You are on page 1of 3

Narator

Dina jaman kapungkur, di tatar pasundan aya hiji karajaan anu di pimpin ku saurang raja
anu wijaksana, namina nyaeta Prabu Tapak Agung. Prabu Tapak Agung ngagaduhan dua
anak awewe anu geulis, namina Purbararang sarta adi na Purbasari.Dina wanci
ngadeukeutan ahir hayatnya, raja Prabu Tapak Agung nunjuk Purbasari, putri bungsu na
pikeun nga gentosan jabatana.

Prabu Tapak Agung :


“Abdi atos sepuh teuing, waktuna abdi turun tahta."

Narator
Lamun, dilain sisi Purbararang, nu mangrupakeun kakana purbasari manehna henteu satuju
adina diangkat ngagantikeun Bapana.

Prubararang :
“Abdi putri anu kedah bapa pilih, kuduna abdi anu ngagantikeuna.” Ceuk Purbararang
naroskeun ka tunangan na, nu namina Indrajaya.

Narator
Ku sabab sirik, purbararang teras ngagaduhan niat jore ka purbasari. Manehna manggihan
saurang nini sihir kanggo nyilakakeun Purbasari. Nini sihir eta nyieun Purbasari kulitna
barobah jadi kaayaan totol-totol hideung. Saentos kitu, Purbararang janten gaduh alesan
kanggo ngusir kakana.

Purbabarang :
“Jalma anu dikutuk sepertos maneh, henteu pantes jadi saurang Ratu !”

Narator
Saterusna, manehna nitah saurang Patih kanggo ngasingkeun Purbasari ka hiji leuweung.
Satepina di leuweung, patih eta ngarasa karunyaeun ka purbasari, sarta anjeuna
mangnyieun keun hiji pondok kanggo Purbasari. Anjeuna oge masihan nasehat ka
Purbasari.

Patih kanggo :
“Sing Tabah Tuan Putri. Cocobi ieu tangtos pasti lekasan, Anu Maha Kawasa sareng Putri”.

Purbasari :
"Hatur nuhun.”

Narator
Salila di leuweung, purbasari ngagaduhan seueur rerencangan nu mangrupakeun sasatoan
anu balalager ka manehna. Diantara sasatoan, aya hiji monyet anu buluan hideung nu
misterius namina nyeta lutung kasarung.
Nanging, monyet eta anu manawi paling perhatian ka Purbasari. Lutung kasarung terus
ngahibur Purbasari, masihan kekembangan anu endah sarta buah-buahan.
Dina wanci onggal wengi, di bulan purnama. Lutung Kasarung mapah ka tempat anu sepi
teras anjeuna ngalakukeun semedi. Manehna menta hiji hal ka Dewata. Ieu ngabuktikeun
yen Lutung Kasarung teh sanes makhluk biasa.
Dina semedi eta, taneuh nu aya di dekeut Lutung kasarung barobah jadi hiji telaga alit, cai
na herang kacidaan. Cai na ngandung ubar anu seungit pisan. Enjing poena, Lutung
Kasarung manggihan Purbasari sarta nitah purbasari ibak di telaga eta.

Prubasari :
“Naon mangpaatna pikeun abdi?”

Narator
Nangging, anjeuna nurutkeun wae. Teu lami sanggeus manehna nyeburkeun awakna.
Kulitna barobah jadi bersih sarta geulis sepertos harita deui. Purbasari rewas pisan
dicampur ku hawa atoh sabot manehna ngaca ditelaga eta, kulitna bisa mulus deui.
Dina wartos lain di karajaan, Purbararang mutuskeun bade ningali kakana nu aya di
leuweung. Manehna mangkat sareng tunangana indrajaya sarta para pangawalna.
Satepina di hutan, purbararang manggihan adinya si purbasari. Purbararang teu percaya
ningali adina tiasa jadi geulis deui kos harita.
Purbararang embungen eleh, teras anjeuna ngajak Purbasari nitah ngadu papanjang-
panjang buuk.

Purbararang :
“Saha anu paling panjang buukna, manehna anu menang!”

Narator
Mimitina Purbasari alimeun, nanging purbararang teras-terasan ngadesek. Nah pas
ditingali, buuk Purbasari malah nu lewih panjang ti purbararang.

Purbararang :
“Kajeun ayena abdi eleh, nanging ayeuna hayu urang paganteng-ganteng tunangan, tah ieu
tunangan abdi”.

Narator
saur Purbararang sabari nyampeurkeun ka Indrajaya. Purbasari mimitina gelisah da lantaran
kabingungan.
Ahirna, purbasari narik panangan Lutung Kasarung. Lutung Kasarung ajol-ajolan kawas
mangmenangkeun Purbasari. Purbararang seuri nyalakatak ngabahak-bahak.

Purbararang
“Jadi monyet eta tunangan maneh?"

Narator
Dina wanci eta oge, Lutung Kasarung teras geura semedi sakedap, sarta lumangsung
barobah jadi lalaki anu ganteng kacidaan, lewih-lewih ganteng ti Indrajaya.
Sadaya nu aya didinya rewasen ningali kajadian eta. Purbararang ahirna ngaku kaelehan
nana, sarta menta maaf pikeun kalepatan salila ieu ka purbasari.
Manehna menta dihampurakeun sagala kasalahan nana ka purbasari, sarta menta supardos
henteu dihukum. Purbasari anu bageur, langsung ngahampurakeun sagala kasalahan
kakana purbararang.
Sanggeus kajadian eta, ahirna maranehna sadaya balik ka karajaan. Purbasari ahirna jadi
saurang ratu, di rendengan ku saurang lalaki idamana. Lalaki eta teu lain anu salila ieu
maturan purbasari salami dileweung, nyaeta lutung kasarung.

Kesimpulan nya

Saparantos terang kana carita Lutung Kasarung, urang terang yén bebeneran pasti
bakal kaungkab. Kalawan kahadean, jahat lalaunan bakal leungit tur moal meunang
salawasna.

You might also like