You are on page 1of 4

PEMERINTAH KABUPATEN BANDUNG

DINAS PENDIDIKAN
SMP NEGERI 2 ARJASARI
Jl. Raya Arjasari, Ciparay Ds. Patrolsari Kec. Arjasari 40379

LEMBAR NASKAH SOAL


UJIAN SEKOLAH
TAHUN PELAJARAN : 2022/2023
Mata Pelajaran : BASA SUNDA
Hari/ Tanggal : …… Mei 2023
Waktu : 60 menit

Petunjuk Umum :
1. Isikan identitas Anda ke dalam lembar jawaban komputer (LJK) yang tersedia dengan
menggunakan pensil 2B sesuai petunjuk di LJK.
2. Periksa dan baca soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
3. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak atau
tidak lengkap.
4. Mintalah kertas buram kepada pengawas ujian, bila diperlukan.
5. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.

Pék pilih a, b, c, atawa d anu aya di hareupeun jawaban nu bener tur merenah !

Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung.


Tina jero cai katénjo ku Sakadang Kuya, sobatna keur ngeunteung dina beungeut cai.

Ku Sakadang Kuya diténjokeun baé teu disampeurkeun.Regot-regot maung nginum cai


wahangan, sakapeung gigibrig ngéprétkeun cai nu ngabaseuhan buluna. Maung tuluy cinutrung dina
luhur batu nunggu sobatna kaluar.

1. Parapalaku nu kasebut dina sempalan dongéng di luhur nyaéta….


A. Kuya jeung maung C. Kuya jeung monyét
B. Monyét jeung maung D. Maung jeung bagong

2. Latar tempat lumangsungna kajadian dina sempalan dongéng sakadang kuya jeung sakadang
monyét nyaéta di….
A. Wahangan atawa situ C. Wahangan alias balong
B. Wahangan alias Laut D. Wahangan alias walungan

3. Dongéng Sakadang Kuya jeung Sakadang Maung, kaasup kana wanda/jenis dongéng…
A. Fabel B. Farabel C. Mithos D. Sage

4. Salah sahiji ciri carita dongéng téh ayana unsur anu teu kaharti ku akal atawa disebut ogé…
A. Kajadian B. Kanyataan C. Pamohalan D. Lalakon

5. Pupujian nya éta puisi buhun anu eusina nyoko kana ajaran agama Islam, biasana sok
dinadomkeun di.…
A. Sakola B. Gedung C. Balé Rw D. Madrasah

Éling-éling dulur kabéh


Di dunya ulah campoléh
Ibadahna ulah weléh
Bisina kaburu paéh

6. Éta pupujian téh eusina ngeunaan.…


A. Ajaran agama B. Muji ka Rosul C. Pépéling D. Sholawat
Di tempat parawisata
Sadaya pada uninga
Seueur pisan gogodana
Nu mawi kedah iatna

7. Salah sahiji ciri wangun pupujian miboga pola purwakanti engang panungtung…
A. a-b-a-b B. a-a-a-a C. a-b-c-d D. a-a-b-b

8. Istilah pikeun iklan layanan masarakat anu dipidangkeun atawa ditepikeun ku cara ditingali:
A. Audio B. Visual C. Audio visual D. Grafis

Lembur Kuring

Péngkolan jalan ka landeuh


Tempat urang sukan-sukan
Saung mencil luhur pasir
Nu éndah tempat bumetah
Kérélék cai walungan
Tetep anteb ngawirahma
Gelik suling nu maranti
Mirig kawih kaéndahan

9. Sajak di luhur diwangun ku ...bait.

A. dua B. tilu C. opat D. lima

Borondong Garing
………………..
Borondiong garing
Haleuang katineung ati
Jerit ciptaning ati
Jeung hiliwirna angin peuting
Oléh-oléh priangan dilingkung gunung
Majalaya, Soréang Banjaran Bandung
Haté jongjon lugina anu dikantun
Narik ati matak genah nu ngabantun

10. Rumpaka Kawih Borondong Garing eusina nyaritakeun kadaharan....


A. poko di Kabupatén Bandung
B. nu didagangkeun di Kabupatén Bandung
C. ciri has Kabupatén Bandung
D. anu pangdipikaresepna diKabupaté Bandung

Oléh-oléh priangan dilingkung gunung


Majalaya, Soréang Banjaran Bandung
Haté jongjon lugina anu dikantun
Narik ati matak genah nu ngabantun

11. Daérah anu kasebut dina éta kawih Borondong Garing nya éta….
A. Majalaya, Soréang, Cililin, Katapang
B. Majalaya, Banjaran, Ciwidey, Katapang
C. Majalaya, Soréang, Banjaran, Bandung
D. Banjaran, Ciwidey, Ciparay, Bojong

12. Eusi Warta kudu nétral, maksudna…


A. Teu mihak kahiji golongan C. Anu boga hakna hiji golongan
B. Mentingkeun kapentingan umum D. Teu mentingkeun kapentingan sorangan

13. Sisindiran téh asal kecapna tina ....


A. Sindir B. nyindir C. Sisindir D. Nyindiran

Hampelas raraga jati


Palataran babaléan
Ihlas raga reujeung pati
Ngabélaan bebeneran

14. Eusi paparikan di luhur nya éta ....


A. Banyol B. Silih asih C. Sésébréd D. Piwuruk

Kendang gedé pakauman


dag-dig-dug rasa ning ati

15. Wangsal/eusi tina wawangsalan di handap nya éta ....


A. Bedug B. Masjid C. Mimbar D. Sajadah

16. Istiah pikeun karangan anu eusina ngaguar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara anu
ngagunakeun katerangan-katerangan nepi ka bubik leutikna nya éta ...
A. Wawaran B. Opini C. Artikel D. Béwara

Pupuh Durma

Urang sunda miakanyaah mikacinta


Deudeuh geugeut ka Pérsib
Dipuji dipuja
Pérsib nu Saréréa
Pérsib nu kuring nu abdi
Nu urang Sunda
Nu uing nu silaing

17. Pupuh durma di nasapadana diwangun ku….


A. 5 padalisan B. 6 padalisan C. 7 padalisan D. 8 padalisan

“Sakieu biantara ti simkuring. Hapunten bilih aya cariosan anu pondok nyogok panjang
nyugak, malum sanés ahlina.”

18. Kalimah di luhur kaasup kana bagian…pidato


A. Bubuka Pidato B. Eusi Pidato C. Panutup Pidato D. Panutup hutbah

19. Sangkan urang bisa nyangking jeung maham kana eusi biantara, dina ngaregepkeunana urang
kudu...
A. Nyalsé B. Rurusuhan C. Daria (serius) D. Gancang

20. Kampung adat nyaéta kampung anu masih kénéh pengkuh nyepeng adat tradisi karuhuna,
salah sahiji kampung adat nu aya di Kabupatén Bandung Nya éta ....
A. Arjasari B. Cireundeu C. Naga D. Pulo

21. Pakakas nu aya di kampung adat Cikondang téh diantarana piring séng atawa gagarabah sarta
wadah nginum aya nu disebut entik.”
entik téh nya éta barang-barang anu dijieun tina ….
A. Palastik B. Awi C. Batok D. Beling

22. Carita anu panjang ditulis dina wangun prosa manjing akal palakuna loba, latar tempatna
dimana-mana disebut..
A. Dongéng B. Novel C. Carpon D. Drama

23. Novel Sunda nu pangheulana medal taun 1914 nyaéta…


A. Baruang ka nu Ngarora C. Patepung di Bandung
B. Budak Minggat D. Sengsara Membawa Nikmat

24. Nu kaasup kana unsur-unsur novel di antarana…


A. Judul, palaku, tempat, watek,dialog
B. Judul, Palaku, téma,eusi,prolog
C. Téma, tempat, eusi,galur,monolog
D. téma, palaku, amanat, jalan carita, latar
25. Wangun anu kaasup kana Pakeman basa diantara…
A. Novel B. Bahasa C. sisindiran D. Paribasa

26. “Sakitu dibéjér béaskeun nerangkeun pakeman basa téh tetep wé barudak teu ngalartieun.”
Harti kecap di béjér béaskeun nya éta…
A. Unggah adat B. Goréng haté C. Sadéngé-déngéna D. Dijelaskeun

27. Seungit nus meuleum saté kaasup kana pakeman basa rakitan lantip maksudna.…
A. Seungit nu meuleumna C. Daging anu dibeuleumna
B. Seungit saté anu keur dibeuleum D. Daging beuleumeun

28. Jalma anu ngatur sarta nangtukeun sagalarupa urusan dina hiji pintonan drama disebut…
A. Panata Artistik B. Panata Cahaya C. Pamaén D. Sutradara

29. Salah sahiji istilah dina carita drama nya éta monolog. Monolog hartina…
A. Paguneman saurang pamaén jeung baladna
B. Bagian tina awal carita drama
C. Bagian akhir carita drama
D. pamaén drama anu ngomong sorangan

30. Peran palaku drama anu karakterna pikasbeleun disebut…


A. Antagonis B. protagonnis C. kompidén D. pembantu

ESSAI

1. Tuliskeun rumpaka kawih sunda anu temana ngenaan dahareun !


2. Naon bedana antara rarakitan jeung paparikan !
3. Tuliskeun bagian-bagian tina biantara !
4. Tuliskeun 3 daerah anu kaasup kampung adat !
5. Tuliskeun unsur-unsur dina carita Novel !

You might also like