You are on page 1of 3

PENILAIAN TENGAH SEMESTER

Mata pelajaran     : Bahasa Sunda                   


Kelas/Semester    : 2(dua)/1(ganjil)

I.    Cakra aksara A, B, atawa C di hareupeun jawaban anu bener!


Pananya nomer 1-5 dumasar kana ieu bacaan.
Tartib Diajar
Diajar kalawan tartib, hasilna tangtu leuwih hade.
Sanajan pangajaran di sakola loba rupana, lamun bisa ngatur waktu tur cara diajarna,
moal hese moal matak cape hate.
Pangajaran keur isukan dipariksa, Dibeberes bari diapalkeun.
Sare ulah peuting teuing, Sangkan hudang teu kabeurangan.
Lamun isuk-isuk cukup waktu, indit ka sakola henteu kudu rurusuhan.
1.    Kudu kumaha sangkan hasil diajar leuwih hade?
a.    Tartib            
b.    Sakadaek           
c.    Hare-hare
2.    Kumaha carana sangkan hudang sare teu kabeurangan teh?
a.    Teu kudu sare       
b.    Sarena ulah peuting teuing
c.    Sarena kudu tibra
3.    Supaya henteu cape hate dina diajarna urang kudu….
a.    Bisa ulin jeung babaturan keur refresing
b.    Bisa ngatur waktu tur cara diajarna nu hade
c.    Bisa jajan anu hade waktu istirahat
4.    Nurutkeun bacaan di luhur, cing saha anu kudu tartib diajar teh?
a.    Barudak sakola
b.    Tukang kebon
c.    Bapak atawa Ibu guru
5.    Ceuk bacaan di luhur waktu beberes jeung ngapalkeun pangajaran keur poe isukan
teh iraha?
a.    Pabeubeurang
b.    Pasosore
c.    Peuting
6.    Samemeh indit ka sakola urang kudu……
a.    Pamit heula ka Indung Bapak
b.    Ulin heula sing tenang
c.    Jajan heula sing loba
7.    Pangajaran anu teu kaharti kudu…..
a.    Diantepkeun
b.    Ditaroskeun
c.    Dipotocopy
8.    Mana anu bener tina kalimah-kalimah ieu di handap?
a.    Dadi Budak Pinter.
b.    Kamari Tati teu sakola.
c.    nani hormat ka guru.
9.    Ngagurat supaya lempeng kudu make….
a.    Pamupus
b.    Buku
c.    Jedar
10.    Sinonim tina kecap piwuruk nyaeta….
a.    Papatah
b.    Tutunjuk
c.    Someah
Pananya nomer 11-15 dumasar kana ieu bacaan
Dodo Gering
Geus opat poe Dodo gering katarajang panyakit tipes. Awakna panas nyebret, tur teu
daek barangdahar.
Waktu dipariksa ku dokter, Dodo dititah dirawat di rumah sakit. Di rumah sakit, Dodo
diinpus sarta kudu terus ngagoler.
Babaturan Dodo daratang ngalongok ka rumah sakit, tapi teu meunang lila, lantaran
Dodo kudu loba reureuh.
11.    Dodo katarajang panyakit…..
a.    Bisul
b.    Tipes
c.    Asma
12.    Dodo kudu …… di rumah sakit.
a.    Dirawat
b.    Disarekeun
c.    Disuntik
13.    Saha nu mariksa Dodo teh?
a.    Bidan
b.    Dokter
c.    Perawat
14.    Saha nu ngalongok Dodo teh?
a.    Ibu guru
b.    Babaturanna
c.    Uwana
15.    Naon sababna anu ngalongok Dodo di rumah sakit teu meunang lila?
a.    Lantaran tempatna heurin
b.    Lantaran Dodona embung dilongok
c.    Lantaran Dodo kudu loba reureuh
16.    Buku dicekel ku…..
a.    Sampean
b.    Pangambung
c.    Panangan
17.    Kembang anu sengit teh diambung ku….
a.    Sampean
b.    Pangambung
c.    Panangan
18.    Komplek ngandung harti…...
a.    Kumpulan paimahan
b.    Kumpulan toko
c.    Kumpulan padesaan
19.    Kecap anu sarua hartina jeng kecap patulayah nyaeta…..
a.    Loba
b.    Ngagunduk
c.    Pabalatak
20.    Nani nyapukeun buruan ku….
a.    Sapu nyere
b.    Sapu injuk
c.    Kored

II.    Eusian titik-titik di handap ieu ku jawaban anu aya dibelah katuhu!

1.    Barudak kelas dua meunang…ti Ibu Guru.


2.    Maman dititah maca ……di hareup.
3.    Ka budak…..loba nu resep.
4.    Budak nu……tara eraan.
5.    Kababaturan kudu…., ulah judes.
6.    Kudu nurut kana…..Ibu Guru.
7.    Ka sasaha ge kudu ….., ulah pipilih.
8.    Lamun hayang…..kudu getol diajarna.
9.    Unggal poe senen kabagean beberesih di…..
10.  Kudu hormat ka Indung Bapa jeung ka….    Kelas
Tugas
Mingpin
Doa
Bageur
Pinter
Wanter
Guru
Nyaah
Piwuruk
Someah
Salawasna

III.    Pigawe soal-soal ieu di handap!


1.    Salin kalimah ieu di handap, benerkeun kecap anu kudu ditulis ku aksara gede!
buku keur dibaca ku dani.
2.    Bahasa lemesna kecap “balik” keur ka diri urang sorangan nyaeta….
3.    Susun kalimah ieu sangkan jadi kalimah anu bener tur merenah!
lamun – pinter – hayang  - diajar – getol – kudu
4.    Sebutkeun ngaran-ngaran pakakas ieu!

A.          C.
    
B.         D.
    

5.    Jieun kalimah tina kecap “beberesih”!

You might also like