You are on page 1of 2

Bubuka ku MC

Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh. Wilujeung sonten tur salam Rahayu


kanggo urang sadaya.

Nu Ku sim kuring dipikahurmat, bapak lurah sareng jajarannana


NU ku sim kuring dipikahurmat, bapak ketua RW sareng rengrengan
Nu ku sim kuring dipikahurmat , ketua PHBN
Sareung parawargi sadaya NU kusimkuring dipikadeudeuh
Puji kalih syukur mangga urang sami sami panjatkeun ka dzat Illahi Rabbi nyaeta
Allah SWT.
Anu atos maparinkeun rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul ditempat ieu.
Henteu hilap, shalawat sarta salam urang curahkeun ka Nabi Muhammad SAW,
kulawargana, sahabatna, sareng umatna tug dugi ka akhir zaman.
Langkung ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos
masihan waktos kanggo sasanggem dina acara mieling kemerdekaan Republik
Indonesia anu ka 77 ieu.

Dina dinten ieu , Alhamdulillah, urang tiasa patepang dina raraga mieling patepang
taun kamerdekaan nagara urang anu ka 77.

Peryogi ka uninga, seueur pisanpengorbanan anu tos di pasrahkeun ku para


pejuang urang kapungkur dina melaan kamerdekaan nagara indonesia.

Ku kituna urang, salaku generasi muda penerus bangsa tos sakeudahna


neruskeun perjuangan para pahlawan urang, ku jalan diajar anu giat ngawujudkeun
cita-cita pikeun ngajadikeun kahirupan bangsa indonesia anu lewih hade ajang
kahareupna.

Sajabina ti eta, seueur keneh hal-hal anu tiasa ku urang lakukeun dina rangka
mengisi kemerdekaan ieu.

Sapertos, ngajauhan diri tina pangaruh narkoba, jauhan pergaulan bebas,


ngahindarkeun tauran, sarta seeur anu sanesna.

Intina,urang sami-sami hayu babarengan ngeusian kamerdekaan iyeu ku hal-hal


anu positif sarta mangfaat pikeun diri urang.

Rupina mung sakitu anu tiasa kapihatur ti sim kuring, Hapunten anu kasuhun,
saupami dina bubuka ieu aya pisanggem anu kirang merenah.
Hadirin sadaya anu ku sim kuring dipikahormat, simkuring nurjaman sareung Siti
Fatimah Bade nyuhunkn Widi kanggo mandu ieu acara. Supados teu nyangkolong
teuing Kana waktos, Mangga ieu acara urang kawitan, Mung sateuacanna kami
Bade ngabacakeun sababaraha rundayan acara Dina raraga mieling patepang taun
kamerdekaan Nagara urang anu ka-77 ieu . Diantawisna :
1. Bubuka
2. Pembacaan ayat suci alqur’an sareung du’a
3. Nganyanyikeun lagu wajib Indonesia Raya
4. lengser
5. Sambutan ti ketua PHBN
6. Sambutan ti pak RW
7. Sambutan ti pak lurah
8. Acara kesenian barudak, sareung pembagian hadiah lomba
9. Panutup

You might also like