You are on page 1of 4

LEMBAR SOAL

Mata Pelajaran : BAHASA SUNDA


Jenjang : SD/MI
Hari/Tanggal :
Waktu :
PETUNJUK UMUM
1. Berdoalah kepada Allah SWT. sebelum memulai mengerjakan soal.
2. Isikan Identitas Anda ke dalam Lembar Jawaban Asesmen Madrasah (LJAM) dengan menggunakan
pensil 2B sesuai petunjuk LJAM.
3. Isikan jawaban soal ke dalam LJAM sesuai petunjuk LJAM.
4. Jumlah soal sebanyak 40 butir, 10 Benar Salah (BS), 25 Pilihan Ganda (PG), dan 5 Uraian.
5. Periksa soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
6. Laporkan kepada Pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak atau tidak
lengkap.
7. Periksa kembali pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada Pengawas ujian.

A. Prak ku hideup titenan kalimah -kalimah di handap tur cakra anu nunjukkeun bener atawa salah ti no
1-5 saluyu jeung bacaan di luhur ti nomer 6-10 saluyu jeung kalimah soal!

Stiker Hemat Energi


Memeh bel asup, barudak ngagimbung hareupeun papan pengumuman. Manehna ngilikan poster, dina
poster eta aya gambar sapedah, make tulisan “ Kendaraan Hemat Energi”. Jeung “ Anti Polusi”.
Gigireun poster sapedah, aya deui poster sejenna, Anu ieu mah gambar jalma keur lempang, sarua make
tulisan, unina “ Yu urang lempang sangkan sehat badan, pikeun ngahemat BBM. Cape ah lempang mah, omomg
Farida, nya atuda Farida mah ari kasakola sok kana ojeg wae ceuk Lusi.
Sanggeus murid arasup ka kelas anu pangheulana dipedar ku guru nyaeta poster anu cik keneh dibaraca ku
barudak dina papan pengumuman. Ayeuna tanggal 22 Oktober, ku pamarentah geus ditangtukeun yen tanggal 22
Oktober hari energi sadunia.

1. Anu jadi tokoh dina carita diluhur nyaeta Farida sareung Lusi

2. Judul poster anu dipasang di papan pengumuman teh ngeunaan hemat


energi.
3. Kendaraan anu hemat energi jeung anti polusi dina carita diluhur teh
nyaeta tukang ojeg.
4. Pamarentah netepkeun hari hemat energi dina carita diluhur nyaeta
tanggal 22 September
5. Tujuanana pamarentah netepkeun hari hemat energi dina carita di luhur
nyaeta sangkan urang sadaya hemat energi
6. Leumpang teh tong dudupak atuh, pan jalan teh lega
7. Dina kahirupan urang sunda, pagawean atawa kaahlian teh rupa-rupa aya
anu pagaweanana patali jeung ngadidik, ari pagawean anu patali jeung
ngadidik nyaeta patani.
8. Dina kahirupan sapopoe urang teh butuh ku batur

9. Jalma anu koret nuduhkeun sipat eraan

10. Lamun urang silih poyok jeung batur bakal nimbulkeun papaseaan

A. Cakra (x) aksara A, B, C atawa D dihareupeun jawaban anu bener!


11. Ulah ngojay di...atuh, bisi tikerelep, mangkaning jerona ge aya tilu meterna.
A. di leuwi C. di hilir
B. di girang D. di muara
12. Patepungna tungtung walungan jeung laut atawa patepungna walungan leutik jeung walungan gede
disebut…
A. bendungan C. talaga
B. muara D. basisir
13. Sangkan kaasup kana kadaharan sehat, lalab pikeun nyieun karedok kudu…
A. dikeureutan laleutik, terus diseupan C. dikeureutan terus dipoe
B. dikumbah ku cai anu beureusih D. dikeureutan galede
14. Kadaharan nu teu meunang didahar sabab bisi matak gering nyaeta…
A. anu geus haseum C. anu teu di bungkus
B. anu harga murah D. teu aya kadaluarsana
15. Pilih mana anu kaasup satwa langka sarta teu menang diingu…
A. hayam, ucing C. mencek, uncal
B. manuk, anjing D. domba kelinci
16. Ngala sasatoan kaleuweung disebutna…
A. nguseup C. ngecrik
B. ngundeur D. moro
17. Hartina sauyunan nyaeta….
A. babarengan C. gawe bareng
B. sapamadegan D. ngobrol bareng
18. Hirup teh kudu ngajauhan …
A. silih asih C. pacogregan
B. udagan D. babarengan
19. Urang kudu ngawangun lemah cai sangkan…
A. bali geusan ngajadi C. timbul pacogregan
B. timbul saingan D. lemah cai urang maju
20. Ceuk dina lagu di handap ieu :
Nu jauh urang deukeutkeun
Geus deukeut urang layeutkeun
Geus layeut urang paheutkeun
Geus paheut urang seungitkeun
mun geus paheut urang kudu…
A. silih seungitkeun C. silih layeutkeun
B. silih deukeutkeun D. silih paheutkeun
21. Lamun lagu “Sabilulungan” kuurang dikawihkeun, nu muncul rasa….
A. sumanget C. nalangsa
B. sedih D. agung
22. Berkah tina sabilulungan teh negara urang jadi….
A. loba gawe C. kuat jeung tohaga
B. rame ku gotongroyong D. pasalingsingan
23. Aya tokoh sunda nu wani ngalawan penjajah, nepi ka dilandih sijalakharupat. Malah ngaran Si Jalak
Harupat ayeuna dijieun ngaran stadion di Kabupaten Bandung. Eta tokoh teh nyaeta…
A. Dewi Sartika C. Oto Iskandar Dinata
B. Hasan Mustapa D. Moh Toha
24. Aya kawih nu judulna “Rd. Dewi Sartika”. Saestuna eta kawih teh ngadadarkeun jasa-jasana ibu Dewi,
tokoh sunda anu merjuangkeun ….kaom istri.
A. pagawean C. jabatan
B. ekonomi D. pendidikan
25. Kade ayeuna mah loba berita …. ulah sok langsung percaya.
A. hoax C. portal
B. medsos D. Status
26. Mun urang internetan, omat ulah …
A. kasuhudan C. kajonjonan
B. kapohoan D. Kabeneran
27. Sanajan keur dijalan, bapa bisa nongton Persib …. dina internet.
A. streaming C. youtube
B. download D. upload
28. Abdi ge … da icalan kembang teh, han teu …. modalna
A. hayang, boga C. hoyong boga
B. hoyong, gaduh D. hayang, gaduh
29. Nepangkeun, …. abd pun Gilang, …. ti Cibodas
A. jenengan, asal C. jenengan, kawit
B. ngaran, kawit D. wasta, kawit
30. Feri katingal …. pisan da anjeunna …. meser acuk anu enggal.
A. bingah, janten C. bagja, jadi
B. bingah, jadi D. atoh, janten
31. Leuweung téh sok dipaké tempat moro manuk, ku anu baroga pangaresep bebedil.
Kecap nu make rarangkén tengah –ar- dina éta kalimah nya éta …
A. dipake C. pangaresep
B. baroga D. bebedil
32. Kalimah pananya pikeun nanyakeun waktu nya éta …
A. naon C. dimana
B. saha D. Iraha
Baca cutatan carpon di handap, pikeun ngajawab soal nomer 33-35!
Keur anteng takbiran di jero masjid, kadéngé tukangeun masjid barudak ayeuh-ayeuhan. Beretek Kang Hari
muru ka tukang. Sihoréng téh barudak nyarurakan domba nu keur diadu. Domba téh mundur duanana. Siet…,
beledag diadu sirah. Gerrr… barudak surak. Kitu jeung kitu wé.
“Nanaonan eta teh?” Kang Haris ngagorowok ti lawang panto masjid. Barudak nu keur ayeuh-ayeuh
ngadadak jémpé. Buriak lalumpatan. Nyaho saréréa ogé Kang Haris galak.
”Kasebelan barudak téh, hayoh ngadon diaradukeun.” Kang Haris kukulutus bari nyangcang deui
dombtempatna. Geus kitu mah sup deui ka masjid nuluykeun takbiran.
Barudak nu tadi lalumpatan, ngagarulung deui nyaroo domba nu poé isuk bakal dikurbankeun.
Sumber buku “Diajar Basa Sunda 6“ Karya Yudhistira
33. Cutatan carpon di luhur nuduhkeun yén ngadukeun domba mangrupa …
A. pagawean sapopoe C. kalakuan kurang hade
B. gangguan kana ibadah D. kaulinan barudak
34. Ngadukeun sasatoan dilarang ku agama sabab …
A. teu bisa didahar dagingna C. sasatoan bakal kabur
B. nganiaya papada mahluk D. harga sasatoan jadi mahal
35. Latar tempat dina cutatan carpon di luhur nya éta …
A. kandang domba C. buruan masjid
B. lapang maen bal D. pasar domba

C. Pigawé pancén di handap kalayan merenah!


36. Tulis dua kagiatan nu nuduhkeun cara nyalametkeun sasatoan langka!
37. Jéntrékeun tataan unsur-unsur carpon!
38. Jéntrékeun arti tina kalimah ”Nagri nanjung berkah sabilulungan”!
39. Tuliskeun dua conto kalimah pasif!
40. Tuliskeun dua conto kalimah pagawéan, make kecap; masihan jeung nongton!

You might also like