You are on page 1of 5

The Canterville Ghost’

The Plot of ‘The Canterville Ghost’


The story revolves around a family, the Otis and an old ghost, Sir Simon. Mr. Otis is a
minister of state who gets to stay in the Canterville Chase, a palatial mansion.
The present owner of the house, Lord Canterville, warns Mr. Otis against it and tells him the
house is haunted and no one could last long in the house.
Mr. Otis dismisses him and says he will rent the furniture along with the ghost. He brings his
family to live with him in the house. Mr. And Mrs. Otis have an elder son, Washington Otis, a
daughter, Virginia and a pair of twins.

Canterville Ghost Facts


As they start living in the house, strange things start happening in the house, the wooden
floor creaks, things move on there and this is where Wilde brings out all the typical elements
of an English ghost.
However, to Sir Simon’s horror, he fails to scare the family. He does everything in his power
to frighten them, from disguising as gruesome figures to playing all sorts of tricks on the
family. But not only are they not scared but they also find ways of attacking the poor old
ghost.

The Canterville Ghost Story


On the other hand, the story of Sir Simon’s is tragic. 300 years ago he was said to have
murdered his beloved wife and was starved to death by her family members. He had been
staying in that house from then on.
Sir Simon told her that she would have to cry for him, pray for him and guide him to the other
world. She did all of them and genuinely. Sir Simon passed onto the other world and rested
beside his beloved wife.

The Canterville Ghost Characters


The Canterville Ghost is a beautiful story for both kids and adults. There are other minor
characters in the story who compliment the plot.
It is a gripping tale and touching too. Altogether, it makes for a must read. Get hold of this
book and read on!
OLIVER TWIST
Oliver Twist is born in a workhouse in 1830s England. His mother, whose name no one knows, is
found on the street and dies just after Oliver’s birth. Oliver spends the first nine years of his life in a
badly run home for young orphans and then is transferred to a workhouse for adults. After the other
boys bully Oliver into asking for more gruel at the end of a meal, Mr. Bumble, the parish beadle, offers
five pounds to anyone who will take the boy away from the workhouse. Oliver narrowly escapes being
apprenticed to a brutish chimney sweep and is eventually apprenticed to a local undertaker, Mr.
Sowerberry. When the undertaker’s other apprentice, Noah Claypole, makes disparaging comments
about Oliver’s mother, Oliver attacks him and incurs the Sowerberrys’ wrath. Desperate, Oliver runs
away at dawn and travels toward London.
Outside London, Oliver, starved and exhausted, meets Jack Dawkins, a boy his own age. Jack offers
him shelter in the London house of his benefactor, Fagin. It turns out that Fagin is a career criminal
who trains orphan boys to pick pockets for him. After a few days of training, Oliver is sent on a
pickpocketing mission with two other boys. When he sees them swipe a handkerchief from an elderly
gentleman, Oliver is horrified and runs off. He is caught but narrowly escapes being convicted of the
theft. Mr. Brownlow, the man whose handkerchief was stolen, takes the feverish Oliver to his home
and nurses him back to health. Mr. Brownlow is struck by Oliver’s resemblance to a portrait of a young
woman that hangs in his house. Oliver thrives in Mr. Brownlow’s home, but two young adults in
Fagin’s gang, Bill Sikes and his lover Nancy, capture Oliver and return him to Fagin.
Fagin sends Oliver to assist Sikes in a burglary. Oliver is shot by a servant of the house and, after Sikes
escapes, is taken in by the women who live there, Mrs. Maylie and her beautiful adopted niece Rose.
They grow fond of Oliver, and he spends an idyllic summer with them in the countryside. But Fagin
and a mysterious man named Monks are set on recapturing Oliver. Meanwhile, it is revealed that
Oliver’s mother left behind a gold locket when she died. Monks obtains and destroys that locket. When
the Maylies come to London, Nancy meets secretly with Rose and informs her of Fagin’s designs, but a
member of Fagin’s gang overhears the conversation. When word of Nancy’s disclosure reaches Sikes,
he brutally murders Nancy and flees London. Pursued by his guilty conscience and an angry mob, he
inadvertently hangs himself while trying to escape.
Mr. Brownlow, with whom the Maylies have reunited Oliver, confronts Monks and wrings the truth
about Oliver’s parentage from him. It is revealed that Monks is Oliver’s half brother. Their father, Mr.
Leeford, was unhappily married to a wealthy woman and had an affair with Oliver’s mother, Agnes
Fleming. Monks has been pursuing Oliver all along in the hopes of ensuring that his half-brother is
deprived of his share of the family inheritance. Mr. Brownlow forces Monks to sign over Oliver’s
share to Oliver. Moreover, it is discovered that Rose is Agnes’s younger sister, hence Oliver’s aunt.
Fagin is hung for his crimes. Finally, Mr. Brownlow adopts Oliver, and they and the Maylies retire to a
blissful existence in the countryside.
Katurug Katutuh………
Najan bobogohan geus tilu belas taunna ge, kawin mah kakara sataun jalan. Sabab loba halanganana.
Utamana mah, bapa teu doaeun, lantaran pisalakieun teh beda agama. Teu sapaham jeung kulawarga
kuring. Dikawinkeun teh, pedah salaki daek asup agama nu diagem ku kuring. Duka teuing bener
henteuna mah. Ngan kuring sah ditikah ku manehna, nepi kakandungan lima bulan jalan.
Dasar nasib goreng pisan, keur sono bogoh, salaki maot ngadadak, ngagantung maneh di imah
kontrakanana. Matak sedih jeung nalangsa. Sabab, budak dina kandungan, moal nyahoeun di rupa bapa.
***
Teu nyangka saeutik-eutik acan puguh ge. Salaki nu teu kungsi gering galingging panas tiris heula teh, bet
maot ngadadak di imah kontrakanana. Asa dibentar gelap tengah poe ereng-erengan. Matak ngajenghok,
matak teu percaya ge. Samemehna teh teu meunang pirasat naon-naon. Malah kamari sore teh, salaki
nepungan kuring ka imah. Henteu sare di imah, lantaran aya perlu ka lanceukna heula. Kuring ge teu boga
sangkaan gerong, yen patepung jeung manehna teh, mangrupa patepung nu patungtungan. Lantaran
manehna moal papanggih deui jeung kuring.

Nurutkeun beja ti tatangga mah, maotna ge, matak ear sajagat, ngageunjleungkeun tatangga nu
dareukeut. Sabab maotna teh, ngagantung maneh. Duka teuing bener henteuna mah. Naha bener-bener
ngagantung maneh, atawa aya nu mateni? Sabab kuring teu nyaksian, nyahona sanggeus aya kana tilu
poena. Kuring meunang beja ti tatangga nu deukeut. Malah tatanggana mah, teu nyahoeun, yen kuring teh
pamajikanana. Sabab, ceuk tatangga deukeutna mah, salaki teh masih bujangan, lelengohan keneh. Beu,
matak sedih puguh. Salaki teh, geuningan teu bebeja geus kawin. Hayang bujangan saumur-umur. Duka
teuing ku naon.

Lantaran maotna teh araraneh, matak nyurigakeun. Nepi ka kiwari masih keneh ditalungtik ku pihak
berwajib. Lamun enya maot ngagantung maneh, piraku deuih ngagantungna teh, teu pati luhur. Estu
handap pisan. Jeung nu matak helok teh, ceuk tatangga nu nyaraksian mah, dina awakna aya raca tapak
neunggeulan. Boa, samemeh maot, salaki teh dirogahala heula atawa galungan heula jeung nu
maehanana. Tapi saha jalmana nu maehan salaki teh. Da, sidik, ceuk tatangga sejenna mah, basa salaki
ngagantung maneh, pantona dikonci di jero. Bingung puguh. Tapi ketang, pikeun pulisi mah teu putus
harepan kitu. Boa, loba carana pikeun nalungtik rajapati ieu teh.

Nu matak sedih iwal ti kuring sorangan. Kakara kawin, can sataun-taun acan. Salaki kalah ka maot
ngadadak, teu kabejakeun gering heula. Meureun budak nu dikandung teh, moal nyaho kana rupa bapa.
Padahal bapa hidep teh, kasep. Jangkung gede. Wah, matak loba wanoja nu kairut weh. Malah kuring ge,
bobogohan teh, aya kana dua belas taunna. Karek nincak ka tilu belas jalan, kakara kolot satujueun.

Lain kuring henteu hayang buru-buru kawin. Tapi kolot teu panujueun. Ari nu jadi sababna mah, lantaran
manehna jeung kuring beda agama. Ieu pisan, nu ngalantarankeun kuring jeung manehna teu bisa buru-
buru ngahiji. Malah bapa kuring ge geus sumpah, moal rek ngawinkeun kuring, lamun pisalakieun henteu
daek pindah agama, ku bapa teh moal rek dikawinkeun. Beu, cilaka we.

Aya kana dua belas taun bobogohan tea. Matak era, matak wirang, lamun henteu ngahiji, henteu tuluy
kawin, ngawangun rumah tangga mah. Era ku tatangga, era ku sobat-sobat. Hanas teu kawin ka batur, ka
manehna ngan saukur bobogohan wungkul. Boa batur mah, boga sangkaan goreng ka kuring teh. Dua
belas taun bobogohan kitu, geus lideug pisan, lamun imah mah. Geus kari hampasna. Geus lain parawan
deui, cenah.

Manusa tea, keuna ku owah gingsir. Komo salaki teh pinter ngarayuna. Pinter pisan, ngolo-ngolona, nepi
ka kuring ge bobor karahayuan. Serah bongkokan ka manehna. Kuring daek dikukumaha, daek
digulanggaper ku manehna, lantaran jangji isuk atawa pageto ge rek ngawin kuring, pokna teh.

Rumasa kuring ge bogoh pisan. Bogoh kabina-bina. Kawas euweuh deui kabogoh nu bisa nandingan
manehna. Sabab, manehna teh kasep, gagah. Loba kaom wanoja nu bogoheun. Malah, basa keur
bobogohan jeung kuring ge, loba kaom wanoja nu kapelet, kapentang asmara ku manehna. Lamun kuring
teu bisa buru-buru kawin jeung manehna, bisa cilaka tilu belas. Bisa manehna diiwat ku awewe sejen. Ti
batan, ku batur, leuwih hade dipiheulaan ku kuring.

Pindah Atawa Kapaksa?

Rumasa kuring teh ipis iman, daek dibobodo ku manehna. Rumasa deuih, kuring bogoh pisan, teu bisa
dihalang-halang deui. Kuring teh teu daek dijodokeun ku kolot. Sabab hate tetep manteng ka manehna.
Hate ngarasa bungah teh, manehna jangji rek pindah agama, rek ngangem agama Islam. Ngarah bisa
buru-buru ngahiji jeung kuring, ngawangun rumah tangga nu Sakinah.

Lantaran manehna jangji rek pindah agama tea, kuring ge daek dipihukum ku manehna. Kolot nu tadina
teu satujueun, ahirna mah jadi leah, satujueun. Sabab, manehna geus pindah agama. Kuring ge ngarasa
atoh kabina-bina, sabab, manehna moal lila deui bakal jadi salaki kuring. Salaki nu dipicangcam beurang
kalawan peuting.

Kawin jeung manehna, teu direnceng-renceng. Estu basajan pisan. Nu penting mah, asal salamet.
Tatangga, dulur jeung sobat-sobat deukeut wungkul nu diarondang mah. Ngan henteu kabeh. Ti pihak
salaki mah, teu aya pisan nu datang. Lantaran indung bapana di Jawa Tengah. Teu kaburu dibejaan,
pokna teh. Ngan sobat-sobat batur sapagaweanana aya nu datang teh. Teu diarondang kabeh.

Ngan nu ngarasa heran teh. Masing kuring geus kawin ge, manehna tara unggal peuting sare di imah.
Remen balik ka tempat kontrakanana. Duka teuing ku naon, kuring ge teu ngarti. Basa kuring hayang
mondok di tempat kontrakanana teh, kalah dicaram ku salaki. Padahal kuring teh, pamajikanana, lain
deungeun-deungeun atawa kabogohna. Wajar bae lamun mondok saimah bareng teh. Sabab kuring jeung
manehna teh geus sah jadi salaki jeung pamajikan, lain deungeun-deungeun. Ngan salaki kawas nu teu
panujueun. Kuring he ahirna teu bisa maksa, bisi tuluy jadi papaseaan.

Kuring ayeuna mah kakara sadar, boa manehna pindah agama teh kapaksa, lantaran hayang ngawin
kuring wungkul. Pedah manehna jeung kuring teh geus aya kana tilu belas taunna bobogohan. Lamun
henteu tulus dikawin, ngarasa karunyaeun ka kuring, bisa jadi wirang. Bisi jadi goreng. Geus kawin mah,
boa manehna teh balik deui ngagem agama manehna.

Loba Kabogohna

Teu nyaho bener atawa henteuna mah, sabab kuring sorangan can kungsi manggihan salaki
reureujeungan jeung awewe sejen. Nyaho teh, ngan saukur ceuk beja wungkul. Beja ti babaturana jeung
tatanggana. Ceuk batur mah, salaki teh remen reureujeungan jeung awewe sejen. Remen salingkuh jeung
awewe nu geus rumah tangga. Di tempat kontrakanana mah, ngakuna teh masih bujangan.Masih
lelengohan keneh. Padahal, nu sabenerna manehna teh resmi geus kawin jeung kuring. Tapi duka teuing
ku naon, manehna mah kalah ka tetep mungkir.

Naha gengsi kitu manehna kawin jeung kuring teh? Atawa manehna mah hayang tetep mertahankeun
status jajaka kasep nu can kawin, ngarah loba wanoja nu kabandang ku manehna. Sabab, lamun
manehna geus kawin mah, moal bisa bebas jeung laluasa bobogohan deui ka awewe batur. Bakal jadi
pamaeh. Duka tah, lamun hayang kitu mah. Kuring can kungsi ngobrol panjang lebar jeung manehna,
lantaran manehna kaburu maot manten.

Malah nurutkeun tatangga nu dareukeut mah, unggal poe Minggu, manehna teh remen ka Gereja, lain ka
Masjid. Padahal basa kawin ka kuring teh, manehna geus pindah agama. Geus ngagem agama Islam.
Tapi kunaon bet tetep bae indit ka Gereja? Kuring ge teu ngarti. Bener ari kitu mah. Manehna pindah
agama teh, lain kereteg hate sorangan, tapi kapaksa hayang ngawin kuring wungkul. Kawin ka kuring ge,
meureunan kapaksa. Sabab, di tempat kontrakanana mah, manehna teh tetep ngaku masih bujangan
keneh.

Malah ceuk tatangga nu dareukeut sejen mah, salaki teh loba kabogohna. Loba kaom wanoja nu ngahaja
daratang ka imahna. Hayang indehoy, ngobrol lila bari nyalse di imahna. Ngobrol paduduaan nu lain
muhrimna tea, masing teu ngalakukeun pagawean nirca oge, tetep bae bakal goreng kasebutna.

Nu ngahaja daratang ka imahna teh, lain bae kaom wanoja nu lelengohan wungkul, tapi aya oge kaom
wanoja nu geus rumah tangga. Salaki teh loba kabejakeun sok resep ngaheroan pamajikan batur.
Ngaheroan pamajikan tatangga nu dareukeut, cenah. Duka teuing bener henteuna mah. Kuring masih
keneh can percaya. Lolobana kabogohna teh kaom wanoja nu geus aya umuran.

Beu, beu, boa salaki teh boga kasakit aneh. Resep ka wanoja nu geus umuran jeung boga salaki. Padahal
manehna teh, geus boga pamajikan. Naha teu wareug kitu boga pamajikan hiji teh? Hayang boga
sabaraha hiji kitu? Matak keuheul jeung sedih. Tapi teu bisa kabudalkeun. Sabab salaki geus maot.

Nurutkeun beja mah, samemeh salaki maot ngagantung maneh teh, kungsi parea-rea omong jeung
tatangga heula. Pedah, salaki kanyahoan salingkuh jeung pamajikan tatanggana, kapergo ku salakina.
Tuluy rame parea-rea omong, pasea. Nu ahirna salaki ngagantung maneh di imah kontrakanana. Bener
henteuna mah, duka teh teuing? Sabab kuring mah teu nyaho mimitina. Nyaho-nyaho, salaki ngagantung
maneh we.

Meureun mana kieu ge, geus nasib kuring. Lamun enya, salaki maot ngagantung maneh, muga-muga bae
sing dihampura dosa-dosana. Lamun, salaki bener aya nu maehan, sing kapanggih nu maehanna. Sing
bisa dijagragkeun ka pangadilan, saluyu jeung amal perbuatanna. Keun, kuring mah rek ngadoakeun ti
kaanggangan bae. Moal rek pipiluaeun deui.
Meuni Tega
Cerpen Karangan: Sirodin Ali
Kategori: Cerpen Bahasa Sunda
Lolos moderasi pada: 24 March 2019

Dina korsi taman, abi diuk sorangan. Kusabab baratur mah geus
baralik da ieu teh geus hampir tengah peuting. Diuk culang-cileung
bari jeung ngarasa sieun jeung gelisah.

Geus 2 jam abi didieu, nungguan maneh anu ceunah rek manggihan
abi di taman ieu, di taman anu pertama kali urang papanggih teupika
ayeuna maneh jadi kabogoh abi. Taman anu penuh cerita, penuh
warna jeung penuh rasa kabahagiaan lamun urang diuk babarengan
di taman ieu. Tapi peuting ieu, kabeh anu sok dirasa didieu, berubah
jadi rasa sieun jeung bosen, kamana atuh maneh teh? Geus jam
sabaraha ieu pan ceunah janji ketemuan didieu jam 9? Titatadi
ditungguan teu datang wae, ditelpon nomerna teu aktif, rek
ditinggalkeun balik da bisi maneh datang. Tapi ah, abi putus asa! abi
rek balik!

Di jalan, abi leumpang sorangan, jalan geus sareupi paling aya hiji
dua motor nu lalewat. Suku karasa cangkeul jeung bari awak tiris da
peuting ieu hujan girimis. Tapi rasa cangkeul jeung tiris eta can aya
nanaona mun dibandingkeun jeung kecewana hate abi kulantaran
maneh peuting ieu teu datang.
Tapi ah keun waelah, meureun maneh teh kasarean atau aya urusan
lain..

Abi terus leumpang rada gancang da hayang buru teupi ka imah. Tapi
langkah abi dilambatkeun deui, sabab panon serab kasorot lampu
motor anu datang tihareup. Pas motor eta ngadeukeutan lewat di
gigireun abi, abi reuwas, reuwas sa reuwas-reuwasna. Ternyata anu
dibonceng ku lalaki nu mawa motor eta teh maneh, ngadaplok bari
muntang kana cangkengna. Hate nu titadi geus karasa hancur
tambah hancur, hancur ningali kumata sorangan awewe nu salama
ieu di percaya, awewe nu titatadi ditungguan tapi teu datang,
salingkuh jeung lalaki lain, paingan attuhh!

Teu karasa, cai panon ngalucur kana pipi kulantaran hate ieu teu
tahan deui nanahan kanyeuri. Teu nyangka, maneh anu dipika cinta,
meuni tega!

You might also like