangkum
Paregep nu hade bakal nangkep hasil regepanna ku cara ngarangkum eusi regepan
kalawan gembleng, henteu sektoral, henteu ngan ngaregepkeun sakur anu dipikaresepna
hungkul.

6. Hormat
Paregep nu hade henteu nganggap enteng kana materi anu dipedar. Manehna henteu
ngarasa dirina super, atawa sagala bisa. Paregep anu hade miboga rasa hormat kana
pamadegan nu sejen.

7. Pinilih
Pangregep nu hade bakal bisa milih bagian-bagian nu karasa penting tina bahan
pedaran. Henteu kabeh bahan palajaran ditulis, dicatet, tapi dipilihan anu pentingna bae.

8. Daria
Sikep paregep nu hade nya eta anu daria tur henteu api-api saregep. Paregep anu
hade bakal bener-bener nengetan eusi regepan sanajan eusina kurang atawa henteu
dipikaresep.

9. Henteu gampang kaganggu


Loba paregep nu gampang kapangaruhan ku sora-sora sejen di sagigireun sora
regepanana. Paregep anu hade mah panitenna teh angger kana materi regepan. Lamun tea
mah aya hal-hal nu mangaruhan kana konsentrasina, gancang pisan manehna museurkeun
panitenna kana materi regepan.

10. Kontak jeung nu medar


Paregep nu hade baris nyoba-nyoba ngayakeun kontak jeung pawicara anu medar
materi. Hal ieu katangen tina sikepparegep enggoning ngabandungan bari mere
pangrojong ku ucapan; bener, bener pisan, satuju, enya, jeung saterusna. Oge bisa
katangen tina sikep badan, rindat, gerak-gerik badaniah jeung saterusna.

11. Gancang ngaluyukeun diri


Paregep nu hade nya eta anu gancang tanggap kana situasi. Manehna gancang pisan
ngaluyukeun dirina jeung irama pedaran sarta katangtuan sejenna.

12. Wanoh kana arah pedaran


Ti mimiti oge, paregep anu hade mah geus wanoh kamana ieu pedaran teh
dibawana. Biasana paregep geus nyaho gurat badag eusi pedaran.
13. Muhtasar
Paregep nu hade bakal bisa nyieun muhtasar, nyaeta nyieun tangkesan mangrupa
rangkuman atawa muhtasar tina wacana regepan kalawan lengkep.

14. Ngaevaluasi
Ngaevaluasi eusi pedaran bisa dilaksanakeun ku pernyataan; satuju, henteu satuju, sa
pamadegan, sarta bisa ngawujud mangrupa reaksi, tanggapan atawa respon, sikep badan
saperti unggut-unggutan, gideug jeung sajabana.

15. Ngarespon
Wujud respon nu mangrupa sikep paregep ngeunaan eusi pedaran; satuju, henteu
satuju, bakal katenjo tina reaksi, tanggaapan jeung respon badaniah. Reaksi bisa
mangrupa ucapan anu spontan, kayaning hade, kataji, akur pisan, yakin, leres, jeung lian
ti eta.

You might also like