You are on page 1of 4

Si Cepot Hayang Kawin

Hayangeun kawin si Cepot teh.Ari gara-gara na sababaraha kali ngimpi,papanggih jeung putri
geulis.Ngakuna ngaranna Dewi Laelasari,asal Negri Tenjomaya.Tapi,ku Semar boro-boro di
pupujuhkeun,dihaminan ge henteu.Balukarna,si Cepot kagegeringan.Langlang-lingling persis jelema
kurang saeundan.

Dawala: ”Kudu dikumahakeun atuh si Aka teh Ema?” Si dawala ngadu ka Indungna,Nyi Dewi Sutiragen.

Dewi Sutiragen: ”Da ku bapa mah geuning angger diantep".

Dewi Sutiragen: "Ah nyaeta atuh Bapa maneh mah.Ngan ka Ema nu tara ngantep teh.Ema onaman
dulang tinande.Aeh,naha los-los ka dinya.Enya,bapa maneh mah,ka anak teh jiga nu teu nyaah,"tembal
Sutiragen.

Dawala: "Cik sugan ku Ema.Nurut geura ku Ema mah.Komo mun rada di ancam mah.Geura Ema api-api
deuk kabur," Si Dawala ngangsonan.

Dewi Sutiragen: "Enya,keun.Di mana bapa maneh ayeuna?"

Dawala: "Itu di kebon."

Gejlig,Sutiragen turun ti Imah na.Kicir muru ka kebon.Kasampak salakina siga NU keur ngalamun.Diuk
nyarande kana tangkal nangka.Panonna melong ka luhur.Leungeunna numpang dina beuteung-
burayutna.Neungeutna nu kawas bal balinter dipapaes iring badag jeung sungut cewaw katempona ku
Sutiragen mah Semar teh kawas Dewa Kamajaya.Kasep beh ditueun kasep.Anu Matak maneh na teu
weleh kagegeloan.

Tapi dasar Semar lain sawayang-wayangna. Dinaha-naha ku pamajikan teh, kalah der malik ambek.
Sutiragen sirikna dicarekan laklak dasar. Tapi nu dicarekanana mah kalah ka bungah. Hartina
omonganana di denge. Kahayang si Cepot pasti digugu. Enya weh, tamat nyarekan, Semar
nyampeurkeun si Cepot.

Semar: "Turun siah!"lamun teu turun tangkal kalapana ku aing di bekok!"Semar ngati-ngati.

Cepot: "Heug uing turun.Tapi,kawinkeun ka Dewi Laelasari!"

Semar: "Turun, Moal”!

Cepot: "Moal!"

Kitu jeung kitu bae, taya nu daek ngelehan. Tungtungna tangkal kalapa ku Semar dibekok.

Bruttt .... tarik pisan. Bekok semar tea sohor kabina-bina. Kanjat ka eundeur jagat oge. Si Cepot
tipepereket kana barangbang kalapa, tapi weleh, ku tarik-tarikna bekok Semar, si Cepot kabur kabawa
angin. Baring supagi bakal ragrag di nagara Tenjomaya.
Dawala: "Ari bapa....,"Si Dawala jeung si Gareng,luwa-luwe nenjo lanceukna kabawa angin.Kacipta
barang gubrag ragrag,awakna moal teu ancur.

Semar: "Maraneh ge saruana,tuturkeun lanceuk sia!"Duanana dibekok deui ku Semar.Biur ngapung


kabawa angin.Sarua baring supagi bakal ragrag di Nagara Tanjomaya.

Rengse ngabekok anak-anakna nu ngalantarkeun tiluanana haliber, Semar nyalukan Nyi Sutiragen.
Abong awewe sajati age-age nyampeurkeun bari mekel budi pikayungyuneun. Nepi ka awak Semar
tingsariak sabulu-bulu, kumaha onam jelema salatri. Pokokna nenjo sikep Sutiragen ka Semar ulah
manusa, dalah sireum pohara sirikeunana.

Semar: "Bapa rek indit nuturkeun barudak.Kade Ema salila ditinggalkeun,ulah salingkuh,"boga keneh ari
rasa timburu mah.

Dewi Sutiragen: "Amit-amit.Ema mah moal ngijig sila bengkok sembah.Iraha bapa bade
angkat?"nyaritana teu weleh lemes.

Semar: "Ke ... sakeudeung deui. Ayeuna mah hayu ah, urang gogoleran heula. Meungpeung euweuh
barudak." mun jelema mah, bari umat imut gumasep.

Caturkeun si Cepot, dituturkeun ku si Dawala jeung Si Gareng, ragrag di Nagara Tenjomaya. Ragragna
dekeut alun-alun. Breh ... ku maranehna katempo, jelema-jelema ngaraliud bari henteu eureun-eureun
salusurakan. Singhoreng keur aya saembara. Nyaeta nyaembarakeun Anak Ki Togog Tejamantri, ngara
Dewi Laelasari. Teu kudu dicaritakeun deui, kumaha geulis-geulisna eta anak Togog. Da eta wae lamun
manehna kokojayan, cai teh ngadadak hinyay anu kapentrang panon poe, awakna langsung nyahclak
kesangan

Para Raja jeung Adipati ti salawe nagara,hiji ge teu aya nu kuat,nadah wewesen Jaka Tambilung.Kabeh
taraluk bubar katawuran.Antukna saemabara kapaksa ditutup.Ngan barang rek pok pisan,Jaka
Tambilung nutup saembara,si Cepot gancang ngagorowok.

Cepot: "Ke heula.kuring rek nyobaan milu saembara!"

Jaka Tambilung: "Maksudna,maneh mikahayang Adi uing?"

Cepot: "Leres!"

Jaka Tambilung: "Boga duit teu?"

Cepot: "Nya eta heunteu"

Jaka Tambilung: "His,teu bisa atuh,saperti nu eunggeus-eunggeus,memeh milu saembara,kudu


masrahkeun heula panglamar,mangrupa duit emas."

Cepot: "Kumaha lamun narohkeun pati?"

Jaka Tambilung: "Teu bisa. Mayar hela ku duit emas! Tambilung keukeuh.
Cepot jeung adi-adina bingung. Tapi, sabot kitu, kawas aya leungeun gaib, neundeun duit emas kana
saku calana Si Dawala.

Eta leungeun teh, sabenerna leungeun Semar. Dawala kaget aya duit emas loba naker. Terus nyarita ka
lanceukna,

Dawala: “Tah, ka, kabeneran uing mawa!” mikeun duit emas ka lanceukna.

Si Cepot gancang masrahkeun duit emas. Giliran Si Jaka Tambilung reuwas. Pok deul ngomong,

Jaka Tambilung: “Sakitu mah kurang keneh.”

Semar neundeun deui duit emas. Kop ku Si Dawala dicokot. Tuluy dibikeun ka lanceukna.

Jaka Tambilung: “Kurang keneh,”

Cepot: “Kumaha Dawala aya keneh ?" Si Cepot nanya ka adina.

Dawala: “Teuing atuh, Ka!”

Semar neundeun deui duit emas. Kitu jeung kitu bae, nepi ka Si Tambilung kapaksa narima Si Cepot, milu
saembara.

Si Cépot begalan pati. Tapi, sakali ditajong gé, Si Cépot téh langsung ngaringkuk. Tiluan baradami. Ahirna
milih rék baralik. Barang rék indit, datang Semar nyarékan ka Si Cépot. Teu boga ka éra, cenah. Ari karep
gedé hayang boga pamajikan, tapi kawani euweuh.

Semar: "Kawas lain anak Semar weh siah!".

Cepot: "Ari bapa. Lain kuring teu boga kawani. Ngan tingali baé ieu tapak najong, sirikna teu matak

tutung!"

Hég ku Semar ditempo. Paingan atuh ! kop Semar nyabut kukuncung salambar. Tuluy dibikeun ka Si
Cépot. Barang dicabut robah jadi sabangsa halu.

Semar: "Gebugkeun ku manéh!" Der deul patutunggalan. Si Cépot ditajong ku tarumpah sakti. Tapi,
ayeuna mah teu nanaon.

Sabab geus diélmuan ku Semar. Giliran Si Cepot males, langsung Si Tambilung ngarumpuyuk. Datang
Tagog, terus dicageurkeun.

Semar: "leu lawaneun silaing mah. Bapa rek nitis kana awak manéh," saharita Togog miraga sukma

kana awak Tambilung. Si Tambilung maju deul. Habek digeug ku Si Cepot. Tapi, teu karasa nanaon.
Sabalikna barang diciduhan, Si Cépot ngarumpuyuk. Nénjo anakna ngagogolér, Semar buru-buru
nyampeurkeun. Tuluy dicageurkeun.
Semar: "Kurang ajar Si Togog." Giliran Semar miraga sukma kana awak Si Cépot.

Nu ngadu jajatén ramé pisan, sarua tanggoh, Ahirna Togog ngaku éléh, sarta masrahkeun anakna ka Si
Cépot. Orokaya Déwi Laélasari, kajeun rék labuh pati, batan daék dikawinkeun Si Cépot. Tétéla, wayang
ogé apal kanu kasép mah nya ? Singhoréng boga kénéh téténjoan!

Ngadéngé manéhna ditampik sapajodogan, Si Cépot langsung ceurik kanyeunyeurian. Malah rék sajung-
jungeun balik. Gancang ku Semar diparancahan. Saharita awak jeung rupana robah. Cépot malih wani
jadi satria nu kacida kasépna. Ngaranna ogé diganti jadi Hyang Sukma Wisesa. Déwi Laélasari ayeuna
mah nu kaedanan. Geus kitu mah, tuluy baé dikawinkeun. Sataun ti harita, Déwi Laélasari ngalahirkeun.
Anakna lalaki, pohara kasépna. Lir beubeulahan terong jeung ... Si Cépot nu asli. Dingaranan Sanghyang
Sangga Langit.

You might also like