You are on page 1of 4

SUMATIF AKHIR SEMESTER

TAHUN PELAJARAN 2022/2023

SD NEGERI EKASARI

Matpel : B.SUNDA Nama : ....................................

Kelas : VI (Enam) Paraf Guru Paraf Orang Tua
Waktu : 09.30 - 11.00
Hari, Tanggal : Rabu , 10 Mei 2023
PETUNJUK :
1. Periksa lembar soal, apabila ada teks tidak jelas atau rusak agar minta diganti lembar soalnya !
2. Isilah identitas nama sesuai dengan daftar nama peserta ulangan !
3. Bacalah petunjuk soal dengan baik dan jawablah soal sesuai dengan petunjuk!
4. Isilah soal dari yang termudah sampai yang tersulit sampai pengerjaan soal selesai !
5. Kumpulkan soal apabila sudah selesai atau pengerjaan selesai !
I. Prak ku hidep cakraan (X) dina huruf a, b, c atawa d di hareupeun jawaban anu bener!
1. Titénan nu tenget pupujian !
Eling –eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang ...
Berjamaah magrib
Estu kawajiban
Keur urang di dunya
Pikeun pibeukeulen urang jaga dia akherat.
Kecap keur ngalengkepan pupujian diluhur nyaéta ....
A. ngaji C. puasa
B. wirid D. sholat
2. “Sumber listrik réa pisan. Aya cai, aya panonpoé, angin, uap jeung sajabana. Tapi, pan cai gé aya orotna. Mun cai
saat rék, kumaha ? Eta sababna kunaon urang kudu miara tatangkalan. Sangkan siklus cai angger. Jadi bisa dipake
keur sagala rupa.”
Sangkan siklus cai angger urang kudu ...
A. diganti ku panonpoé C. diganti ku angin
B. miara tatangkalan D. neangan sumber lain
3. Maén sonlah mah kokojona maké ....
A. batok C. talawéngkar
B. batu D. karét geulang
4. Galih : “Ehh geuning mang Ahmad, ceunah moal mulang ? “
Mang Ahmad : “Puguh tadinamah moal, ngan aya beja bi Nyai ngantunkeun tadi wéngi. “
Paguneman diluhur nandakeun ka ayaan keur ...
A. suka bungah C. bagja
B. sedih D. heureuy
5. “Enya wé Ma Indeung datang leuwih ti heula. Langsung ngurus nu rék ngajuru,. Aka mah marengan bapa ngurus
peucang diburuan tukang.”
Nu jadi tokoh dina carpon diluhur nyaeta ....
A. Ma Indeung
B. Ma Indeung, Aka jeung Bapa
C. Ma Indeung, nu rek ngajuru, Aka, jeung Bapa
D. Ma Indeung, nu rek ngajuru, Aka, Bapa jeung peucang
6. Galih, Asih, Kang Ganda, bu Nani jeung pa Dédi nuju ngariung di tepas. Kang Ganda nyepengan hapé. Sakapeung
belengéh seuri nyalira bari hantem tumungkul kana hapé.
“Cik atuh, Dan simpen heula hapéna, Mamah jeung Apa aya picaritaeun’ Saur Bu Nani ka Ganda.
“ Muhun ih, hayoh wé chattingan, Ati Galih bengongmelongkeun” Ceuk galih camberut.
Kecap chattingan sarua jeung ....
A. neleponan maké hapé C. ngetik dina hapé
B. ngobrol make hapé D. nyarita kana hapé
7. Apana Galih : “Tah, Bapa mawa kelénci sajodo”
Galih : “Kelénci ti mana, Pa ?”
Apana Galih : “Beunang meuli. Pan ceunah Galih hayang boga ingon-ingon”
Galih : “ . . . mésérna, Pa“
Apana Galih : “ Rp. 25.000 hijina. Jadi sajodo teh Rp. 50.000.
Kecap keur ngalengkepan paguneman diluhur nyaéta ...
A. Kumaha C. Sabaraha
B. Iraha D. Dimana
8. Titenan gambar !
Naon pakasaban dina gambar diluhur ....
A. tukang dagang C. guru
B. paraji D. masinis
9. Nu mangrupa kajadian pikabungahen nyaéta ...
A. aya nu maot C. labuh dina motor
B. geuring parna D. ulang taun
10. Pupuh Mijil
Duh manusa ti mimiti lahir
Tug nepi ka maot
Hirup mo bisa sorangan wae
Taya bisa nu hirup mandiri
Teu bisa dipungkir
Kudu aya batur
Guru lagu jeung guru wilangan pupuh diluhur nyaéta ....
A. 10i, 6o, 10e, 10i, 6o, 6u C. 10i, 6o, 6a, 10i, 6i, 6u
B. 10i, 6o, 10e, 10i, 6i, 6u D. 10i, 6o, 6e, 10i, 6i, 6u
11. Dina méja makan ngabarak rupa-rupa dahar.
Kecap dahar sakuduna ....
A. dalalahar C. kadaharan
B. nu dahalar D. di dahar
12. Kecap pananya keur nanyakeun jumlah nyaéta ....
A. kumaha C. jeung saha
B. numana D. sabaraha
13. Tengetan gambar !

Diwidang naon pahlawan diluhur kasohorna perjuangana ...

A. atikan C. ekonomi
B. kaséhatan D. tatanén
14. Surat keur Lemah cai

Geus titis tulis ti Maha Suci

Kuring digelar di ieu nagri
Lemah cai Tatar Sunda, lemah cai nu ngagetihan kuring salilana
Ti barang gubrag ka dunya nepi ka sawawa
Tur népi ka jaga mulang ka Mantena
Kecap sawawa dina sajak Surat keur lemah cai saharti jeung ...
A. budak C. kolot
B. déwasa D. maot
15. Eling- éling mangka éling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan baé
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Napsu nu matak kaduhung
Badan nu katempuhan
Amanat dina guguritan di luhur nyaéta ngarah urang jadi ....
A. bageur C. éling
B. sadar D. pinter
16. Mangka sing hadé ulah ngaroko. Sabab ngaroko sok nimbulkeun panyakit ....
A. tipes C. mules beuteung
B. kangker bayah D. lalinu
17. Rani : “Aya ku reuwas tadi mah.”
Popi : “Kunaon kitu ?”
Rani : “Eta, Santi nu murid anyar téa. Awakna panas tuluy pingsan keur upacara.”
Dina panguneman diluhur kaayaan Santi keur ...
A. sedih C. geuring
B. ambek D. Cicing
18. Kasénian khas ti kota Subang nyaéta ...
A. réog C. dangdutan
B. jaipongan D. sisingaan
19. Mun pareng abdi nincak déwasa
Hayang sakola rek jadi ....
Ambeh ngapung ka unggal nagara
Pung, pung, pung ! kapal mapakan méga
Kecap keur ngalengkepan kawih diluhur nyaéta ....
A. Tantara C. Pilot
B. Polisi D. Guru
20. Bapa : Kunaon ari Lilis lain geura mangkat ngaos ?
Lilis : Puguh, Pa! Lilis teu raraos. Asa lalieur, sarebel sareng nyéri patuangan.
Bapa : Nuang naon atuh ?
Lilis : nunawi tadi nuang loték lada teuing.
Dina paguneman diluhur, naon sabab lilis teu mangkat ngaos ...
A. Nuang loték nu lada C. kabeurangan
B. Nyeri patuangan D. geuring
21. Cara budak sakola micinta bangsa jeung nagara nyaéta ....
A. Digawé suhud tur bener C. Ulin jeung babaturan
B. Sakola cing bener supaya pinter D. daék olah raga
22. Suku langit tanah Priangan
Dipager ku gunung- gunung pulas paul
Ngajega mapakan mega
Ngajegir jauh kagimir
Diaping pasir- pasir
Liuh linduk tutuwuhan
Héjo lembok dangdaunan
Kecap pasir dina sajak diluhur saharti jeung ...
A. gunung anu ngajajar
B. gunung leutik nu teu sabaraha luhurna
C. gunung nu eweuh tatangkalan
D. gunung nu aya disisi lembur
23. Indonesia teh disebut nagara anu majemuk, dihijikeun ku semboyan “Bhineka Tunggal Ika”.
Arti kecap bhineka tunggal ika nyaeta ....
A. beunghar ku rupa-rupa kakayaan
B. najan beda tetep ngahiji
C. loba kahayang hiji tujuan
D. aya dina lambang garuda pancasila
24. Baca nu tenget !
Pa Mochtar aktip dina rupi-rupi organisasi, sapertos Komisi Hukum Internasional, Dewan Kelautan Nasional, sareng
nu sanesna deui.
Ti ngawitan Universitas Padjajaran di adegkeun pa Mochtar tos ngadosenan didinya. Taun 1969 anjeuna janten guru
besarna. Taun 1970 jeneng rektorna. Pa Mochtar oge kantos janten anggota Dewan Pertimbangan Agung. Kantos
jeneng Mentri Kehakiman ti taun 1974 dugi ka taun 1978. Jeneng Mentri Luar Negeri salami dua periode antawis taun
1978 dugi ka taun 1988. Anjeuna oge kantos janten Ketua Komisi Demarkasi wartes antara Irak-Kuwait. Pa Mochtar
ngadegkeun kantor pengacara Mochtar Karwin dan Komar.
Dina wancahan diluhur nu janten prestasi pa Mochtar nyaeta ....
A. Aktif dina organisasi Dewan Kelautan nasional
B. Janten Rektor di Universitas Pasundan
C. Jeneng Mentri Kehakiman salami dua periode
D. Janten Anggota Komisi Demarkasi wates antara Irak-Kuwait

25. Dina bacaan diluhur pakasaban nu teu kantos dijabat ku pa Mochtar nyaeta ....
A. Mentri kehakiman
B. Mentri Kelautan
C. Anggota Dewan Pertimbangan Agung
D. Pengacara
26. Geus lila kuring lunta
Ningalkeun lembur ningalkeun kulawarga
Indit jauh neangan kipayah
Karasa sepi eweuh batur pakumaha
Watek sajah diluhur nyaeta ....
A. bagja
B. kuciwa
C. nalangsa
D. ambek
27. Kaolahan nu ngagunakeun bahan tina oncom contona gorengan oncom, pais oncom, sambel oncom, tutug oncom,
ulukutek (oncom jeung leunca), kadedemes (kulit sampeu jeung oncom), tumis oncom, sayur lodeh make oncom,
comro, jeung lain-laina deui.
Kasimpulan dina teks diluhur nyaeta ....
A. rupa-rupa kadaharan nu make bahan oncom
B. oncom bisa dijieun gorengan
C. kaolahan tina oncom ngenah rasana
D. kaolahan tina oncom nu pang dipikaresep nyaeta comro
28. Pangaruh hadé ayana globalisasi keur widang ékonomi nyaéta ...
A. harga barang jadi mahal
B. ngababarikeun kagiatan ékspor impor
C. jug jlegna pabrik-pabrik jeung pangwangunan
D. gampang ngajugjug ka hiji tempat
29. Lunturna jati diri bangsa mangrupakeun pangaruh teu hadé ayana globalisasi pikeun widang....
A. industri C. budaya
B. olah raga D. kasénian
30. Ayana internét ngababarikeun urang pikeun narima jeung ngirim informasi.
Kecap informasi maksudnya nyaéta ...
A. ngobrol C. lalajoaneun
B. wawar D. Pakét
31. Jang, cik bapa pangmeulikeun ubar lieur.
Kecap barang aya dina kecap ....
A. cik C. ubar
B. pangmeulikeun D. lieur

32. Nu mangrupakeun unsur- unsur pidato nyaéta ...

A. kop surat, salam bubuka/ hormat, eusi, salam panutup
B. salam bubuka, eusi, panutup, kasimpulan
C. salam bubuka, eusi , salam panutup
D. salam bubuka, euisi, salam panutup, tanda tangan
33. Usaha teh ukur balik jinis. Kecap balik jinis artina ....
A. gede kauntungan C. loba nu nawar
B. teu boga bati D. kajual
34. Lamun urang ngadahar sangu, awak urang bakal narima zat ....
A. protein C. karbohidrat
B. lemak D. gizi
35. Bapa .... ti kantor.
Kecap nu saluyu pikeun ngalengkepan kalimah diluhur nyaeta ....
A. uih C. wangsul
B. mulih D. balik
II. Eusian pananya dihandap ku jawaban anu bener !
36. pa ajip rosadi urang sunda anu prestasina luar biasa.
Tulis deui kalimah diluhur make cara panulisan nu bener !
..............................................................................................................................................................................................
..............................................................................................................................................................................................
............................................................................................................................

37. Sebutkeun rupa-rupa kaulinan barudak di wewengkon Jawa Barat ?

..............................................................................................................................................................................................
..............................................................................................................................................................................................
..............................................................................................................................................................................................
.....................................................................................................

38. Prak jieun pagunenam kagiatan wawancara nu tema na usaha kiripik ?

..............................................................................................................................................................................................
..............................................................................................................................................................................................
..............................................................................................................................................................................................
......................................................................................................

39. Kumaha carana nyalametkeun diri lamun aya lini ?

40. Prak jieun kalimah pikeun panutup biantara!

You might also like