You are on page 1of 2

Lirik Lagu Kaasih Indung

"Indung lembur panineungan


Wasilah medal munggaran
Alam nyanggap papasangan
Tangtu nu jadi ukuran
Ngampar lemah jajalanan...

Lampah hirup dilakonan


Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun...
Sesa umur dianterkeun....

Ngaguru ku kabodoan
ikhlas eusi kapinteran
ciduh metu jajampean
ajeg lampah dilakonan

Lemah ngamparkeun kaheman


Nungtun lakuning kamelang
Panas ajaran ti berang
Ngaguru kapoek peuting

Susuci ku cai ibun


Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg nangtung hirup nanjung..

Lampah hirup dilakonan


Kaasih indung marengan
Samping jangkung gelung jucung
Awak rengkung disebakeun
Sesa umur dianterkeun

Samping kebat gogoleran


Endah rema gugupayan
Sapanjang indung marengan
Ajeg lampah kamulyaan...

Lemah ngamparkeun kaheman


Nungtun lakuning kamelang
Panas ajaran ti berang
Ngaguru kapoek peuting
Susuci ku cai ibun
Pahing getih pahang tulang
Ayun ambing ayun ambing
Ajeg nangtung hirup nanjung..."

You might also like