You are on page 1of 8

KEMAHIRAN BAHASA SUNDA

Disusun untuk mengganti UTS

Dosen pengampu : Mamat Ruhimat, M.Hum


Rahmat Sopian, M.Hum

Disusun Oleh:
Haffidz Shiddiq Ramadhan 180210220045
Muhammad riezky suryanto 180210220043
Taufik Rahmadiansyah 180210220044

PROGRAM STUDI SASTRA SUNDA


FAKULTAS ILMU BUDAYA
UNIVERSITAS PADJAJARAN
JATINANGOR
2022
Panji Wulung Mentas Réndéngan

ASMARANDANA

Kasmaran anu ningali,


lampahna pangantén anyar,
pada marulih ti jero,
ka bumi karang kaputran,
diiring para ménak,
dipungkureun brul ngagimbung,
angkat nyorang kebon kembang.

Kembang gambir, jeung malati,


sedep malem, ros, érmawar,
kacapiring, kembang gulo,
pelengkung kembang tongkéngna,
hadé aturanana,
binangkitna anu ngatur,
niru karang kadéwatan.

Kebon dibalay dikikis,


pepetétan warna-warna,
balingbing jeung jeruk paséh,
jeruk bali jeung rambutan,
paselang jeung pulasan,
sisi kebon jeruk butun,
kalapa puyuh baturna.

Pala cengkéh jeruk mipis,


matak resep matak waas,
ti dinya Radén Pangantén,
ngider-ngider jeung garwana,
wantuning caang bulan,
pakaléng ayang-ayang gung,
ngider-ngider pakebonan.

Teu acan asup ka bumi,


niiskeun heula salira,
matak lucu anu nénjo,
mulan bari sasauran,
nyarioskeun ka garwa,
lampah tadi perang pupuh,
putri suka kahaturan.
(Wawacan Panji Wulung).

I. Kecap-kecap anu dicitakna dicondongkeun kudu diterangkeun naon hartina.


Waleran:
1) Kasmaran: kabungbulengan, ngarasa bogoh, gandrung.
2) Pangantén: sarimbit jelema anu anyar kawin.
3) Pada: misah-misah tapi sarua.
4) Ti jero: ti jero rohangan, kaluar ti hiji rohangan.
5) Karang kaputran: karang = buruan, kaputran: tempat putra raja, bupati.
6) Ménak: jelema anu luhur pangkatna.
7) Brul ngagimbung: brul = kecap anteuran, ngagimbung = jelema nangtung
padareukeut.
8) Nyorang: ngalakonan, ngajugjug.
9) Kebon kembang: lahan anu dipepelakan ku kembang.
10) Gambir: Basa Latin= Jasminum Pubescens.
11) Sedep malem: Basa Latin = Polianthes Tuberosa.
12) Ros: Basa Latin = Rosa.
13) Érmawar: cai kembang ros pérsia.
14) Kacapiring: Basa Latin = Gardenia Augusta.
15) Kembang gulo: kembang gula.
16) Pelengkung: sisi buleudan, bentuk tina katumbiri.
17) Kembang tongkéng: Basa Latin =Telosma Cordata.
18) Binangkit: bangkit.
19) Niru: nurutan.
20) Karang kadewatan: buruan di kahyangan, sawarga.
21) Dibalay: dialus-alus, dibéré batu anu dijajarkeun.
Pepetétan: ipukan anu geus jaradi.
22) Kalapa puyuh: Basa Latin = Cocos Nucifera L.
23) Jeruk mipis: Basa Latin = Citrus Aurantifolia.
24) Waas: rasa haté anu timbul nalika ngémut mangsa ka tukang, atanapi ningali
pamandangan anu éndah.
25) Wantuning: wantu, bubuhan.
26) Pakaléng: leungeun dina leungeun.
27) Ayang-ayang gung: lagu sisindiran pikeun Ki Mas Tanu.
28) Niiskeun: ngadaweung di tepas.
29) Lucu: matak resep nénjona.
30) Mulan: bulan.
31) Nyarioskeun: nyaritakeun, ngadongéngkeun.
32) Perang pupuh: perang campuh anu sarua tandingna.
33) Putri: putra istri para raja.
34) Kahaturan: gumujeng.

II. Ku manéh kudu ditungtut sapada-sapada caritakeun deui naon maksudna, tapi cokot heula
anu jadi luluguna carita, anu aya dina pada éta, éta heulakeun.
Waleran:
Matak pikaresepeun keur anu naringali
Lampahna panganten anyar bijil ti jero rohangan
Indit ka pakarangan kaputran
Dituturkeun ku para ménak
Ditukangeunna ngagimbung jelema séjénna
Indit ka kebon kembang



Kembang tongkéng anu dipelengkungkeun dijieun hiasan

binangkitna anu ngatur acara
dialus-alus sangkan jiga di sawarga

Kebon dibéré gangséng sangkan ulah jeblog










leuleumpangan jeung garwana
kawantu ku caang bulan
pakaléng-kaléng sukan-sukan
ngurilingan pakebonan

Sateuacan asup ka bumi


ngareureuhkeun heula salira di tepas

sasauran bari imut

lalampahan tadi basa paduduan macangkrama

III.

a. Éta dangding anu bieu ku manéh kudu dikarang dijieun carita lancaran.
Waleran: Di pakarangan karang kaputran katinggal pangantén anu nembe kaluar ti
lebet hiji rohangan. Aranjeunna angkat ka kebon kembang diiring ku para ménak ogé
jalmi anu sanésna anu ngagimbung. Kebon kembang téh dieusi ku rupa-rupa
kekembangan, aya kembang gambir, kembang malati, sedep malem, ros, ermawar,
dijieun gapura. Estuning dipapaés malar pantes ku anu ngaturna. Salian ti
kekembangan, di kebon éta ogé aya tangkal bubuahan anu mangkat ligar kalayan
balingbing, jeruk paséh, jeruk bali, rambutan,pulasan, jeruk butun, sareng kalapa
puyuh. Teu hésé pikeun ngurilingan éta kebon kumargi éta kebon téh atos dibalay
dipasangan gangséng kanggo jajalaneun. Radén Pangantén ngajak garwana
leuleumpangan, aranjeunna silih pakaléng-kaléng panangan bari sukan-sukan.
Aranjeunna ngurilingan patamanan. Sateuacan lebel ka bumina, samulih ti kebon
kembang aranjeunna ngareureuhkeun kacapé di tepas bumina. Aranjeunna
nyaritakeun pangalaman tadi di kebon kembang, ana dina nyaritana téh sok bari
dibarengan ku imut anu matak tibelat.
b. Dina éta dangding nyaritakeun kawaas jeung kakelar waktu pangantén ngalangkung
patamanan, ayeuna manéh kudu nyaritakeun kawaas jeung kakelar manéh pribadi di
hiji tempat di mana baé anu geus kapanggih ku sorangan. Tataan naon hiji-hijina anu
narik kana ati manéh.
Waleran: Sim abdi kantos amengan ka Borobudur, nyaéta salah sawios candi agama
Budha anu pang ageungna.
c. Tangtu manéh geus nénjo taman atawa kebon kalangenan anu ayeuna, cing ku manéh
caritakeun kumaha aturanana jeung naon tatangkalanana, kumaha kaayaanana, di
mana ayana?
Waleran:
d. Kumaha timbangan manéh, nyaritakeunana abrulan pangantén téh cukup, alus?
Kumaha katranganana? Kumaha ari dina nyaritakeunana taman, alus? Naon sababna?
Waleran:

IV.
a. Kumaha benerna?
1. Geura ku gamparan pénta ka Pangaulaan.
Waleran: Geura ku gamparan pundut ka Pangaulaan.
2. Kedah ditanyakeun ku gamparan ka nu tungguna.
Waleran: Kedah ditaroskeun ku gamparan ka nu tungguna.
3. Abdi katalatahan ku pun Nata, badé nanyakeun cios henteuna gamparan badé
bubujeng téa.
Waleran: Abdi kawiatan ku pun Nata, badé naroskeun cios henteuna gamparan
badé bubujeng téa.
4. Abdi kapihapéan ku pun Juruserat mikeun ieu ka gamparan.
Waleran: Abdi kaamanahan ku pun Juruserat masihkeun ieu ka gamparan.
5. Gamparan dicalukan ku rai ka bumina ayeuna, omongna aya anu badé dibikeun
sareng aya anu badé ditanyakeun.
Waleran: Gamparan digentraan ku rai ka bumina ayeuna, saurna aya anu badé
dipasihkeun sareng aya anu badé ditaroskeun.
6. Pangaulan ogé nyahoeun da harita téh nungkulan, ngan teu nyaho lamun pohoeun
deui.
Waleran: Pangaulaan ogé uningaeun da harita téh ngalungguhan, ngan teu
nyaho lamun hilapeun deui.
7. Lembur Pangaulaan geus dijual deui.
Waleran: Lembur Pangaulaan geus diical deui.

b. Eusian naon barangna:


1. Pagawéan bongkor. 6.papakéan randokét.
2.Pepelakan rontog. 7.Omongan réro.
3.Dapuran awi roncong. 8.Hama kulapengan.
4.Calana ngatung. 9.matak susah runcu.
5.cau kolak. 10.Jelema cuweut.
11.Irung meded. 16.Tanah aré.
12. rérom. 17.Patempatan samun.
13. rumang. 18.Masalah rumbit.
14.perhiasan reunceum. 19.Pagawéan barabé.
15.Cai kalapa hanta. 20.Hayam mélédré.

b. Naon hartina:
1. Sukuna digaro maling.
Waleran: digaro tepi ka bohak ku sorangan basa keur saré.
2. Karepna mah meureun rék miceun salasah.
Waleran: ngaleungitkeun bukti.
3. Duka ku saha da geus disurapungan.
Waleran: geus dicirian.
4. Éta mah budak téh sok ménta buntut.
Waleran: menta barang anu geus béak.
5. Kuriak baé tibalik buta kasuri.
Waleran: euweuh kacapé, nyaruakeun jeung buta kajajadén, kasuri = kajajadén,
suri = siga. ???
6. Atuh kuring mah buta muna.
Waleran: Teu nyaho nanaon.
7. Pék baé ulah taha-taha deui.
Waleran: ulah asa-asa?
8. Éstuning dibalik lemah pisan.
Waleran:
9. Tacan pisan ngarasa unggah balé watangan.
Waleran: tacan pernah dihukum.
10. Édas bet asa lali-ganca naker.
Waleran: Teu daék sauyunan.
11. Mana kitu ogé meureun keur mulangkeun panyiraman.
Waleran: paménta tinu téreh maot.
12. Atuh ari kitu mah gulangkep.
Walerana: kawin ka dulur deukeut.
13. Ceuk kolot mah sila di jero kombong.
Waleran: lain parantina atawa lain tempatna, kombong = tempat jukut
parabkeuneun ka sato. ???
14. Kuriak baé disebut ngeupeul ngahuapan manéh.
Waleran: nyieun aturan atawa rancana anu nguntungkeun sorangan.

c. Nyieun omongan anu nétélakeun yén manéh ngarti bener kana makéna kecap-kecap
nu di handap ieu:
1. Nyarandu, 2. Panondaan, 3. Ngahelet, 4. Diileng, 5. Nampeu, 6. Santek, 7.
Pancabagah, 8. Ditarawas, 9. Séwaka, 10. Nolas, 11. Ngawarutah, 12. Kikindeuwan,
13. Sukingki, 14. Ngarogahala, 15. Pasalingsingan.
Waleran:
Nyarandu = Barudak téh mani geus nyarandu kana maén gim onlén.
Panondaan = Lauk téh disimpen dina panondaan.
Ngahelet = Patani ngahelet kebon sangkan taneuhna teu téréh mopo.
Diileng = Saméméh dibeuli, barang téh diileng heula.
Nampeu = Imahna téh nampeu pisan ka jalan.
Santek = Kana waktu lohor téh geus santek teuing.
Pancabagah = Rumahtanggana téh pancabagah.
Ditarawas = Dapuran awi sisi leuweung téh ditarawas keur pijalaneun
Séwaka = Pa Lurah seja séwaka ka Pa Camat.
Nolas = Si Kéméd mah geus lila tara nganjang ka dieu, bangun nu nolas.
Ngawarutah = Udin ngawarutah nyieun cilok.
Kikindeuwan = Asép ngumpulkeun kikindeuwan jaga keur kawin.
Sukingki = Kasim dina gawéna téh bangun anu sukingki.
Ngarogahala = Si Kasman dipenjara alatan geus ngarogahala jelema.
Pasalingsingan = Si Usep teu jadi papanggihna jeung si Mursam kusabab
pasalingsingan di jalanna.

d. Omongan dina padalisan mana dina éta dangding téh, anu narik kana matak kelar,
kana karesmian, kana kasugemaan? Cing ku manéh tataan jeung terangkeun naon
sabab-sababna.
Waleran:
REFERENSI
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Panitia Penerbitan Kamus Basa Sunda.
Satjadibrata, R. (1954). Kamus Basa Sunda. Balai Pustaka.

You might also like