You are on page 1of 2

Judul : Manehna

Pangarang : Syarif Amin


Unsur Instrinsik
Tema : Duriat anu teu bisa ngahiji
Latar :
1. Waktos : Harita
2. Tempat : Dina jero guha, Dina kareta api, di imah lanceuk, di kamar,
di lawang pakarangan, di karang panineungan.
3. Suasana : Sedih, waas
Galur : maju-mundur (campuran).
Palaku/ Watek Palaku :
1. Kuring : Bageur, teu pegat rasa duriat ka manehna (satia).
2. Manenha : Bageur, satia, taat ka nu jadi kolot.
3. Kolot Manehna : Hayang anakna baringah ku kahayang kolotna,
teu paduli ka anak na dek kumaha ge da teu nurut ka kolot.
4. Lanceuk manehna : Bageur, sakahayang sorangan teu nurutkeun kolot.
5. Salaki lanceuk ma : Bageur
nehna
Paseur Sewangan : Kahiji
Amanat : Kudu taat kanu jadi kolot, lain ku cara barontak ka kolot lamun
hayang ngalakukeun nu dipikahayang, bisa ridho ngalepaskeun nu dipiacinta mun lain jodona.
Ringkesan Carita

Novel ieu nyaritakeun hiji jajaka nyaeta “kuring” jeung hiji wanoja nyaeta
“manehna” nu ngabogaan rasa anu sarua badagna. Tapi “manehna” teu wasa nuturkeun
pangjurung kalbuna lantaran katalian ku kolotna, akhirna kapaksa papisah jeung jajaka
anu di pikacintana nyaeta “kuring”. Dina kareta tungtung papanggihna yen “manehna”
rek balik heula ka kolotna, da kolotna boga kamelang bisi kawas lanceukna ngajodo jeung
nu teu sapuk jeung kahayang kolotna. “manehna” nyarita yen engke oge papanggih deui.
Saatos kitu lila pisan “kuring” jeung “manehna” teu papanggih. Terus “kuring” ngemut
ka waktu papanggih jeung “manehna” jaman hirup babarengan jeung “manehna”. Dina
hiji mangsa “manehna” mere surat ngaliwatan Mang Wira, yen “manehna” aya di imah
“lanceukna”, kusabab “manehna” nyarita kakolotna rek di ubar terus ka imah lanceukna
padahal bari papanggih jeung “kuring”. Tidinya bisa papanggih deui. Dua poe papanggih
teu nyarita panjang-lebar, poe nu katiluna “manehna” teu datang kana tempat
pangjanjian. Dina kareta peuting mapagkeun, isukna bral mulang, terus mere surat nu
eusina medarkeun rasa “manehna”. Saatos kitu palaku “Kuring” ngajugjug ka tempat
dimana wae pernah paduduaan jeung nginget-nginget dina mangsa lawas waktu
paduduaan. Sagala na ge teu aya nu robah, jukut kitu keneh, tangkal eta keneh, cukang
jeung susukan gawir jeung gelewer eta eta keneh, ngan nu robah nyaeta “manehna” teu
aya didinya. “Kuring” ngarasa aya nu leungit sidik si mojang geus aya nu ngiwat.

You might also like