You are on page 1of 4

Ulangan Bahasa Sunda kelas 5

I. Pilih A, B, C, atawa D pikeun jawaban pangbenerna !


1. Isuk keneh langit geus mendung, pasti sakeudeung deui hujan.
Kaayaan siga kitu teh hampir unggal poe. Sabab geus asup usum :
A. Halodo
B. Ngijih
C. Katiga
D. Paceklik

2. Lamun keur usum __________ moal ningali potani di sawah, sabab


lahan garapanna garing teu aya caian.
A. Halodo
B. Ngijih
C. Katiga
D. Paceklik

3. Ulah miceun runtah ka solokan atawa walungan, sabab lamun hujan


gede datang, cai di solokan atawa walungan ngalirna moal lancar,
kahalangan ku runtah bakal ngabalukarkeun _______
A. Garing
B. Baseuh
C. Caah
D. Tsunami

4. Biasana mah lamun geus hujan gede, langit sok bengras, malahan
mah sok kaluar _________________ warnana teh rupa-rupa meni endah.
A. Samagaha
B. Ceudeum
C. Urug
D. Katumbiri

5. Dua bulan kamari Gunung Semeru nu aya di propinsi Jawa Timur


bitu. Masyarakat di sabudeureunanan mimiti karasa, sabab aya
_________ bumi karasa goyang, barang-barang loba nu peupeus jeung
ngahancurkeun bangunan.
A. Lini
B. Angin puyuh
C. Hujan angin
D. Banjir bandang

6. Geus mangbulan-bulan teu hujan, tatangkalan garing, sawah jeung


kebon garing, kitu deui hese cai, sabab _____________
A. Usum halodo
B. Usum katiga
C. Usum ngijih
D. Usum buah

7. Urang teh kudu jadi budak nu berseka, sangkan Jauh ti kasakit.


Di handap ieu mangrupa kagiatan berseka, iwal :
A. Apik kana kadaharan
B. Apik kana pakean
C. Apik kana ngatur waktu
D. Apik kana diajar

8. Di handap ieu mangrupa kalimah nu ngandung maksud “Urang kudu


apik kana kadaharan.” iwal :
A. Kudu bisa milih mana dahareun nu matak sehat jeung mana nu
matak kasakit.
B. Ulah dahar sambarangan
C. Ulah sarakah, mentang-mentang beuli, terus bae dahar
D. Kudu resep kana dahareun nu ngeunah-ngeunah sarta gurih.

9. Poe ieu teh langit cerah warnana orange aya konengna. Langit saperti
kitu teh disebutna layung koneng, nandakeun waktu :
A. Isuk-isuk’
B. Beurang-beurang
C. Sore rek magrib
D. Peuting

10. Kalimah nu bener waktu ngucapkeun salam luyu jeung waktu, nyaeta:
A. “Bu, wilujeng enjang-enjing nya !”
B. “Wilujeng enjing, Bu !”
C. “Wilujeng waktuna nya Bu !”
D. “Wilujeng kaenjinakeun, Bu !”

11. Aya bapa-bapa, unggal subuh geus ka luar imah bari mawa pacul
sarta bedog nu disorenkeun dina cangkeng. Leumpang rada jauh. Nepi
ka tempat, eta bapa-bapa langsung maculan taneuh, meresan
galengan sarta nyieun orang-orangan sawah. Pakasaban eta bapa-
bapa nyaeta :
A. Pamayang
B. Patani
C. Buruh
D. Padagang

12. Aya hiji bapa-bapa nu make saragam sarta topi. Sacara teratur
anjeunna giliran jeung batur pikeun ngajaga Imah, kantor, atawa
sakola. Lamun di sakola Yahya mah, bapa-bapana teh sok mantuan
siswa nyebrang, mantuan kaluar ti mobil. Pakasabanana nyaeta :
A. Polisi
B. Guru
C. Satpam
D. Programer

13. Lamun hayang pinter, urang kudu jadi mahasiswa, kuliah sangkan
jadi sarjana. Anu ngajar para mahasiswana teh kudu leuwih pinter
deui. Biasana mah sakolana teh nepikeun ka S2 atawa S3. Jalma nu
pakasabanana ngajar mahasiswa disebutna ____________
A. Guru
B. Apoteker
C. Dokter
D. Dosen

14. Jalma ieu teh gawena di dapur, nyieun rupa-rupa dahareun luyu
jeung pesenan pelanggan restoran. Baju nu dipake biasana warna
bodas sarta manehna ahli dina ngaracik bumbu jeung ngahias
masakanana. Pakasabanana nyaeta :
A. Nahkoda
B. Pilot
C. Chef
D. Polisi

15. Bapa Tatang teh gawena di langit mawa penumpang ti hiji kota ka
kota lianna, ti hiji pulo ka pulo lianna, malahan mah bisa ti hiji
nagara-ka nagara lianna. Anjeunna kudu mahir ngagunakeun bahasa
Inggris, sabab pikeun komunikasi jeung pusat pengendali atawa batur
sapagawean. Pakasaban Bapa Tatang nyaeta :
A. Tentara
B. Polisi
C. Pilot
D. Hansip

II. Jieun deskripsina pikeun pakasaban di handap ieu ! (saperti conto soal
nomor 11-15 )
1. Polisi
2. Guru
3. Ibu rumah tangga

I. Lembar Jawab Pilihan Ganda


1 2 3 4 5 6 7 8 9 10 11 12 13 14 15
b a c d a b a a d b b c d c c

II. Uraian
1.polisi teh tugasna ngajaga keamanan tempatna teh di kantor polisi lamun
aya masalah atau keributan di kota polisi teh bertugas menyelesaikan
masalah misal perampokan atau keresahan warga
2.guru teh pakasabannya ngajarkeun siswa supaya pintar dan mendapat
ilmu lamun siswa belum mengerti tugasna guru ngajarkeun siswa sampe
ngerti supaya bisa jadi orang yang berkualitas
3.ibu rumah tangga teh tidak kerja tapi ngajaga rumah tangga kerjana
cuman masak makanan buat kaluarga nganter jemput anak di sakolah

You might also like