You are on page 1of 13

DOKUMEN NEGARA SANGAT RAHASIA

SOAL PREDIKSI
UJIAN SEKOLAH BERSTANDAR NASIONAL
TAHUN PELAJARAN 2018/2019
LEMBAR SOAL

Mata Ujian : Bahasa Sunda


Kode Soal : KTSP 2006 / P-Utama
Satuan Pendidikan : SMP/MTs
Hari/Tanggal :
Waktu : 07.30 – 09.30 (120 menit)

PETUNJUK UMUM

1. Mulailah dengan membaca bacaan basmalah.


2. Isikan identitas Anda pada Lembar Jawaban Ujian Sekolah Berstandar Nasional
(LJUSBN) Bahasa Dan Sastra Sunda yang tersedia dengan menggunakan pensil 2B.
3. Hitamkan bulatan di depan nama mata ujian pada LJUSBN.
4. Jagalah LJUSBN agar tidak rusak, sobek ataupun terlipat.
5. Jumlah soal sebanyak 40 butir pilihan ganda dengan 4 (empat) pilihan jawaban dan 5
butir soal uraian.
6. Periksa dan bacalah setiap butir soal sebelum Anda menjawabnya.
7. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak
atau tidak lengkap.
8. Periksa kembali pekerjaan Anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian.
9. Lembar soal tidak boleh dicoret-coret.
10. Apabila ada jawaban yang dianggap salah maka hapuslah jawaban yang salah
tersebut sampai bersih, kemudian hitamkanlah kotak pada huruf jawaban lain yang
Anda anggap benar.
Contoh : A B C D E

a. sebelum menjawab

b. sesudah menjawab

c. sesudah diperbaiki

11. Untuk soal uraian, tulislah jawaban pada lembar yang tersedia.
12. Setiap bentuk kecurangan adalah pelanggaran dan dicatat sebagai dosa yang akan dibawa
sampai akhirat.

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


SOAL PILIHAN JAMAK

Baheula, di hiji kampung aya saurang budak lalaki. Égon ngaran éta budak téh. Hanjakal
éta budak téh kacida malesna sarta sok ngalawan ka nu jadi indung. Kalakuan séjénna anu
goréng téh nyaéta resep pisan ngadukeun domba.
Dina hiji poé, Égon indit bari nungtun domba jaluna anu begang lantaran teu diurus muru
ka tegalan paranti manéhna ngadukeun domba.
“Héy, Ro. Yu urang adukeun deui domba téh,” ceuk Egon ka Suhro nu geus nyampak di
éta tempat.
“Ké heula atuh Gon, domba kuring mah can seubeuheun nyatuan,” jawab Suhro.
“Alaaah....teu pira ogé sato atuh, Ro. Keur naon dipikanyaah ogé, domba mah moal
ngartieun ieuh!”
“Enya ari moal ngartieun téa mah, tapi sarua baé jeung urang hayangeun baranghakan.”
“Bener, Ro. Sok lah geura prung adukeun, ngarah ramé yeuh!” ceuk Si Aron ngahatéan.
Ahirna Suhro éléh déét. Domba maranéhna nu can seubeuh nyatuan téh dipaksa sangkan
diadu.
Beletak...beletak...sora tanduk diadu matak linu kadéngéna. Suhro, Égon jeung Aron
mah teu boga kapaur sok komo karunya. Maranéhna anggur ting aréngklak bari sareuri suka
pisan ningali domba nu keur silih teunggar téh.
Lila ogé diaduna éta domba téh. Ahirna domba Égon béakeun tanaga, tuluy lumpat
ngajauhan domba Suhro. Suhro jeung Aron ngékéak Égon nu lumpat ngudag dombana anu
lumpat kana rungkun.
“Héy ! Néangan saha manéh ?” teu kanyahoan aya nu nyentak ka Égon. Égon ngalieuk
ka lebah datangna éta sora. Gebeg manéhna ngarénjag, sabab nempo hiji lalaki sembada sarta
beungeutna perenges pikasieuneun.
………………………………………………………………………………………..
1. Amanat nu kapanggih tina éta dongéng nyaéta……
A. kudu resep ngadukeun domba C. nyaah ka sasama mahluk Allah
SWT
B. nyaah ka babaturan D. kudu jadi jalma males

2. Palaku utama dina dongéng di luhur nyaéta….


A. Aron C. domba
B. Suhro D. Egon

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


Nu nelepon : “Assalaamu’alaikum, tiasa nyarios sareng Yudi?”
Sonya : “Wa’alaikum salam, manga, ké antosan sakedap!”
Yudi : “Halo,………………………………………….?”
Nu nelepon : “héy, Yud! Ieu Tatang, piraku poho.”

3. Kalimah nu éféktif jeung luyu pikeun ngalengkepan guneman dina telepon di luhur nyaéta….
A. Mangga bade nyarios sareng saha? C. Kumaha damang?
B. Dupi ieu nyarios sareng saha? D. Abdi hilap deui sareng saha nya ieu téh?

BABAD MAJALENGKA
Taun 2018 téh umur kota Majalengka nincak ka 538. Ditilik tina umurna bisa dicindekkeun
yén Majalengka téh lahir taun 1490 Maséhi.
Katangtuan milangkala Majalengka téh dumasar kana Perda No. 05/OP.013.1/PD/1982
tanggal 9 Juni 2005, pasal 1 ayat 1 anu unina : ”Hari jadi Majalengka jatuh pada tanggal 7 Juni
1490 Masehi bertepatan dengan tanggal 10 Muharam”.
Tatapakan ditetepkeunana éta perda nyaéta dumasar kana babad ayana Karajaan
Sindangkasih anu diratuan ku Ratu Rambut Kasih.
Kecap Majalengka téh asalna tina dua kecap nyaéta maja jeung langka. Eta kecap asalna tina
basa Cirebon, maja, ngaran sarupaning buah nu bisa dipaké pikeun ngubaran kasakit muriang
(malaria), sedengkeun langka hartina euweuh. Lengkepna Babad Majalengka téh saperti pedaran
ieu di handap.
Mangsa harita di wewengkon Majalengka ayeuna ngadeg tilu karajaan Hindu. Cakraningrat
ngaheuyeuk Karajaan Rajagaluh, Pucuk Umun di Talaga, jeung Nyi Rambut Kasih ratu di
Sindangkasih.
Nyi Rambut Kasih kawentar ratu nu geulis kawanti-wanti, sakti, gedé wibawa jeung gedé
komara, sarta jadi panutan rahayatna.
Sabagian tina wewengkon Sindangkasih masih mangrupa leuweung geledegan. Di antara
tutuwuhanana aya nu disebut tangkal maja, anu hasiatna pikeun nyageurkeun kasakit malaria
atawa muriang.
Teu jauh ti Sindangkasih, di Cirebon aya pamaréntahan anu dipingpin ku ulama kamashur,
Syéh Sarif Hidayatulloh. Jaman harita, di Cirebon sumebar kasakit muriang. Loba pisan anu
kaserang, malah anu tepi ka hanteuna ogé réa deuih.
Syéh Sarif Hidayatulloh ngutus Pangéran Muhamad jeung Siti Armilah pikeun neangan buah
maja. Nya terus éta dua utusan téh arindit. Ngan baé lian ti rék néangan buah maja téh, Pangéran
Muhamad jeung Siti Armilah boga tujuan séjén, nyaéta rék nyebarkeun agama Islam.

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


Lantaran utusan ti Cirebon datangna ka Sindangkasih henteu permisi heula, Nyi Rambut
Kasih henteu sukaeun wewengkonna ditincak ku jalma lian. Nyi Rambut Kasih ngawatek
kasakténna. Leuweung nu asalna rembet ku tangkal maja dadaksakala leungit ilang tanpa
karana. Atuh dua utusan téh teu manggihan buah anu keur ditéanganana.
“Majané langka, majané langka!” ceuk eta utusan dina basa Cirebon, anu maksudna tangkal
maja téh euweuh. Nya nelah baé jadi “majalengka”.
Sanajan anu ditéanganana teu kapanggih, Pangeran Muhamad jeung Siti Armilah henteu
terus mulang ka Cirebon. Ceuk angkeuhanana, sugan baé dina hiji waktu mah bakal manggihan
tangkal maja. Jadi dua utusan téh terus néangan, bari sakalian nyebarkeun agama Islam ka
masarakat.
Sabada ngawurukkeun bagbagan agama Islam, Pangéran Muhamad terus matuh di Gunung
Margatapa. Ari Siti Armilah ihtiar pikeun ngislamkeun Nyi Rambut Kasih. Ngan Nyi Rambut
Kasih tetep tagen kana agemanana, tepi ka ahirna mah ngahiyang.
Sabada ditinggalkeun ku ratuna, Karajaan Sindangkasih aya dina kakawasaan Cirebon, sarta
saterusna mah dingaranan Majalengka.

4. Diantara pasipatan Ratu Rambut Kasih nu dicaritakeun dina carita babad di luhur nyaéta….
A. Gedé wibawa jeung gedé komarana
B. Gedé kawani jeung gedé karajaanna
C. Gedé wibawa jeung gedé kanyaahna
D. Gedé komara jeung gedé kahayangna

5. Kumaha sikep Ratu Sindangkasih basa diajak ku Siti Armilah sangkan ngagem agama
Islam?

A. Narima C. Teu nampik


B. Nolak D. Teu nolak

6. Naon nu kaalaman ku dua utusan ti Cirebon nu dibalukarkeun ku tindakan Ratu


Sindangkasih?
A. Teu bisa manggihan buah naga C. Bisa manggihan buah naga
B. Teu bisa manggihan buah maja D. Bisa manggihan buah maja

Beja ti Papandayan

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


Kuring talatah ka angin garing
Sugan tembus ka nu sidendang na korsi gading
Lamun ayeuna kuring rungsing
Ku sabab awak diranjah teuing
Kuring talatah ka walungan lahar
Susuganan numuwuhkeun rasa sadar
Mun cai geus nembongkeun rasa pengar
Eta hartina awak kuring teuing ku angar
Kuring talatah ka hujan lebu
Sugan ngalelemu nu luhung panemu
Sabab weteng kuring nu pinuh ku batu
Tong nepi ka ngabalukarkeun rewuan tatu

7. Saha nu dimaksud ku kecap kuring dina eta sajak?


A. Walungan C. Elmuwan
B. Gunung D. Pejabat

8. Naon nu jadi sabab pangna pangarang nulis eta sajak?


A. Karunya ka walungan anu caina kotor
B. Karunya ka batu nu aya di jero gunung
C. Hayang nyaritakeun kaayaan alam nu endah
D. Gunung garundul lantaran kaina pada nuar

Titenan tabel di handap, tuluy jawab pananyana!

NO PAKASABAN JUMLAH
KOLOTNA SISWA
1. Tani 40
2. Wiraswasta 25
3. Dagang 15
4. Guru 3
5. ABRI 1
JUMLAH SISWA 84

9. Sabaraha siswa anu pakasaban kolotna wiraswasta?


A. 40 urang C. 25 urang
B. 15 urang D. 3 urang
Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/
10. Pakasaban naon anu jumlah siswana panglobana?
A. Tani C. ABRI
B. Dagang D. Guru

Rupina mung sakieu unggel serat nu kapihatur, kalayan neda sih hapunten saupami kirang sapagodos
sareng manah pangersa Bapa. Mugi bae Allah SWT sapapaosna ngaleler kawilujengan ka urang sadaya.
Amiin
11. Paragraf di luhur ka asup….
A. Bubuka surat pribadi C. Panutup surat pribadi
B. Eusi surat pribadi D. Salam panutup surat pribadi

Mayunan taun ajaran 2018/2019 seueur pisan perkawis nu kedah dibadantenkeun ku sadaya
pangurus OSIS, utamina patali sareng tatahar kanggo ngalaksanakeun Masa Oriantasi Siswa (MOS).
Gempungan bade dilaksanakeun :
Dinten : Jumaah
Kaping : 8 Juli 2018
Waktos : tabuh 08.00 dugika rengse
Tempat : Rohangan OSIS SMP Islam Darussalam
Ku kituna simkuring ngulem sadaya pangurus supados tiasa ngaluuhan eta gempungan.

12. Tulisan di luhur ka asup kana ……


A. Bubuka surat resmi C. Panutup surat resmi
B. Eusi surat resmi D. Kop surat resmi

13. Tujuan surat di luhur maksudna nyaeta….


A. Ngondang rapat pangurus OSIS pikeun tatahar MOS
B. Ngondang rapat pangurus OSIS pikeun tatahar pelantikan OSIS anyar
C. Ngondang rapat pangurus OSIS pikeun tatahar paturay tineng
D. Ngondang rapat pamgurus OSIS pikeun acara syukuran

Urang sering miceunan waktu , dipaké ngobrol teu puguh, teu dieusian ku élmu. Kumaha bisana
urang rék meunang kamajuan. Umat Islam baheula, maju lantaran soson-soson néangan élmu.
Saperti Imam Syafi’i, Imam Ghozali, Ibnu Shina, jeung réa-réa deui. Urang bakal mundur lamun
males néangan élmu. Nabi Muhammad SAW tos wasiat ka urang sadaya anu unggelna :

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


“Aranjeun kedah diajar élmu, sabab upama tambah élmu, maka bakal tambah sieun ku Alloh
swt. Sarta bakal jauh tina ma’siat-ma’siat. Jeungna deui ari tolab élmu téh kaasup ibadah.”

14. Naon sababna jaman kiwari umat islam loba anu teu maju?
A. Getol diajar C. Resep ngobrol
B. Kedul nyiar elmu D. resep ngamangpaatkeun waktu

15. Dina dawuhan Rosulullah dina sempalan hutbah di luhur diterangkeun yen kauntungan tina
diajar elmu nyaeta….
A. Tambah sieun ku Allah C. Pada mikaresep
B. Babari nyiar gawe D. Loba sobat

Sakitu nu kapihatur, hapunten bilih aya nu pondok nyogok panjang nyugak, bobo sapanon
carang sapakan, langkung saur bahé carék, hapunten anu kasuhun, jembar pangampura anu
diteda.

16. Paragrap di luhur ka asup kana …….


A. Panutup biantara C. Eusi biantara
B. Bubuka biantara D. Eusi jeung panutup biantara

WAWARAN

Ka sadaya siswa nu bade ngajengkeun beasiswa prestasi, kedah saenggalna nepangan patugas Tata
Usaha sakola.
Sarat-sarat ngajengkeun beaiswa, di antawisna kedah nyanggakeun :
1. Poto ukuran 3 x 4 salambar
2. Pokokopi rapot
3. Potokopi sertifikat kajuaraan
4. Serat widi (izin) ti orang tua (sepuh)
Sadaya sarat-sarat dilebetkeun kana map warna koneng. Upami kirang jentre, tepangan Pa Agus.
Tiasa oge nelepon ka 0233 317875.
Hatur nuhu.

17. Naon jejer wawaran di luhur teh?


A. Sarat-sarat nyerenkeun potokopian
B. Sarat-sarat ngajengkeun beasiswa

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


C. Sarat-sarat nelepon ka pa Agus
D. Sarat-sarat nepangan patugas Tata Usaha sakola

18. Kecap ngajengkeun dina wawaran di luhur mibanda harti nu sarua jeung kecap….
A. Ngayakeun C. Ngahaturkeun
B. Ngaluyukeun D. Ngajukeun

19. Salah sahiji fungsi wawaran teh pikeun….


A. Nepikeun niat hade kalayan sopan
B. Nepikeun informasi ka balarea
C. Nepikeun kahayang ka batur
D. Mangaruhan babaturan deukeut

20. Panumbu catur dina debat teh jalma anu boga wewenang pikeun….
A. Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi ka rengse
B. Milih alus henteuna kelompok anu debat
C. Meunteun kelompok anu alus dina debat
D. Nuliskeun kacindekan tina debat

21. Babasan panjang leungeun larapna anu merenah aya dina kalimah ….
A. Nu panjang leungeun mah biasana sok tual-toel
B. Budak nu panjang leungeun mah so puak-paok
C. Doni mah panjang leungeun, da sakitu daekannana
D. Nita mah budak panjang leungeun, nilai rapot na oge alus

22. Bi kumaha damang? Mudah-mudahan Bibi salawasna aya dina kaayaan sehat.
Ungkara dina sempalan surat pribadi di luhur teh kaasup kana bagean…
A. Salam bubuka C. Bubuka surat
B. Eusi surat D. Salam Panutup

23. Bagean surat nu nuduhkeun tempat, tanggal, bulan, jeung taun ditulisna surat nyaeta…..
A. Bubuka C. Titimangsa
B. Eusi D. Panutup

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


Panalungtikan di Amerika kana produk olahan anu asalna tina kadele, saperti tahu jeung
tempe netelakeun yen eta kadaharan teh bisa ngurangan kadar koresterol 9,3 % dina waktu 6
nepi ka 12 minggu.
Lamun unggal poé ngadahar kadaharan tina kadelé 31 – 41 gram, bakal mampuh nahan
kolesterol serum jeung kolesterol LDL. Turunna kadar kolesterol téh bakal katara pikeun anu
kadar kolesterol dina awakna antara 250 – 300 mg/dl, nyaéta 7,4%. Pikeun anu kadar
kolesterolna luhur pisan bisa turun nepi ka 19,6%.

24. Kacindekan (kasimpulan) paragrap ka hiji tina sempalan esey di luhur nyaeta…
A. Tempe jeung tahu mangrupa kadaharan nu gede gunana
B. Tempe jeung tahu mangrupa olahan tina kadele anu ngeunah pisan
C. Olahn tina kadele seperti tempe jeung tahu bisa ngurangan kadar kolesterol
D. Kolesterol bisa turun ku cara dahar kacang kadele unggal poe

25. Di antara cara anu bisa dilaksanakeun samemeh ngarang esey, iwal….
A. Netepkeun pasualan atawa perkara nu rek ditulis
B. Mikiran pijuduleun anu matak ngirut ka nu maca
C. Nyusun raraga karangan
D. Meuli heula Koran atawa majalah

26. Memeh ngarang esey, perlu ngumpulkeun data atawa bahan tina buku, majalah, atawa
internet nu tujuanna pikeun…
A. Ngarojong eusi karangan C. Nyusun raraga karangan
B. Nyieun judul karangan D. Netepkeun jumlah paragraph karangan

27. Karya sastra winangun prosa reakaan (fiksi) dina wangun lancaran tur alur caritana
ngarancabang (kompleks), biasana tokohna loba, alurna panjang, latarna laluasa, tur eusi
caritana nyaritakeun kahirupan sapopoe, disebut….
28.
A. Carpon C. Pantun
B. Dongeng D. Novel

29. Novel sunda nu pangheulana medal dina taun 1941 nyaeta…


A. Baruang Ka Nu Ngarora karya D.K. Ardiwinata

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


B. Siti Rayati karangan Muhamad Sanusi
C. Agan Permas Karangan Yuhana
D. Pangeran Kornel karangan R. Memed Sastrahadiprawira

30. Unsur pangwangun novel anu eusina nyaritakeun waktu jeung tempat lumangsungna
kajadian dina carita disebut….
A. Jejer C. Galur
B. Amanat D. Latar

MEMENIRAN

Nagara urang nagara nu subur ma’mur. Loba tutuwuhan anu bisa dijadikeun ubar.
Ngagunakeun ubar tradisional, bisa disebut leuwih aman tina efek sampingna. Salahsahiji
tutuwuhan obat tradisional Indonesia diantarana memeniran. Kaasup tutuwuhan anu mujarab
pikeun nyageurkeun kasakit maag.
Tangkal memeniran sering kapanggih lamun urang ulin ka tegalan, sisi kebon atawa
pakarangan kosong teu kaurus. Jangkung tangkalna teu leuwih ti dua jeungkal ramo panangan
déwasa. Wangunna siga tangkal asem anu dibonsay. Rupa daunna héjo aya titik-titik di bagéan
handapna, watangna leutik sagédé cinggir anu rupana héjo ngora. Biasana tumuwuhna di antara
jukut anu ngajejembrung.
Nurutkeun panalungtikan paraahli, ti taun 2000, memeniran resmi jadi ubar urang India.
Sababaraha jenis tumuwuh subur di nagara-nagara Asia saperti Indonesia, China jeung Filiphina.
Dina basa Inggris memeniran téh disebut Child Pick a Back, sedengkeun dina basa India disebut
Pitirishi, Budhatri.
Kabéh bagian tina tangkal memeniran ieu, ti mimiti akar, watang jeung daun bisa dipaké
ubar. Salian ti maag kasakit anu bisa diubaranana rupa-rupa kayaning infeksi liver, hépatitis,
ngalancarkeun kahampangan, malaria jeung batu ginjel.

31. Anu jadi jejer dina wacana di luhur nyaeta….


A. Ubar tradisional C. Cara melak ubar tradisonal
B. Mangfaat tutuwuhan D. Cara ngolah ubar tradisional

32. Artikel anu judulna “memeniran” patali jeung widang ….


A. Atikan C. Kasehatan

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


B. Lingkungan D. Kaagamaan

33. Ubar tradisional mah teu nimbulkeun efek samping.

Efek samping hartina......


A. Hasiat C. Kagunaan
B. Balukar tina hiji perkara D. Hasil tina hiji perbuatan

34. Boga duit sautak saeutik teh tabungkeun, sing bisa…..atuh ulah jajan bae.
A. Cikaracak ninggang batu C. Mipit kudu amit ngala kudu menta
B. Ngeuret neundeun D. Jati kasilih ku junta

35. Ih, kumaha ieu teh bet……, can gawe tapi geus menta buruh.
A. Nete taraje nincak hambalan C. Pacikrak ngalawan merak
B. Pupulur memeh mantun D. bonteng ngalawan kadu

Isah : “Rat, PR Basa Sunda téh tos réngsé teu acan ?”


Ratih : “PR nu mana téa nya ?”
Isah : “Eta geuning ngadamel sisindiran !”
Ratih : “Oh, éta. Nu mawi abdi mah teu acan. Dupi Isah, PR-na tos bérés kitu ?”
Isah : “Parantos, kaleresan dirorompok aya Aa, pinter ngadamel sisindiran .”
Ratih : “Euleuh resep atuh nya ari aya nu ngabantosan mah!
Abdi mah teu aya pisan nu tiasa diajak badanten. Janten sakalieun aya PR nu sesah téh sok
binggung.”
Isah : “Ah, tong bingung-bingung atuh. Sumping ka rorompok pan caket. Urang sasarengan diajar.
Pun lanceuk sareng pun Biang mah pasti bingaheun geura.”
Ratih : “Insya Alloh ka payun mah.”

36. Saha palaku din paguneman di luhur nu boga maksud ngajak ngarengsekeun PR?
A. Isah C. Lanceuk Isah
B. Ratih D. Lanceuk Ratih

37. Naon Sababna ratih ngarasa bingung?


A. Sabab teu boga lanceuk C. Sabab PR-na can anggeus
B. Sabab geus bisa ngarengsekeun PR D. Sabab taya nu bisa diajak badami

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


38. Ieu di handap mana kecap barang anu nuduhkeun alat?
A. Paneunggeul C. Mobil
B. Imah D. Lembur

39. Pagelaran drama anu dipintonkeun disebut….


A. Rampak sekar C. Aransemen
B. Wirahma D. Gending karesmen

40. Mana kalimah langsung anu bener!


A. Saha anu teu sakola?
B. “Keur naon gunana memeniran teh?” Iwan nanya.
C. Iraha rek indit ka Jakarta teh?
D. Iwan nanyakeun gunana memeniran teh.

41.

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/


Soal Uraian
1. Tulis hiji conto wawaran ngeunaan pasang giri maca sajak di sakola hidep!
2. Robah ku hidep data babandingan kandungan susu kadelé, jeung susu sapi ieu di handap kana
wangun tabel!
Kandungan susu kadelé / 100 g : kalori 44; cai 90,8; protein 3,6; lemak 2,0; karbohidrat 2,9; abu
0,5; kalsium 15; fosfor 49; natrium 2; jeung besi 1,2.
Kandungan susu sapi / 100 g : kalori 59; cai 88,6; protein 2,9; lemak 3,3; karbohidrat 4,5; abu 0,7;
kalsium 100; fosfor 90; natrium 16; jeung besi 0,1.

PIWURUK GURU

Heug regepkeun barudak


Pepeling ti paraguru
Nu baris ngeusian pikir
Nu bakal nyaangan rasa
Mun ku hidep digarugu
3. Tulis eusi sajak di luhur dina wangun lancaran make bahasa hidep sorangan!
4. Lengkepan guneman di handap ieu!
Siswa : “Wilujeng énjing, Pa !”
Guru Silat : “_____________________________________ !”
Siswa : “________________________________________________________ !”
Guru Silat : “Oh, henteu ! Mangga baé upami aya taroskeuneun mah !”
Siswa : “Dupi pagurun silat nu dipingpin ku Bapa téh naon namina ?”
Guru Silat : “________________________________________________________ !”
Siswa : “________________________________________________________ !”
Guru Silat : “Aya panginten 25 taun mah !”
Siswa : “Saha nu kagungan pokal ngadegkeun ieu paguron téh, Pa ?”
Guru Silat : “Pun Bapa nu jenenganana Abah Mardi !”
Siswa : “________________________________________________________ !”
Guru Silat : “Kanggo ngajaga diri wé bilih aya bancang pakéwuh !”
Siswa : “________________________________________________________ !”
Guru Silat : “Sami-sami Cép. Walaikum salam !”

5. Sebutkeun ku hidep ciri-ciri surat dines!

Hak cipta soal ada pada https://www.carasunda.com/

You might also like