You are on page 1of 9

DOKUMEN SEKOLAH

UJIAN SEKOLAH DASAR


TAHUN PELAJARAN 2022/ 2023

BAHASA dan SASTRA SUNDA

KABUPATEN BANDUNG BARAT


DINAS PENDIDIKAN
MATA PELAJARAN
Mata Pelajaran : Bahasa dan Sastra Sunda
Jenjang : SD/ MI

WAKTU PELAKSANAAN
Hari/ Tanggal : Sabtu, 20 Mei 2023
Jam : 10.00 – 11.30

PETUNJUK UMUM
1. Isikan identitas Anda ke dalam Lembar Jawaban Ujian Sekolah
Dasar (USD) yang tersedia dengan menggunakan pensil 2B sesuai
petunjuk.
2. Berilah tanda silang di depan nama mata ujian dan pilihan jawaban
A, B, C atau D yang dianggap paling benar.
3. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya.
4. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang
kurang jelas, rusak, atau tidak lengkap.
5. Tersedia waktu 90 menit untuk mengerjakan paket tes tersebut
6. Jumlah soal sebanyak 35 butir yang terdiri 30 soal pilihan ganda
dengan 4 pilihan jawaban dan 5 butir soal uraian.
7. Tidak diizinkan menggunakan kalkulator, HP, tabel matematika atau
alat bantu lainnya.
8. Periksalah pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas
ujian.
9. Lembar soal tidak boleh dicorat-coret.

SELAMAT MENGERJAKAN
I. Cakra (X) huruf A,B,C atau D lamun jawabana bener dina lembar jawaban anu disadiakeun !

Titenan pupujian di handap!


Ka kuping suara adzan
Di masjid ti katebihan
Singhoréngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjid mah
Pribumi atawa sémah
Hayu urang berjamaah
1. Salasahiji kecap saharti anu aya dina pupujian di luhur nyaéta ….
A. babarengan-berjamaah
B. pribumi -semah
C. masjid-imah
D. ngawartosan- babarengan

2. Pupujian di luhur ngélingan ka urang sararĕa sangkan ....


A. soson-soson sholat di imah
B. soson-soson sholat di masjid
C. soson-soson ibadah
D. soson-soson betah di imah

Titenan paguneman di handap!


Rahmat : “Dupi ... téh naon, Sin?”
Sinta : “Pupujian téh sok disebut ogé nadoman.”
Rahmat : ”Sok dimana pupjian digalindengkeun?”
Sinta : “Biasana mah di masjid.”
3. Kecap anu merenah pikeun ngalengkepan éta paguneman, nyaéta ….
A. masjid
B. nadoman
C. pupujian
D. digalindengkeun

Titenan carita di handap!


Hirupna jalma di alam dunya tinangtu moal leupas tina naon anu disebut pakasaban, diantarana baé
nyaéta jadi guru, patani, arsiték, tukang bangunan, dosén, tukang ojég, pagawé negeri, padagang,
tenaga perpustakaan, jeung réa- réa deui.
4. Pakasaban masyararakat di padésaan réréana, jadi …
a. patani, guru, padagang
b. arsiték, dosén, tukang ojég
c. tukang ojég, patani, guru
d. tenaga perpustakaan, guru, dosén

Pék titénan bacaan! pikeun ngajawab nomer 5-6


Radén Déwi Sartika dibabarkeun dina kaping 4 Désémber 1884 dikota Bandung.
Sakumaha ilaharna putra-putri ningrat dina waktu harita, Radén Déwi Sartika disakolakeun di
sakola Walanda.Sepuhna nyaeéa Radén Somanagara ngaharepkeun sangkan Radén Déwi Sartika
jadi wanoja anu binangkit.
Harepan sepuhna kalaksanakeun ti kelas panghandapna kénéh Radén Déwi sartika
nyongcolang dina kapinteranna dibandingkeun sareng réréncangan dikelasna. Malihan mah ti nuju
alit kénéh Radén Déwi Sartika tos katingal ngagaduhan sifat welas asih jeung handap asor
kasasama. Ku kituna teu anéh lamun Radén Déwi Sartika dipikaresep ku réréncangan sareng ku
para sepuh.
5. Judul anu luyu jeung bacaan di luhur, nyaéta ....
A. Wanoja Binangkit
B. Radén Déwi Sartika
C. Wanoja Harepan Sepuh
D. Handap Asor Ka sasama

6. Naon sababna Radén Déwi Sartika dipikaresep ku réréncangan na sareng ku para sepuh?
A. Radén Déwi Sartika putri ningrat
B. Radén Déwi Sartika disolakeun di sakola Walanda
C. Radén Déwi Sartika murangkalih anu pinter
D. Radén Déwi Sartika ngagaduhan sifat welas asih jeung handap asor kasasama

Titénan Gambar!

7. Jenengan tokoh pajuang nasional asal Jawa Barat nu aya dina gambar, nyaéta ....
A. R. Otto Iskandar Dinata
B. Muhamad Ramdan
C. Muhamad Toha
D. R.E, Martadinata

Sajak pikeun ngajawab soal no 8


Cahya panon poé nyambut isuk
Kadatangana nyieun sumanget sadia ka diri kuring
Pangbagéa poé pikeun ngukir préstasi
Ngagenggem hiji cita cita anu pangluhurna
8. Eusi tina sajak tadi ngandung harti …
A. sumanget digawé pikeun ngaraéh cita-cta
B. sumanget ulin pikeun ngaraéh cita-cta
C. sumanget diajar pikeun ngaraéh cita-cta
D. sumanget lalajo pikeun ngaraéh cita-cta

Titenan kawih dihandap!


Duh indung ngaraksa ngajaring anak
Najan rungsing matak pusing
Heunteu weléh deudeuh, mikanyaah mikaasih
Di mongmong jeung di titimang
9. Nilai moral anu aya dina kawih eta nyaeta ….
A. karungsing indung
B. kanyaah indung beurang
C. kakesel indung
D. kanyaah indung
10. Waditra karawitan Sunda anu nabeuhna kucara di tepak, nyaéta ....
A.

B.

C.

D.

Baca masing tenget!


Ieu kaulinan téh biasana pikeun barudak awéwé. Maén na ngagunakeun bal karét leutik sagedé bal
pingpong nu bisa ngacul. Ngarah nganculna alus biasana dikeueuman heula ku minyak tanah
antara sajam nepi ka dua jam, gumantung bahan bal. sajaba ti bal karét, ogé merelukeun
sabangsaning siki, atawa biasana ku kewuk kalayan jumlahna antara genep nepi ka 12 siki.
11. Bacaan di luhur medarkeun ngaran kaulinan barudak, nyaéta ....
A. boy-boyan
B. gatrik
C. béklen
D. ucing-ucingan

12. Candra ngajakan Sobur maén gatrik.


Kalimah ajakan anu merenah nyaeta….
A. Sobur, rék maén gatrik moal?
B. Sobur, isukan kuring rek maén gatrik.
C. Sobur rék maén gatrik jeung Candra.
D. “Sobur, maén gatrik yu”!

Titenan guguritan dihandap!


Kuring boga hiji manuk
Manukna manuk japati
Bujurna utek-utekan
Manéhna te daék cicing
Siga nu hayang ka bikang
Ari pék téh hayang cacing

Tapi ku kuring dikurung


Siga nu menang ka pusing
Manuk téh labuh katukang
Kukuring di béré cai
Tetep manéhna te hudang
Ari pék téh hudang deui
13. Guguritan eta méré amanat yen salaku jalma, urang kudu ….
A. manuk japati keur begér
B. getén kana ingu-inguan
C. manuk japati nu beuki nyatu
D. kudu ngingu manuk japati

Paguneman di handap, pikeun ngajawab soal no14-15


Imas : ’Badé iraha ngeusian tugas kelompok téh?”
Dédén : “Dinten Saptu waé nya, Minggu mah Dédéna aya peryogi heula”
Imas : “Sumuhun atuh, abdi ogé aya acara dinten Minggu mah”.
Dédén : “Tabuh salapan waénya, di bumi Dédén, carioskeun ka réréncangan nu sanés!”
Imas : “Muhun mangga”
14. Iraha Imas jeung Dédén rék ngeusian tugas kelompokna ?
A. Minggu
B. Kemis
C. Saptu
D. Juma’ah

15. Téks padu anu bener luyu jeung paguneman di luhur, nyaeta ….
A. Dédén jeung Imas rék migawé tugas kelompok poé Minggu di imah Dédén, sabab Saptu mah
maranéhna rék aya perlu
B. Dédén jeung Imas moal migawé tugas kelompok, sabab maranéhna rék aya perlu dina poé
Minggu
C. Imas jeung Dédén sapuk rék migawé tugas kelompok poé Saptu, sabab maranéhna rék aya
perlu dina poé Minggu mah
D. Imas jeung Dédén migawé tugas dina poé Minggu di imah Dédén, sabab Saptu mah rék aya
perlu

Titenan paragraph d handap!


Gunung Tangkuban Parahu mangrupakeun salah sahiji gunung anu lokasina di Propinsi Jawa
Barat, Indonésia. Kira-kira 20 km ka belah kalér Bandung, kalayan di sakurilingeuna pinuh ku
tangkal pines oge kebon enteh lémbok héjo, éndah katempona
16. Ide poko anu aya dina éta paragraf nyaéta ….
A. Gunung Tangkuban parahu ayana di Bandung Kalér Jawa Barat
B. Gunung Tangkuban parahu éndah pisan
C. Gunung tangkuban parahu pinuh ku tangkal pines
D. Gunung tangkuban parahu dikurilingan ku tangkal enteh

17. Runtuyan cara ngolah kadaharan saperti anu dina gambar, nyaéta ….
A. Sampeu meunang mesék dikumbah terus diparud, sanggeus diparud di emplé-emplé terus dipoé
B. Sampeu meunang marud dibungkusan terus diseupan, sanggeus diseupan dikeuretan terus
dipoé
C. Sampeu meunang mesek diteukteukan terus diseupan, sanggeus diseupan disiksikan terus dipoé
D. Sampeu meunang marud disamaraan terus dieplé-emplé dina daun atawa piring, terus diseupan,
sanggeus kitu diéntép dina nyiru langsung dipoékeun
Bacaan pikeun ngajawab soal no 18-19
Pangalaman Abdi milu kagiatan upacara bendéra di Sakola
Di SD abdi tiheula unggal poé Sénén ngayakeun upacara sakola ti kelas 1 dugi ka kelas 6, tapi abdi
tacan pernah jadi patugas upacara hususna pengibar bendéra sabab abdi ngarasa isin sarta tacan tiasa.
Saatos ngalajeungken atikan ka SMP abdi di titah ku guru sareng di paksa kanggo jadi patugas upacara
hususna pengibar bendéra mérah putih di sakolaan. Abdi jeung babaturan latihan pinuh rasa
tanggungjawab, alhamdulillah Abdi jeung babaturan ngibarkeun bandéra dugi teu aya kalepatan.
Kiwari abdi langkung tanggungjawab, langkung disiplin sarta wantéran lamun jadi patugas upacara.
18. Niténan kana éta carpon aya toladan anu bisa diconto ku hidep, nyaeta ….
A. ngarobah diri tina éraan jadi wantéran
B. jadi anggota pramuka saé pisan
C. upacara bendéra tiap poé Sénén horéam pisan
D. latihan uapacara bendéra kudu duaan jeung babaturan

19. Dina carpon diluhur aya kecap anu dikandelan, eta kecap téh kurang merenah, sakuduna….
A. di titah-dipaksa
B. di paksa-dititah
C. di titah- di paksa
D. dititah-dipaksa

Liburan ka Kebon Binatang


Riska jeung babaturanana kumpul pikeun liburan di kebon binatang. Riska jeung 10 urang baturna
bakal méakeun waktu péréna babarengan. Sanggeus kabéh kumpul, maranéhna babarengan indit
ka kebon binatang. Nalika maranehna nepi, ngantri meuli tikét terus asup ka kebon binatang
20. Saha nu jadi tokoh utama dina carita narasi éta?
A. Kuring
B. Riska
C. Abdi
D. Imas

21. Ide poko dina carita narasi di luhur, nyaéta ….


A. Riska jeung babaturana liburan ka kebon binatang
B. Kuring jeung Riska ka kebon binatang
C. Gumbira liburan di kebon binatang
D. Kaayaan di kebon binatang

Téks pikeun ngajawab soal no 22-23


Satiap jalma kudu salawasna ngagedurkeun sumanget kapahlawanan, sabab sumanget
kapahlawanan bakal nangtukeun kamajuan hiji nagara.. Sumanget kapahlawanan bisa
ngawujudkeun ajén jeung kapribadian anu mulya, tanggung jawab, sangkan dipikacinta ku batur.
Karakter ieu diperlukeun pikeun ngadukung pangwangunan nagara dina sagala widang.
Salasahijina wujud kapadulian kana jasa pahlawan dina zaman modéren ieu, nyatana guru. Bisa
ngaliwatan rangkéan puisi anu dikhususkeun kanggo para guru.keun kanggo para guru.
22. Eusi bacaan di luhur nyaeta ….
A. Sumanget kapahlawanan pikeun pangwangunan
B. Sumanget kapahlawanan jeung kapribadian
C. Satiap jalma kudu boga sumanget kapahlawanan
D. Puisi kanggo guru

23. Salahsahiji cara némbongkeun kapadulian ka guru anu jadi pahlawan moderen numutkeun bacaan
di luhur diantarana, ….
A. Mangnyieunkeun puisi keur guru
B. Guru dititah nyieun puisi
C. Kumaha mun anu nyieun puisi keur guru
D. Murid kelas 6 nyieun jeung macakeun puisi keur guruna
Sapatu Hibar Syahrul Gafur
Kungsi aya berita, boh dina koran boh dina acara salah sahiji televisi swasta. Eusi warta
téh nyaétadipanggihkeunana hiji modél sapatu anu fungsina kacida pisan pentingna pikeun
kasalametan. Sapatu anti kekerasan hasil karya Hibar Syahrul Gafur (14 taun), nyaéta siswa kelas
VIII SMPN I Bogor téh diilukeun dina ajang kompetisi “Sain Internasional Exhibition of Young
Inventors (IEYI) 2013 di Kuala Lumpur, Malaysia”. Malah hasilna ogé meunang medali emas
pikeun kategori Safeti and Health. Babaturan sasakolana, umumna warga SMPN I Bogor kacida
bungaheunana. Saréréa milu reueus ku préstasina meunang medali emas.. Sok sanajan kitu Hibar
teu ngarasa adigung pédah meunang pangleler medali jeung piala dina ajang kompetesi eta.
24. Suri toladan naon anu bisa diconto ku urang ti tokoh anu aya dina carita tadi ?
A. usaha nyieun sapatu
B. sumanget nyieun sapatu
C. dagang sapatu
D. paduli ka balarea ku cara nyieun sapatu modifikasi

Titenan kalimah di handap!


Hibar teu ngarasa adigung pédah meunang pangleler medali jeung piala dina ajang kompetesi éta.
25. Mana anu kaasup kana kecap babasan tina éta kalimah ?
A. piala
B. bungah
C. adigung
D. hebat

Hapé
Handphone (hapé) téh barang anyar produk perusahaan éléktronik ti luar negri, gunana
pikeun alat komunikasi. Mimiti diwanohkeun di Indonesia dina taun 1996. Wangunna kotak
leutik, babari dikeupeul, sarta hampang. Hapé produk taun 2000-an, nu tadina ukuranana leutik
téh ngised kana ukuran menengah. Satutas taun 2000an wangunna ngalaman inovasi anyar robah
deui, ukuranana jadi gedé. Sanggeus ngawasa pasar hapé sababaraha lilana di sababaraha tempat,
pausahaan ti Finlandia téh akhirna mah asup kana hapé aksés internét, maké papan ketik modél
komputer. (Diropéa tina Tak Pernah Puas “Gadgét Kita!”, Pikiran Rakyat, 31 Oktober 2013
26. Taun sabaraha hapé mimiti diwanohkeun ka masyarakat Indonésia ?
A. taun 2000
B. taun 2006
C. taun 1996
D. taun 2006

27. Naon pangaruh négatif globalsisasi pikeun urang dina zaman kiwari ?
A. pangwangunan beuki maju
B. barang éléktronik beuki loba
C. pangwangunan pabrik ngaruksak leuweung
D. nu boga hapé beuki loba

28. Legok tapak génténg kadék hartina ....


A. Jelema anu loba pangalamanana
B. Jelema anu loba élmuna
C. Jelema anu loba hartana
D. Jelema anu kuat di kadék

Wawancara
Pewawancara : “Mang, dupi jenengan mamang téh saha?”
Narasumber : “Mang Jojon, Néng”
Pewawancara : “Naon ari pakasaban mamang?”
Narasumber : “Icalan mié ayam, Néng”
Pewawancara : “Tos sabaraha taun mamang icalan mié ayam?”
29. Usaha naon anu dilakonan ku mang Jojon dina téks wawancara di luhur nyaeta?
A. tukang mié ayam
B. tukang ngadu hayam
C. tukang dagang hayam
D. tukang daging hayam
30. Iraha rék bareng deui ngagawéan tugas basa sunda téh (...)
Tanda baca nu merenah jang kalimah diluhur, nyaeta ....
A. ( ? )
B. ( , )
C. ( . )
D. ( “ )
II. Jawab pertanyaan-pertanyaan kalawan singkat tur jelas!

31. Tulis conto 3 ngaran pakakas anu sok dipaké ku para patani!

Tengetan ieu gambar !

32. Jieun 2 kalimat tanya tina éta gambar di luhur!

Titenan paragraph di handap!


Indonésia téh nagara nu subur makmur,gemah ripah loh jinawi. Alamna éndah.Tanahna héjo
lémbok. Rupaning sumber daya alam nyampak di Indonésia. Kaéndahan jeung kabeungharan tanah
Indonésia geus kawentar ka mancanagara
33. Tuliskeun ide pokok tina paragraf di luhur!

34. Sebutkan 3 bagian dari téks biantara!

35. Tulis kalimah anu mangrupa bubuka dina biantara!

You might also like