You are on page 1of 3

KHUTBAH ‘IDUL ADHA 1442 HIJRIYAH

DIKALUARKEUN KU:
KANTOR KEMENTERIAN AGAMA KAB. TASIKMALAYA
=====================================================================
َ‫اَلسَلَمََعَلَيَكََ َورَحَةََ ه‬
‫للاَوبََركَتَ َه‬
‫اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ الحمد ه ه ه‬
َ‫َلِلَر هبَالعال همْي‬
َ‫اتَاَْعا هلناَمنََي هدَللاَفلَم هضلََلَومن‬ ‫َنمدهَونس ت هعينهَونس تغ هفرهَونتوبَ هالي ههَونعوذ هَِب هللَ همنَُشو هرَانف هس ناَوسيهئ ه‬
َ‫َُشيكََلَواشهدَانَمحمدً اَعبدهَورسوَلَوالصلةَوالسَلم‬ ‫َاشهدََانَالَ هاَلَ هاالَللاَوحدهَال ه‬.‫يض هللَفلَها هديََل‬
َ‫للاَوطاعته هه‬
‫َاو هصيكَونف هِسَبهتقوَ ه‬:َ‫للا‬ ‫َفيا هعبادََ ه‬:‫َاماَبعد‬.‫عَلَن هبيهناَمحم ٍدَوعَلَء ه هاَلَواْصا هب ههَومنَتبهعهَ هاَلَيو همَا هلي هن‬
َ‫َولنبلونك َبهَش ٍء َ همن َالخو هف َوالجو هع َونق ٍص َ همن َاالمواله َواالنف هس‬:‫َقال َللا َتعاَل هَِف َالقرآ هن َالك هر هْي‬.‫لعلك َتف هلحون‬
‫ش ٰه‬
َ‫َالص ه هبين‬ َ‫والثم ٰر ه ِۗتَوب ه ه‬
Allahu Akbar 3x walillahilhamdu
Jama’ah kaum muslimin sidang ‘Idul Adha rahimakumullah
Sugrining puji anu sampurna sagemblengna kagungan Allah Azza Wajalla, alhamdulillah urang
sami-sami tiasa riung mungpulung patepung lawung paamprok jonghok hempak merbayaksa dina tempat
sareng saat anu kalintang mulyana nyaeta Hari Raya Idul Adha dina taun ieu. Rohmat miwah kasalametan
mugia salawasna dikucurkeun ka jungjunan alam kangjeng Nabi Muhammad SAW, katut ka kulawargi, para
sahabat sareng ka ummatna dugi ka akhir zaman.
Allahu Akbar 3x walillahilhamdu
Jama’ah kaum muslimin sidang ‘Id rahimakumullah
Perayaan Idul Adha anu ku urang dirayakeun dina saat ieu, masih dina kondisi bangsa urang
khususna, keur ngarandapan bencana kemanusiaan anu luar biasa akibat musibah pandemi Covid-19.
Dampakna oge luar biasa, korban jiwa rebuan, nu katularan teu kaitung, rumah sakit ampir kawalahan,
hubungan sosial dina kahirupan teu karuan, ekonomi beuki werit rakyat leutik loba nu ngajerit, pausahaan
loba nu tutup, korban PHK di mana-mana, barudak tos ampir dua taun sakolana ngaliwatan online, tapi
alhamdulillah minangkana pasantren jeung madrasah mah teu libur, masjid masih aya keneh nu berjamaah.
Anu matak kacida prihatin urang oge nyaeta ibadah Haji dua taun batal diberangkatkeun. Kiwari urang
bener-bener keur diuji ku Gusti Allah kalawan ujian anu cukup beurat, lain kusabab virus-virusna teuing tapi
lantaran ku kabodoan jeung lemahna kaimanan urang. Teu saeutik jalma kiwari anu kaeunteupan ku panyakit
paranoid alias sieun nu kaleuleuwihi, stres tug nepi ka depresi, hilang akal sehatna lantaran ku kapanikan,
antukna cilaka ku polah sorangan. Patali sareng ujian ieu Gusti Allah parantos mepelingan, sakumaha
pidawuh Mantena dina Al-Qur’an surat Al-Baqarah ayat 155.
‫ولنبلونكَبهَش ٍءَ همنَالخو هفَوالجو هعَونق ٍصَ همنَاالمواله َواالنف هسَوالثم ٰر ه ِۗتَوب ه ه‬
َ‫شَا ٰ هلص ه هبين‬
Jeung saestuna Kami baris nyoba aranjeun ku rupa-rupa ujian kayaning rasa kasieun, kalaparan,
kakurangan harta banda, jiwa jeung bubuahan. Jeung sok bubungah jalma-jalma anu salabar. (QS.
Al-Baqarah : 155)
Sakumaha pait peuheur jeung pakewuhna kaayaan kahirupan urang kiwari, pikeun jalma anu iman
ka Gusti Allah bakal tetep pengkuh dina kayakinan ditarima ku kasadaran tur kasabaran, lantaran jalma nu
iman dituyun ku tungtunan, dipandu ku pedoman, tatagenan tur tawakal hirupna mung ka Gusti Allah saperti
nu dicontokeun ku Nabiyullah Ibrahim as nalika anjeuna kenging ujian anu kacida rongkahna dina peristiwa
diduruk ku Raja Namrudz nyakitu dina waktos ngantunkeun Siti Hajar istrina sareng Ismail putrana ditempat
anu hara-haraeun tapi buahna ngahasilkeun kasalametan, kamulyaan tur kabagjaan. Pikeun jalma anu teu
boga tatagenan hirup nu bener nyaeta ber-Tauhid ka Gusti Allah pasti bakal hirupna gampang ngarasula,
loba ngarahuh, sombong mun keur jaya, putus asa mun dina tunggara, moal ngarasa tengtrem hirupna. Patali
hal eta Allah SWT ngadawuh;
ُّ ‫هاذاَمسه‬
‫َالشَجزوعًَا‬
“Humandeuar di mana kasusah tumiba ka manehna,” (Qs. Al-Ma’arij: 20)
Allahu Akbar 3x walillahilhamdu
Jama’ah kaum muslimin sidang ‘Idul Adha rahimakumullah
Kusabab kitu perayaan Idul Adha ayeuna sing jadi momentum sangkan urang bisa ngungkulan sarta
kaluar tina bencana kemanusiaan ieu. Salah sahiji inti tina Idul Adha nyaeta meuncit hewan kurban anu
ngarupakeun simbol taqorub ka Allah SWT sakaligus pikeun ngabungahkeun sasama, ngandung hikmah tur
pelajaran berharga pikeun Taqwiyatu Shilah Billah (nguatkeun hubungan jeung Allah SWT) sangkan urang
meunang pitulung Mantena, wamayyattaqillaaha yaj’allahu makhroja; sing saha anu bener-bener takwa ka
Gusti Allah pasti bakal dibere jalan kaluar. Oge Taqwiyatu Shilah Binnas (nguatkeun hubungan jeung
papada manusa) komo dina kondisi anu sarwa werit kiwari, loba jalma nu susah, nyaeta ku jalan silih
tulungan gotong royong ngaringankeun beban dulur urang nu keur kamusibahan tur kapapatenan. Allah
marentahkeun ka urang sadaya dina surat Al-Maidah 2:
َ ‫اَالِلَِۗ هان ٰ ه‬
َ‫َالِلَش هديدَال هعقابه‬ ‫وتعاونواَعَلَال ه هبَوالتق ٰوىۖ َوالَتعاونواَعَل ه‬
‫َاال هْثَوالعدو هانَۖواتقو ٰ ه‬
“Jeung kudu silih tulungan dina kahadean jeung takwa, tapi ulah silih tulungan pikeun dosa jeung
mumusuhan. Jeung kudu takwa anjeun ka Gusti Allah teh banget pisan siksana.”
Allahu Akbar 3x walillahilhamdu
Para wargi kaum muslimin rahimakumullah
Pamungkas tina ieu khutbah, simkuring umajak ka sadaya wargi mangga urang sami-sami ngajaga
tur ngaraksa diri, keluarga jeung warga sasama sangkan teu katepaan ku wabah covid utamina. Islam
ngawajibkeun sangkan teu eureun-eureun ikhtiar lahir kalawan batin, ikhtiar medis jeung ikhtiar spiritual.
Ikhtiar lahir anu patali jeung medis nyaeta; Istirahat anu cukup, dahar kalawan gizi anu saimbang, olah raga
teratur, ngajaga emosi, sarta nerapkeun protokol kasehatan (5-M). Anapon ikhtiar batin anu patali jeung
spiritual nyaeta salawasna takwa tur tawakal ka Gusti Allah, ngalobakeun maca istighfar, ngadawamkeun
maca Qur’an, ngamakmurkeun masjid, shodaqoh jeung teu petot-petot munajat istighotsah kanu Maha
Kawasa. Sumangga dina saat ieu urang sasarengan kalayan manah anu khusu’ tur ikhlas urang nagdu’a
mudah-mudahan Allah SWT ngaijabah ka urang sadaya;
Ya Allah, Ya Ghofur neda ampun tina sadaya dosa sareng kalepatan abdi sadaya, dosa ibu rama
abdi sadaya, dosa para pamingpin abdi sareng dosa kaum muslimin muslimat, rumaos abdi sadaya seueur
kalepatan, seueur ngalakukeun ma’siyat sareng kadholiman.
Ya Allah, Ya Hayyu Ya Qayyum, Gusti Maha Uninga abdi sadaya teu daya teu upaya, mugia Gusti
mapaprin kakiatan sareng kasobaran ka abdi sadaya dina mayunan sagala rupi cocobi, kalayan mugia abdi
sadaya dipasihan jalan kaluar tina sagala kasulitan sareng karupekan hirup, tos lami abdi sadaya ngaraos
leuseuh, tos kalintang seueur nu janten korban, mugi ya Allah saenggalna ngersakeun nyabut tur nebihkeun
wabah ieu, oge kasusah sareng kabingung abdi sadaya.
Ya Allah ya Robbana hijikeun hate abdi, lembutkeun peraosan abdi sadaya mugia abdi sadaya
dipasihan kakiatan iman sareng kasobaran, ditetepkeun silih pikanyaah silih pikadeudeuh diantawis abdi
sadaya dtebihkeun tina perpecahan sareng permusuhan dina mayunan jalmi-jalmi anu dholim sareng
bencana kemanusiaan anu luar biasa ieu.
Ya Allah ya Mujibassailin, nun Gusti Nu Maha Ngadangu, Nu Maha Welas Asih mugia ngabulkeun
du’a abdi sadaya. Amiiin ya Robbal ‘alamiin.

َ‫ َوتقبههل َللا َ هم هِن َو همنك َ هتلوته َ هان هِه‬.‫ َونفع هِن َوا ههّيُك َبهما َ هفي هه َ همن َالّي هت َو هالك هر َالح هك هْي‬.‫ِبرك َللا هَِل َولك هَِف َالقرآ هن َالع هظ هْي‬
َ‫اتَفاس تغ هفروه‬ ‫اتَوالمؤ هم هنْيَوالمؤ همن ه‬ ‫آقولَقو هِلَهذاَوآسَتغ هفرواَللاَالع هظْيَِلََولكَو هلسائه هرَالمس هل همْيَوالمس هلم ه‬. َ‫هواالس هميعَالع هلْي‬
َ‫انهَهوَالغفورَالر هحْي‬
‫‪KHUTBAH KA DUA‬‬

‫َلِلَوحدهَصدقَوعدهَونَصَعبدهَ‬ ‫اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ اَللََاَكَبََ الحمد ه ه‬


‫َُشيكََلَو َآشهدَ َآنَمحمدً اَعبدهَورسوَلَصَلَ‬ ‫و َآعزجندهَوهزمَاالحزابَوحدهَ‪َ َ.‬آشهدَ َآنَالَاَلَاالَللاَوحدهَال ه‬
‫ِ ِ‬
‫للا َعَل َن هبي هنا َمحم ٍد َوعَل َآ ه هَل َو َآْصا هب هه َوسَّل َتس هلي ًماَكث ًْيا‪َ.‬قال َتعاَل‪َّ:‬ي َ َآَيُّ ا َالين َءامنواَاتَقواَللا َحق َتقاته َوالَ‬
‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬
‫تموتنَاالَو َآنُتَ ُّمس هلمون‪َ.‬قالَتعاَل‪{َ:‬ومنَيت هقَللاََيعلََلَمَخر ًجا}َوقال‪{َ:‬ومنَيت هقَللاَيكفهرَعنهَسيهئا هت ههَويع هظمَ‬
‫ِ‬
‫َل َ َآج ًرا} َْث َاعلمواَفان َللا َ َآمرُك هَِبلصل هة َوالسل هم َعَل َرسو ه هَل َفقال‪{َ:‬ان َللا َوملئهكته َيَصلُّون َعَل َالن ه هب‪َّ،‬ي َ َآَيَُّاَ‬
‫ِ‬ ‫ِ‬
‫هالين َءامنواَصلُّواَعليه َوسلمواَتسلي ًما}‪َ.‬اللهم َص هل َعَل َمحمد َوعَل َآله َمحمد ََكَ َصليت َعَل َابراهْي َوعَل َآله َ‬
‫ه‬ ‫ٍ‬ ‫ٍ‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬
‫ِ‬
‫َحي ٌدَ‬ ‫َحي ٌد َمجه ي ٌد‪َ.‬وِب هرك َعَل َمحم ٍد َوعَل َآله َمَحم ٍد ََك َِبركت َعَل َابرا ههْي َوعَل َآله َابرا ههْي‪َ،‬انك ه‬ ‫ابرا ههْي‪َ،‬انك ه‬
‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬ ‫ِ‬
‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬
‫مجه ي ٌد‪َ.‬اللهمَاغفرَللمسلمْيَوالمسلمات‪َ،‬والمؤمنْيَوالمؤمناتَا َلحياءَمْنمَواَ َلموات‪َ،‬انكََسي ٌعَق هري ٌب‪َ.‬اَللهمَ َآ هرَنَ‬ ‫ه‬ ‫ه‬
‫ِ‬
‫ه‬ ‫ً‬ ‫س‬ ‫ح‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ه‬ ‫ً‬
‫اَِف َالَُّنياَحس نة َوِف َالخرة َ نة َوقناَ‬ ‫الحق َحقًّاَوارزقناَاتهباعه‪َ،‬وآَ هرَن َالبا هطل َِب هط ًل َوارزقناَاج هتنابه‪َ.‬ربناَآ هتن ه‬
‫عذابَالن هار‪َ.‬ربناَهبَلناَ همنَ َآزو هاجناَوذ هرّيَ هتناَقرةَ َآع ٍْيَواجعلناَ هللمت هقْيَاما ًما‪َ.‬س بحانَربههكَر هبَال هعز هةَْعاَي هصفون‪َ،‬‬
‫ِ‬
‫وسل ٌمَعَلَالمرس هلْيَوالحمد ه ه‬
‫َلِلَر هبَالعال همْي‪.‬‬

‫‪Disusun ku Al-Faqir : H. Dedi Zulharman, M.Ag‬‬

You might also like