You are on page 1of 11

DOKUMEN SEKOLAH

SANGAT RAHASIA

UJIAN SEKOLAH
SEKOLAH MENENGAH PERTAMA (SMP)
TAHUN PELAJARAN 2018/2019

LEMBAR SOAL

BAHASA SUNDA
Selasa, 18, April 2019 (10.00-11.30)

PETUNJUK:
1. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya!
2. Jumlah soal sebanyak 45 buah pilihan ganda dan 5 buah uraian.
3. Kerjakan terlebih dahulu soal yang Anda anggap mudah!
4. Disediakan Lembar Jawaban Ujian Sekolah (LJUS).
5. a. LJUS dipergunakan untuk menjawab soal pilhan ganda
b. Tulislah dengan nama jelas : Nama Anda, Sekolah Asal, Tanggal Ujian Sekolah, Jam
ke,
Tanda Tangan, dan menyilang jawaban LJUS sesuai petunjuk!
c. Jawaban dikerjakan dengan cara menyilang sesuai dengan jawaban yang
Anda anggap benar dengan menggunakan pensil 2B.
d. Apabila ada jawaban yang keliru dan Anda ingin memperbaikinya, hapuslah jawaban
keliru itu dengan menggunakan penghapus pensil, kemudian silang jawaban lain
sesuai dengan jawaban yang Anda anggap benar!
e. LJUS jangan sampai rusak, basah atau kotor
6. Laporkan kepada Pengawas`Ujian Sekolah kalau terdapat tulisan yang kurang jelas, rusak
atau jumlah soal kurang!

SELAMAT BEKERJA

A. Pilihan jawaban yang benar!


1. Regepkeun wacana di handap!
Teu, kuring mah teusingna ngarasa éra atawa sieun basa digeroan ku guru basa Sunda kudu mangadep
ka kantor téh. Ceuk babaturan, pajarkeun kuring rék dibéré “sangsi ”lantaran sok telat mulangkeun buku-
buku bacaan basa Sunda ka perpustakaan sakola. Keun baé, da sok dibayar ari didenda ogé. Enya, ku
kituna téh mah, mending pisan kuring telat mulangkeun buku-buku anu aya patalina jeung bacaan sastra
Sunda. Resep atuda, kagok ari can tamat macana téh. Pogot pisan lamun geus macaan buku dongéng,
novel, carita pondok, atawa buku-buku kumpulan sajak Sunda. Da lamu seug boga duit mah hayang meuli
langsung ka toko buku, supaya boga sorangan di imah.
Paragrap di luhur téh eusina nyaritakeun tokoh kuring anu...
a. ngarasa éra digeroan ku guru basa sunda
b. tara mayar denda buku anu telat dipulangkeun
c. ngarasa siuen digeroan ku patugas perpustakaan
d. resep maca buku-buku abu aya patalina jeung bacaan sastra sunda

2. Regepkeun cutatan dongéng di handap!


Kabeneran pisan di kolong saung téh aya Si Tumang, anu ngadéngéeun omongan Dayang Sumbi. Éta
taropong téh dicokot ku Si tumang sarta tuluy dibikeun ka Dayang Sumbi. Karuhan baé Dayang Sumbi téh
kacida reuwaseunana, teu nyangka yén anu mangnyokotkeun taropong téh geuning anjing, lain manusa.
Mangkaning manéhna geus kedal ucap, mun lalaki rék dijadikeun salaki. Ari Si Tumang, apan anjing jalu.

Amanat anu kagambar dina cutatan dongéng di luhur téh nyaéta...


a. ulah sok saomong-omongna
b. ulah sok ngomongkeun batur
c. meunang ngomong naon waé
d. mun ngomong ulah tarik teuing

3. Iklan layanan masarakat di gigir téh, fungsina pikeun


umajak ka masarakat sangkan...
a. migawé pagawéan anu hadé
b. migawé pagawéan anu teu hadé
c. ulah migawé pagawéan anu hadé
d. haré-haré teu paduli ka lingkunganana

4. Regepkeun paguneman di hadap!


Harita téh poé Rebo, Réni teu acup sakola kulantaran nyeri huntu. Pipit salaku batur sakelasna ngarasa
karunyaeun, sabab aya pancén ti sakola anu kudu diréngsékeun, tuluy Pipit nelepon ka Réni.
Pipit : “Halo, Assalamu’alaikum!”
Réni : “Wa’laikumussalam, ieu Pipit nya?”
Pipit : “Enya Rén, kumaha Rén geus mendingan?”
Réni : “Alhamdulillah Pit ayeuna mah geus teu karasa teuing nyerina. Oh enya Pit ari tadi di sakola
aya pancén teu?”
Pipit : “Aya ti Pa Dédén, kudu nyieun kelompok degung pikeun nyanghareupan pasanggiri antar kelas
anu rék diayakeun bulan hareup, tapi saacanna diadukeun heula antar kelompok sakelasna. Réni
ogé geus diasupkeun kana kelompok Pipit, teu nanaon pan?”
Réni : “Ih nuhun pisan atuh Pit ari geus diaku mah. In Sha Allah Réni gé isukan mah rék
maksakeun sakola, do’akeun wé nya Rénina sing jagjag!”
Pipit : “Puguh wé atuh Rén. Ulah henteu nya, isukan didagoan!”
Réni : “In Sha Allah, nuhun nya Pit! Salam ka saréréa, Assalamu’alaikum. ”
Pipit : “Wa’laikumussalam!”

Ragam basa anu digunakeun ku Pipit jeung Réni dina paguneman di luhur téh nya éta ragam basa....
a. budak
b. hormat
c. kasar
d. loma
5. Regepkeun pupujian di hadap!
Bismilah ucap ngawitan,
Terasna ngumbah panangan,
Kekemur dilebet baham,
Ngingsreuk cai lalaunan.

Cutatan pupujian di luhur téh ngandung eusi....


a. do’a jeung tobat ka pangéran
b. muji ka gusti alloh
c. ajaran agama
d. pépéling

6. Regepkeun pupujian di hadap!


Éling-éling dulur kabéh,
Ibadah ulah campoléh,
Beurang-peuting ulah weléh,
Bisina kaburu paéh.

Amanat pupujian di luhur téh, nyaéta nitah urang sangkan ... dina ngalaksanakeun ibadah ka Allah
Subhanahu wata’ala.
a. campoléh
b. ngedul
c. weléh
d. getol

7. Perhatikeun gambar di hadap!

Kaulinan anu ditunjukkeun ku gambar di luhur, nyaéta....


a. maén karét/sapintrong
b. eundeuk-eundeukan
c. pacici-cici putri
d. ambil-ambilan

8. Kaulinan barudak lalaki anu heuteu dibarung ku kakawihan, diantarana ... jeung....
a. boy-boyan, eundeuk-eundeukan
b. oray-orayan, jajangkungan
c. ucing-ucingan, boy-boyan
d. oray-orayan, cingciripit
9. Titenan judul dongéng di handap!
1) Tukang Cukur Panipuan
2) Si Kabayan Ngala Nangka
3) Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyet
4) Cikaracak Ninggang Batu, laun-laun Jadi Legok

Di antara dongéng- dongéng di luhur, anu dianggap asli dongéng Sunda, nyaéta nomer....
a. 1 jeung 2
b. 2 jeung 3
c. 1 jeung 4
d. 3 jeung 4

Regepkeun sempalan rumpaka kawih di hadap keur ngajawab soal nomer 10 jeung nomer 11 !
Tanah Sunda, gemah ripah
nu ngumbara suka betah
urang sunda, sing towéksa
nyangga darma anu nyata
Seuweu Pajajaran muga tong kasmaran
sing tulatén jeung rumaksa
miara pakaya mémang sawajibna
getén titén rumawat tanah pusaka

10. Paragrap di luhur téh mangrupa semplan rumpakan kawih anu judulna....
a. Urang Sunda
b. Tanah Sunda
c. Tanah Pusaka
d. Seuweu Pajajaran

11. Saha nu dimaksud “ nu ngumbara” dina kawih di luhur...


a. urang Sunda asli
b. jalma-jalma nu datang ka tatar sunda
c. urang asing
d. jalma nu anyar

12. Regepkeun sempalan sajak di hadap!


Wanci layung hurung konéng
manéhna datang leungeunna euweuh sapotong
bedil nyolébgkrang na tonggong
pélor ngabérés handapeun cangkéng

Latar waktu anu kagambar dina sempalan sajak di luhur téh nyaéta....
a. soré
b. peuting
c. beurang
d. isuk-isuk
13. ieu tulisan dina aksara Sunda téh dibacana....

a. aya
b. ada
c. ala
d. asa

14. Regepkeun pupuh di hadap!


Hayu batur urang singkil babarengan,
nyiar élmu pangarti,
ngulik basa Sunda,
banda budaya urang,
warisan ti nini aki,
kudu diriksa,
mekar sapanjang jaman.

Patokan guru wilangan jeung guru lagu pupuh di luhur nyaéta....


a. 9-i, 6-o, 10-é, 10-i, 6-i,6-u
b. 12-a, 7-i, 6-a,7-a, 8-i, 5-a,7-a
c. 12-an.7-i, 6-a, 7-ng, 8-i, 5-a,7-a
d. 12-gan, 7-i, 6-a, 7-ang, 8-i, 5-a, 7-a

15. Ieu di handap mangrupa sesebutan pikeun jalm anu miboga panén ngatur lumangsungna hiji acara, iwal...
a. MC
b. protokol
c. panata acara
d. panata calagara

16. Perhatikeun runtuyan acara di handap!


1) Bubuka
2) Biantara ti Ketua OSIS
3) Biantara ti Bapa Pangaping OSIS
4) Tanya jawab
5) Kacindekan rapat
6) Panutup

Ieu téh mangrupa runtuyan acara dina kagiatan....


a. rapat kelas
b. rapat osis
c. pasanggirih biantara
d. laihan dasar kepemimpinan OSIS

17. Hiji katerangan atawa béja bisa disebut warta upama....


a. dibaca ku balaréa
b. ditulis ku wartawan
c. dimuat dina média massa
d. dikirimkeun ka media massa
18. Regepkeun sempalan drama di handap!
Isuk-isuk, Kabayan téh masih kéneh cinutrum diharundum sarung dihareupeun imah mitohana. Teu lila
mitoha lalakina datang bari geus siget make baju gawe. Teu lila mitohana ngahudangkeun Si Kabayan....

Sempalan diluhur téh mangrupa ... dina drama.


a. monolog
b. dialog
c. epilog
d. prolog

19. Regepkeun sempalan drama di handap!


Di leuweung sadaya anu moro geus sariap nyieun jebakan paranti uncal. Ari Kabayan kalahkah indit
neangan tempat paranti sare deui. Keur tibra sare, teu lila kadenge sora sato riuh ti kajauhan.

Latar tempat nu kagambar dina sempalan drama di luhur téh nyaéta...


a. Imah
b. Kamar paranti sare
c. buruan
d. leuweung

20. Data jumlah toko swalayan jeung warung tradisional di wewengkon Kabupaten Bogor ti taun 2017
nepi ka 2019

Hal atau digambarkan dina grfik di luhur nyaéta....


a. jumlah warung tradisional sarua lobana jeung toko swalayan
b. ti taun 2017 nepi ka 2019 jumlah toko swalayan beuki ngurangan
c. jumlah warung tradisional leuwih loba tibatan toko swalayan
d. ti taun 2017 nepi ka 2019 jumlah warung tradisional beuki nambahan

21. Regepkeun sempalan dongéng di handap!


Peuting tadi di lembur kuring aya anu nanggap wayang. Kuring lalajo nepi ka tabuh tilu subuh. Ramé
tuda, lalakonna pikareepeun. Katambah dalangna geus kasohor.
Teu inget saeutik ogé lamun isuk téh kudu sakola. Da sasarina mah ari aya lalajoaneuna téh sok malem
Minggu. Éta ogé hudang sotéh bané wé digeuingkeun ku Ema.
“Ujang, naha moal sakola?”
Kuring ngoréjat. Rét kana jam, geus satengah tujuh. Gesat-gesut ka cai. Teu mandi-mandi acan, da
sieun kabeurangan.
Latar tempat anu kagambar tina sempalan dongéng di luhur nyaéta....
a. sakola
b. pangulinan
c. pamandian
d. lembur

22. Perhatikeun kalimah-kalimah di handap!


1) Jeung dulur mah ulah sok heurasna, kudu aya nau daék ngéléhan.
2) Si Juhéb mah sakolana geus ngendog deui baé di kelas hiji.
3) Strobéri mah alusna dipelak di tempat anu hawana tiis.
4) Teu resep ah, lalajo calung téh, ngabodorna garing.

Kalimah-kalimah di luhur téh ngadung kecap anu miboga harti injeuman, iwal....
a. 1 (hiji)
b. 2 (dua)
c. 3 (tilu)
d. 4 (opat)

23. Titenan kalimah di handap!


...téh nyaéta ungkaran basa anu kekecapannana geus matok, puguh éntép seureuhna, sarta moboga harti anu
béda jeung harti kecap asalna.

Eusi bagian nu leungit nyaéta....


a. pakeman basa (idiom)
b. rakitan lantip
c. paribasa
d. babasan

24. Titenan tabel di hadap!


No. Ungkara basa
1. Bandung heurin ku tangtung
2. Galunggung ngadeg tumenggung
3. Nagara kartaraharja lamun cawéné geus kapanggih
4. Sunda nanjung lamun anu pundung ti Bandung ka Cikapundung geus balik deui

Dumasar kana tabél di luhur, ungkara basa anu mangrupa uga, nyaéta....
a. 3 jeung 4
b. 1 jeung 3
c. 2 jeung 4
d. 1 jeung 5

25. Titenan kalimah di handap!


Budak téh sok puaj-paok barang batur. Mun ceuk babasan mah....
a. hampang leungeun
b. panjang leungeun
c. hampang birit
d. beurat birit
26. Regepkeun paragrap di handap!
Sakitu nu kapihatur, boh bilih hambur catur teu kaukur limpas basa teu karéka, da ma’lum atuh nuju
diajar kénéh pisan, sim kuring neda dihapunten tina sagala rupi kakirangan.

Ieu paragrap téh, mangrupa bagian... tina biantara.


a. eusi
b. bubuka
c. panutup
d. salam panutup

27. Regepkeun paragrap di handap!


....téh aya patalina jeung eusi unggal bagian biantara. Upama eusian pikasediheun kudu dikedalkeun ku
rasa sedih kitu deui upama eusina pikabungaheun kudu dikedalkeun ku rasa bungah

Eusi bagian nu leungit nyaéta....


a. nada
b. lentong
c. wirahma
d. pasang peta

28. Regepkeun paragrap di handap!


Panutup catur, pungkas carita, pamuga ieu pangantén téh janten kulawarga nu sakinah mawadah,
warohmah. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Nohonan janji satia salawasna, nepi ka r énghap
panungtung misahkeun. Aamiin

Dina ieu cutatan paragrap, ungkaran anu mangrupa paribasa nyaéta....


a. pungkas carita
b. kulawarga sakinah, mawadah, warohmah
c. rénghap panungtung
d. ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salebak

29. Téhnik biantara anu heunteu ngagunakeun téks (naskah) atawa istilah polpulérna mah “ditambul”, disebut
téhnik ....
a. nyatet inti
b. ngomong
c. nalar
d. maca

30. Regepkeun sisndiran di hadap!


Sing getol nginum jajamu,
nu guna nguatkeun urat.
Sing getol néangan élmu,
nu guna dunya ahérat.

Nilik kana wangunna, sisindiran di luhur téh mangrupa....


a. pupuh
b. rarakitan
c. paparikan
d. wawangsalan
31. Regepkeun sisndiran di hadap!
Aya manuk dina pager,
Na sukuna aya bola.
Lamuan urang hayang pinter,
Kudu getol ka sakola.

Eusi sisindiran di luhur téh nyaéta....


a. piwuruk
b. sésébréd
c. heureuy
d. siliasih

32. Regepkeun wacana di hadap!


Bebegig Sukamantri, lain seni tradisi anu lahir ti beulh batu. Ceuk ujaring sepuh, taun 1970-an, kokolot
Désa Campakalarang, Kacamatan Sukamantri, ngarékacipta ieu kasenian. Mangrupa kasenian hélaran,
anu ahirna jadi kasenian has Sukamantri. Anu jadi dadasarna, cenah raket patalina jeung carita rayat
Prabu Sampulur. Raja gagah sakti mandraguna anu meruhkeun rereged di Pulo Jawa. Gambaran
kagagahan Sang Prabu Cenah, beungeut bebegig Sukamnatri téh.

Cutatan artikel di luhur téh eusian nyaritakeun sajarah lahirna...


a. carita rayat Prabu Sampulur
b. kokolot Désa Campakalarang
c. kasenian Bebegig Sukamantri
d. kasenian hélaran di Sukamantri

33. Titénan kalimah di hadap!


1) caritana panjang
2) mangrupa carita rékaan
3) latar atawa settingn leuwih jembar
4) aya palaku panglengkep jeung figuran

péreléan di luhur téh mangrupa ciri-ciri tina....


a. carita pantun
b. drama
c. novel
d. wawacan

34. Novel anu munggaran (mimiti) dina kasustraan Sunda téh judulna.......
a. Babalik Pikir
b. Mister Haur Geulis
c. Baruang Kanu Ngarora
d. Gagoda Kanu Ngarora
Wacaan pikeun soal nomer 35 nepi ka nomer 37.
Kampung Naga téh mangrupa salahsahiji kampung adat di
tatar Sunda. Perenahan di Désa Néglasari, Kacamatan Salawu,
Kabupatén Tasikmalaya. Béda jeung umumna kampung adat,
Kampung Naga mah kawilang gampang didongkangna, lantaran
tempatna henteu jauh ti jalan gedé antara Garut jeung
Tasikmalaya.
Disebut kampung adat lantaran kabiasaan pendudukna mah
anu masih kénéh pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna.
Maranéhna pantrang ngarempak adat kabiasaan anu geus
diguratkeun ku karuhunna. Nurutkeun kapercayaanana, ngarempak adat téh sarua hartina jeung henteu
ngahargaan ka karuhun.
Upama rék asup ka jero pakampunganna kudu ngaliwatan jalan nurugtug, mangrupa séséngkédan, tapi
geus ditémbok jeung dibalay ku batu tempel. Sasatna mah kudu mah kudu ngaliwatan gawir. Malah aya nu
nyebutkeun, sesebutan Kampunga Naga téh, asalna mah kampung Na Gawir, terus robah jadi Kampung
Naga

35. Kampung Naga téh perenahna di Désa ... Kacamatan.... Kabupatén.....


a. Néglasari, Salawu, Garut
b. Néglasari, Salawu, Tasikmalaya
c. Salawu, Néglasari,Garut
d. Salawu, Néglasari, Tasikmalaya

36. Disebut Kampung Naga, sabab aya nu nyebutkeun ieu kampung téh....
a. asalna tina kampung Na Gawir
b. ayana di kampung anu jauh ti kota
c. dilingkung ku pasir jeung gawir nangtwing
d. geus ti baheulana disebut Kampung Naga

37. Katerangan anu luyu jeung eusi paragrap di luhur, nyaéta...


a. Penduduk Kampung Naga masih pageuh ngarempak adat kabiasaan karuhunna.
b. Penduduk Kampung Naga masih pageuh nyekel adat kabiasaan karuhunna.
c. Kampung Naga téh perenahna aya di luhureun gawir.
d. Kampung Naga téh perenahna jauh ti jalan gedé.

38. Dina arsitéktur Sunda, gambar digigir wangunan téh


ngagunakeun wangun suhunan....
a. jolopong
b. parahu kumereb
c. julang ngapak
d. capit gunting

Wacana pikeun soal nomer 39 jeung 40


“Ari lebah karunya mah Abah ogé sarua waé, jeung lebar deuih. Tapi, pan urang salah ceuk hukum
lamun Si Paser terus dipiara téh,” ceuk Pa Yéyé.
Lamun Si Paser dileupaskeun deui ka leuweung, naha kira-kirana bakal terus hirup? Tangtuna ogé Si
Paser bakal ngarasa asing, sabab ti leuleutik dipiara di lembur. Lamun geus di leuweung mah, meureun Si
Paser téh moal bogaeun kandang. Muereun engké téh bakal kahujanan. Jaba deuih di leuweung mah
kudu néangan hakaneun sorangan. Tapi kétang, ari ku hakaneun mah moal hésé. Di leuweung loba jukut
jeung dangdaunan. Ngan waé, naha dijamin moal aya anu ngaganggu? Di leuweung mah tangtu loba
musuhna Si Paser téh. Mungkin waé engkéna bakal ditekuk maung tutul, jaba cenah di leuweung béh
jerona mah sok aya kénéh. Salian ti maung tutul, aya deuih musuhna téh; nyaéta ajag atawa oray sanca.
Naha si paser bakal bisaeun ngéléhkeun musuh-musuhna? Éson tumanya dina jero haté.
39. Watek tokoh Éson,dina sempalan novel di luhur, nyaéta....
a. tégaan
b. nyaahan
c. borangan
d. cicingeun

40. Amanat anu nyangkaruk dina sempalan novel di luhur, nyaéta urang kudu ... kana hukum.
a. wawuh
b. wani
c. taat
d. ngarti

B. Uraian

41. Naon harti babasan jeung paribasa ieu di handap!


a. kandel kulit beungeut
b. babalik pikir

42. Jelaskeun istilah-istilah kadaharan jeung inuman ieu di handap!


a. ...téh aya éta inuman anu ditaheur, dicipatian jeung digula-kawungan, diseungitan ku daun pandan.
b. Comro, misro, katimus, putri noong, gegetuk, peuyeum, colénak, nyaéta kadaharan anu dijieun tina....
c. Ngasakan kadaharan, dibungkus ku daun cau tuluy diseupan, disebut....

43. Lengkepan ieu sisindiran di handap!


Meuncit meri, dina rakit,
boboko wadah bakatul.
....................................
....................................

44. Lengkapan paguneman di handap ku cara milih jawaban anu aya digigireuna!
a. kabeurangan
Pa Jaénudin : ”.................... manéh kabeurangan, Dul? b. kunaon
Adul : ”Punten Pa, ................maén bal Liga Spanyol dugi ka Subuh” c. sakali-kali
Pa Jaénudin : ”Nya Bapa ogé sarua lalajo tapi teu................! ” d. nongton
Adul : ”Muhun, Abdi lepat Pa, moal ............deui, Pa!”

45. Jieun hiji conto paragrap panutup biantara!

You might also like